• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Cinekul dina Tunggul

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Geus kajadian deui baé nu cilaka lebah Sasak Cihonjé téh. Peuting tadi cenah Si Pandi jeung Si Jana, baroncéngan kana motor, gedebut labuh. Duanana kapaksa kudu dibawa ka rumah sakit da taratu. Meujeuhna, tibeubeut satakerna. Untung kitu gé teu nepi ka tiwas.
Geus moal boa nu ngalantarankeun cilakana téh bongan borangan. Enya, borangan ngaliwat ka lebah dinya da geus méh dua bulan urang Lembur Cihaur ibur, cenah lebah Sasak Cihonjé téh sok aya jurig nu cinekul dina tunggul. Teuing tunggul tangkal nanahaon nu sidik perenahna deukeut sasak lebah Walungan Cihonjé. Demi éta sasak téh ayana di jalan antara lembur Cihaur jeung Cidadap. Padahal teu jauh ti lembur boh ti Cihaur boh ti Cidadap, malah kaasup jalan hirup sapoé sapeuting. Tapi jelema téh pada-pada sieun ngaliwat ka lebah dinya, pangpangna ti peuting.
Iburna béja sok aya dedemit nu cinekul dina tunggul téh satutasna aya kajadian nu matak ngageunjleungkeun, lain baé keur urang Cihaur jeung Cidadap, malah nerekab ka mana-mana da apan disiarkeun dina tipi jeung koran boh lokal boh nasional.
Enya, dua bulan ka tukang, urang Cihaur génjlong duméh di Walungan Cihonjé, handapeun sasak kapanggih aya layon awéwé. Pakéanana rangsak, awakna raca balas nublesan ku péso.
Mang Toyib nu mimiti manggihan téh. Harita, manéhna teu tahan hayang setor. Turun tuturubun ka lebak. Manéhna kacida reuwasna barang nénjo aya layon awéwé kira umur duapuluh lima taunan.
Éta awéwé téh lain urang dinya, tapi urang lembur jauh. Tayohna dipiceun ku nu mergasana ka Walungan Cihonjé keur miceun salasah. Orokaya lalawora, dipiceun kitu baé da meureun rusuh. Kadieunakeun, sanggeus pulisi nalungtik saha-sahana éta awéwé jeung saterusna ramé diwartakeun dina rupaning média, kapanggih wéh jati diri éta awéwé nyaéta pembantu rumah tangga.
Demi nu boga talajak durjanana anak dununganana. Si pembantu téh diheureuyan ku anak lalaki dununganana nepi ka rahimna aya eusian. Dumuk kitu, si pembantu menta tanjakan, hayang dikawin.
Orokaya si kasép cunihin téh batan daék tanggung jawab mah kalah malik nyégag.
"Moal enya aing kudu kawin jeung pembantu!"
"Heueuh naha atuh ngaheureuyan?"
"Ah...da bonganna!"
Cindekna mah si jalu nu teu daék tanggung jawab téh kéképéhan. Si pembantu keukeuh ménta tanjakan hayang dikawin da meureun lamun colénak teu dikalapaan mah matak wirang di kolong catang.
"Lamun aing teu tanggung jawab?" ceuk si lalaki teu euleum-euleum, éstu taya rasrasan.
"Ah béjakeun wé ka kolot di dinya atawa dilaporkeun ka pulisi," témbal si pembantu teuneung. Tuman, kudu diwarah. Ceuk pikirna.
Nya ti dinya si budak lalaki téh ngayakeun tindakan. Manéhna api-api léah tur jangji rék ngawin. Harita kénéh ngajakan nepungan kolot si pembantu rék nanyaan. Tarumpak mobil. Di satengahing jalan, si pembantu dipergasa nepi ka tiwasna, terus layonna dikunclungkeun ka Cihonjé.
Gujrud wéh urang Cihaur jeung Cidadap téh. Mimitina ukur ngaromongkeun nyeceléh kalakuan lalaki nu teu daék tanggung jawab, malah kalah dipergasa éstu taya prikamanusaan pisan.
"Meujeuhna dihukum gantung gé," ceuk nu nyarita.
"Nya heueuh. Méméh digantung, si ontohodna peuncit kuriling sing nepi kasapat!"
"Karunya ka awéwéna kami mah kudu nyorang nanasiban nepi ka kitu!"
"Salah sorangan bet daék dikoroméoh!"
"Taksiran lain dikoroméoh, pada-pada suka. Buktina pondok jadi orok panjang jadi budak tah!"
Ger sareuri.
Ramé wé pokona mah nu nyarita téh. Na atuh teu kungsi lila wangkongan téh jadi ngagésér kana bab gerengna Sasak Cihonjé. Cenah aya nu ngawénéhankeun sok aya nu cinekul dina tunggul, terus kadéngé ceurik ngawiwiw bangun kanyenyerian.
Tah béja nu ieu mah jadi beuki harus alah batan goong. Témahna kacida mangaruhan balaréa. Enya, siga Si Pandi jeung Si Jana anu labuh tina motor bakating sieun ngaliwat ka Sasak Cihonjé.
Minggu tukang Mang Parta jeung Bi Piah, tas nempo nu gering ti Cidadap kapoékan. Padahal harita téh can peuting-peuting teuing, kitu lah kira saparapat jam deui ka adan isa. Bi Piah labuh tikedewet kana samping nu dipaké laka-léké. Nyaéta kalah lalumpat basa nyorang Sasak Cihonjé téh da cenah sidik aya nu cinekul dina tunggul.
"Sidik aya nu cinekul," ceuk Mang Parta.
Nya teu majar kumaha ari kitu béjana mah balaréa wuwuh beuki yakin. Temahna nya loba nu cilaka ku polah sorangan. Pajah téh moal néangan jurig nu can karuhan, sidik nu sok cinekul dina tunggul téh arwah awéwé pembantu téa.
Kitu omongan balaréa, anging jalma nu imanna wedel, anu teu gampang kapangaruhan ku béja nu ukur ceuk jeung cenah. Siga RW Adun, manéhna mah teu percaya kitu baé kana omongan jelema, masing Mang Parta di hareupeunana kungsi susumpahan cenah teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata sidik aya nu cinekul, siga awéwé, buukna ngarumbay.
"Naha atuh lain ditanya?" ceuk RW Adun.
"Naaa...ari RW, kumaha mun ngerekeb. Boro-boro hayang nanya, sidik sieun mana lumpat gé, Bi Piah nepi ka labuh tikedewet kana samping nu ngaléké," témbal Mang Parta bari buluham-béléhém.
Lian ti RW jeung nu nyaho kana bag-bagan agama, Si Sarwati deuih nu teu kapangaruhan ku béja pikasieuneun kitu téh. Enya, Si Sarwati, awéwé gélo anu saenyana matak pikawatireun. Umurna sapantaran sigana mah jeung awéwé nu tiwas téa. Nasibna ogé sarua dinyenyeri ku lalaki.
Bédana, Si Sarwati mah kanyenyerian duméh harita geus sapuk rék ka balé nyungcung, bébér layar tarik jangkar rék laki rabi. Kolotna geus cakah-cikih sasadiaan rék ngawinkeun, na atuh pisaminggueun deui rék kawin aya awéwé ngangais budak ngontrog. Cenah manéhna téh pamajikan pisalakieun Sarwati anu ngakuna mah bujang kénéh.
Atuh puguh wé Si Sarwati ngajenghok, saterusna kagegeringan, nepi ka gélona. Malah kolotna nepi ka hanteuna pisan, kaleleban ku nasib anak. Sarwati gawéna langlang-lingling, saréna di mana waé, tapi barangdaharna mah sok padaméréan ku dulur barayana jeung nu haat. Mun keur jadi sok jejeritan, laju ceurik ngadingdiut, geus kitu iirihilan. Hadéna tara ganggu, anging lamun padangaheureuyan sok malédog.
Ku kajadian aya layon awéwé téa, Si Sarwati mah teu nyaho-nyaho. Enya teu kapangaruhan. Ngaranna gé nu teu jejeg ingetan. Mun walagri mah sarua baé jeung balaréa.
Ku mindengna kajadian nu carilaka lebah Sasak Cihonjé, RW Adun kageuing atina keur nengtremkeun warga sangkan ulah percaya kana ayana béja nu can pasti. Najan enya Mang Parta geus yakin ningali aya nu cinekul dina tunggul, boa éta mah ukur téténjoan.
Tapi keukeuh jelema téh leuwih pecaya kana omongan Mang Parta batan RW. Atuh saged RW Adun hayang ngabuktikeun sorangan boa naon anu dicaritakeun ku Mang Parta téh bener, najan dina haté leutikna mah cangcaya.
"Aya proyék, rék ngilu?" ceuk RW Adun ka Hansip Odoy jeung Hansip Ukat.
"Jih, puguh wé arék mah," témbal Hansip Odoy, gasik da proyék-proyék kitu mah pasti piduiteun atuh.
"Proyék naon Pa RW? Hayu, asal puguh ieuna wé." Giliran Hansip Ukat nu némbalan. Kituna téh bari ngadukeun jempol jeung curukna.
"Proyék néwak jurig nu sok cinekul dina tunggul Sasak Cihonjé!" RW Adun ngajéntrékeun. Nu duaan ngembang kadu, laju silih pelong.
"Ngilu hayu, moal ogé kudu ngilu. Lamun henteu saragam hansip kudu diudaran!" ceuk RW Adun, neukteuk anggeus. Teu majar kumaha antukna nu duaan nurut da lebar ngécagkeun kalungguhan hansip mah.
Peuting éta hawa kacida tirisna da soréna tas turun hujan. Langit caang mueusan da bulan geus némbongan najan ukur sapotong. Nu tiluan tingkulunu muru Sasak Cihonjé ninggalkeun Lembur Cihaur. Ti jauhna kadéngé anjing babaung, nyengkatkeun bulu punduk Hansip Odoy jeung Ukat.
RW Adun leumpangna ti hareup, demi nu duaan pagégéyé siga jeung kabogoh, ramo-ramona pacantél pageuh, sieun papisah. Bulu pundukna karasa tingsariak, bujur ngompod, késang badag késang lembut kalaluar.
Anjog ka lebah Sasak Cihonjé, nu tiluan mimiti ngeteyep.
"Ssssst...!" RW Adun méré tangara sangkan eureun. Gebeg, remeng-remeng katara dina tunggul tétéla aya nu cinekul, siga awéwé da buukna ngarumbay panjang. Disingray-singray, laju disaliksik.
"Hihihihi.......," cikikik seuri.
Ngadéngé kitu, Hansip Odoy jeung Ukat ngagabrug awak RW Adun bari jajantungna ratug kacida.
"Wé, hayu balik!" haréwos Ukat.
Jurungkunung nu cinekul hudang. Gék deui diuk, cikikik seuri deui matak sawan nu keur ngintip.
RW Adun ngageubigkeun awak nu duaan. Keteyep ngadeukeutan nu cinekul. Teu antaparah, kerewek ditéwak.
"Hihihihi.......ampun Aa, ampuuun......!" Si Sarwati ngagéréwék ampun-ampunan. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: