• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

E M A

Kénging Naneng Daningsih
Kintun kana Facebook

Ti peuting mula bébérés téh, koper nu geus dipak téh dibongkar deui, kitu deui tas tangan bawaeun ka kabin kabéh dibongkar, teu percaya kana pagawéan sorangan. Atuh da sieun aya nu tinggaleun, mangkaning lalakon jauh apan ayeuna indit téh. Enya ogé di ditu loba toko beulieun cenah hayang naon sagala rupa ogé aya tapi apan kuring téh jelema manyang-munyung urang kampung bau lisung nu teu nyaho nanaon da puguh apan kakara ayeuna rék ngasaan tumpak kapal udara ogé. Ka toko téa meureun kudu ngomong naha ku basa Inggris atawa ku basa Arab. Lebeng duanana ogé teu timu boro-boro jalma jauh ka bedug modél kieu bisa basa modél kitu, jajauheun.

Koper téh geus sabaraha kali mah dibongkar pasang, baju nu geus asup dikaluarkeun deui, geus di luar kapikir engké  perlu, bus diasupkeun deui, kitu jeung kitu baé nepika tungtungna mah pusing sorangan, cul baé diantep.

Kuring téh diparengkeun rék jarah Mekah, geus lebaran ieu, iang téh. Geus kitu baé geus waktuna meunang panggilan ti Nabi Ibrahim. Titis tulis bagja awak geuning enya lain urang anu nangtukeun. Anu rék jarah téa satadina mah lain kuring tapi ema, indung kuring. Geus saged sasadiaan jauh saméméhna. Duit keur mayar ONH geus dipisahkeun malah geus disetorkeun ka Biro perjalanan haji jeung umroh nu aya di kota kuring.

Nu matak hélok jeung teu kaharti ku akal mah ema téh geus nyieun surat wasiat anu eusina nétélakeun bagian harta kakantun ema geus diatur keur si itu si ieuna; sasatna ema téh geus buka waris da saurna "Ema mah geus kolot bisi dipundut di ditu, mending ogé bérés babagi ayeuna Ema téh teu hayang ngadéngé anak-anak ema paséa alatan parebut warisan. Pek sing alakur sing silih pikanyaah.” Enya sagala geus dibagikeun sararé geus boga hancengan masing-masing, da puguh banda teu sabaraha gampil babagina ogé, jeung deui pangpangna mah dulur-dulur alakur sakabéh teu aya nu baha kana bagian anu geus ditangtukeun ku ema.

Naha atuh tilu bulan méméh bulan puasa, ema téh bet ngantunkeun. Ngabongohan pisan, sararéa asa diheulang, enya ari ema kagungan darah tinggi mah, tapi da sapopoé téh kaciri jagjag, ka pangaosan biasa unggal Kemis taya nu kalarung kitu deui mun aya piknik kaditu kadieu jeung rombongan RT atawa rombongan séjénna ema sok ngiring da puguh teu aya tanda-tanda nu repot teu aya totondén nanaon, éstu teu disangka pisan. Bada solat subuh ditéang ku Ceu Atin nu héran tara-tara tisasari tos carangcang tihang ema teu acan kaluat ti kamar. Ari diguyahkeun geuning tos teu aya dikieuna.

Geus beres tujuhna, sadudulur kuring jeung kulawarga masing-masing ngumpul ngariung, ajengan anu tadi ngaluluguan tahlil diandeg ulah waka sina mulang, maksud téh rék ngabadamikeun wasiat ema téa. Tapi da henteu lila saréréa ogé sapuk rék ngajalankeun wasiat ema, saréréa geus narima bagian masing-masing, ngan ukur ngomongkeun teknis kumaha ngurus-surat-suratna.

Aya saeutik anu jadi pananya ti sararea téh, apan ari raja kaya mah tadi gé geus diajangkeun keur si itu si ieu na, ngan jatah ka Mekah anu duitna geus dipihapékeun ka biro perjalanan haji jeung umrah henteu bisa dicokot deui, tapi bisa diganti ku nu séjén, sanajan kudu aya tambahan keur itu jeung ieu. Teu nanaon sakitu mah wajar. Masalahna saha anu rék ngagantina, dulur nu tilu geus jaradi haji jeung hajjah, iwal kuring nu acan téh. Sararéa nunjuk ka kuring, hayang kuring ogé ka Mekah téh, ngan meureun ongkos ka Mekah hancengan ema lain kuring wungkul tapi kudu dibagi keur dulur-dulur anu sarua boga hak. Dina babadamian diputuskeun ka Mekah bagian kuring tapi bagian tina balong nu tonggoh kuring henteu meunang bagian. Hadé kitu ogé, sararéa satuju. Kitu deui kang Maman, salaki kuring anu iklas ditinggalkeun ku kuring ka Mekah. Ajaman mah lamun kuring ka Mekah téh hayang bareng jeung manéhna da kumaha atuh ari situasina saperti kitu, lain teu hayang? teu masalah lamun kuring boga duit mah.

Dina emprona indit, kulawarga ngan nganteurkeun nepika kuring merenah diuk dina beus nu rék mawa kuring ka Pondok Gede anu saterusna dibawa deui ka Halim, ti dinya biur ngapung ngawang-ngawang. Labaik Allohuma Labaik.

Saméméh iang ka Halim rombongan téh direureuhkeun heula di asrama haji lantaran kapal anu rék mawa kuring kakara jam 8 peuting ngapungna.

Batur sabangku dina beus téh tatanga kénéh, Ibu Mari nu angkatna téh sakulawarga sareng carogéna, sareng ibuna, Ibu Marfuah, katut putrana duaan, néng Nina sareng Cép Dodi. Ari ibu Marfuah téh sobat dalit ema boh di lembur boh di pangaosan yuswana ogé henteu géséh nu matak nyobat, kaditu kadieu sasarengan baé. Basa ema pupus anjeuna midangdam bangun anu kanyenyerian pisan da puguh kaleungitan sobat anu sapantar sami-sami sepuh.

"Naha atuh Ma Enar téh bet miheulaan, apan ibu anu gering ripuh téh jaba geus sakieu rarempona kieu," saurna. Saleresna anjeuna téh kagungan panyawat gula jeung darah tinggi tos repot da kamana-mana téh tara kantun ti teteken. Ayeuna ogé mekel korsi roda kanggo engké diditu nu mawi Cep Doni dicandak ogé, badé ngabantu-bantu nyurung.

Mindeng kabandungan mun sakalieun ema sasauran yén ibu Marfuah téh sering curhat perkawis kalakuan putu-putuna anu kirang sapagodos sareng kahoyong manahna. Tapi ku ema ukur dimuhunkeun baé da nya saleresna sanajan nyobat ari urusan rumah tanggana mah teu saé milu ilubiung. Kuring ogé api lain ngeunaan urusan éta mah ngan ukur nyaho sadirieun baé, tapi barang ningali salila di perjalanan bet asa kapikiran boa enya kasauran ema téh. Basa di jalan Ibu Marfuah téh sasauran hoyong lirén heula di pom bengsin hoyong ka jamban heula. Naha atuh lain digugu boh ku putrana atawa ku incu-incuna kalahkah gegelendeng, tarik deuih nyariosna téh da ku sararéa ogé kadangu.

"Ari Amih atuh sanés titadi méméh angkat!" Kasauran ibu Mari téh tangtu baé kakupingeun ku pangaping nu terus noél supir. Teu lila beus téh reg eureun di rest area.

"Mangga bilih aya nu badé ka jamban, palih ditu pengkereun réstoran Padang" ceuk pangaping. Jrut nu tarurun téh lain baé ibu Marfuah tapi ampir kabéh nu aya dina beus.

"Enggal atuh Ni, hararésé naker badé tarurun téh Nina gé hoyong ka cai,” ceuk Neng Nina pokna teu euleum-euleum, sakitu ningali ninina usah-oséh rék turun tina beus téh.

Ari kitu mah teu géséh-géséh teuing cariosan anjeuna ka ema téh. Da kuring ogé ngarasa kalakuan Cép Doni téh henteu merenah. Kitu deui Basa datang ka Pondok Gede dina waktuna tuang, paboro-boro bangun nu sieun béakeun kaasup Néng Nina jeung Cép Doni teu inget ka nini nu masih kénéh di tukang.

Ningali kitu kuring bet merebey cimata teu pupuguh, ceurik kanyenyerian teu bisa ditahan nepi ka basa batur solat magrib berjamaah kuring mah nyuuh dina bantal di juru. Kuring téh rumasa dosa da kalakuan kuring ka ema ogé henteu leuwih alus batan kalakuan Cep Doni ka ibu Marfuah. Kuring téh budak bungsu nu dirungrum kaasih indung jeung dulur-dulur nu matak ogoan jeung goréng adat. Rumasa kuring téh rumasa, komo sanggeus kuring kawin jeung Kang Maman, kuring pupulih rék pindah nuturkeun salaki ku ema diceungceurikan. Majarkeun téh lamun kuring pindah ema jeung saha naha tega ninggalkeun ema di dieu sorangan? Bisi gering panas tiris moal aya nu ngurus, kituna téh bari terus carinakdak. Dulur-dulur ogé ngarojong kana pamendak ema téh da sanajan sakota ogé moal bisa nalingakeun ema terus- terusan, da puguh baroga tanggungjawab masing-masing.

Nurut kuring téh nurutna mah henteu tulus nuturkeun Kang Maman komo deui basa nyaho Kang Maman ogé soléh hirup sorangan di Jakarta kajeun teuing balik unggal minggu, kakaretaapian unggal Jumaah soré balik deui Senen subuh. Sanajan kitu haté kuring angger ngageremet asa dipegat duriat, asa diteungteuinganan ku ema. Nu matak adat téh beuki undak teu kaop kasigeung gampil pisan marudah, kitu téh teu ka dulur teu ka ema sarua. Tungtungna kuring pada ngama'lum ku sararéa. Da basa jatah ka Mekah dibikeun ka kuring gé, mémang geus meunang badami saréréa sugan baé geus ka Mekah mah adatna bisa robah.

Jadi kalakuan Cep Doni téh gambaran kalakuan kuring pisan ceples henteu dipiceun sasieur. Ayeuna kuring kakara sadar geuning kalakuan kitu téh kacida goréngna, kacida gedé dosa kuring ka indung nu sakitu mikanyaahna nu salawasna ngéléhan dapon kuring senang. Karasa lamun kuring keur murang-maring ema mah sok terus angkat, paribasa mah dek mikeun cau ka si Tetéh atawa papadon rék ka tukang ngaput atawa naon baé nu jadi alesan. Padahal ceuk si Tetéh mah Ema téh ngahaja ngajauhan nu keur ambek supaya ulah kateterusan, karunya budak téh bisi doraka lamun nepika ngunghak ka indung.

Solat magrib téh kuring sorangan, batur balakécrakan di ruang makan kuring mah numpi di kamar. Boro-boro hayang dahar, disarusulan ogé ukur nganuhunkeun baé. Kuring neneda ka Gusti nyuhunkeun dihapunten kana kalakuan kuring anu sakitu cawadeunana. Duh Gusti naha kinten-kintenna dosa abdi téh tiasa dipupus? Ampun Gusti, ampun ema, hapunten abdi.

Kuring henteu yakin naha dosa kuring téh bisa dipupus gancang-gancang atawa henteu, tapi ti harita unggal solat kuring teu weléh sujud neneda ka Yang Manon sangkan sagala dosa kuring utamana dosa ka ema anu sakitu gedéna geura dihapunten. Teu weléh kuring neneda sangkan ema,ditampi iman islamna ditampi amal ibadatna sareng dihapunten sagala kalepatanana. Kitu téh unggal waktu bari teu petot cimata murubut teu ngingetkeun kana kaséhatan sorangan kadang kala nepika poho dahar poho nginum padahal perjalanan anu sakitu beuratna. Aya nu ngupah ngapeh ogé boh ku sasama jamaah atawa ku pangaping kuring henteu betus ngan ukur nyebut teu naon-naon atawa ukur nyebut salésma. Tapi kakuatan awak geuning aya watesna beuki lila boh lahir boh batin beuki karasa lemah, tungtungna brek gering parias nyongkab bari jeung sasar.

Lantaran kaséhatan kuring beuki lila beuki goréng, di Mekah kuring dibawa ka rumah sakit meunang dua poé. Salila ngendong di rumah sakit téh panas henteu turun-turun, késang ngoprot bari jeung guling gasahan, unggai rék saré kabayang baé pameunteu ema asa aya dina kongkolak panon. Basa rék dirangkul les deui kalangkang ema téh ngiles. Kitu jeung kitu baé kuring ngudag-ngudag ema bari haharegungan, gogorowokan ema hapunten ema hapunten, tepika reupna peureum. Dina itungan duka sabaraha lilana kuring ngalenyap rarasaan téh ema nyampeurkeun bari imut ngagelenyu terus ngusapan siran, aya rasa tengtrem anu kacida nikmatna, nyerep nyecep kana ati sanubari.

Barang nyah beunta ibu Marfuah karasa keur ngusapan sirah kuring bari diriung ku ibu-ibu nu séjénna. Rék cengkat diharalangan majarkeun téh tong wara hudang baé cenah tangtuna ogé lalungsé kénéh urut dua poé sasar teu eureun-eureun.

Ti harita awak neutneutan ka cageur, ibadah sanajan kudu nyéwa korsi roda teu burung kalaksanakeun. Pauntuy-untuy jeung ibu Marfuah boh sa'i boh tawaf kana korsi roda nu ngahaja anjeunna ogé husus nyéwa nu ngadorongna da apan korsina mah anjeuna mawa ti lembur, cacap nepi ka beresna rukun haji.

Ari nu matak hélok kamana-mana téh kuring asa dibaturan ku ema da rét ka gigireun ningali téh asa ningali ema, jalmi eta téh pangambungna persis pangambung ema, kitu deui rét ka kénca ieu mah socana nu siga ema téh, ningali ka hareup ieu mah langgeorna nu siga ema téh. Kitu jeung kitu baé salawasna ema aya di gigireun, di hareupeun, di kenca, di katuhu, dimana- mana. Saestuna ema aya dina haté kuring.*** Bandung 15 November 2014 (Keur Aas, Nyai jeung Ade)

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Komara

Rus ras ka kalakukan sorangan sok joledar kanu jadi indung. Hayang ceurik jejeritan menta dihampura ka anjeunna.

Jejer carita asa aya nu kurang jentre perkara jarah ka Mekkah teu jeung muhrimna. Asa ngaganjel ditilik tina nyumponan saratna.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: