• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Buah Dalima

Kénging Hana Rohana Suwanda
Kintun kana Facebook

Dawuh Rosulullah Muhammad SAW, “Sing saha baé jalmana anu migawé hiji kahadéan, ku Gusti Alloh bakal diganjar sapuluh tikel.”

Caturkeun dina hiji mangsa, Siti Fatimah Zahra putra Kangjeng Nabi, geureuha Sayidina Ali bin Abi Thalib teu damang. Henteu keresa pisan barangtuang, ngaleueut  gé langka. Pikahariwangeun rama katut carogéna. Tapi Sayidina Ali hantem wé ngagelendut garwa supaya keresa barangtuang.

“Cik atuh Nyi, sahuap mah barangtuang. Lamun teu kerasa barantuang atuh moal aya tanaga. Sok nyarios, palay naon?”

Waler Siti Fatimah, “Teu hoyong nanaon, Kakang. Parait,” ngan kitu jeung kitu wé waleran ka carogéna anu teu weléh melangeun téh.

Hiji  mangsa Sayidina Ali pok deui nyarios, “Nyai, bawirasa Kakang, piraku taya pisan anu dipikahayang. Kajeun Nyai enyaan teu damang. Pok wé wakcakeun, moal burung ditedunan.”

Galindeng Siti Fatimah nyarios, “Nanging punten Kang, abdi téh asa-asa hoyong buah dalima!”

Bingah amarwata suta manah Sayidina Ali bada garwana nyarios kitu. Tuh geuning ayeuna mah aya pamundut. Sayidina Ali  mésem leleb neuteup geureuhana anu masih ngalempréh di pajuaran.

“Deudeuh Nyai…, kapalay ku Kakang mo burung ditedunan. Kakang sorangan anu rék nyiar buah dalima ka pasar!” dawuhna. Nyarios kituna téhbari rada lelenyapan angen sabab nu gagah satria islam téh teu acan uningaeun pasti naha kagungan artos atanapi henteu. Barang ngodokan saban saku jubahna  bet karampa aya artos kajeun henteu sabaraha, “Jigana cukup keur meuli dalima hiji mah.”

Nya lajeng pamitan ka geureuhana deuk milari dalima. Teu hésé. Di pasar, dalima méh di unggal tempat dadasar bubuahan ngahunyud. Bareureum pikabitaeun. Bérés ngagaleuh dalima, sayidina Ali niat mulih ka bumi, sabab pameunteu geureuha kokolébatan baé. Soantenna kadangu baé, nyebat asa-asa palay buah dalima. Ayeuna dalima geus aya, ngagayot dina saku jubahna. Ngagedig ngantunkeun pasar, mapay-mapay sisi jalan nu rada tiiseun. Keur kitu kadangu sora anu melas-melis. Barang ditngali, tétéla andar-andar ngagolér sisi jalan. Tayohna keur gering da kadangueun ku Sayidina Ali humaregung.

Leugeunna namprak, ”Duh nu ngalangkung, ieu jisim kuring jalma teu gaduh. Geus tilu dinten tilu wengi henteu neda. Paparin juragan… naon wé anu sakira bisa diteda, pasihan Gan…!”

Bagénda Ali lalaunan nyampeurkeun éta pakir. Dititénan, mémang keur gering.

Pok si pakir nyarita, “Aduh Gusti, alhamdulillah salira ngalangkung ka dieu. Mugi kauninga, jisim abdi henteu mendak tedaeun tos tilu dinten tilu wengi. Manawi salira nyandak tedaeun sahuapeun mah, paparin jisim abdi, Juragan!” sorana melas-melis kadanguna peurih pisan.

Gap kana saku jubah, aya dalima; kacipta keur meujeuhna amis kareueut. Tapi, kapan éta mah pesenan Siti Fatimah Zahra, geureuhana? Mun dibikeun…kumaha Fatimah? Emutan Sayidina Ali ngarancabang.

Perang sabil dina manahna, antara mikeun dalima ka nu kalaparan jeung nyanggakeun dalima ka geureuha anu teu damang. Ditimbang-timbang, ras émut kana dawuhan Rosululloh SAW, “Sing saha baé anu nyieun hiji kahadéan, bakal diganjar sapuluh tikeleun.”

Emut kana dawuhan Rasululloh, Sayidina Ali énggal ngodok saku jubahna. Gap, dalima anu pangbadagna. Heug dicepeng, terus nyaketan pakir anu gering. Pok ngadawuh,  “Kula ngan boga ieu hé dulur.” 

Dalima dialungkeun ka si pakir. Gancang ditéwak. Pohara bungaheunana.

“Hatur nuhun, Gusti. Alhamdulillah….alhamdulillah,” Sayidina Ali gura-giru mulih. Barang sumping ka bumi,Siti Fatimah rumanggieung mapagkeun bari naroskeun dalima.

Dawuh Sayidina Ali, ”Ké heula dalima mah, Nyai, ku kakang dititipken ka nu ka pasar. Kakang inget baé ka Nyai, gura-giru balik. Atuh henteu kaburu ka pasar.”

Nu teu damang melong carogé sari anu teu percanteneun. Tapi tacan gé nyarios deui ka carogé, trok…trok…panto aya anu ngetrokan. Enggal dibuka ku Saydina Ali. Bengong ningali tamu nanggeuy baki dituruban kaén bodas.

“Ké….ké…saha téa Sampéan téh nya? Kula mah asa kakara tepung. Jeung aya pamaksudan naon?”

Sémah ngawalon adab naker. Pokna, “Lembur mah sim kuring téh jauh. Ari ngaran, Salman ti Parsi. Ngadeuheus ka Salira, dijurungan nyanggakeun ieu dalima!”

Gebeg, Bagenda Ali ngagebeg. Kagét jeung reuwas. Dalima? Pék tutup baki dibuka. Duh enya wé dalima. Diitung aya salapan, geus arasak.

Sayidina Ali mésem leleb, “Aéh, naha nya, dalimana ngan salapan? Kapan ti dituna mah sapuluh?”

Ki sémah nyeuleukeuteuk seuri. Pokna téh, “Naha gamparan uninga éta dalima mung salapan, sareng ti dituna sapuluh?”

“Ti Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Kula nyaho. Dawuhna, sing saha baé anu migawé hiji kahadéan, diganjar sapuluh tikel,” walon Bagénda Ali. 

Barakatak Salman seuri deui bangun anu genah naker. Pék ngodok saku jubahna bari nyokot dalima.
“Tah ieu, dalima teh leres jadi seueur saluyu sareng dawuhan Rosululloh SAW. Tadi mah pribados hoyong nguji wé ka Salira. Sim abdi parantos  terang kana eusining dawuhan Rosululloh.”

Teu kanyahoan, iraha  jeung ka mana inditna, Salman geus teu aya payuneun Sayidina Ali.

Sohabat Nabi istigfar, ”Nya bener Salman, anjeun téh lir Malaikat,” gerendengna.

( Tina wangkongan taun 1967 jeung RAF. Bada maén Gending  Karesmen ‘Leuwi Sipatahoenan’ di perkebunan Sparata Sineumbra Ciwidey Bandung)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: