• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Pahili Tas

Kénging Dicky Aryanto
Kintun kana Facebook

Harita téh saminggu tas lebaran kuring sakulawarga ngabring arindit nganjang ka lembur, maksud téh rek silaturahmi ka mitoha.

Malum ngaran-ngaran rék nganjang jauh, babawaan téh teu cukup ku sakoper, angkaribung sagala dibawa.

Kendaraan nu dipake harita Beus Suburband. Panumpang kacida lobana malum tos lebaran loba nu perlu. Rét nénjo ka tukang kana bahasi metet ku babawaan panumpang.

Kira-kira geus tilu jamna kakara anjog ka lembur, teu eureun di Terminal da kabeneran lembur téh ayana saméméh Terminal.

Sanggeus reureuh harita téh, kuring jeung pamajikan kakara guar-guar koper katut tas. Baju nu dina koper dikaluar-luarkeun ngarah teu awut-awutan, diteunteun dina lomari kosong, da kabeneran kolot téh sok nyadiakeun kamar jeung lomarina nu kosong, piparantieun barudak nganjang basana téh.

Geus beres meresan koper tuluy mukaan tas ABC. Barang tas dibuka, kuring ngajenghok pacampur kagét sarta kuring nyalukan pamajikan. Pamajikan barang nempo polah kuring kitu, tuluy nyampeurkeun bari nanyakeun aya naon cenah, samarukna pamajikanana mah aya leuleungiteun baé meureunan, sabab nénjo kuring walahwah-weuleuhweuh.

Barang pamajikan nénjo, olohok deuih manéhna ogé, jeung reuwas cenah sabab lain barang manéhna, tapi barang berharaga nu batur, da ari babawaan mah ukur barang nu teu pararuguh.

Sajeroning kitu téh kuring ngomong ka pamajikan: “Ku lalawora nya ieu jelema téh, barang bawa nu berharga maké tas ABC, jeung neundeunna lelewodeh pisan dina bahasi deuih.

“Muhun nya Pa,” témbal pamajikan.

Atuh ayeuna mah urang buru-buru baé anteurkeun deui ka Terminal, sugan jeung sugan aya kénéh mobilna, kabeneran deuih ngan ukur nepi ka Cibubur narikna téh.”

Pamajikan unggeuk.

Biur baé kuring indit kana motor dianteur ku adi. Teu kungsi lila geus nepi ka terminal. Bereh aya mobil nu diriung-riung. Dina hate geus teg bae, moal salah deui tangtu ieu mobil téh nu ditumpakan ku kuring tadi.

Barang geus deukeut kana mobil, kadengen siga nu keur paloba-loba omong, gancang disampeurkeun.

Kasampak téh enya bae supir keur pada nyarekan. Atuh teu antaparah deui gajleng bae kuring luncat tina motor nyampeurkeun bari nyuay-nyuay jelema bari tetelepek nanya aya naon-aya naonna.

Derekdek bae eta jelema nu tas nyarekan supir téh ngomong malik ka kuring.

“Abdi téh Pa panumpang ti Bandung, cenah; ngabantun tas ABC eusina tas téh perhiasan, sedeng tas nu cikeneh dina bahasi ari dibuka lebetna ukur sobrah sareng barang nu teu patos berharga, nya neken ka kenek sareng supir. Teu ati-ati mikeun barang téh.  Padahal tas abdi mah digantetkeun jeung koper, henteu ditebihkeun. Eta goblog kenekna we ngopenang kanu sejen barang bikeun téh” Ngomongna kitu bari morongos-morongos bae ka kenek.

Barang geus tamat ngomongna eta panumpang Suburband, tuluy kuring ngamimitian nyarita sarta dijentrekeun. Yen ayeuna mah tos bae ulah janten perkara itu ieu, sabab barang mah moal leungit. Ngadenge omongan ku­ring kitu téh eta panumpang téh morongos deui ka kuring.

“Make nyebutkeun moal leungit kumaha, geus puguh bukti barang euweuh!”

Tuluy ku kuring distop deui bari leungeun pepeta sangkan manehna eureun ulah norostos bae ngomong.

“Kieu ayeuna mah nya Pa, perkawis barang aya di abdi, margi eta tas téh pagentosna sareng nu abdi pisan”.

Éta mah barang ngadenge omong­an kuring kitu, nu kaleungitan barang tea mani olohok meunang sakedapan mah. Sanggeus kumpul deui pangacianana mah, pok ngomong ka kuring bari ngageubig-geubig kana awak.

“Leres Pa, leres?” pokna téh.

’’Sumuhun Mangga bae ayeu­na mah ngiring sareng abdi. Tuluy ku kuring dibawa leumpang ngajugjug ka Ki Adi nu keur nungguan motor.

Eta mah barang nenjo tas nu keur dikeukeuweuk ku adi, ngan berebet bae lumpat satengah notog-notogkeun maneh, bawaning ku atoh meureun.

Geus kitu mah manéhna seuseurian, ajrag-ajragan bari nyunyuhun tas nu leungit tea, mani pok deui pok deui nganuhunkeun, malah mere alamat ka kuring kudu nganjang ka imahna.

Kadenge supir ngagerendeng: ”Alhamdulillahirobbilalamiennnnn.” pokna téh mani panjang, bari ngusap beungeut.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Arie Zagat

Emang kedah kitu tah.....

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: