• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

T A N D A

Kénging Onnok Rahmawati
Kintun kana Facebook

 Dikeresakeun tepung deukeut basa anjeunna ngalangkung, sabot kuring keur  ngadaweung, nyérangkeun barudak di buruan. Basa kuring keur nganjang ka lanceuk awéwé panggedéna di Rajadésa. Anjeunna teu narah nyimpang bari ukur na terlas gé kanjat kaburu debrol najan teu sabraha.

            “Tos kagungan bati sabara hiji Lis ayeuna?”

            “Tuh Kang, satilu-tilu nuju cecekapna.” nunjuk ka nu keur tingalacrit di jalan.

            “Pacaraket nya. Salangkung mah janten katawis badé sapantar.”

            “Muhun Kang, digeber kejar targét, hé hé. Dupi Akang tos sabaraha? Mana atuh Tétéhna, teu ngiring ka dieu?”

            “Hé  hé, mani ditargét. Akang mah nuju ngantos kénéh, Lis. Pun bojo muhun teu ngiring ka dieu nuju aya wagelan.”

            Obrolan éta nu kainget téh. Anjeunna rusuh keur aya urusan. Diajak ka jero ku Euceu gé teu keresaeun. Meupejeuhanan nganjang ka bumi sepuhna malah ngajak harita kénéh. Meungpeung anjeunna keur aya di dieu cenah. Teu taun kali tepung. Duka gatra, teuing enya. Da peutingna badé ngabujeung mulih deui ka lembur matuhna di Majalengka. Dinuhunkeun wé. Ngan lebah sanggup nohonan mah sami teu kaburuna kuring gé. Isukna rék mulang deui ka lembur. Babakuna mah teu purun ongkoh.

            Peuting di imah Euceu. Sanggeus barudak talibra saré, kuring jeung Euceu uplek  nguruskeun sagala rupa. Ti mimiti masalah poko, nyaéta badami arisan kurban kulawarga jang taun hareup, tuluy brus-bras ka mana karep. Da jeung lanceuk gé teu taun kali geus pada-pada rumah tangga mah, boh kumpul ngariung atawa silih anjangan kalayan tuluy ngéndong téh, ari lain perkara penting kayaning papait atawa mamanis mah.

            Selang sekar jeung debrolan téh pikir mah inget waé kana paguneman tadi beurang jeung nu nyimpang.

            Panasaran. “ Euceu... Euceu sok sering tepang sareng istrina Kang Dadang?”

            “Kapungkur mah uhun. Da ka darieuna sok aleut-abring. Ayeuna mah langka. Komo tas aya étaeun mah.”

            “Étaeun naon?”

            “Lah jadi nyiru rombéngeun. Elis mah tuda langka ka dieu, moal apal. Tos aya taunna teu hadé jeung mitohana.”

            “Mitohana? Teu hadé jeung ibu ramana Kang Dadang? Apan saurna mantu istri kameumeut, nu sakitu dipuja-pujana, si geulis, si pinter si mawat. Maenya teu hadé?”

            “Ah, kateuing. Euceu gé selenting ti batur. Iwal ti aya nu pararenting wungkul ngiring mulihna téh. Éta gé sok sakolépatan. Di ditu baé mun nganjang lami mah di ibu ramana.”

            “Pédah naon atuh Euceu?”

            “Pédah gabug meureun. Teu daék waé méré incu. Cenah mah Dadangna dipiwarang ngawayuh ku sepuhna téh ngarah boga turunan. Nya pamajikan mana atuh nu rido lilah kitu waé sing enya gé awak sorangan boga kakurang.”

            “Masya Alloh teuing. Ari Kang Dadangna?”

            “Ih, Dadangna mah pengkuh. Jangeun nyangkirangan sagala rupana ngarah bérés roés ka ditu-ka dieu. Saheulaanan mah meureun pamajikan bedang arang nganjang ka mitohana keun bé teu diopénan. Kolot hayuh waé ninitah néangan awéwé deui, teu diwaro. Tapi duka kétah wallohu alam, saha nu terang. Ngan nu kabandungan euceuk batur mah kitu.”

            Kuring kudat-kudet kana jingjingan. Néangan wadah wedak nu aya eunteungan, teu kapanggih.

            “Ceu, aya kaca eunteung alit teu?”

            “Jang naeun atuh? Itu kapan kaca caket meja makan sakitu badagna.”

            “Aéh enya.” Kojéngkang kuring muru gedah nu naplok di rohang makan. Nagen meleng hareupna kujur nu teu dipiceun sasieur. Kitu ujratna nya kitu témbongna. Srog beungeut dideukeutkeun kana eunteung. Diteuteup lila.

            “Ceu...!” ngagentraan Euceu.

            “Kumaha?”

            “Istrina Kang Dadang kacipta beuki geulis baé nya. Komo asak urus hadé omé.”

            “Ah, biasa wé kakurung ku uumuran sakitu. Malahan mah karunya basa lebaran kamari gé tepung keur musapahah raya, mani asa beuki kuru. Paroman alum. Raray nu tadina luis téh renung ku hunung, balas ngaheungheum sagala rasa wé meureun jadi setrés.”

            “Tapi pan rarayna teu aya tandaan jiga Elis.”

            “Elis téh sok ka mana karep, Ngalemétan pikiran bedan kitu. Ka dieu tong ngaca waé, pamali.”

            Eunteung angger diteuteup. Gambar diri sawaluri. Mata anteb kana tanda bodas nu ngelemeng dina tengah-tengah pipi belah kénca. Nu ceuk élmu puhitan sepuh Kang Dadang mah cenah tanda kitu téh matak teu mawa maunat kana rumah tangga. Mun boga anak bakal aya mamalana. Komo dijumlah-jambléh jeung itungan wedal katut nu séjénna.

            Caritana téh kieu; alatan kuring remen nganjang ka Euceu di Rajadésa. Kuring  tepung jeung hiji lalaki tatangga jauh Euceu. Saban kuring ka Euceu jadi mindeng nganjang, sok api-api waé boga urusan ka carogéna Euceu. Horéng téh ngahélaran. Da teu lila téh enya kitu, kumaha wé petana ari nu naksir. Nu ngajak wawanohan ditarima. Sarua boga pikir kadua leutik. Dina dedempoan kuring keur kasép téh, pinter, soméah. Tina wanoh, mindah kana wanoh pisan. Jadian wéh mun ceuk bahasa barudak ayeuna mah.

            Ka ditu-dituna remen nepungan lain ukur keur di Euceu waé, tapi wantuneun nyusul ka imah. Kuring geus sawawa, Kang Dadang manjing rarabi. Kedal ka Ema, ka Apa, maksad ngajak kuring nepungan sepuhna. Teu réa catur kolot mah, ngempékkeun asal bener wé paniatan enya-enya. Ngémutan téa mah kolot kuring gé ka Kang Dadang téh, miwarang sing asak-asak nya ngéjo bisi tutung tambagana.

            “Da Elis mah sakitu ayana. Jisimna, teu punjul rupa. Teu pangabisa, kolotna gé teu tahta teu harta,” saur Apa téh.

             Kuring ngiclik nyumponan pangajak beubeureuh. Nganjangan calon mertua. Ari pék  téh, sadatangna ka nu di tuju, alahmanan jadi pasakitan. Ari jol, méméh disodoran cai gé disampakkeun introgasi. Ti mana, turunan saha? Ngarah nyambung cenah, da kulawargi Kang Dadang mah seuweu-siwina para ménak turunan pangagung. Mani ditataan ti udeg-udegna mula. Teu kakantun medar perkara repok jodo. Ka tanda-tanda dina awak teu sirikna dikotéktak. Terus terang batin mah ti harita gé geus teu mangga pulia. Kaerong mun dipaju téh pirengkeleun. Réa kacaturkeun sok aya mitoha jeung minantu teu timu-timu kaakuran. Komo ieu ti anggalna geus kitu galagat.

            Kacaturkeunana, acara nganjang lekasan. Kuring balik dina kaayaan geuneuk émutan. Sababara poé ti saprak tas dicandak nepangkeun téa, kurunyung Kang Dadang ka imah. Nyandak béwara. Hasilna téh cenah, numutkeun itungan sepuhna Kang Dadang, kuring jeung Kang Dadang réa teu repokna. Harepan asih peunggas sapada hartia. Ti kuring nu teu éléh neukteuk leukeur, bongan asa diteungteuingan pira ku tanda. Teu aya ampun, teu méré ombér, tina raheut haté kuring harita, ka Kang Dadang nu rék milih pejah tina aturan kulawarga demi nyaahna ka kuring.  

            Geringna haté kaitung lila. Nepi ka datang mangsana meunang panglipur, tina asih hiji lalaki nu katut kulawargana teu mandang sué kana tanda na pipi kuring. Komo undur waktu mindah jaman réa ubar jeung tehnolohi nu bisa ngilangkeun tanda. Najan kitu salaki téh jeung nitah mah kalah tausyiah ngeunaan élmu tumarima kana nu tos dipasihkeun ku Manten-Na. Jeung enyana da si tanda téh teu sagedé tampir ieuh. Mun diukur gé tibang saséntian. Ditilaman wedak gé liput. Malah mimindengna mah dilagar teu didempulan, teu majar ngurangan nyaahna salaki ka kuring. Malah euceukna téh, “Saé kitu Embu, alami.”

            Atuh jeung mitoha, teu kanjat aya dongéng mertua nyilibkeun minantuna alatan tanda. Najan kuring teu nyandak mawat beurat beunghar, nanging berekah hirup kaitung cukup bisa dahar tiasa nganggé, budak gé satilu-tilu lalucu kacida. Kameumeut indung-bapana, katut ti ditu-ti dieu, nini jeung akina.***
             

Ciamis 1 Oktober 2013

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: