• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ucing Dalit jeung Manusa

Kénging Adung Triana
Kintun kana Facebook

Baheula beh ditueun jaman baheula mah, ucing jeung maung teh dua sadulur. Ucing adina, ari Maung lanceukna. Duanana teu weleh babarengan dina hirupna. Ngan nu ngabedakeunana teh eta wae awakna. Maung mah jangkung gede, ari Ucing mah leutik.

Tapi sok sanajan beda oge,  duanana teu weleh silih pikanyaah jeung babarengan dina nyiar pangabutuh beuteung sapopoena. Mun pareng aya sato tewakeun sok ditingker babarengan, nu tungtungna pasti sok beunang wae katewak.

Dina hiji poe Maung néwak Kelenci nu lintuh. Tapi ku sabab karek turun hujan gede, durukan paranti meuleum daging nu Maung jeung nu Ucing teh parareum. Euweuh areng nu hurung saeutik- eutik acan keur meuleum eta kelenci. Terus Maung nitah ka Ucing neangan seuneu ka kampung nu deukeut ti leuweung.

Maung nitah ka Ucing teh, pedah awak Ucing leutik. Sabab lamun Maung nu indit pasti bakal beunang ditewak ku manusa. Beda jeung Ucing nu leutik gampang nyumput jeung lincah dina usikna.

Bari teu ngajawab deui, Ucing indit bari katingalina semu atoh. Kacipta da­ging kelenci nu dipanggang, Ucing lumpat nepi ka salah sahiji kampung nu deukeut ti leuweung tempat manehna matuh.

Nepi ka salah sahiji imah nu katingalna sepi, Ucing langsung asup ka dapur. Kabeneran eta imah euweuh nu bogana, sabab nu boga imah keur ngagarap sawah. Atuh Ucing tumaninah naker asup ka imah teh. Barang asup ka imah, kaambeu ku Ucing aya nu seungit.

"Wah, bau naon, nya? Kaambeuna asa dahareun nu ngeunah yeuh!" gerentes Ucing. Ucing ningal lauk asin na piring deukeut meja. Bakat ku lapar Ucing langsung ngadahar eta lauk asin. Sanggeus seubeuh Ucing langsung ngagoler di deukeut durukan bakat ku seubeuh nepi ka poho kana kawajiban. Di hareupeun durukan hawana haneut dibandingkeun jeung hawa di luar nu keur usum hujan. Sialna, Ucing kasarean. Jeung leuwih sial deui, pas Pa Tani nu boga imah eta datang. Pa Tani mimitina reuwas ningal aya sato keur sare di deukeut durukan. Leuwih reuwas deui eta Pa Tani, pas ningali lauk asinna piring geus beak.

"Pasti sato ieu nu geus ngadaharna!" ceuk Pa Tani. Terus Pa Tani nyokot kurungan hayam. Ucing ditewak, terus diasupkeun kana kurungan.

Ucing reuwas pas manehna kahudangkeun, geus aya dina kurungan. Ucing leuwih reuwas pas Pa Tani ningalikeun manehna deukeut kurungan. Ucing geus yakin manehanana bakal di paehan, sabab geus nyokot lauk asin dina nu Pa Tani. Tapi sangkaan Ucing, lain jeung benerna. Unggal poe Pa Tani mere sangu dicampur ku lauk asin.

Pa Tani jadi bageur nyaah ka Ucing. Pikeun males jasa Pa Tani, Ucing sok newakan beurit nu di imah Pa Tani. Ucing nu tadina sieun ku Pa Tani teh, lila-lila mah jadi nyobat oge, manehna mindeng diusapan ku budak Pa Tani, jeung tungtungna mah ngarasa betah ngahiji jeung manusa tibatan kudu cicing di leuweung.

Nya ti harita Ucing teh teu balik-balik deui ka leuweung, tapi cicing jeung nyobat jeung Pa Tani di imah. Ceuk pangrasa Ucing, hirup panggenah-genahna dipikanyaah ku manusa mah, moal kakurangan dahareun jeung moal dipaehan. Tapi kulantaranan asalna Ucing mah sato galak, atuh adat gorengna teu bisa leupas kabeh. Mun bongoh ti Pa Tani teh sok cocorokot.

Ari sakadang maung nu nungguan Ucing kacida ambekna, sabab Ucing teh teu datang wae. Bakat ku ambek, kelenci atah teh didahar atah-atah teu diasakan. Nya ti harita Maung jadi resep dahar daging atah teh. Atuh Ucing teh teu wani-wani nembongan hareupeun maung, da pasti lamun nembongan mah Maung nu neuteuli keneh bakal ngerekeb.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: