• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dongéng-Dongéng Pieunteungeun (III)

Kénging R.H. Muhamad Musa
Kintun kana Facebook

10. Dua Bangkong

Keur usum katiga banget, situ ogé saraat. Bangkong-bangkong nu aya dina éta situ néangan tempat séjén. Kacaturkeun aya dua bangkong manggihan sumur anu caina loba kénéh. Éta dua bangkong nyarita ka batur-baturna, “Héh batur-batur, ulah jauh-jauh teuing arindit téh. Apan ieu aya sumur. Hayu nyaremplung baé ka dieu.

Ari ceuk baturna, “Gampang nyemplung mah, tapi kudu dipikir heula. Ieu sumur loba caian sotéh ayeuna. Engké mah mun saat, urang bakal hésé kaluar ti dinya.”

Tapi éta dua bangkong téh teu ngagugu omongan baturna. Keur caina pinuh kénéh, maranéhna teu laluncat deui kaluar ti sumur. Cicing baé di jero, rasa manéh ngeunah da tiis. Henteu lila, tina bangetna katiga, sumur téh saat. Atuh éta dua bangkong nu rék bijil ti dinya téh henteu bisaeun kaluar ku sabab jero. Tungtungna éta dua bangkong paéh di jero sumur nu saat ku sabab garering.

Hartina ieu dongéng: sagala kahayang nu rék disorang, pikiran heula akibatna. Ulah inget kana ngeunaahna ayeuna baé, bisi cara bangkong téa, sial lantaran kangeunahan nu sakeudeung.

11.  Careuh jeung Titiran

Aya careuh beunang ku pitapak. Kacida sangsarana. Nu kapikir ku manéhna ngan inget baé yén bakal panggih jeung pati.

Kacaturkeun aya manuk titiran anu nyahoeun yén careuh beunang ku tataheunan manusa. Ngan éta titiran téh goréng haté. Manéhna gancang hiber nyamperukeun indungna bari bébéja, pokna, “Ema, sukur bagja kamayangan teuing, musuh urang bakal paéh. Geura urang tempo. Urang singsieunan, lelewang, sangkan reuwaseun jeung sieuneun.”

Ceuk indung titiran, “Embung teuing. Manéh gé ulah balik deui ka ditu. Teu boga kaéra maké ngomong kitu. Mupuas ka nu meunang cilaka siga kitu teu hadé, sanajan ka musuh bubuyutan. Wani ku wanina ngalawan musuh, dina waktu musuh keur manggih cilaka. Pagawéan nu jejerih jeung goréng éta téh.”

Hartina ieu dongéng: Ulah mupuas ka nu keur meunang cilaka, sanajan éta téh musuh urang. Sok komo ka sobat, wajib ditulungan.

12. Merak jeung Bango Sair

Dina hiji poé aya merak paséa jeung bango sair, paalus-alus rupa. Ceuk merak, “Kalakuan manéh téh matak geuleuh deuleu. Geura bulu manéh salambar bandingkeun jeung bulu déwék. Gedéna, rupana, jeung hérangna, nya geus tangtu alus nu déwék. Bulu manéh moal bisa ngéléhkeun.”

Ari ceuk bango sair, “Bener omongan manéh téh. Ngan baé éta jangjang nu alus rupana téh ceuk déwék mah kurang gawéna. Manéh moal bisa nyusul kana kaunggulan déwék najan hadé rupa ogé.”

Merak nanya, “Nya naon kaleuwihan manéh?”

Témbal bango sair, “Kaleuwihan déwék téh bisa hiber. Geura pék susul déwék nepi ka méga.” Sanggeus ngomong kitu, bango tuluy hiber luhur pisan. Mérak tinggaleun sarta éraeun pisan.

Hartina ieu dongéng: Jadi jelema téh ulah sok agul ku kaalusan nu teu pira, bisi jauh katandingan ku batur.

13. Sobat

Aya nu sosobatan, leumpang babarengan. Duanana geus pada jangji rék silih tulungan. Barang keur leumpang paamprok jeung baruang nu galak pisan. Rék ngejat geus deukeut teuing, tangtu bakal kacerek. Tapi salah duanana, mun ngahiji mah meureun bisa ngalawan jeung ngéléhkeun baruang. Ieu mah nu hiji, barang nempo baruang, tuluy baé naék kana tangkal kai gedé nu deukeut ti dinya. Nu hiji deui, nu tinggaleun téa, kaselempek teu bisa mingé. Bru baé ngalabuhkeun manéh, nangkuban kana taneuh sarta megeg ambekan, lantaran nyaho baruang mah tara daékkeun nyatu bangké.

Baruang nyampeurekun ka nu nangkuban téa, tuluy diambeuan sarta dilétakan sungutna, jeung ceulina. Enya baé éta baruang téh tuluy ngaléos ninggalkeun, teu kua-kieu, sabab nyangka jalma nu nangkuban téh geus paéh.

Barang baruang geus asup deui ka leuweung, geus jauh tina balai, nu naék kana tangkal kai gancang turun. Baturna ditanya bari seuri lumah-laméh, “Nya ngaharéwos naon tadi baruang ka manéh?”

Nu dilétakan ku baruang ngajawab, “Tadi téh kami diharéwosan anéh pisan. Malah lamun ti awalna kami nyaho kitu piwurukna, meureun kami téh bakal resep ka éta baruang, moal sieun. Ari piwurukna kieu, manéh téh cénah ulah daék deui babarengan deui jeung sobat nu sok cidra, nu teu daék silih tulungan, ngan mentingkeun salemet sorangan baé.” (hanca)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: