• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Wawales Cakcak

Kénging Budi Heryanto
Kintun kana Facebook

Di hiji imah aya sakadang Cakcak jeung sakadang Beurit. Ari sakadang Cak­cak téh, dina sapopoéna sok ngadaharan reungit nu sok ngaganggu nu boga imah. Ari sakadang Beurit mah gawéna téh ngan ngagandéngan nu boga imah, dina waktu keur saré. Salian ti kitu téh, sakadang Beurit sok puak-paok kana kadaharan nu disimpen dina lomari.

Kacaritakeun dina hiji peuting di pipir imah, saka­dang Cakcak saperti biasa néangan kadaharanana, nya éta reungit, di deukeut lampu listrik lima watt. Ngeee ... ng reungit datang. Teup, eunteup dina lalangit deukeut lam­pu. Keteyep sakadang Cakcak ngadeukeutan mangsana. Barang rék dicapluk, gedebrug di para aya nu ngagedebrug. Pas pisan di luhureun sakadang Cakcak nu keur ngala eusi beuteung. Dina jero haténa sakadang Cakcak ngageremet,

"Kurang ajar saha eta téh nya, moal salah saka­dang Beurit. Da si éta mah kabisana téh ngaganggu batur, keun ku aing rék disampeurkeun."

Sanggeus sakadang Cakcak nepi ka jero para, kasampak téh sakadang Beurit keur ngagulang-gaper dahareun hasil tina jero lomari. Pok sakadang Cakcak ngomong,

"Hey! dulur, ulah gugudubragan di dinya, teu nyaho urang keur néangan eusi beuteung." Gilek sakadang Beurit ngagilek bari terus nenjo, pok manéhna ngo­mong, "Alah, budak satepak montong ngatur kasaluhureun."

"Kurang ajar, manéh geus wani-wani ngahina ka kuring," témbal sakadang Cakcak bari mureleng.

"Yeuh lamun manéh rék néangan kadaharan, tuh di ditu di juru imah nu euweuh lampuan," ceuk sakadang Beurit bari néruskeun hancana.

Bari keuheul, sakadang Cakcak ngaleos. Manehna rek nyoba-nyoba nu diomongkeun ku sakadang Beurit tadi. Sakadang Cakcak cicing, bari ngadagoan sugan waé aya mangsana datang. Teu kanyahoan ti mana datangna ..., jeletot aya nu nyoco kana suku sakadang Cakcak. Beuki lila beuki loba. Barang ditingal, sihoreng téh sireum beureum mani loba. Berebet saka­dang Cakcak lumpat sakalumpat-lampet. Manéhna tugenah ka sakadang Beu­rit, lantaran geus dibobodo.

Dina peuting nu kadua, sakadang Cakcak ningal senteg kurung nu dipasang keun ku nu boga imah pikeun néwak sakadang Beurit nu sok ngaganggu. Sakadang Cakcak boga akal pikeun ngabales katugenahna, ka sakadang Beurit.

Manehna nepungan saka dang Beurit.

Barang papanggih, pok sakadang Cakcak téh ngomong, "Sakadang Beurit, kuring boga kada­haran keur manéh."

"Di mana?" ceuk saka­dang Beurit mani rancingeus, sabab manéhna can manggih dahareun saeutik-eutik acan.

"Tuh di beulah ditu," tembal sakadang Cakcak. Beretek sakadang Beurit lumpat, sanggeus manéh­na datang ka nu dituju tuluy ngégél roti nu napel dina kawat, "jepret!" pan­to senteg nutup. Atuh manéhna reuwaseun pisan, bulak-balik ka ditu ka dieu bati tulung-tulungan.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: