• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Budak nu Leungit

Kénging N. W. Galih
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1386733635.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Poé eta Si Arkan balikna sorangan. Inditna mah duaan jeung Si Obing, budakna Bi Isom. Ari pangira Si Arkan babaturanana téh geus balik ti heula. Dicelukan sababaraha kali di gunung Sayur, taya nembalan. Geus kitu mah gedig wé manéhna balik. Ongkoh jukut dina tolombong geus pinuh. Maranéhna indit ka gunung Sayur téh ngadon ngarit.

Barang datang ka lembur, gebru neundeun tolombong dina kandang dombana. Sanggeus diparaban sacukupna, koloyong ka lmahna Bi Isom.

Dua puluh meter deui ka imah Bi Isom, Arkan gegeroan “Bing Obing! ku naon euy ilaing ninggalkeun?!”.

Euweuh nu némbalan.

“Bing! Obing!” ceuk Arkan deui. Geus nepi, gék dina golodog. Kulutrak, sora panto muka, lol sirah indungna Arkan.

“Obing mana Bi?” Si Arkan gasik nanya. “Tebat ka lebak, ngurek ?”.

“Har? Ari manéh kapan tadi ngarit jeung manéh. Geus lila nya ilaing balik”.

“Karek jol Bi, kebat ka dieu, da panyana téh Obing geus balik ti heu­la.” Deg, cenah karasana kana dada Bi Isom. Palangsiang Si Obing leungit! Pok wé nanya ka Arkan, “Ke, ari tadi ngaritna ti lebah mana deuih? Mana lalila teuing?”.

“Rada jauh tadi mah, Ibi. Hésé néangan jukut nu alus téh. Malum keur usum kieu. Halodo mah di mamana gé hésé jukut nu hadé,” walon Si Arkan.

“Na ti mana ngaritna?” cek Bi Isom.

“Ti gunung Sayur?”

Ngan gebeg we Bi Isom ngagebeg “Gunung Sayur,” gerentesna.

“Gusti, mani jauh-jauh teuing, Arkan! Sia mah can nyaho nya gunung éta? Kolot gé langka nincak gunung Sayur. Sanget kénéh deuleu! Ari ieu maranéh, budak satepak kénéh bet wawanian. Lah kami mah palangsiang Si Obing leungit, aya nu nyumputkeun ku urang dinya! Gusti, mangkaning anak ngan hiji-hijina. Da éta manéh nu mamawa ka dinya téh!”

“Si Obing nu ngajak mah Ibi. Resep meureun cenah di gunung Sayur mah. Loba jukutna jeung ngaremploh. Pikabetaheun deuih, uing mah sakadar nuturkeun manéhna.”

“Lah komo geus nyebut betah-betah kitu, palangsiang.” Ngan géwéwék we Bi Isom ngajéréwét. Hing wéh ceurik. Teu lila rob tatanggana ngadareukeutan. Reuwaseun.

“Ku naon Bi Isom téh, Arkan?” ceuk Bi Teja ka Si Arkan.

“Mimitina mah nanyakeun Si Obing, da tadi téh bareng ngarit ka gu nung Sayur. Ari panyangka Uing, manéhna geus balik ti heula.”

“Ari ieu can nyampak di imah nya?” ceuk Bi Teja.

“Puguh nu matak ceurik gé.”

”Di ditu kénéh meureun. Tungguan wé, mun wanci Asar can mulang waé, urang susul ku saréréa. Nya Mang Tarju, enya henteu?” Bi Teja ngalieuk ka lebah Mang Tarju.

“Heueuh cék uing mah kitu wé. Wanci Asar Si Obing can mulang, wajib ku urang lembur susul. Boa teuing ayeuna di jalan kénéh, atawa sumpang-simpang heula ka lembur séjén,” ceuk Mang Tarju.

“Mamawa tolombong wadah jukut nya?” ceuk Bi Imik bari seuri. “Kawas nu dagang ancleung nyah?”

Ger nu aya di dinya sareuri, kagugu ku polah Bi Imik.

“Indungna keur sedih euy, teu hadé tingcakakak!” Aya saurang nu ngelingan.

“Aéh heueuh nya,” ceuk Udin nu milu ngariung Bi Isom. Jep wéh jarempé.

“Jadi kitu wé nya Mang Tarju?” ceuk Udin deui.

“Naon téa?”

“Paitkeun rencana urang engké. Mun Si Obing wanci Asar can mulang kénéh, urang wajib nyusul, bébéja waé heula ka RT.

"Panuju!” saur manuk.

Waktu Asar nu didago-dago ku in­dungna jeung ku pangeusi urang lembur Cikahuripan, can jebul kénéh waé. Timbul kacurigaan ti urang Cikahuripan. Komo indungna mah geus nyangka nu lain-lain. Boa Si Obing téh moal mulang, disumputkeun ku urang ditu. Bi Isom kapaéhanana gé aya sababaraha kalina.

Nu rék néangan kabéh lalaki nu geus aya umuran. Teu tinggal ti mawa bedog jeung obor. Mawa bedog keur ngajaga. Obor mah bisi kapeutingan balik, atawa jol ka nu dijugjug geus poék mantén. Nu indit téh aya duapuluh urangna. Ari ti lembur Cikahuripan ka gunung Sayur teu jauh, ukur dua kilometer, tapi da lain nyorang jalan datar wungkul. Pungkal-péngkol, nanjak mudun loba nyorang rerembet. Diantara rombongan nu leutik keneh téh Si Arkan. Perelu keur tuduh jalan.

Nepi ka nu dituju kira pukul lima. Kaayaan geus paroék, cahaya panon poé kahalangan ku tatangkalan galede. Kapaksa beurang kéneh gé obor diseungeut.

Teu sirikna unggal nu legok disaksrak, diténjoan, tapi Si Obing teu panggih. Nya geus kitu mah mo henteu ngarendong di gunung, peuting éta kénéh marulang deui ka lembur. Nu milu diitung deui, jejeg euweuh nu leungit. Ngadéngé nu baralik ka lembur bari teu mawa nu ditéangan, keur Bi Isom mah kalah waé nambahan kasedih.

’’Tong leutik hate Ibi,” ceuk Mang Tarju, ”boa Si Obing téh teu nanaon jagjag kénéh. Aya keneh di ditu, ngan tadi mah teu kapanggih sotéh diburu-buru hayang balik, bisi amprok jeung urang leuweung. Barabé. Keun isuk da rék ditéangan deui. Inditna rék rebun-rebun pisan. Si Obing moal teu kapahung, poho deui jalan balik. Kapan di gunung Sayur teh ngaritna misah jeung Si Arkan di leukeunan, Si Obing mah rada ka beh tonggoh, deukeut anu loba dapur awina.”

“Teu diteangan ka lebah dinya Bi Isom maksakeun nanya, sorana gé peura balas ceurik waé.

“Ih puguh wé ditéanganana mah. Tapi teu kapanggih tolombong-tolombongna acan,” ceuk Mang Tarju. ”Keun sugan isuk kapanggih. Ayeu mah ulah loba nu dipikiran.”

Tengah peuting sora nu ngagero, Bi Isom. Sora anakna. Gentak Bi Iso hudang.

“Maneh, Obing balik?” ceuk Isom jung cengkat ngadeukeutan panto dapur.

Di luar taya nu némbalan. Ngan angin nu ngagelebug nebak tatangkalan.,

“Ema, uing mah tong diteangan. Geus betah di ditu. Obing moal balik deui. Ditéangan ge natambuh laku ... ceuk sora tan katingalan.

"Naha Obing embung balik?” Isom mana kawas nu ngomong sorangan.

”Da geus betah di ditu, Ema.”

”Luas temen ninggalkeun Ema cunggelik sorangan.”

’’Kapaksa Ema.”

Nu tas néangan anakna Bi Isom di gunung Sayur geus balik. Tapi Obin mah euweuh diantara manéhna. Nu balik katénjo bangun nu lalungsé pisan. Nu hantem ditéangan téh teu kapangih. Pagawéan asa tambuh.

Geus nyaho kitu mah, budakna Bi Isom téh disebut hilang wéh. Poé éta dianggap poé sadugna manehna maot.

Bi Isom teu bisa kukumaha, sok sanajan sedihna nataku, ti dituna man tuda budak ngan hiji-hijna, beunang hayang, kari-kari ayeuna ninggalkeun, sanggeus tujuh taun salakina ninggalkeun ti heula, mulang ka alam kalanggengan.

Sabulan ti harita, dina hiji peuting Bi Isom ngimpi. Anakna datang, papakean singsarwa alus, kulitna bodas beresih teu cara biasana, hideung balas kapanasan waé, ngala suluh jeung ngarit.

“Hirup kénéh Ujang téh ?” ceuk Bi Isom bari ngusapan sirah anakna.

“Jagjag kénéh, Ema. Kasep deuih ayeuna mah uing téh. Geura isuk teang ...”

Rebun-rebun kénéh Bi Isom geus hudang. Kebat ngajugjug imahna RT. Paralak ditepikeun eusi impianana tadi peuting. Ketua RT teu kaleked tuluy nyokot kohkol awi, ditakol dititirkeun. Teu lila geus ngarumpul kolot di hareupeun imahna RT.

Pok Kokolot RT ngabéjakeun pamaksudanana. Pangna ngumpulkeun rebun-rebun téh. Wayahna sakali deui urang néangan jasadna budakna Bi Isom, pédah peuting kaimpikeun ku idungna, ceuk Kokolot RT ka nu aya di hareupeunana.

Teu ngéngkékeun deui, diengké-engké mah kaburu beurang mantén ongkoh, riungan bubar. Sawelas urang nu indit ka gunung téh.

Anjog ka gunung geus rada beurang. Mang Tarju nu keur tonggoy gasruk, handapeun dapuran awi manehna nénjo nu keur sujud nyangigirkeun tolombong wadah jukut. Mang Tarju ngagebeg. Boa éta Si Obing téh. Tapi, awakna geus tinggal rorongkong! Geus nyaho kitu mah kebat manehna nyampeurkeun baturna. Hariweusweus nyebutkeun geus manggihan budak nu leungit tea.

Atuh rob baturna nu sapuluh urang deui, dibarengan ku Mang Tarju muru papanggihanana. Enya we, Rorongkong nu kasampak téh. Anéhna, teu kaambeu bau bangké. Jeung deui rorongkong téh bisaan. Keur sujud, leungeunna nu katuhu nyekel tolombong. Kersa ning Alloh Nu Maha Kawasa!

Ti dinya mah duaan dititah mudun, ngabéjaan pulisi désa. Ngabéjaan kayaan nu sabenerna.

Ti harita budak nu ngarit tara wani-wani deui ulin ka gunung Sayur. Nasibna sieun jiga Si Obing. Tong boro barudak, dalah kolot gé langka. Gunung ayur téh sanget kénéh, loba pangeusi anu teu katenjo ku panon biasa. Walohualam.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

silmiyanti

Gunung Sayur teh palih mana?

neng siti sholihah

pami maca mangle teh sokteu emut waktos,bakating ku rame.. hehe..

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: