• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sasakala Cika-cika

Kénging Ali Mudzhoffar
Kintun kana Facebook

Jaman baheula —baheula gé baheula deui— aya hiji lembur anu gegek jiwana. Pangeusi éta lembur, méh kabéh jelema araya (bareunghar). Demi pangupahjiwana kana karajinan ngabatik.

Kacaritakeun di éta lembur aya hiji randa boga anak awéwé ngaran Marini. Nyi Marini ku indungna pohara diasihna, lantaran rajin jeung suhud ngabantuan pagawéan indungna. pagawéan di dapur jeung di imah kabéh ditangkes ku manéhna. Malah kalan-kalan Nyi Marini sok ngabantuan indungna ngabatik.

Dina hiji poé indungna meunang ondangan ti tatanggana nu rék ngawinkeun anak awéwé. Nyi Marini ku indungna meunang milu ka ondangan. Manéhna kacida atoheunana, lantaran bakal maké baju alus jeung maké samping weuteuh meunang ngabatik indungna, lantaran manéhna teu bogan cucuk-gelung.

Sapeuting, henteu boga cucuk-gelung keur pakéeun isuk ka ondangan téh jadi pikiran Nyi Marini. Manéhna diuk hareupeun jandéla, bari neuteup béntang-béntang nu tingkaretip di langit.

Di jero haténa manéhna ngecewis. Mana teuing senangna mun aing boga béntang pikeun cucuk gelung. Karek oge mikir kitu, ujug-ujug aya nu ngempur cahayaan ragrag kana lahunana. Nyi Marini kageteun pisan, turug-turug kadéngéna ku manehna aya sora tan katingalan, "Marini, ieu béntang nu dipikahayang ku manéh pikeun cucuk-gelung téh. Heug geura paké isuk kana pésta kawinan batur manéh, lantaran manéh budak rajin jeung hadé ka indung. Tapi manéh teu meunang ngomong sombong. Mun manéh ngomong sombong atawa boga pikiran sombong, ieu béntang baris leungit teu puguh-puguh."

Nyi Marini kacida atoheunana, dina haténa jangji, yén moal boga pikiran jeung ngomong sombong.

Isukna, Marini maké cucuk-gelung béntang téa. Manéhna katénjona geulis pisan sarta cahyaan. Kabéh nu aya di dinya ngarasa héran. Nyi Marini leuwih diperhatikeun ku saréréa tibatan pangantén. Babaturanana kabéh muji kageulisanana. Ku lantaran kacida senangna dipuji-puji ku babaturanana, ngan aing sorangan nu panggeulisna lantaran maké cucuk-gelung béntang. Karék ogé mikir kitu, cucuk-gelung béntang téh ujug-ujug ngaleungit.

"Ih Marini, geuning leungit cucuk-gelung béntang manéh téh," ceuk salasaurang baturna. Marini kageteun pisan, manéhna kakara ingeteun yén boga pikiran sombong. Pohara manéhna hanjaleunana.

Kabéh jelema nu aya dina éta pésta mangnéangankeun cucuk-gelung nu leungit téa, nepi ka pakéan-pakéan kalotor, tapi nu leungit weléh teu kapanggih. Ningali kitu, Nyi Marini pohara karunyaeunana ka maranéhanana. Di jero haténa manéhna jangji, nu manggihkeun baris dipersen, itung-itung mulang tarima.

"Ieu Marini, cucuk gelung manéh téh kapangih!" ceuk salasaurang baturna. Nyi Marini pohara atoheunana. Tuluy manéhna nyelukan batur-baturna. Ku manéhna dicaritakeun asal-usul éta cucuk-gelung béntang téh. Satuluyna manéhna nyarita kieu: "Ayeuna kuring embung maké cucuk-gelung béntang sosoranganan, tapi rék dibagikeun ambéh dipaké ku saréré babarengan."

Sanggeus ngomong kitu tuluy éta cucuk-gelung béntang téh dibantingkeun nepi ka remuk. Tuluy éta reremukan téh haliber jadi ... nu ayeuna disebut CIKA-CIKA, cenah!***

Tina sabababaraha sumber

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: