• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Goréng (ku) Omong

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook

Ti baheula gé, karuhun mah geus ngahucuhkeun sangkan daék cacarita. Ulah ukur dikemu, lantaran  cenah, hadé ku omong, goréng ku omong.  Mending bruk-brak, daék ngedalkeun eusi haté sangkan nu  dikemu kanyahoan ku nu diajak nyarita.

Ngan, tangtu deuih, teu sing asal nyarita. “Ulah saomong-omongna, mun lain omongkeuneunana; ulah sadéngé-déngéna, mun lain déngékeuneunana,” ceuk ema paraji.  Papatah  kawas kitu téh diajarkeun ti mimiti jabang bayi gubrag ka alam dunya. Mana kitu gé, meureun, nu dipapatahkeun téh kacida pentingna  pibekeleun si éta budak sanggeus bisa nyarita jeung ngarti omongan.

Mun téa mah kudu kedal ucap,  tetep kudu diungang-ungang, sangkan teu ninggang kana paribasa, abong biwir teu diwengku, abong letah teu tulangan. Da, mun lisan teu merenah, bisa jadi matak tugenah nu ngadéngéna  atawa copelna,  ngarasa panas daun ceuli!

Loba (teuing) nyarita, oge teu kaasup hadé! Tapi, pangaruh ‘tetempoan’ ge teu gampang disingkahan. Catur tanpa bukur,  ukur dipake alat ‘pamulas’ sangkan nu didagangkeun payu. Perkara, ajén bisa waé nyalidung kana kekecapan, wantun galeuh teu wantun ulah geuleuh.

Kamahéran nyarita kiwari mah moal burung kahucuhkeun. Kari prakna, rék ngaliwatan hp, rék internet. Kitu deui saluran nu dipaké kari milih, twiter, facebok, email, jeung sajabana. Di dinya, bisa ngucap jeung ‘ngecap’ sakahayang.  

Di dunya maya, cacarita bisa sahinasna. Duka di mana merenahkeun kekecapan ki dalang nu nyebutkeun sabda kudu diungang-ungang teh? Atuh paribasa  kudu hawara pikir leuir biwir ogé, boa geus kaasup   padika cacarita nu mistina ditudeun di museum.

Pentingan ngungang-ngungang sabda,  kaasup universal. Apan loba pisan inohong sohor ti satungkebing  jagat  boga pamanggih ngeunaan pentingna kekecapan. Apan, saperti ceuk George Elliot, dina Spanish Gipsy,”Kekecapan kuring boga jangjang, tapi teu diantep hiber ka mana waé sakahayang kuring.”

Pangaruh omongan, mémang geus pada mikawanoh. Apan, loba kekecapan nu ogé ngingetan sangkan teu sagawayah cacarita. Saperti ceuk omongan nu dicutat ku Lewis C. Henry gé, “Kekecapan  dina biwir  bisa leuwih lemes batan mantega, tapi bisa perang rongkah dina hatena; kekecapan gé bisa leueur batan minyak tapi ogé bisa ngalantarankeun maranéhna ngalugas pedang.”

Omongan bisa ka bala ka balé. Bisa keur rupa-rupa kapentingan. Pangaruhna deuih, bisa tep tewéwét, bisa ogé reuhreuy. Upama mingkin dieu loba nu teu percaya ka parapamingpin,  ogé lantaran kuciwa  ku omongan-omonganana. Sabda nu diungang-ungang, tétéla ukur panglilipur ti luhur panggung. Ari satutas  anggang tina pudieum, nu kungsi dilisankeun téh duka di mana ngancikna. Paingan, ceuk Konfusius, tokoh Cina kamashur, waktu aya nu nayakeun sual, naon nu pangheulana dipilampah upama Sang Guru kaparengan ngokolakeun nagara, jawabanana téh tandes naker, “Ngalelempeng basa!” Sabab, cenah,  mun basana henteu lempeng, nu diomongkeunanana lain nu dimaksudna; mun nu diomongkeun lain nu dimaksudna, nu kuduna dipigawé gé moal dipilampah! Atuh, Mahatma Gandhi gé mairan! Cenah,  piara pikiran anjeun, lantaran bakal mangaruhan  omongan anjeun; piara omongan anjeun lantaran bakal mangaruhan paripolah anjeun...” ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: