• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Ngumbara di Tatar Sunda

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Loba manggung dina kagiatan kaagamaan [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Najan teu ngarti, tapi karasa. Kitu lagu-lagu Sunda mah, ceuk urang luar teureuh Sunda. Naha enya?

Tepang asih, tepang asih//Tepang gerah ku kabungah//Nyanding sekar pangwilujeng//Wilujeng ka anu lenggah. Tepang asih, tepang asih//Tepang gerah ku kabungah//Sumangga sing raos lenggah//Sumangga sing raos manah.

Di antara lirik di luhur, judulna Tepang Asih. Harita keur anteng ngalaeu ngahaleuang. Sorana saweur ka luareun tempatna di lingkung Seni ‘Riung Mungpulung, Jl. Riung Mungpulung Raya No. 10 Cisaranten Kidul Gedébagé Kota Bandung. Tukang kacapi, tukang goong, tukang kendang, juru kawih, harita bagun sarumanget pisan. Kituna téh, singhoréng keur tatan-tatan, lantaran, rék diondang manggung dipayuneun para gegedén puseur dayeuh nu hadir kana acara di Pusdai Jawa Barat.

Lingkungan Seni ‘Riung Mungpulung’, upama dina kagiatan kaagamaan mah, mémang geus pada mikawanoh. Kituna téh, lantaran sering diondang dina saban kagiatan, pangpangna di lingkungan kamasjidan nu sok diayakeun ku Dewan Masjid Indonesia (DMI) Wilayah Jawa Barat. Sapertina waé, pernah minton dina instrénan para pangurus pembina TK Islam sa-Jawa Barat di gedong KNPI Jawa Barat ogé dina Muswil DMI Jawa Barat di Hotel . Hartina, lingkung seni ‘riung mungpulung’ memang geus meunang kapercayaan ti masarakat. “Alhamdulillah, lingkung seni riung mungpulung kénging kapercantenan ti masarakat,” ceuk Bapa Ir. H. Suharjanto Muljono nu katelahna Mister Tepang Asih daria naker.

Naon atuh garapan ieu lingkung seni riung mungpulung téh?

Luyu jeung kamekaran seni Sunda, boga garapan nu mandiri, nyaéta mekarkeun seni sunda bari ngajak kana ngahadéan amar ma’ruf nahyi mungkar. Tegesna, keur urang Sunda mah, mekarkeun da’wah téh lain saukur pidato, tapi ogé bisa ngaliwatan seni. Ku kituna aya rupa-rupa widang garapan. Sapertina waé aya kacapian ogé ngawih Sunda “Udaganana mémang hoyong sasieureun sabeunyeureun ngiring umajak kahadéan. Papatah dina lirik kawih Sunda, kantenan tiasa janten teuleumaneun urang sadayana. Motona ogé apan henteu jauh tina cepengan urang Sunda, silih asih ku kawih, salagu ti tatar Sunda,” saurna Mister Tepang Asih nu ogé ngajar di UNINUS Bandung.

Upama ieu lingkung seni jinek garapanana, lantaran mémang sadar, ngamumulé budaya jeung sastra Sunda téh, jadi kawajiban nu nganjrek di tatar Sunda. Ku kituna, lingkung seni riung mungpulung ogé, lian ti ningkatkeun kamotekaran ngawih, ogé bari nyiptakeun sababaraha judul kawih, nu di antarana, Gedebagé Nanjung jeung BPTKI Jawa Barat. Atuh sababaraha kawih séjénna nu sok dipintonkeun, di antarana; Tepang Asih, Kukupu, Wangsit Pahlawan, Sunda Mekar, ogé Duh Indung. 

 

Ti Masjid keur Sunda

Islam jeung Sunda kacida dalitna. Kituna téh, lantaran ajaran Islam mah kacida loyogna jeung pasipatan urang Sunda. Ku kituna, keur ieu lingkung seni gé, kacida miharepna, ngawih ku cara nu islami leuwih mekar. Komo deui, mekarna kawih Sunda nu islami, sacara henteu langsung ogé kantos dimekarkeun ku panataras kawih sohor Mang Koko, nu ogé katelah nyantri. Dina lalampahanana, Mang Koko ampir tiap Subuh sok adan kalawan ngahaleuangna ngagunakeun sorog, pélog atawan madenda. Lantaran sorana halimpu jeung nyerep kana mamaras haté, nepi ka masarakat sabudeureun masjid jadi harayang gancang solat ka masjid.

Saperti lalampahan Mang Koko, Lingkung Seni Riung Mungpulung ogé geusan mupujuhkeun pamiangan kawih Sunda nu dimitembeyanan ti Masjid. “Ti Masjid Al-Adha Riung Bandung, lingkung seni riung mungpulung téh diadegkeunana. Kituna téh mudah-mudahan seueur barokahna, henteu leungiteun paniatan, geusan ngamumulé seni Sunda jeung da’wah Islam,” ceuk Ir. H. Suharjanto Muljono, pupuhu Lingkung Seni Riung Mungpulung tembres.

 

Ngumbara, Nyaah ka Seni Sunda

Lian ti programna ngadumaniskeun seni Islam Sunda, singhoréng ieu lingkung seni téh, nu ngokolakeunana béda jeung lingkung seni séjénna. Upama loba lingkung seni Sunda dikokolakeun ku nu geus ngakar ti baheulana atawa warisan sepuhna, ari lingkung seni riung mungpulung mah béda. Ieu lingkung seni mah dikokolakeunna téh ku nu ngalumbara ti daérah luar Jawa Barat. Sapertina waé aya teureuh Salatiga, Magelang, Sumatera, Lampung jeung sajabana. “Ieu lingkung seni diadegkeun tur dikokolakeun ku multi étnis. Aranjeunna nu leres-leres nyaah ka sarakan Sunda ogé mémang tos lami ngajrek di tatar Sunda,” saur ieu pangarang lirik Gedebagé Nanjung teureuh Salatiga Jawa Tengah téh.

Mekarkeun seni Sunda mémang lain saukur kawajiban teureuh Sunda wungkul, tapi ogé keur warga ti luar Sunda nu memang nganjrek di Tatar Sunda. Kitu ogé keur para pangurus lingkung seni Riung Mungpulung, sanajan kasebutna teureuh luar Sunda, tapi digedékeun mah di tatar Sunda. Cek paribasana mah lir pindah cai pindah tampian. Atuh mekarkeun Sunda ogé ngarasa geus jadi kawajiban. “Kantenan deuih, aranjeunna nu tos puluhan taun di tatar Sunda. Sanes hartosna tiasa, komo parigel pisan mah, tapi éstuning étang-étang diajar mintonkeun seni Sunda baé,” pokna deui.

Lingkung Seni Riung Mungpulung geusan mekarkeun seni Sunda ogé, henteu waé di lingkungan tatar Sunda, tapi ogé mintonkeun ka luar tatar Sunda. Sapertina waé, pernah meunang pangondang ti Magelang. Kalawan henteu ngarasa leutik haté, harita ngacapian jeung ngahaleuang kawih Sunda ti tatar Magelang. Sanajan kasebut ti tatar Jawa, teu ngalarti kana basa Sunda, tapi nu haladir harita ngarasa ngahibur. Lantaran, cenah, lagu Sunda mah, matak raos kakupingna. “Nyaéta, lagu Sunda mah pada mikaresep jeung mémang aya unggulna. Sanajan teu apal kana hartina, tapi angger waé betah kakupingna tur matak nyerep kana haté. Tah, di dinya unggulna,” pokna.

H. Suharjanto nu kiwari mupuhuan Lingkung Seni Riung Mungpulung, mémang micinta pisan kana seni Sunda, lantaran lagu-lagu Sunda mah bisa ngahudang sumanget. Boh sumanget keur hadé ka sasama, ogé sumanget kana gawé nu rancagé.  “Lagu Sunda matak ngahudang sumanget, matak betah haté, ngajurung sangkan hadé ka sasama,” ceuk ieu pagawé Telkom manten téh.

Lingkung Seni Riung Mungpulung, diadegkeun dina ping 6 Agustus 2005 di Komplek Riung Bandung Permai Bandung. Luyu jeung kamekaranana, ieu lingkung seni, lian ti manggung dina kagiatan kaagamaan, ogé sering diondang ku pihak pamaréntahan, masarakat umum ogé média éléktronik séjénna, sapertina waé di TVRI Bandung, RRI Bandung, kantor-kantor kacamatan, Telkom, ogé ka sakola-sakola.

Lingkung Seni Riung Mungpulung terus mekar. Sanajan dikokolakeun ku nu ngalumbara di tatar Sunda, tapi teu leungiteun sumangetna. Kituna téh, lantaran bogoh jeung boga karep, sangkan nu nganjrek di tatar Sunda kudu leuwih nyaah kana seni Sunda. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: