• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

K U N C É N

Kénging Émha Ubaidillah Bratalegawa
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1386732550.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Panto tajug ngarekét, muka lalaunan. Kuring ngelolkeun sirah ka jero, aki-aki limaan keur wiridan sarérés salat magrib, kacaangan lampu semprong nu némbér luhureun palang dada. Lebah paimbaran Si Abah nyanghareup ngalér mupuhuan saréréa.

Teu lila, ngarudar sila. Kup-kop kana kolor jurueun rohangan. Geblus kuring ka jero. Demi Si Abah kalah ngajurungkunung deuk nuturkeun jamaahna ka luareun tajug. Si Abah téh aki kuring, alias bapa indung kuring. Teuing ti iraha pada nelah abah, da indung gé kitu ngaabahkeun.

“Deuk ka mana Bah?” kuring muntang kana pigeulangna.

“Deuk mupuhuan tahlil di lebak. Henjung kituh geura ngaji!” Si Abah tonggoy, jrut kana golodog tajug, kituna bari nyekés-nyekés panékér.

“Ngilu!” kuring ngagorowok.

“Pan waktuna ngaji manéh mah?”

“Peré, Bah. Malem Jumaah ayeuna téh!”

“Aéh heueuh. Pupulih heula atuh ka indung manéh!” ceuk Si Abah bari ngajengjen dina batu nemprak handapeun golodog.

“Awas mun teu didagoan!” kuring ngaberetek bari ngongkoyangkeun sarung. Teu ieuh lila, pira kahalang tilu imah. “Maaa, endeuk ngilu tahlil ka Si Abah!”

Beretek balik deui teu merlukeun jawaban entong-henjigna.

Pabeubeurang unggal balik sakola, mun euweuh babaturan nu nyampeur, sok ngadon ngaliher di tajug. Resep ngalonyéng ngolég sababaraha urang kolot paro abad anu ngahaja dialajar tuturutan reujeung rarakatan salat ka Si Abah. Cenah maranéhna téh urang pawétanan Bandung, purah mangkalan macul. Malah nu saurang mah mekel munding sagala. Matuhna di kebon awi Haji Sambas,  jalma pangbeungharna di lembur kuring. Tapi mimindengna mah marondok di tajug.

Teuing ti iraha Si Abah matuh di tajug deuih. Pada nyebut Abah kuncén Pasir Pogor. Nu  nyaho mah purah beberesih di lahan pakuburan umum tegal Pasir Pogor. Hirup nyorangan da si ninina geus sah ti dunya teuing jaman mana. Cenah mah ti méméh brol kuring. Selaeun pancén nu poko, gawéna ruat-raut, unyum-anyam, boh pihihideun boh pibobokoeun, piayakaneun, jeung piaseupaneun. Malah aya kalana sok dibekel ka saung kuburan. Baréto mah méméh asup SD kuring ku Si Abah mun ka mana-mana sok diaakod. Ayeuna mah geus gedé éra ku batur, katambah Si Abahna geus sakitu kakolotanana.

 “Ari Abah, naha maké diaranan Bah Kuncén?” ceuk kuring dina hiji soré basa Si Abah keur ngadeluk nganyam hihid.

“Nyao teuing atuh. Meureun pédah Abah sok pirajeunan kurad-koréd di astana wé,” walonna bari jongjon ngarungkal-ringkel sebitan awi.

“Hartina kuncén téh naon atuh?” kuring nyoksrok jero baning ku teu nyaho.

“Kuncén mah tina kecap kuncian. Jelasna mah tukang nyekel konci atawa juru kunci. Di sawatara pajaratan Walanda atawa para ménak sok dikeben ku pager beusi anu kacida weweg. Gerbangna merlukeun juru tugur anu maneuh tur matuh geusan mancén nyepeng koncina. Tah, nu kitu téh disebutna kuncén. Meunang gajih tur pangrojong ti panguasa pédah sesebutanana jadi umum tur pancénna ngarancabang teu ieuh kaperhatikeun  jeung teu ieuh mikiran buruh!” Si Abah ngarénghap heula, jegoh-jegoh batuk.

“Atuh Abah gé digajih ku Walanda?” ceuk kuring palahak-polohok.

“Ja henteu atuh da lain nguncénan kuburan ménak jeung kuburan Walanda. Jaba Walandana gé geus baralik deui ka nagarana!”

Sawaréh mah, ngageleng jejeran Si Abah bieu téh jadi padungdengan batin tur kareueus anu nyongcolang. Keur mah enya Si Abah téh nya aki kuring nya guru munggaran nu ngawurukeun tuturutan, babacaan solawat, jeung babacaan tahlil méméh kuring dijajapkeun ka ustad kiduleun lembur. Malah asa beukah irung basa kuring ku ustad sepuh dituduhkeun; tah budak ieu incuna jalma sakti mandraguna. Panya téh heueuh, Si Abah bisa hiber, jago gelut tur bisa ngaleungit, horéng cenah ahli ibadah tara pecat i’tikaf di tempat pangsalatan. Émbohna purah tutulung ka sasama.

Dilenyepan mah da enya ongkoh kuncén tapi paneumbleuhan karerepet saréréa.  Memener nu misalah, nambaan nu hésé ngajuru, nyébor budak harééng. Encan mupuhuan hamin tepi ka luareun lembur. Jigana dua puluh opat jam téh kaeusian.

Kungsi keur mondok maturan di tajug tengah peuting keur jemplang-jempling, aya anu ngagugudrag ménta dipangnambaankeun budakna anu kasurupan dadakan. Enya gé can denger bener, mungguhing lilinggeran mah geus ngancik. Basa harénghéng urang lembur, cenah di astana Pasir Pogor sok kawénéhan aya ririwa peuting-peuting, nyarebutna teh jurig Cai lebak. Aka Enjum susumpahan ningali dikieuna, Bi Bacih dadaék meduan, Ma Apung nyakitu deui. Antukna érka Tata ngeprik balad réngréngan érté jeung hansip geusan ngabuburak ririwa Pasir Pogor.

Dua minggu ti harita. Kuring kungsi nyeri haté. Enya gé pangawakan bebenjit. Teu deuk kitu kumaha, horéng anu disarangka ririwa Cilebak di astana Pasir Pogor nya Si Abah pisan. Pangna kekelemetan peuting-peuting nyatana keur mancén nadran sakaligus nyébor kuburan anu anyar dikaluat hirasan kulawargana. Sababaraha taun ti harita, kasurung awak nu ngagedéan ulin téh rada lampar teu pati idek liher di tajug, nyaho-nyaho pabeubeurang érka, érté jeung para hansip arambek-ambekan pédah geus saminggu lahan pakuburan ngajejembrung  euweuh nu ngored.

Si Abah kateumbleuhan pada ngomongkeun. Nyeri haténa mah nataku. Coba mun Si Abah kawas kuncén di makom karamat, pada ngarajénan, sung-song udud jeung amplop eusi duit. Nya kapeto kiyai nu masagi ku pangarti. Nyaho makam karamat téh pédah wé kungsi diaakod ka makam peuntaseun Citarum, cenah makam wali. Teuing, asa inget asa henteu barina gé da Si Abah nu dokohna mah. Berengbeng muru tajug. Gebeg. Si Abah teu nyampak. Unggal juru ngaleuya kokotor, bau mah geus teu kacatur,

 “Abah...abaaah, di mana?” taya nu némbal.

Dirigdig ka lebak. Kira lima welas léngkah ti tajug, maksud deuk ka tampian. Gusti! Ngahelas liwat saking ngabandungan Si Abah keur ésod-ésodan  muru pancuran. Kolor jeung kamprétna teuing ku beyedug, kokotor galo jeung taneuh garing.

“Abaaah!” kuring ngadingdiut bari teu bisa kukumaha.

Rob wéh tatangga, ngadon lalajo. Gusti! Tepi ka taya nu nangénan mun geus sababaraha poé Si Abah gering ripuh. Ti harita, ku bapa kuring diperenahkeun di rohang goah nu geus beunang mémérés. Leuwih ti dua taun mah guyang getih guyang kokotor. Sakur nu sok jul-jol ménta tamba lus-les teuing ka mana. Atuh nu ngaranna pangurus asa tara kaparengan lolongok. Méh saban usik, Si Abah ménta dirajel saawak-awak. Nya kuring nu katempuhan ngagawéanana da ku lanceuk disuntrung-suntrung,

 “Tah bagéan silaing, urusan puncat-pencét mah!” pokna téh. Biur wéh kabur. Méh saban waktu gegerungan bari pok deui-pok deui,

 “Gustiiii, mun pidamangeun bari maslahat, mangga geura damangkeun. Upami sawangsulna, bari dina pangkon pangapunten Gusti, mangga geura pundut nyawa abdi lailaaha illa anta subhanaka inni kuntu minazh-zholimin...!” Kitu jeung kitu wé, “Engké mun Abah geus rup ku padung, tah tasbé jeung setambul wungkul keur manéh!” kituna bari ngajungjungkeun tasbé butut ngan mun kaiuhan jug hurung jigah néon laju nunjuk kana galar, kana qur’an leutik sahandapeun dus korék api.

Sakalieun ka cai lebak, jalan ka astana Pasir Pogor mani hayang sahing-hingeun ceurik. Babakuna ku ningali wewengkon pakuburan nu teu kaurus jiga sayang Si Garandong. Sanggeus leuwih ti tilu puluh taun sarta ngawelas taun di pangumbaraan, kuncung-kuncung aya aki-aki, taya lian Aki Tarsid, masih tatangga kénéh kahalang sababaraha imah.

“Nyéta nembé kaémutan, Jang. Dupi Ujang téh sanés ti wewengkon Baraanta téa?” pokna sanggeus sasalaman laju andékak di téras hareup.

“Leres Ki. Wewengkon tapel wates Soréang- Kutawaringin!” walon téh giak.

“Asa nyéngcélak dina lelembutan. Baréto keur jaman mangkalan macul ka wewengkon dinya, aki téh sok ngéndong di hiji tajug sisi jalan kahalang susukan leutik. Ngadon guguru unyum-anyam, alip-alipan. Diteruskeun diajar rarakatan salat. Malah béh dituna diwaris wewesén paragi memener pacul atawa linggis mun kaparengan rompang atawa bingkeng,” Aki Tarsid ngenyot heula dangkawungna, gentak nanya,

“Kumaha tah Ki, kataékan teu?”

“Nyéta henteu. Kaburu mulang ka dieu. Ana nimu béja cenah Si Abah geus taya dikieuna,”  laju ngarénghap, gurat hanjeluna natrat, “Kungsi mapadonan ka aki téh; cenah mun kami geus sah ti dunya, ceuk sakali dina saumur ilaing hayang dijarahan, mangdungakeun kasalematan sakeur di alam kubur.”

Satékah polah pipikiran kuring diputerkeun ka tukang tepi ka buburicakan kawasna kagésrék ku atmosfir, “Tah palih manaeun tajug, lembur teh Ujang?” Aki Tarsid ngagerencem.

“Di dinya pisan Ki,” témpas kuring bari nyodorkeun ududeun, “Mung da tos teu aya tajugna gé kagentos wangunan imah.”

Aki Tarsid unggut-unggutan, deuk pok dipiheulaan ku kuring, “Sanés Ki, dupi abah-abah anu diguruan ku aki téh saha jenenganana?”

Aki Tarsid ngahuleng. Sirahna tanggah jiga milang gundukan haseup di jomantara, “Ké ké lebeng Jang. Malah sok ngangakod incuna anu bangorna teu adeuh!” cenah ngundeur panineungan, imutna mancawura selaeun huntu nu teuing saberiji deui.

Tikoro asa nyelek. Bleg rupa Si Abah, allohumma ighfir laka Ya Alloh, Abah! Rumasa sok ngadoréksakeun. Sok ngabarungsinang mun aya paménta. Ras kana titinggalna anu ayeuna teuing di mana, heu tasbé jeung setambul. Meureun aslina mah mihapé atikan sangkan kuring teu tinggaleun nasbé alias nyebat asma Mantenna. Laju satékah polah daék leukeun neuleuman tur ngamalkeun eusining papagon alqur’an alias setambul téa, ighfir lahu Yalloh.

“Sanés Bah Edi jenenganana téh. Lengkepna mah Abah Junaedi?”

“Tah éta pisan, Jang. Gening Ujang ninga?” Aki Tarsid langsung némpas ngaenyakeun.

“Mun percanten mah, anjeunna téh pun aki. Sedeng bebenjit bangor anu purah dioongkléd téh nya abdi pisan!”

“Kutan?” Aki Tarsid tangka ngarangkul, “Alhamdulillah dilawungkeun. Meureun teu kudu jarah ka ditu. Cekap wé ka Ujang gé!” pokna deui.

Kuring unggeuk. Aya nu nyangkrung dina juru panon.

           

Tegalluar, awal september 2013

Panglawungan 13

                                   

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: