• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Akal Ajag

Kénging Fanfan
Kintun kana Facebook

Panon poé keur meujeuhna morérét. Karasana ku ajag mah, lian ti hareudang ogé hanaang. Matak, léos wéh ka tempat nu biasa mun manéhna hayang nginum. Di dinya mah, mémang, aya sababaraha lombang nu caian.

Tapi, lombang nu daréét mah geus saraat. Atuh, ajag téh ngaléos deui ti dinya, muru lombang nu leuwih jero. Enya wé, di dinya mah caina gedé kénéh, ngan orokaya, hayang nginum téh kapaksa kudu deku nu saterusna nyolodorkeun huluna.

Kakara gé letahna rék ngalétak cai, ujug-ujug gejebur wéh ajag téh tigujubar. Enya, nginum mah seubeuh, tapi horéng hésé rék hanjat téh. Nyoba-nyoba ngajleng ngahontal gawir lombang teu bisa, antukna mah, cicing bari ulag-ileug dina cai nu jerona semet beuheung.

Tadina mah rék gogorowokan ménta tulung, susuganan aya babaturanana di sabudeureun éta tempat. Ngan, maksudna kitu téh teu dilaksanakeun, ceuk pikirna, mun ménta tulung ka batur, atuh sakumahaeun teuing wirangna, da apan manéhna téh, kaasup  sato gagah nu pada mikagimir ku sato séjén.

Leng manehna mikir.Gilig wéh, moal waka ménta tulung, kajaba mun geus teu manggih jalan séjén. Ceuk pikirna, mending rék kokojayan heula wé ngajagjagkeun awak!

Keur anteng kokojayan, kadéngé aya geblig sora nu leumpang. Teu kungsi lila bréh témbong embé kawas nu ngahaja datang ka dinya rék nginum. Mémang, enya, éta embé gé hanaang kacida. Kituna téh lantaran cikénéh lumpat tipaparatit bakating ku baluas lantaran diudag maung.

“He ki silah gancang geura turun!” ceuk ajag.

“Tiis meureun caina nya?” ceuk embé.

“Puguh wé, malah matak seger deui.”

“Ah, sieun teu bisa hanjat ari turun mah.”

“Moal, gambang, engké dibantuan disonggo hayang hanjat ka luhur deui mah.”

“Heug atuh!” ceuk embé bari nyorososd ka handap.

Leguk wéh nginum. Rasa hanaang leungit saharita. Ngan, teu waka hayang hanjat deui, lantaran baluas kénéh ku nu ngudag maung téa.

Ningali embé keur ngahuleng, ajag bungah kacida. Apan, aya jalan keur bisa hanjat ka luhur. Da, kitu dina pipikiranana gé, mun aya nu séjén di dinya, manéhna baris bisa luncat kana tonggong batur nu saterusna hajat ka luhur.

Nyéh ajag seuri. Manéhna ngadeukeutan éta embé, terus ngoréléng ka tukangeunana. Geus kitu mah ngawahan, terus luncat kana tonggong embé, jleng wéh ka luhur, hanjat tina éta lombang.

“Héy, deuk ka kama?” ceuk embé.

Ras embé téh inget ka nu cikénéh kaalaman ku dirina. Apan, pangna nepi ka éta tempat téh lantaran diudag-udag maung. Ceuk pikirna, mun salah lumpat, ajag téh baris pasarandog jeung maung.

Ngadéngé  sora embé kitu, ajag ukur mesém. Rég eureun!

“Dasar bodo anjeun mah, puguh kula gé hésé hanjat!” ceuk ajag.

“Hey, kadé ati-ati.”

“Ah, pek wé nya sorangan,” ceuk ajag bari malik rék ngaléngkah.

Teu apaleun ti mana jolna, barang malik, ajag ngajenghok, lantaran hareupeunanna, maung nu badanna leuwih gedé jeung leuwih jangkung keur salawak. Atuh, ajag téh teu bisa majar kumaha, harita kénéh dikerekeb maung. ***

(Kintunan Fanfan, SD Negeri Rancaloa, Kota Bandung)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: