• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Jurig Congkang

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1387951313.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Congkang, ngaran tempat antara Kp. Sasakbeusi Limbangan, jeung Kp. Pasirlaja, Cibatu. Di dinya aya pakuburan umun. Sisi jalan pisan. Pernahna luhureun lamping. Harieum ku tatangkalan. Pangpangna tangkal samoja jeung warudoyong. Pacampur jeung dapuran awi.

Kungsi sumebar dongéng ngeunaan jurig Congkang. Cenah, nyumber kana kajadian nu kaalaman ku Mang Ohim, kusir sado urang Sindanganom, Limbangan. Taun 1940-an, keur can aya kendaraan mobil atawa motor. Patalimarga Cibatu-Limbangan atawa sabalikna, ngandelkeun leumpang. Nu boga duit ngaborong sado. Nu ngakut barang  ngaborong roda padati.

Ngan kudu beurang kénéh. Sabab, liwat lohor mah, tukang sado atawa roda padati, arembungeun. Sieueun ngaliwat ka Congkang nu pajar angar téa.

Ninggang di Mang Ohim. Isuk-isuk meunang borongan muatan ti pasar Limbangan ka Cibatu. Haget ditarik. Kuda metung ku muatan, ngabrét. Tanjakan mayat lebah Congkang asa ngan sakilat disorang. Méméh lohor geus nepi ka nu dijugjug.

Bérés nurunkeun muatan, kalawan ongkos nyugemakeun, Mang Ohim ngenyed elés. Rék mulang ka Limbangan. Ari pék aya tatangga panumpang tadi ngageroan. Ménta dianteur ka Pasirjéngkol. Nawar ongkos lumayan.

“Beurang kénéh ieuh, “gerentes haté Mang Ohim.” Moal enya rejeki datang teu  disadonan”.

Giritik sado mawa muatan ka Pasirjéngkol. Ari hég panumpang meredih, supaya didagoan. Hayang dianteurkeun deui ka imahna tadi. Kajeun nambah ongkos. Mang Ohim teu mungpang. Ceuk pamikirna, asal ulah kaburitan lebah Congkang wé.

Tas jajap panumpang ti Pasirjéngkol ka Cibatu deui, karék bisa langsung mulang. Horéng geus asar ahir. Liwat kaum Cibatu, asa geus repreupan.

Kuda digitik lalaunan ku gagang pecut. Ngaliwat Pasirlaja geus harieum beungeut. Ngong adan magrib. Mang Ohim ngaranjug. Tadi kamalinaan teuing di Cibatu jeung Pasirjéngkol.

Kuburan Congkang geus nyampak hareupeun. Katuhueun, lamping nangtawing. Daun awi jeung daun warudoyong ngangsar ka jajalaneun. Lebah dinya, kuda rada ngarengkog. Sado asa ngulawit ka tukang. Mang Ohim babacaan bari terus mecutan kuda.

Sangkilang mudun, sado bet pered majuna. Kuda mani tibeberegég. Kawas narik momot beurat kabina-bina. Pelengseng bau menyan, campur jeung angseu kembang teu pararuguh. Mang Ohim ngoprot késang. Saku merekis ladang narik ka Cibatu jeung Pasirjéngkol ngadadak asa kempés. Marengan haté péot ku kasieun. Tétéla, jurig Congkang milu  numpak kana sadona.

Meunang  satengah jam tegang. Kuda ngosod. Kusir ngompod. Lebah rungkun haur péngkolan ka lembur Ciseupan, sado ujug-ujug karasa cungkedang. Kuda kalepasan ngabrét. Mun teu dikenyed, sina mengpar ka sisi, moal boa labas ka Cimanuk. Untung Mang Ohim eling kénéh. Sanajan risikona sado nyangkorah dina kamalir. Kudana kabawa tigulitik.

“Nuuuuhuuuunnnnn... eueueung... dibawa tumpak sado... hihhii... hiiii...” kitu nu kadéngé ku Mang Ohim saméméh manéhna katuralengan. Éling-éling geus liwat  isa, kapanggih ku ronda. Laju pada nulungan. Dijajapkeun ka imahna. Kudana ditungtun. Ari sadona mah diantep wé sisi jalan. Rék diurus isukan.

Kajadian nu kaalaman 65 taun ka tukang ku Mang Ohim, masih kénéh sok jadi bukur catur nepi ka kiwari. Sanajan patalimarga Limbangan-Cibatu geus ramé balawiri nepi ka janari tengah peuting, angger wé ari lebah Congkang mah sok aringeteun kana lalakon jurig tumpak sado Mang Ohim.

Kitu deui pikeun Cép Bonbon. Balik ti Bandung, jajap Néng Adél, buah haténa, pabuburit. Ma’lum paduduaan. Najan dina sédan, teu bisa tarik ngagas. Di jalan tol gé ngeyeted baé, da leungeun teu kaur jejem nyekel setir. Ma’lum saruana papada ngopepang.

Nyelang heula dahar di hiji réstoran Limbangan. Ngalimed. Geus bérés babayar, dius deui indit. Harita geus reupreupan. Ngahaja ambéh poék di jalan. Kasempetan keur tepak toél.

Barang méngkol ti Sasakbeusi, asup tanjakan Ciseupan, deukeut ka Congkang, mobil rada gerejed. Henteu ngageleser. Pédah béda jalanna kitu? Tina jalan provinsi dihotmix kana jalan kabupaten aspal “plastik” (pulas saeutik) ?

Barang deukeut ka Congkang, sédan beuki beurat majuna. Keur mah nanjak deuih. Sakitu geus dioper kana gigi hiji, angger semu mugen. Malah hiek kaambeu bau. Lain haseup menyan atawa sirara kawas nu kaambeu ku Mang Ohim 65 taun ka tukang. Ieu mah bau karét tutung. Cep Bonbon ngahuleng. Kanvas erém kitu? Kupling kitu? Néng Adél gé rada élékésékéng. Komo barang rét ka lebah Congkang. Ngabelegbeg hideung. Ma’lum  hieum.

Tungtungna reg mobil eureun. Mesinna paéh sorangan. Cép Bonbon bingung. Da teu apal nanaon. Kana mobil ukur bisa majukeun wungkul.

Untung ti béh lebak aya motor datang. Teuing ojég teuing naon. Gancang ku Cép Bobon dipegat. Rék dipentaan tulung kumaha carana. Reg motor eureun. Nu tumpakna duaan.

“Punten manawi uninga kana mesin, ieu mobil ngadadak mogok,” Cép Bonbon nerangkeun.

Nu diboncéng turun. Terus alak-ilik kana mobil. Distater. Mesin hirup deui.

 “Teu nanaon,” cék nu ngilikan. “Ngan ban tukang gugus. Kadé bitu di jalan.”

“Teu nanaon? Naha atuh gejed?”Cép Bonbon héraneun.

“Nya pasti gejed atuh, da rém tangan dipasang. Pantes kana ban gugus ogé. Untung teu ngabaledug,” cék nu mantuan bari clak deui kana motor. Dius deui maju.

“Jadol !”Cep Bonbon kukukutus. “Hanas curiga ka jurig Congkang. Ari pék rém tangan.” ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

adhit

hahaha....kamalinaan, lengena ngopepang loba nu di cabak...

ARNA TS

HAHAHAHAHAHHAHHHHH.................. BAKAT KU SIEUN KU CARITA, POHO KANA PROSEDUR NYETIR..........! sieun nu matak cilaka

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: