• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Citangis Ngeclak di Paris

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Poé éta, Déndin ngadadak kaluman. Poé-poé bébas sakola sabada ujian nasional, nyanghareupan seléksi asup ka paguron luhur, henteu ngurangan perasaan rengkeng jeung kateken saméméh jeung salila nyorang ujian. Lulus henteu? Mun lulus boga waragad keur neruskeun sakola? Kuliah nu cenah welasan juta?

Nénjo tivi mani ijid. Nénjo parabot “gim”, jeung sabangsana, éstu matak murel. Mun kongang hayang ngababét-babétkeun kabéh. Pita kasét, CD, DVD, teu hayang nyetél teu sing. Laguna éta-éta keneh. Lamun lain “Iwak Peyek” Trio Macan, aya deuih sababaraha lagu pop Barat. Lagu kasidah Arab, jeung réa-réa deui, nu teu matak nyugemakeun.

Aya Toni ngajak futsal. Horéam. Kawas sedekan budak. Keur leutik onaman, saacan sakola, resep sedekan téh. Di buruan atawa di tegalan. Ayeuna kabéh geus euweuh. Geus robah jadi adegan rupa-rupa wangunan. Kaasup gedong futsal nu welasan taun ka tukang, pakebonan.                  

Ngan basa aya Boy ngajakan ulin ka imah akina di Ciberelang mah, aya jorojoy hayang. Sok resep ngadéngé dongéngnga. Lalakon keur ngora. Ngambah ka saban nagara saalam dunya.

“Heueuh, bosen nyetél tivi, vidéo, kasét, bari nyirekem di imah ngumbar lamunan teu puguh, mending ngabandungan obrolan akina Si Boy,” Déndin, cengkat tina sofa. Nguliat jeung heuay. Terus ngagorowok, “Siap Boy!”

“Maké gowés?” Boy nanya.

“Heueuh! Maké naon atuh?” Déndin mukakeun panto tukang. Nyokot sepédah gunung kameumeutna.

“Bisi rék kana motor, sepédah urang rék ditunda di dieu.”

“Lah mending ngagowés…..!”

Geus ngagero ka pembantu nu keur ngistrika, bébéja rék indit, clak Déndin kana sadel. Langsung ngaboséh. Nyebrut. Dituturkeun ku Boy. Ngadius ka Ciberelang.

Rada caang pipikiran téh Teu mumet teuing cara tadi. Kitu lain kieu lain. Gap kana buku, beuki kaluman. Teu tuman maca. Éléh ku kabiasaan nénjo jeung ngadéngékeun.

“Aya dongéng anyar ti aki kamu, Boy?” Déndin satengah ngagorowok.

“Dongéng aki uing mah, moal béak-béak. Pasti aptudet waé, euy!” Boy némbalan satengahing hégak napas ngagoél dina tanjakan.

Teu kungsi sajam, geus cunduk ka nu dijugjug. Nyampak akina Boy keur maca di buruan tukang.

“Aki urang mah réa kénéh maca ti batan lalajo tivi atawa ngadéngékeun musik,” Boy némbongkeun kareueus, “Teu kawas urang, heueuh?”

Geus ngucapkeun salam, Déndin jeung Boy, sasalaman rengkuh pisan.

“Aéh, sisinarieun yeuh, para calon mahasiswa rurumpaheun….” akina Boy ngaku daréhdéh pisan.

“Pidu’ana wé, Ki, sing lulus UN, lulus SMPTN sareng aya biyana,” cék Boy. Gék dina korsi rada butut hareupeun akina. Déndin gigireunana. Korsi sofa nu jokna geus lanyéd. Dipernahkeun di émpér buruan tukang nu iuh ku tatangkalan.

“Bisi halabhab, ké nitah Mang Adun ngala duwegan…. itu tuh duwegan beureum, amis kareueut caina,” akina Boy nuduhkeun ka lebah tangkal kalapa nu leubeut.

“Wios Ki, engké deui,” cék Boy, ”Dongéng heula wé ayeuna mah, dongéng nu kawas kapungkur basa abdi sareng Déndin ka dieu ngawitan…..”

“Heug sugan aringet kénéh. Urang jojoan wé nya,” akina Boy nunda buku nu keur dibacana. Buku kandel leutik. Geus kucel belewuk. Basa Inggris. Kabaca ku Dendin, judulna “Leaves of Grass”. Kumpulan puisi klasik panyajak Amerika abad XIX, Walt Withman.

“Uyuhan…” haté Dendin ngagerentes, ”keur aing mah, bororaah maca buku kitu, maca buku roman nu diwajibkeun ku sakola gé, haroréam pisan.”             

“Kumaha mun ngadongéngkeun lalakon aki di Éropa Kulon?” akina Boy nanya, “Harita aki jadi gaid para wisatawan Indonesia ka Paris, terus ka Brussel, jeung Amsterdam. Kitu lah lima welasan taunam ka tukang.”

“Mangga,” témbal Dendin jeung Boy mani bareng.

“Kieu geura,” akina Boy dédéhem, ”Harita aki dipercaya ku hiji biro perjalanan. Kudu jajap saratus wisatawan tur ka Éropa Kulon. Mimiti ka Paris, tilu poé dua peuting. Teu seubeuh saenyana mah, sakeudeung teuing. Tapi lumayan réa nu kadongdon. Ngahudang kesan positif tina rupa-rupa nu katingal di dinya. Saeutikna, muji ka urang Prancis, urang Éropa umumna, nu ngahargaan pisan kana sajarah, jeung lingkungan. Monumén-monumén sajarah, mangrupa wawangunan kuno, dipiara enya-enya. Dipaké parabot ngadidik generasi ngora sangkan ngarasa reueus ka nagarana. Yén Prancis kungsi jadi nagara “super power” nu ngawasa sabagian dunya. Di benua Amerika, apan Amerika Serikat jeung Kanada, baheulana bawahan Prancis. Nepi ka kiwari, basa jeung budaya Prancis masih kénéh diparaké di sawatara nagara bagian AS jeung Kanada. Kitu deui di Afrika jeung Asia Tenggara. Aljazair  karék lesot tina ranggeuman penjajahan Prancis taun 1963. Nepi ka ayeuna, basa Prancis jadi basa resmi kadua di Aljazair, sabada basa Arab. Di Asia Tenggara, nagara-nagara Laos, Kamboja, Vietnam, urut jajahan Prancis nepi ka taun 1950.”

“Éh ké heula, pikaresepeun henteu?” akina Boy eureun heula. Nanya bari ngagupayan MangAdun nu nolol tina lawang pager. ”Ké atuh ambeh resep, urang diselang ku nginum duwegan. Ngala duwegan, Dun, sacukupna. Tuh nu beureum…”

“Mangga,” Mang Adun rengkuh. Ngagilirkeun bedog nu disorénna. Gidig muru tangkal kalapa beureum di juru buruan nu ngawates ka sawah.

“Tah….” akina Boy nuluykeun, ”Rada lila para wisatawan mapay-mapay Taman Tuiléres jeung Place dé la Concorde, nu dianggap jajantung kota Paris. Dina taun 1793, mangsa hangkeut Revolusi Prancis, di dinya diadegkeun tihang guillotine keur ngahukum para ménak borjuis Prancis. Kaasup Raja Louis XVI jeung prameswarina, Maria Antoniette. Place dé la Concorde, nyanghareup ka Avenué dés Champs-Elysees. Di tungtungna ngajegir Champs Elysees karaton urut para raja Prancis, nu ayeuna jadi padumukan presiden Prancis. Sapanjang avenué ngagemblang. Teu meunang aya wawangunan anyar nu ngahalangan pamandangan ti karaton ka sapaparat jalan. Mun di Bandung mah, Gedong Pakuan, nu ayeuna katimpah ku wangunan hotél téa geuning…. hotél nanahaon da mindeng ganti ngaran. Keur diributkeun mah baréto hotél Planét mun teu salah mah. Duka ayeuna geus teu diributkeu naon ngarananna……   

Taman Tuileriés nu kajojo, Place dé la Concorde, endah pisan, nyanding lapangan lega. Mun di urang mah matak uruy tukang culamétan. Bisa-bisa dijual ka para cukong. Diburak-barik dijieun mol. Kawas panjara Banceuy, geuning, tempat Bung Karno dibui. Der dibongkar dijieun pertokoan. Hanas monumén sejarah musna, hanas pertokoan sepi combrék.”

Jol Mang Adun mawa duwegan meunang mapas.

“Sok leguk heula geura………” akina Boy ngahempékkeun.

Dendin jeung Boy teu talangké. Cai duwegan ditotor tina liangna. Seger, tiis, tapi amis.

“Tarok sakalian, Dun, sina dikerok eusina. Ka ditu séndokna nyokot ka dapur……Béak acara di Paris, isuk-isuk tas sasarap di hotél, dius ngalér. Ka Brussel, puseur dayeuh Belgia. Sapaparat jalan loba téténjoan nu matak ngahudang kelar. Komo geus di luar kota mah. Padésaan resik asri. Béh dituna ngalamuk pileuweungan héjo ngémploh. Najan kaceluk kota metropolitan pangmashurna sadunya, pinuh ku nuansa kahirupan sarwa moderen, kota Paris ngahargaan pisan kana ayana ‘leuweung kota’. Dua bois, nyéta leuweung, ngapit kota Paris ti kulon jeung kidul wétan. ‘Bois de Boulogne’ nu katelah ‘Bois St.Cloud’ di kulon, jeung ‘Bois de Vicénnnes’ di kulon wétan. Cek urang Paris, éta dua leuweung téh mangrupa kaagul pikeun urang Paris. Leuwih dipikaagul batan Munara Éifel. Sabab, ku ayana dua leuweung, urang Paris boga andelan sumber cai alami nu cukup. Unggal minggu, jalma sakota Paris ngabring piknik ka éta leuweung. Pangpangna ka ‘Bois St.Cloud’, pikeun nyeuseup hawa seger, jeung ngararasakeun kahirupan ‘a la campagne’. Hirup gaya padesaan abad 19.”

“Asalna mah ‘Bois St.Cloud’ téh milik pribadi Kaisar Napoleon III. Taun 1852 disumbangkeun ka pamaréntah kota Paris sangkan dipiara. Ku pamaréntah kota, gancang dipakihikeun. Ditata dumasar kana rarancang arsiték Jerman, Baron Haussman. Jadi wé leuweung nu bener-bener boga pancén minangka wewengkon panyerepan cai, jeung pamapaés kota Paris. Wangun jeung pernahna, teu béda ti Punclut di kota Bandung. Ngan ari Punclut ngan riweuh jeung riweuh baé geuning. Bororaah ka jadi leuweung. Malah jadi rebutan nu hayang kitu nu hayang kieu, bari terus dibukbak diburak-barik. Kawasna para angota legislatif jeung ekseklutif  urang nu arindit studi banding ka Paris, tara pirajeunan lunta ka éta dua “bois” tadi. Nalungtik kumaha carana ngurus pasir di pakotaan sangkan enya-enya mangpaat keur umum. Proyék jangka panjang lain keur kapentingan pribadi nu sipatna ‘jang ka imah’. Mun nyonto Paris, Bandung mah luyu pisan. Pan ti baheula geus katelah ‘Paris van Java’. Jajauheun nyumbang tanah pileuweungeun cara Napoleon III. Atuh tanah nu geus aya samodél Punclut dileuweungkeun sing enya-enya.”

“Teu karasa harita, panon aki baseuh. Citangis ngeclak di Paris, ras ka Bandung, lembur matuh banjar karang pamidangan, nu pinuh runtah jeung patalimarga macét. Usum hujan banjir cileuncang, usum halodo kagaringan …..”

Torojol Mang Adun, mawa duwegan meunang meulah.  

“Tah geuning, geus dibeulahan. Séndokna aya…..sok kadieukeun….”

“Aya….” Mang Adun ngasongkeun duwegan meunang meulah jeung séndokna sakalian. Ditampanan ku Boy jeung Déndin, tapi teu tuluy dikerok. Hayang geura terus ngabandungan lalakon nu keur dicaritakeun.

“Lima jam di perjalanan. Datang ka Brussel, pukul satu beurang. Langsung ngajugjug ka kompleks masjid al Birru, salah sahiji puseur komunitas Muslim pangbadagna di Bélgia. Salat di dinya, jama qosor lohor jeung asar. Réngsé salat, silaturahim ka para jamaah jeung takmir masjid nu kabeneran araya kénéh. Malah kaburu mapay ka kelas-kelas barudak TK al Quran. Lucu ngabandungan barudak diajar maca Fatihah. Komunitas Muslim di “al Birru” campur. Aya urang Éropa asli, aya urang Asia ti Turki, Afghanistan, Suriah, aya urang Afrika ti Maroko, Aljazair, Tunisia, jeung sajabana. Kaitung ma’mur oge masjid téh. Bubuhan jadi puseur komunitas Muslim Belgia nu bacacar di saban tempat. Ti masjid, ngajugjug alun-alun Grand Place nu dikuriling ku wangunan-wangunan kuno buatan abad 15-an. Saperti Boodhuis. Hartina ‘Imah Roti’, nu oge katelah Maison du Roi atawa ‘Imah Raja’. Sabab dina abad 16 kungsi dipaké pasar roti ku Kaisar Romawi Charles V. Aya deui Maison dés Ducs de Brabant jeung La Balance. Kabéh masih keneh asli, sanajan ayeuna dipake restoran jeung toko. Alun-alun Grand Place dianggap alun-alun pangberesihna jeung pangrapihna di sakuliah Eropa…..”

“Étah duwegan…geur sok kerok. Ngeunah geura nyapék kalapa ngora bari ngabandungan dongéng….”

Déndin jeung Boy sareuri. Cugceg kana séndok jeung duwegan nu geus meunang meulah Mang Adun.

“Bari mapay-mapay toko coklat nu kasohor – padahal bahan bakuna, buah coklat, dipelak di Rajamandala, Kab. Bandung – nyaksian jalma pasuliwer di alun-alun. Aya kumpulan barudak ngora, ngamén ku cara maca sajak. Topina  nu dipaké nampa pangalungan, geus pinuh ku duit lambaran. Tétéla di batur mah, maca sajak ogé bisa ngadatangkeun duit. Di urang mah apan, nu ngamén make hitar ogé, beubeunanganana ukur kencring hiji dua. Tara nepi ka pinuh wadah nu diasong-asong.”  

“Di sisi alun-alun, paragpag kios buku urut. Réa buku-buku karandel dina basa Prancis, Inggris, Walanda, Jerman, jeung rupa-rupa deui. Nu datang ka dinya, kawilang réa. Aya nu meuli, aya nu saukur mukaan jeung maca saluwat-saliwat. Aya ogé nu rek tukeur. Kitu geuning di batur mah, buku gé bisa ditukeurkeun. Buku urut kana buku weuteuh, atawa buku urut kana buku urut deui. Aya nu pagulingan, mun hargana sarua. Aya nu tukeur tambah, boh ti nu ngajak tukeur. Boh ti nu ditukeuran. Hiji perkara lain samanéa. Sabab kudu papada apal kana ajén-inajén katut penting teu pentingna eusi buku. Mun teu kitu, lapur, harga buku digebud sangeunahna nu rék meuli atawa nu rék ngajual. Di urang mah tacan kabéjakeun aya tempat panukeuran buku. Karék mobil, motor, atawa barang éléktronik nu payu tukeur tambah teh. Buku mah…..lapur !”

Déndi jeung Boy rada patingkelemes. Asa kasindiran. Rumasa. Bororaah apal kana ajén inajén jeung eusi buku. Kana judul jeung nu ngarangna gé duka teuing. Maca tara pangangguran. Beda jeung lalajo TV, CD, DVD. Ngadéngékeun music tina MP3 atawa iPad. Éta mah lir kawajiban tur géngsi barudak rumaja.

“Tapi keun waé, da salah urang kénéh. Saméméh bangsa Indonesia resep maca, malah réa kénéh nu buta hurup, industri parabot audio-visual nerekab mantén. Jadi wé budaya maca éléh ku budaya ténjo jeung déngé. Asa murah kénéh meuli CD,DVD jeung sabangsana ti batan meuli buku. Aéh naha bet léok ka nu kitu? Nepi ka mana dongéng aki tadi?”

“Di alun-alun Brussel,” Boy némbalan satengah ngosom. Kagok keur nyapek duwegan.

“Aéh enya,” akina Boy ngadéhém, ”Pasosoré ti Brussel ngajugjug Amsterdam. Jalan datar, ngaliwatan jambatan-jambatan luhureun walungan jeung kanal. Dua walungan badag, Scheldt jeung Meuse, beresih kawas Séine di Paris. Kitu deui, kanal-kanal aya ratusna, bareresih deuih. Teu kakotoran limbah saeutik-eutik acan. Boh limbah rumah tangga, boh limbah pabrik. Kabersihan mémang jadi prinsip hirup urang Éropa. Kaasup di kota-kota palabuan nu biasana kotor lodro. Cara di Volendam, kota palabuan Laut Kalér Walanda. Rarasaan téh lain tempat pamayang ngabangkat lauk. Taya hanyir, taya ucrat-acrét sisit atawa getih. Komo runtah mah. Manuk laut, bangsa camar, pabaliut. Kitu deui waliwis jeung pelikan. Ngeunah wé tingkayapak malingan lauk sabot nu tungguna bongoh. Ukur digebahkeun, teu dikukumaha. Teu diténggor, teu diketepél. Jajauheun ka dibedil cara di urang….”

“Bari ngadahar goréng cumi-cumi meunang meuli ti tukang dagang lauk dina roda dorong, teu jauh ti wangunan pasar lauk, ngabayangkeun kaayaan palabuan di urang. Apan sakitu rarujitna. Terus tukang lauk dina roda dorong téh, maké pinter sababaraha basa. Geus puguh basa Walanda jeung Inggris. Basa Jepang jeung Indonésia ge bisaeun….”

“Mapag jaman pasar bébas,” jawab manéhna waktu ku aki ditanya, ngeunaan kabisana dina widang rupa-rupa basa. “Hiji waktu, mun kuring butuh dagang di Indonesia, di Jepang atawa di mana waé, geus moal hésé deui semet nawar-nawarkeun dagangan mah.

“Geura ituh, bangsa deungeun mah geus sayaga kitu. Siap ancrub kana tarung pasar bébas, nu geus ngarungkadkeun wates-wates nagara. Istilah ‘no border térritory’ téh enyaan diayonan .Nepi ka pantar tukang goréngan cumi-cumi dina roda dorong, sakitu teuneungna nyanghareupan parobahan  global. Jauh jeung urang nu karék semet ngaributkeun hal-hal céték…..”

Boy jeung Dendin, rada melenguk. Ras ka diri maranéhna. Tamat SMA, bari teuing lulus teuing moal ujian nasional, bororaah ngawasa dua tilu basa. Basa sahiji ogé nu geus kapimilik ti barang lahir, basa Sunda, teuing bisa kénéh teuing henteu.  

Right or wrong is my contry, cek urang Inggris,” akina Boy nuluykeun carita. “Hadé goréng nagara sorangan. Tapi dalah dikumaha. Sabot ngalanglang Eropa Kulon, bet nyeri haté mun inget ka nagara sorangan. Jauh kaayaanana upama dibanding-banding jeung nagara deungeun. Pangpangna Éropa nu modéren, tapi bisa ngamangpaatkeun kamodérenana keur ngajaga ajén-inajén kahirupan nu sarwa bersih, rapih, apik. Kaasup di tempat-tempat nu sakuduna kotor jeung amburadul. Atawa nagara urang mah masih kénéh kuno kitu? Tacan ngambeu modérnisasi nu merenah, jeung tacan bisa ngamangpaatkeun kamodérenana kalawan hadé?” akina Boy kawas nanya ka dirina sorangan. 

Déndi jeug Boy bororaah bisa ngajawab. Ngeluk wé. Ramona mocélan daging duwegan pasésaan ngerok ku sendok. Ngarasa rumasa téa. Sakola ukur gidig. Lain niat hayang boga élmu enya-enya. Nu matak dina nyanghareupan ujian nasional, ngarasa sebér. Maké kudu ngayakeun tarékah saluareun kagiatan diajar formal. Kayaning du’a husus, istigoshah, jeung rupa-rupa deui sangkan meunang kalancaran jeung kalulusan. Turta geus lulus, kudu siap-siap deui tarung marebutkeun korsi di paguron luhur kalawan milu tésting jeung sasayagian waragad nu lain seutik.

“Aki urang mah, sakolana gé ukur satingkat SMP,” Boy kungsi ngaharéwos baréto basa nganjang mimiti. “Tapi pinter jeung motékar. Cenah, alatan getol maca.”

Anggur pertanyaan akina Boy tadi – naha urang tacan ngambeu modérnisasi nu merenah jeung teu bisa ngamangpaatkeun kamodérenan kalawan hadé – bet asa tujul ka diri Déndin. Boa ka diri Boy gé sarua.

Tapi teu bisa nanaon. Bororaah ngajawab atawa méré komentar. Déndin jeung Boy jongjon ngutek-ngutek ramo kana sésa daging duwegan anu ramiping, sabot akina Boy reureuh ngadongéng, terus nyarita:

“Sakitu heula, nya dongéng aki ayeuna. Insya Alloh ke aya deui dongéng séjénna…bisi rék dalahar, ka dapur wé. Aya nini jeung Si Bibi di ditu. Capé jeung lapar,nya, tas ngaboséh sapédah ti lebak, Jung ka ditu ka dapur……..” ***                           

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: