• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kulambu Sutra

Kénging Tety S Nataprawira
Kintun kana Facebook

Sekar leumpang nyampeurkeun box anakna. Kulambu bulao ngora ngarumbay nuruban ranjang leutik. Disingraykeun. Bréh katempo, buah haténa keur saré ngageubra. Diteuteup pipina nu montok jeung beresih, semu beureum. Bulu panonna centik. Na tarangna buuk laleutik ngaroyom. Sekar imut. Simbut Popi dibebener.     

Luk tungkul. Tarang Popi diambungan. Kulambuna ditutupkeun deui. Tina jandéla aya angin nu nyalisir ngelabkeun tungtung kulambu. Jandéla gancang ditutupkeun. Bisi angin asup ka kamar. Ulah, Popi ulah kaanginan. Haté Ambu bakal gering lamun Popi kaanginan. 

Bari mérésan baju Popi, Sekar diuk dina ranjang.Tadi isuk-isuk salakina merenahkeun box Popi deukeut jandela, méh kapoyanan.

“Jandélana kedah dibukakeun,” pokna reueus.

Unggal poé Popi jadi rebutan duaan. Hayang ngagugulung, mun teu ras ingeteun yén umur Popi kakara tilu bulan.

“Nyaah kitu ka Popi?” Sekar nanya. Asa sorangan nu pangnyaahna téh geuning. Sieun salakina mah teu nyaaheun.

”Naha bet naros kitu? Atuh teu nyaah mah moal…” teu kebat. Kaburu ku Sekar dituluykeun bari seuri.

”Moal manggaleuhkeun kulambu kanggo Popi nya, Pop?” pokna ka orok nu ngan ukur bisa ngabelényéh seuri. Salakina neuteup.

Hararésé naker rék indit ka kantor téh. Mun teu dijurung mah sigana ngajentul wé nungguan Popi.

”Mun teu dikulambuan reungitna ka lebet. Nyocoan,” Sekar seuri leutik kayungyun, rada nyindir ka salakina.

Kulambu, keur Sekar mapandékeun panghalang nu ngagoda katengtreman rumah-tanggana. Kungsi, méh baé kulambuna nyingray.

Tadi Sekar hayang ngaheureuyan salakina, tapi teu wasa. Teu wasa ngedalkeun. Na haténa aya nu nyaram. Sekar ngarénghap alon. Paneuteupna seselendep kana jeroeun kulambu néangan Popi. Saréna tibra.

Lucu puguh Popi téh, geulis. Siga saha? Sekar ngalenyap. Teu pupuguh haténa bet inget deui ka dinya. Kana lalakon nu kungsi ngendagkeun haté. Nyalisir kawas angin janari. Tiis, tapi peurih.

Sok Sekar nunda buku nu tadi dibaca, ditunda dina kasur, basa katempo Popi ngulisik. Bray nyingkabkeun kulambu. Popi geus nyaring. Ku Sekar diusap pipina. Belenyéh seuri. Sekar imut.

“Pinter!” pokna, “Popi teu nangis. Pinter putra Ambu, wareg bobona?” Sekar aléwoh. Asa teleb ngabasakeun Ambu. Budak némbalan ku basana, sorana ririh

“Hakeng, hakeng,” cenah, belényéh deui seuri.

“Palay nénén, pipis?” gap leungeunna kana bujur Popi, pempersna geus pinuh.

“Gentos heula, nya?” Popi diangkat. Sok dina ranjang gedé, disalinan.

Popi ngaéh, lapareun. Tuda tadi saréna jam salapan wanci haneut moyan, sanggeus dimandian, sanggeus disusuan. Méh jam satengah satu, karak lilir, meujeuhna lapareun pisan.

Ku Sekar dilahun, pék disusuan. Nyoso naker.

Sabot nyusuan, Sekar teu petot-petot neuteup hihideung panon anakna. Sakapeung, mun keur neuteup panon Popi, haténa sok tagiwur. Ngajorélat aya panon Hana, nu kungsi ngendagkeun haté salakina. Geulis, lungguh. Panonna liuh siga panon Popi ayeuna.

Mun inget ka Hana, haténa sok nyérését. Kawas angin janari, teu karasa tapi matak peurih kareureuhnakeun. Hana, batur sakantorna.

Tilu taun, Sekar jeung salakina ngarep-ngarep bagja, nungguan hadirna jabang bayi nu bakal ceurik meupeuskeun simpéna peuting.

Tilu taun Sekar narima kalawan tawekal. Sanajan haténa mindeng ceurik, upama nempo teuteup salakina semu ngananaha. Naha can sanggup jadi indung? Naha? Paneuteup panutanana nu baheula liuh, sok remen kasipuh ku pangdakwa. Jadi tiis, ngagerihan. Salakina jadi tiis. Jadi ngantep manéhna dina kanalangsa nu jero.

Padahal mah na waktu sarupa kitu, taya deui kabagja Sekar iwal ti panyombo, kadeudeuh, jeung kanyaah ti nu jadi salaki. Tapi karasa ku manéhna, harita jadi hambar, jadi tiis, combrék.

Sanajan lemes bari buni, karasana ku Sekar mah, haté salakina jadi anggang. Sok hayang ngojayan jerona paneuteup asa lain keur manéhna. Sekar ngarti, salakina nyumputkeun kakuciwa. Sekar hayang ancrub, hayang teuleum. Tapi teu wasa. Ras ka dirina, sieun manggih kanyataan nu peurih. Taya tangan pangawasa mun kanyaah salakina ngolémbar. 

Tapi éta sangkaan goréng teh sok buru-buru disingkahkeun. Embung nangénan mun haté salakina endag kaanginkeun. Ngolémbar ka nu séjén. Sanajan ngarti naon sababna. Da mun enya kitu, Sekar rumasa can bisa méré kasugemaan.

Karasa ku Sekar gé, poék, taya béntang. Taya teuteup haneut tina panon panutan ati. Teuteup deudeuh, bet karasa peuray lalaunan. Jadi tiis combrék. Kasaput ku imut hambar.

Hiji waktu Sekar hayang neuleuman hate salakina. Tapi salakina nyingkahan pananya. Kalawan karasa, kageugeutna lain kageugeut nu baheula.

”Anggur gé bobo, tong seueur teuing ngémutan nu lain-lain. Akang angger nyaah. Moal rék ka mamana.”

Tapi haté Sekar, manan tengtrem kalah cangcaya, kalah beuki nalangsa.

”Kang..!” ngomongna dareuda, ”Hapunten can tiasa…..”

Teu kebat, kapegat ku sumegruk. Karasa, sirahna diusapan. Tapi usapna hambar, dadana motah, marudah.

Harita Sekar neuteup lalangit. Dina lalangit katémbong aya orok nu lucu. Nu bakal nyebut Ambu ka Sekar, jeung Apa ka salakina. Bagja temen. Haté Sekar diayun ku angen-angen. Les, kasaréan.

Tengah peuting lilir, kacida simpéna. Salakina taya di gigireunana. Tapi keur ngadeluk na méja komputer. Ku Sekar disérangkeun ti kamar, tina panto nu méléngé.

Sakapeung salakina katempo malaweung. Neuteup ka jauhna bangun taya pitunduheun. Nyanghareupan komputer, keretas jeung buku-buku hareupeunana. Sekar apal, salakina keur komunikasi jeung batur, céting. Pluk, katangén aya nu murag. Hayang ngojéngkang mangnyokotkeun, tapi sieun gareuwah. Sekar bati nalangsa. Haténa gegeroan. Ngageroan salakina, nu haténa teuing keur kumaha.

Waktu salakina asup deui ka kamar, Sekar api-api saré tibra. Kadéngé salakina ngarénghap beurat. Goloyoh gigireunana. Karasa ngeukeupan, pageuh. Neueulkeun Sekar kana dadana lalaunan bangun sieun leupas.

Alon pisan, antara nyaring jeung henteu, Sekar ngadéngé nu ngaharéwos.

”Hapunten Akang, bet wasa miharep nu lian.” Sérését haténa karasa peurih.

Geus tangtu salakina teu nyangkaeun manéhna keur nyaring. Na panonna karasa aya nu haneut, baseuh. Sora halon salakina bieu, kabawa ka alam ngimpi.

Kulambu sutra kekelaban, lir nu ngagupayan. Ngarimbunan ranjang leutik. Jeroeunana aya sarébu kabagja jeung katrésna, ku Sekar disingraykeun.

Kabéh impian baheula. Baheula saméméh aya Popi. Ayeuna Popi aya na lahunana, lahunan indung, dina kawih deudeuh Cianjuran, nu salawasna mawa katengtrem ati.

Sirah Popi diusapan. Ngok diambung. Seungit, seungit orok nu beresih.

Mun kongang mah hayang salawasna ngeukeuweuk Popi, mamangku Popi. Sekar imut. Kacipta deui basa Sekar hayang némbongkeun test-pack positip ka salakina.

Aya kabagja sején leuwih ti ti éta, basa ngarasa aya nu usik na kandungan. Gusti Nu Agung! Sekar asa ngapung ka langit katujuh. Jungjunan nu dianti-anti kiwari ngageterkeun asih.

Bet teu kanyahoan ujug-ujug ter wéh ngageter. Panyangka Dédéh mah telat tilu bulan téh biasa, da sok kitu. Teu dipariksa ieuh, kawas nu geus bosen ku kakuciwa saperti saméméhna.

Horéng puputon téh datangna ngagareuwahkeun. Sekar imut, hayang ngabéjaan salakina ku geterna Si Utun Inji mun usik deui, rék sina pataréma. Ngarah bagja. Cipanonna diantep sina ngembeng. Hayang geura Si Utun usik deui.

”Kang,” pokna dareuda, ”Tah cepeng ” leungeun salakina diteueulkeun basa na beuteungna aya nu usik.

Teup panon pateuteup, bangun cangcaya. Manéhna unggeuk. Na panon salakina aya talaga nu ngembeng.

”Tadi uih diparios, ku Bidan. Leres, énjing piwarang di-USG ka dokter kandungan,” Omongna dareuda.

”Alhamdulillah,” témbalna ngagerendeng, lalaunan tapi jero. Paneuteupna nyorotkeun cahya bagja. Leungeunna nangkeup Sekar.

”Hapunten,“ pokna. Sekar ngalenyap. Naha? Hapunten? Leungeun salakina ngusapan. 

”Salami ieu Akang sering ngantep,” ngaharewos.

Sekar teu wasa kedal nanaon. Pangrasana teu nyalahan.

”Pami dihapunten Akang nu pangbagjana,” pokna.

 Tuluy wakca. Haténa kungsi baluweng, kaendagkeun ku harepan nu ngagoda. Haté Sekar ngaleketey, peurih. Tapi teu wasa ngabibisani. Teu wasa némbal. Sabab kacida peurihna, geuning.

 ”Rumasa, Akang kungsi boga harepan séjén. Tapi teu wasa wakca. Tapi ngan ukur teu wasa mopohokeun, taya leuwihna. Sabab apan Akang gaduh Sekar.”           

Reup Sekar peureum, nahan rasa nu awor na dadana. Peurih jeung ngenes. Embung ngadéngé nu wakca balaka, tapi haténa teu wasa ngantep. Nyah beunta, malik ka salakina. Cipanonna tuhur.

Teu, teu wasa némbongkeun kapeurih ati. Pék nanya, “Saha namina?”

Salakina keur neuteup lalangit, ngaganjel sirahna ku dua leungeun.

“Hana,“ témbalna.

Sekar ngarénghap, kolébat Hana némbongan. Deudeuh teuing. Panon nu liuh, Hana nu bageur. Reup Sekar peureum. Hampura Han. Ceuceu terang, na panon Hana nu liuh aya kadeudeuh keur si Akang, salaki kuring. Tapi kacinta Ceuceu teu wasa maliré haté Hana. Ulah, ulah micinta Akang, sabab Ceuceu embung leungiteun katrésnana.

”Naha Akang teu sasauran ti kapungkur, ari tos lami mah?” Sekar nanya. Salakina malik.  nangkeup. Teu némbalan. Sekar hayang sumegruk. Tapi ditahan.

”Hapunten, Akang sieun leungiteun. Ti ayeuna jangji, moal sumoréang ka mamana.”

Haté Sekar ngaleketey.

Salakina mageuhan keukeupan. Ngarénghap saperti nu ngaleupaskeun bangbaluhna.

Na kandunganana Sekar karasa aya nu usik. Gap leungeun salakina dicekel. Tel diantelkeun. Cipanon bagjana lalaunan juuh.

Ti harita mun Sekar inget ka Hana, sok gancang disinglarkeun. Sekar  yakin. Ti poé ka poé karasa kabagja beuki minuhan dadana. Nu kungsi karasa anggang téh, ayeuna beuki geugeut.

Tepi ka waktuna, Popi lahir. Séhat, montok, beresih. Hana. Hana Popiani. Sekar milih ngaran éta keur Popi. Tapi salakina nyaram.

“Tos waé Popi,” pokna.

“Naha ulah nganggo Hana?” ngaheureuyan, salakina ngabalieur.

Nyah Popi beunta. Sekar imut. Belenyéh Popi seuri.

“Wareg nénénna?” Sirah Popi diusapan.

“Hakeng, hakeng…” Ririh, sora nu mawa katingtrim ati.

Angin asup tina panto kamar. Karasa tiis, Sekar ngalieuk ngawaskeun nu anyar datang. Ngarérét kana jam. Wayah balik ngantor. Teu kadéngé gerung motorna. Jongjon teuing ngurus Popi. Tadi milu ngalenyap basa Popi tibra. Lilir-lilir  jam opat soré, wanci ngelap atawa ngamandian.

”Karék gugah?” manéhna nanya. Panto kamar ditutupkeun. Gék diuk dina sisi ranjang.

Sekar imut. Jung nangtung mangku Popi, rék disarékeun dina box, tas dimandian.

”Mbu, nyaah ka Popi?” Salakina nanya. Sekar ngarérét. Teup pateuteup.

Kiwari aya tali kaasih nu salawasna nganteng. Teu perlu sieun leungiteun, sanajan kulambu sutra kungsi ngelab kaanginkeun.   ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: