• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Êsih Jeung Duyéh

Kénging Yus R. Ismail
Kintun kana Facebook

“Akang téh nyaah,” ceuk Duyéh hiji soré. Hujan kakara raat. Tatangkalan rajeg ngabigeug. Angin duka ka mana. Sapanjang jalan komplek Griya Surga Indah aya ku simpé.

“Tapi modal Akang mah saukur nyaah, ngan nyaah jeung nyaah.”

Êsih ngarahuh. Bet aya anu gumeter di jero kalbuna. Basa sésa cihujan anu ngagantung dina pucuk plamboyan ngeclak, asa haténa anu katinggang cai wening téh, nyecep jeung seger. Basa teuteupna amprok jeung teutep Duyéh, aya ombak anu ngagalura dina dada Êsih. Êsih imut bari ngabalieur, bari yakin paneuteup Duyéh mah angger manteng ka manéhna.

Biasana, lamun Êsih nangenan Duyéh neuteup siga kitu, Êsih sok heureuy ku pananya, “Geulis nya?”

“Enya, anjeun téh geulis, Sih. Lantaran éta meureun Akang teu bisa mopohokeun anjeun.”

Unggal mulang jalan-jalan jeung Duyéh, di hareupeun eunteung di kamarna, Êsih mindeng ngagerendeng; enya kitu aing téh geulis? Lain henteu sukur ka Gusti, Êsih ngarasa dirina biasa waé. Enya éta ogé olah raga, ngurus awak, pangpangna lebah pameunteu jeung rambut, geus jadi kabutuhan. Tapi dirina asa henteu geulis siga Meida Safira atawa Kimberly Ryder.

“Sih, geulisna istri mah aya dina haté lalaki,” ceuk Duyéh hiji waktu basa Êsih nanyakeun, naon atuh kriteria lalaki bet bisa nganiléy geulis jeung henteuna hiji awéwé? “Keur Kang Dadang, Ceu Nia pasti panggeulisna. Keur Qais, Laila téh panggeulisna. Keur Asraf, Bunga téh panggeulisna. Keur Duyéh, pasti Êsih atuh panggeulisna.”

Duka iraha mimitina ngaran Duyéh bet remen ngalangkang dina pikiran jeung haté Êsih. Da baheula mah tara inget saeutik-eutik acan. Buukna anu panjang, ririaban lamun katebak angin. Atawa imutna anu mandiri béda ti anu séjén. Atawa teuteupna anu matak teu puguh cabak, can kungsi kapikiran. Enya Duyéh téh kawentar henteu ngan di kampus. Duyéh mah di kampus séjén, di kota séjén, teu weléh réa anu ngahiap-hiap. Apan sakali maca sajak atawa medar pangalamanana ngarang carpon ogé, henteu saeutik mahasiswi ngarariung harayang deukeut, harayang wanoh. Lantaran éta meureun Êsih ngarasa kuméok méméh dipacok. Manéhna mah apan mahasiswi biasa waé. Henteu nyongcolang dina widang matakuliah, ekstrakulikuler, atawa kasenian anu loba ngirut rumaja sapantaranana.

Tapi hiji soré Duyéh datang ka tempat indekos Êsih, nginjeum buku Sejarah Komunikasi. Perkara nginjeum buku mah anggeus lima menit ogé, tapi Duyéh di tempat indekos Êsih aya kana dua jamna. Saterusna mah Duyéh mindeng nganjang, ngajak jalan-jalan, nyelapkeun puisi cinta dina buku Êsih, ngahaleuang lagu cinta dipirig gitar. Enya, Êsih gé ngaku, Duyéh téh romantis, bageur, perhatian. Sakali mangsa mah basa Duyéh nganjang kabeneran Êsih tas wudu.

“Akang mah pangwaas-waasna ningali istri téh sabada wudu. Cai masih ngareclakan tina buuk jeung pameunteuna. Istri anu geulis téh nyaéta istri anu rajin wudu ceuk Akang mah. Hanjakal Akang mah tas solat. Mun seug acan, hayang teuing ngajaran ngaimaman Êsih,” ceuk Duyéh.   

Êsih saukur imut, terus ka kamarna arék solat.

“Di dieu waé solatna, Sih, Akang hayang neuteup Êsih nuju solat.”

Êsih ngajanteng sakedapan, ngararasakeun anu nyaksrak dina dadana. Duh Gusti, saleresna abdi téh ngantosan kaayaan sapertos kieu.

Enya, rarasaan jeung pangacianana mah Êsih téh baluweng ku asmara. Tapi pikiranana, kayakinanana, Êsih tetep pengkuh. Êsih cangcaya kana kedaling ucap Duyéh. Henteu salah, Duyéh téh romantis, bageur, kasép, perhatian. Tapi apan Duyéh mah kawawuhanana aya di mana-mana. Wanoja anu katarik ati kapentang asmara ku Duyéh sigana henteu saurang dua urang. Naha Duyéh ogé sarua romantisna, perhatianana, bageurna, ka unggal wanoja anu deukeut jeung manéhna? Pananya samodél kitu anu henteu leungit tina pikiran jeung kayakinan Êsih.

Nepi ka hiji soré, basa girimis mépés poé, Duyéh ngucapkeun kalimah anu moal leungit tina ingetan Êsih.

“Lamun seug anjeun téh masjid, Akang mah hayang terus-terusan solat di jerona,”ceuk Duyéh.

Êsih ngararasakeun angin anu ngagilisir kana pipi parat kana haténa.

 

**

 

“Naha atuh Akang téh bet nyaah ka abdi?” ceuk Êsih hiji soré. Girimis anu ninggang dangdaunan wirahmana matak waas. Duyéh neuteup ka jauhna, ka sapanjang jalan komplek Griya Surga Indah. Tukang bajigur anu tadi ngaliwat ngiles di péngkolan.

“Urang mah moal kungsi apal, Sih... iraha jeung di mana rasa téh eunteupna. Êta mah rusiah Pangéran. Meureun enya ceuk Afrijal, cinta téh hal panganéhna dina hirup manusa. Lantaran éta, henteu samistina kanyaah Akang ka Êsih hantem ditatanyakeun. Da cinta mah moal bisa ditarjamahkeun kana basa urang.”

Êsih imut. Enya kitu? Tapi naha ieu haté bet teu bisa diupahan. Unggal ningali Duyéh ngobrol jeung Yeni, Dian, Eli, Kim, Fatin, Méla, Ratu, jeung wanoja lainna, rasa cangcaya téh beuki témbong ayana. Naha timburu kitu? Naha wajar timburu jadi gemuk kacangcayaan? Êsih henteu ngarti, naha haténa bet cangcaya pikeun narima Duyéh sagemblengna.

“Kudu ku naon atawa ku cara kumaha atuh Akang téh pikeun ngayakinkeun anjeun, Sih?” ceuk Duyéh sakali mangsa. Êsih henteu ngajawab. Bet geter-geter kanyaah anu aya dina haténa, karembangan, basa maca sababaraha lembar sajak cinta, sajak cinta anu dihususkeun keur manéhna. Tapi keur pikiranana mah sajak téh henteu cukup.

“Hiji mangsa, aya ku hayang boga patamanan di pipir imah, imah anu sederhana tapi resik. Lamun soré di patamanan téa urang bisa nyaksian panonpoé surup. Lamun isuk-isuk urang bisa nyerangkeun barudak lalumpatan ngungudag kukupu anu eunteup dina kekembangan. Urang téh kudu ngajarkeun ka barudak, yen hirup henteu bisa dilakonan tanpa cinta. Bet ku hayang macakeun sajak-sajak cinta, ngagalindengkeun lagu-lugu asmara, jeung nyelapkeun sagagang érmawar dina rambut hiji wanoja, anu jadi indung barudak téa. Sih, naha kersa jadi wanoja dina lamunan Akang?”

Êsih teu némbalan. Haténa mah enya geus kabandang ti saméméhna. Tapi pikiranana, angger cangcaya. Sakanyahona, sajak téh ngan ngadabrul wungkul. Komo deui sajak cinta anu hésé dibédakeun jeung rayuan gombal. Amangna ogé apan aya anu jadi panyajak. Mindeng demonstrasi di jalan-jalan. Hasilna? Nyangsarakeun anak pamajikan ti imah kontrakan ka imah kontrakan.  

Meureun lantaran kacangcayaan éta Êsih henteu ngedalkeun putusan anu pasti. Nepi ka hiji mangsa mulang ka tempat indekos Êsih dianteur ku Kémod. Ti mimiti wawuh Kémod mah geus ningalikeun hiji lalaki anu mapan. Mapan téh gembleng salaku lalaki jaman kiwari. Papakéanana perlénté, ka ditu ka dieu momobilan, ngajak jalan-jalan ka pertokoan, balanja, nonton film, balikna nyimpang ka dunkin, kfc, atawa réstoran méwah.

Naha enya dina haté awéwé, enya ogé dina bagian leutikna, aya kayakinan yén rajakaya téh pondasi anu weweg pikeun cinta? Êsih saenyana henteu yakin kana hal éta. Tapi nalurina nungtun pikeun milih jeung ngajalankeunana. Êsih ngucap sukur logikana masih waras, henteu ancur burakrakan ku rasa anu henteu logis. Êsih henteu bisa ngabadé Duyéh bisa nengtremkeun tina jihad matéri.

Naha enya, di jaman sarwa téhnologi cara ayeuna, cinta taya hartina sama sakali?

Basa Duyéh apaleun yén Êsih geus nangtukeun pilihan, manéhna datang hiji soré. Sababaraha lambar puisi anu digulung dibikeun ka Êsih sabada dibacakeun.

“Kudu kumaha deui ngucapkeunana, cinta ka anjeun téh geuning ngamalir terus-terusan taya saatna, nyébor katineung kana teuteup anjeun, rambut anjeun, cai anu ngagarenclang nyarakclakan sabada anjeun abdas.”

Ngan sakitu anu diucapkeun ku Duyéh. Tapi suasana soré girimis, ambekanana basa keur maca sajak anu siga diatur, geter sorana, leuwih ti sajuta ucap. Basa lambaran sajak téa dipasrahkeun, kembang érmawar diselapkeun dina buuk Êsih, terus amitan nangtang girimis. Buukna ririaban boborélakan ku ciwening, Êsih ngarasa aya anu nyeuit dina dadana. Nyeri jeung peurih.

 

**

“Kumaha carana ngaleungitkeun panineungan?” tanya Êsih ka Dédah, sobat kuliahna. Kampus pasosoré aya ku simpé. Girimis mépés poé anu tadi mentrang. Dédah nyeuleukeuteuk.

“Naha seuri? Naha Dédah teu kungsi boga panineungan?”

“Pohokeun wé atuh Kang Kémod mah. Masih ngantri anu ngahéroan ka Êsih mah.”

Tapi Êsih mah henteu inget ka Kémod anu sabulan katukang mutuskeun. Êsih mah inget ka Duyéh anu ayeuna duka aya di mana. Unggal neuteup girimis, lamunan Êsih ngagambar adegan-adegan mangsa babarengan jeung Duyéh.

Enya, Duyéh téh ngaleungit sabada papisah harita. Tapi Êsih masih mindeng maca karanganana dina koran atawa majalah. Sajak atawa carponna sakapeung masih ngeunaan kakangen anu ditujukeun keur Êsih. Êsih teu bisa ngarti, naha aya cinta anu terus ngarandakah jeung kembangan sabada henteu dilayanan ku anu dipicintana? Êsih teu bisa bohong. Sakapeung basa maca sajak anu ditujukeun keur manéhna, aya anu gumeter dina haténa. Inget deui kumaha teu puguh rasana mangsa aya anu nyelapkeun ermawar dina buukna. Tapi gancang disieuhkeun ku pikiran waras, hirup mah henteu bisa ngagugulung rasa anu anéh samodél kitu.

Enya, cinta téh meureun panganéhna dina hirup manusa. Kayakinan yén harta bakal jadi pondasi anu weweg pikeun cinta, ancur burakrakan sabada sering dinyerikeun ku Kémod. Matéri téh jadi hinis anu matak nyeuit jeung peurih. Unggal aya kateupanuju, Kémod mah gampang nyebut Êsih matérialistis, awéwé murahan bisa dibeuli ku béngsin, nukeur cinta ku jalan-jalan, jeung réa deui babasan anu nganyerikeun.

Êsih tangtu waé nyeri haté. Matéri téh meureun perlu keur ngabina cinta, tapi lain hartina cinta moal langgeng tanpa matéri. Da cinta anu ngagalura mah bisa nyumangetan pikeun néang matéri anu sakumaha lobana ogé. Ari matéri, sakumaha lobana oge, henteu bisa numuwuhkeun cinta. Ku kituna, lamun ningali lalaki anu pamér kakayaan pikeun mikat wanoja, nyel wé Êsih sok sebel. Enya, si wanoja teh bakal gampang katarik, tapi lain ku cintana.

Lantaran éta, Êsih inget waé ka Duyéh. Duyéh mah sanggup miara cinta anu dirasakeunana. Meureun enya, ceuk pamikir Êsih, pananya anu paling ngeleterkeun haté awéwé  basa ditanya kasanggupanana miara jeung ngipuk cinta hiji lalaki.

 

**

 

“Cik, kumaha sikep Dédah lamun lalaki implengan anu jauh bakal datang ka kota ieu?” ceuk Êsih ka Dédah.

“Dédah mah bakal nungguan di téras, unggal poé.”

Tapi Êsih mah henteu nungguan. Basa di koran ditulis berita yén Duyéh bakal macakeun sajak-sajakna di gedung kesenian, Êsih ngahaja lalajo. Sabada acara maca sajak réngsé, Êsih nyérangkeun Duyéh diriung-riung ku mahasiswa-mahasiswi anyar, sobat-sobatna, jeung anu resep kana sajak-sajakna. Sanggeus di luar gedung, Êsih nyolongkrong ngajak sasalaman ngawilujengkeun. Duyéh neuteup sakedapan, siga anu henteu percaya, terus imutna ngembang eros.

“Masih émut ka abdi?” ceuk Êsih. Peuting aya ku lénglang. Bulan mabra.

“Akang mah moal bisa hilap sigana, nepi ka iraha ogé.”

Êsih imut. Bari dina haténa aya anu ngeleter. Ras ka mangsa kaliwat, basa rasa cinta diungkarakeun ku sajak, carpon, teuteup, lagu, jeung perhatian.

“Di kota ieu, sagalana ngan ngingetkeun ka anjeun, Sih.”

“Ogé implengan bumi sederhana anu di buruan pengkerna aya taman?”

Duyéh neuteup Êsih.

“Ogé implengan nyérangkeun barudak anu ngungudag kukupu?”

Duyéh ngarahuh.

“Ogé implengan hiji lalaki anu macakeun sajak-sajak cinta, nyelapkeun kembang ermawar dina rambut hiji mojang?”

“Sagalana ngeunaan anjeun jadi abadi, Sih. Sagalana tetep hirup dina panineungan.”

Angin ngahiliwir. Seungit sedep malem nyambuang, duka lebah mana mangkakna.

“Lamun aya wanoja anu keresa jadi bagian tina implengan tadi, jadi indung pikeun barudak anu ngungudag kukupu, naha Akang moal incah deui ti kota ieu?”

Duyéh nyawang bulan anu mabra di langit lega. Harita téh Duyéh jeung Êsih leumpang ka tempat indekos Êsih. Rada anggang saenyana, tapi duanana harayang badarat bari nyacapkeun kasono.

“Atawa Akang mah nuju ngimpleng sapertos angin, terus ngumbara, bari milari anu boa iraha kapendakna.”

Duyéh imut. “Unggal anu ngumbara pasti ngimpleng tempat pangreureuhan, Sih, di mana ogé tempatna.”

“Akang teu ngimpleng kota ieu jadi tempat pangreureuhan?”

“Baréto mah enya. Basa aya hiji wanoja anu ceuk rarasaan bakal sanggup jadi pangreureuhan haté anu capé. Tapi éta wanoja téh terusna jadi impian. Impian anu éndah, tapi henteu pikeun dilakonan.”

Êsih neuteup Duyéh aya ku teleb. Lalaki anu sanggup ngeleterkeun haté tapi ditolak pikiran jeung kayakinanana téh, enya siga anu leuwih koloteun ayeuna mah, leuwih wijaksana. 

“Kang,” ceuk Êsih bari ngarandeg sakedapan. Duyéh ngilu eureun. Êsih ngarahuh. Pokna sanggeus sababaraha lila, “Êsih sanggup jadi wanoja anu aya dina implengan Akang, wanoja anu rambutna diselapan kembang, anu ngabaturan nyérangkeun barudak ngungudag kukupu, anu....”

Duyéh gogodeg. “Anjeun mah apan impian, Sih,” ceuk Duyéh. “Lamun impian hayang tetep éndah, entong dilakonan. Di alam nyata, di alam lalakon, Akang tetep teu bisa narima putusan anjeun baheula. Butuh waktu jeung ujian pikeun percaya deui ka anjeun. Lantaran éta, anjeun mah tetep jadi impian.”

Êsih henteu némbalan deui. Aya ku pabaliut pikiran panyajak. Atawa pikiran manéhna anu pabaliut, anu nyababkeun rasa téh jadi mancawura henteu puguh. Êsih henteu terang, naha manéhna kudu sedih atawa gumbira basa Duyéh amitan, nyelapkeun kembang érmawar kana buukna, ngesun pipina, bari pokna, “Anjeun téh béntang di langit impian Akang, Sih.”

Êsih ngadégdég ningali Duyéh ngaléngkah ngajauhan. Kakara sadar Êsih, anu salila ieu dipisono ku manéhna téh rasa anu nyaksrak saawak-awak. Cinta, enya-enya anéh jeung henteu kaharti. Meureun enya, cinta mah saukur impian, saukur riwan dina hirup manusa. ****

Nopember 2013, Tanjungsari

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Rohang Emteha

Asa keuna ka sim kuring, wanoja impenan ternyata ngimpenkeun oge. Tapi kuhanjakal, kedalna 30 taun kadieu. Emh .. impenan tetep ngajadi riwan renghapna hate.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: