• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Carita ti Alam Gaib

Kénging Ki Kamal
Kintun kana Facebook

Di hiji imah nu nenggang jauh ka tatangga.

Harita téh geus peuting, geus réhé jeung simpé. Tatangga gé meureun talibra jeung karérék.

Pada nyebut ludeungan pedah kuring sorangan di éta imah téh. Malum di pangumbaraan. Betah teu betah ge kapaksa, mun lain tugas mah moal gé kitu.

Keur saré téh, nyah beunta hi­deng sorangan. Rét ka jura kamar, lampu centir témbok, ngaleutikan. Peuting keneh tapi leungit pitunduheun. Kalah panon nyileuk baé gular-giler dipeureumkeun ogé henteu daékeun reup.

Awak ngadadak leuleus. Embun-embunan kekerenyudan. Angen nyeri jeung haté sumeblak asa lalewang teu puguh rasa. Meunang sababaraha jongjongan samar pipikiran.

Sora cihcir jeung kérélék cai di pancuran nambahan jemplingna peuting. Kalakay dangdaunan di pipir imah tingkérésék kagasir angin nu maju nguIon.

Geblag-geblig di pipir imah sada aya nu leumpang. Paling kulit jantung cau murag, ceuk haté memener jajantung nu ngadadak ratug.

Hiuk angin anu moncor tina bilik meneran embun-embunan. Karasa nyecep kana angen.

Hmshs ...  irung ungas-ingus.

Salin aambeuan. Sareungit kembang kananga diganti ku meledingna bau menyan campur setenggi.

Reket, di gigireun awak sada aya nu ngilu diuk. Bau menyan beuki nyesek kana irung, Tep ... lebah

embun-embunan sada aya nu ngusap terus rasa kana haté. Ambekan bangblas asa lega. Ngan tetempoan jadi ngalangkang samar. Kerenyed —in­dung suku asa aya nu ngutek-ngutek. Jeung leungeun ngangkat sorangan nangkeup harigu tuluy ngusap beungeut.

Leng — ceuli jempling ku dedengean. Ngahieng tapi teu katorékan. Pikiran leungit tapi sadar.

“Gus ... Gus ...   Gus Déngé aing rék nyarita”. Nu ngagero ti mana boa mani tembres.

Astagfirullah. Teu ditembalan da sieun sétan téa.

”Gus ... Gus ..., Gus!’’ Sora datang deui mani écés. Kana ceuli ti beulah kénca.

”Gus ... Gus ... Gus! Aing mah lain jurig, lain dedemit. Ulah geder ulah reuwas. Aing rék talatah!” Sora datang pegat-pegat. Kana haté tembres, nyeredet. Sidik sora lalaki nu geus kolot.

"Agus ... Agus ... Agus! Aing datang ka sia tunggal kénéh sarundayan. Aing dulur sia!”

"Saha?” kuring némbalan ngawani-wani manéh. Tapi dina haté baé da genggerong mah mentegeg asa aya nu ngahalangan.

"Aing dulur sia !” jawabna beulki écés aya dina jero ceuli.

Kuring teu bisa nyora!

’’Lamun sia rék nyarita, cukup na haté baé. Teu kudu ku sungut, kabau-bau ciduh. Aing ngadéngé jeung ngar ti sakur ucapan (haté jelema anu kumaha ogé. Lantaran di alam aing mah ngucap téh teu kudu ku létah. Nyora téh teu kudu maké elak-elakan. Hésé pisan kudu bisa linyok bohong. Teu bisa ngabunian anu saéstuna. Ngucap téh bener taya anu dihiding-hiding. Da sungut téh anu bukti mah ngan ukur dipaké nyumput jeung sambutut ngabunian ucap sajati”.

"Naha teu bisa némbongan?” kuring nyora jero haté.

"Aing bisa némbongan, bisa ngawaruga séjén! Ayeuna teu némbongan lantaran aing dicangcang digantung ku tali sudi rék indit. Lamun sia hayang neuleu aing eukeur nyarita. Bi­sa, asal sia nunda raga. Sabab raga téh ngahalangan téténjoan. Jeung raga téh mawa beurat dina sagala kahayang. Jelema anu bisa nunda raga na pasti bisa nyaho kaayaan alam anu dicicingan cara ku aing ayeuna. Anu jagatna éstu lega narawangan. Henteu poék henteu caang.

Lain ngampar henteu renjul. Hen­teu cara di jagat anu ku sia dicicingan ayeuna. Kahirupan di jagat aing mah teu cara di jagat dunya. Mungguh hirup anu ayeuna téh kumaha keur hirup di dunya. Jadi di dunya mah jadi eunteungna hirup nu engke kasampeur di alam cara aing kiwari.

Pikeun jelema di dunya keur hirup na hayang senang ku laku sérong. Éta téh jadi beubeurat hirup anu kiwari kaalaman ku aing. Matakna aing datang manggihan! Hayang pang nyaritakeun ka dulur aing anu masih harirup. Hayang pangnalangankeun kasusah anu jadi beubeurat hirup di jagat aing kiwari. Karasa leuwih sangsara pikeun aing nandangan hirup di jagat anu labas taya batas. Aing téh ngagantung antara langit jeung bumi henteu antel teu bisa usik. Jadi datangna sora aing nyarita ka sia mah, ngan ukur ku rasa anu dipihapakeun ka angin, panualiksik sukma.

Di jagat aing. Sakur lacak ti mimiti medal ka alam dunya engké bisa ka tempo deui di alam aing nu baris datang. Kabéh, sakur nu kumelendang di jagat aing taya ngora taya kolot. Langgeng baé henteu aya nu disebut kolot atawa ngora anu nangtukeun kalilaanana. Nyorang waktu. Taya batas wiwilangan. Di alam aing mah diukurna ku lobana jeung robahna usik sorangan baé. Ari waktu teu cara di dunya, anu lilana diukur ku srangenge. Anu ti mimiti bijil nepi ka surup téh disebut sapoé.

Urusan alam anu dicicingan ku aing ayeuna engké ogé ku sia kaalaman. Ayeuna mah déngékeun heula aing rék talatah. Pangnepikeun ka Si Kodir anak aing".

“Ku naon atuh henteu langsung baé ka jelemana?”

“Matakna henteu langsung ka jelemana. Ku lantaran raga éta jelema henteu kuat nahan geter, nampanan wirahma sukma. Moal kuat ku geterna rasa ti séjén jagat sabab henteu saeutik jelema anu di paksa dipaké nepikeun geterna rasa laju nunda ragana. Paéh téa ceuk nu hirup di dunya mah. Da katarik ku séot na sukma nu balik deui. Atawa ka usir ku sukma ti raga séjén.

Kumaha mun nyurup. Éta téh di ukur ku kuatna raga anu rék disurup. Tempo-tempo asupna sukma téh ngan semet genggerongna jeung anggena wungkul. Pikeun anu teu kuat mah nya sok gering da sukma éta raga anu di surup téh ised jauh. Ari mimiti asup na sukma téh tina ingetan. Matak anu disurup téh kudu keur cuweuh ingetanana. Jelema anu ingetanana sok mindeng reureuh. Biasana sok kaeureunan ku sukma anu nyaliara.

Ucapan Kiyai tétéla aya bédana. Ceuk Kiyai Sankoni mah cenah. Lamun urang geus di alam kubur téh bakal dipariksa ku dua malaikat. Nanya keun Nabi urang, agama urang reu jeung Gusti urang.

Ari buktina geuning teu ditanya teu ditakon, da maranéhanana geus nyarahoeun ieuh. Nanyakeun amal urang ogé geus henteu da aya catetanana. Ti mimiti medal ka dunya jeung pindah alam ogé tembong ku urang sorangan.

Ceuk Kiyai; Lamun urang dipariksa di jero kubur téh, biwir urang di konci. Anu ngomong téh ngan anggahota séjén baé. Ari buktina, geuning lain biwir, lain suku nu ngomong téh.

Da ari geus kieu mah geus teu boga biwir-biwir acan.

Ari ayana suku, leungeun, sirah, panon, éta mah raraga hirup keur di dunya. Anu jadi taneuh mun diruang di sedong kubur. Dibabetkeun ka laut nya ngahiji jeung cai laut. Lamun di santok lauk nya nyarelap jadi ceuhil, jadi daging, jadi tulang lauk anu ngahakanan.

Raga anu ayeuna mah, béda jeung raga anu di dunya.

Ari anu nangtukeun raga hirup cara aing kiwari. Éta téh kumaha pamilih keur hirup di dunya. Lamum di dunya sok cukat-cokot teu béda ti beurit, nya kawas beurit baé. Anu beuritna henteu kawas beurit di dunya. Sakabéh ngaran anu taya bungkeuleukna di dunya. Ti aing mah kadeuleu. Rengkak polah sakur nu harirup di dunya tetela kadeuleu natrat. Malah neuleu Si Yoyoh mah di Jakarta mani payu abong alus rupa. Ladang surabina geuning dipake nyieun imahna. Keun baé da ragana ieuh sakeudeung deui ogé buruk ku nu meuli dijuligan. Diasupan kulumud endog. Keun engké karasaeun ku manéhna sorangan. Anu nyeri moal bisa diubaran. Anging ngubaran ku lampahna keur di dunya kénéh. Ari geus ka alam aing mah mun nyeri téh tinggal ukel kasedih, sagala karasa. Mun kasedih taya eureunna, sagala kabungah taya wangenna taya watesna. Di dunya mah apan bungah jeung peurih téh silih genti, anu pangmindengna nya kapeurih baé. Tapi di alam aing mah bungah jeung sedih téh ngahiji teu silih genti.

Pangna aing datang ka sia. Ku lantaran aya pangarep-ngarep ti alam du­nya. Pangarep-ngarep anu ditunda ku aing kénéh. Matak omat pisan ka nu harirup di alam dunya, ulah jalir ka na jangji. Ulah boga hutang dibawa tilar. Lantaran ari jangji jeung hutang anu can kacumponan mah diarep-arep kénéh ku nu harirup di dunya.

Tah, ku kituna aing téh hayang pangnyaritakeun ka Si Kodir. Lantaran wasiat aing henteu diwaro baé.

Kahiji barang amanah ulah dijual. Kabéh barang geura bikeunan ka ahlr warisna, ulah hawek sorangan. Kapan rayap dulurna. Kadua pangmayarkeun hutang ka Si Saban lobana limalas pérak. Jual be kebo aing nu sasiki, sésana paké meuli lampu masigit.

Katilu, Si Bungsu ulah sina maceuh ka awéwé. Kaopat, Si Entis poé Salasa geus balik geus nyampeurkeun ka alam aing. Tilelep di walungan Barito. Anakna geura teang di Banjarmasin. Di Moh. Noor, masjid jami no. 6. Tah sakitu be ! Aing rék balik.”

Burinyay panon nempo nu ngucilap. Ceuli katorékan. Tonggong karasa panas jeung angen nyeletit  saliwat. Embun-embunan ranyud. Rieg awak asak bareurat jeung kesang mani juuh di sakujur. Tikoro halab- hab.

Hiuk angin ngageber awak jeung nepakan seuseungit kembang anu malahung. Samar-samar lebah sorot centir tembong ngajorelat pakean bodas dibakutet tambang. Les teu témbong bareng jeung leungitna seuseungitan.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

iwan

...leres pisan kaayaan eta teh, mung ayeuna mah sadaya nu aya dialam eta geus dihijikeun sakabehna ditempat asalna eta mahluk (manusa), asalna tidinya dibalikeun deui kadinya salawasna..., mangga renungkeun...

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: