• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Katiga Entak-Entakan

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Katiga entak-entakan. Jeung teuing ku panjang deuih. Geus liwat tilu bulan. Sawah gé robah jadi amparan tela. Ngewag bareulah matak tiporos suku budak. Walungan ngolétrak. Susukan irigasi garing. Kakalén mah komo. Metet runtah pamiceunan sagawayah.

“Geus meujeuhna salat ménta hujan!” Kepala Desa Cikerung sababaraha kali mikir. Terus ngagorowok ka hansip jaga, “Susulan Amil. Rapat penting kituh!”

Nu disusul teu talangké. Malum nyampak di imah. Geus dua poé ngeduk sumur jeung ngoméan toren bocor keur nampung cai sumur nu geus empot-empotan.

“Kumaha Pa Kadés, aya pikersaeun naon?” pokna barang anjog ka kamar gawé Kepala Desa. Ari pipikiranana ngalayang kana ondangan ti kabupatén. Cara basa dua bulan ka tukang disusulan ngadadak. Horéng diajak buka bareng ku bupati. Lumayan balik téh, ngélék sarung weuteuh, kuéh kaléng, jeung amplop eusi duit saratus rẻbu. Balaktiktrik balakacombrang, beuteung mutiktrik berekat meunang.

“Ieu Mang Amil, hujan acan cur baé. Pan geus Oktober ayeuna téh. Halodo ti Maret asana. Pan baheula mah, datang Maret, ret hujan raat. Datang Séptember, ber hujan turun. Tos cekap salat istisqo kawasna,” Kadés norostos. Pipikiranana kumalayang kana pajeg nu can katagih kabéh. Alesan rayat, kaharti. Bororaah keur mayar pajeg, keur dahareun gé geus porot. Ras deui kana kawajiban ngayakeun béas raskin. Sedengkeun jatah triwulan tukang gé can kabayar ka Dolog. Harita dijual ka bandar. Duitna kaciwit ku itu ku ieu. Can kasetorkeun da can aya gantina. Mun ayeuna rayat ngocéak butuh raskin, kumaha nedunana. Aturan Dolog sagolék pangkék pisan. Nu can punah, teu bisa narima jatah.

“Nya mangga waé. Iraha?” tanya Amil nu asa boga jalan pikeun kapaké deui, lamun tas istisqo langsung aya hujan. Tangtu Kadés moal mopohokeun pikeun ngajenengkeun deui jadi Amil periode kadua. Éh, tapi apan taun ieu ge Kadés béak mangsa baktina. Mun nyalon deui, bisa kapilih kénéh, bisa henteu. Ma’lum réa saingan nu harayang jeneng. Papada baroga kakuatan. Tapi saha baé nu jeneng, hasil istisqo ayeuna bisa dipaké modal rebut tawar pikeun kalungguhan Amil nu stratẻgis jeung matak merekis.

“Urang énjing wé, Mang Amil!” sora Kepala Desa muyarkeun lamunan Amil.

“Énjing?” Amil kerung, ”Kumaha da istisqo mah teu tiasa didadak, Pa Kadẻs. Numutkeun kaol dina kitab, kedah puasa heula tilu dinten. Malah waktu prak salat istisqo gé kedah puasa kénéh….”

“Alah…rudet….” Kepala Désa gégétrét. Haténa bet ngondéal. Keuheul ka halodo. Hayang geura hujan. Hayang geura normal deui tatanén. Ambéh pajeg gancang lunas. Ambéh teu kudu ngamprah béas raskin nu moal disadonan da boga tunggakan setor.

Ras manéhna inget kana surat ti kacamatan kamari. Ngabéjaan rék aya bupati. Gancang ngageroan Sékdés. Nitah mawa surat éta. Song surat. Gancang diilo. Enya wé ngabejaan pagẻto rék aya kunjungan kerja Bupati ka wewengkon kagaringan .

“Jigana klop lamun Bupati datang, di dieu keur istisqo. Atawa boa Bupati bakal ngersakeun  milu. Dihenteu-henteu gẻ santri. Boga gelar akademik S.Ag.,“ Kadés semu nyéréngéh.

“Kumaha pami pagéto, Mang Amil, salat istisqo téh?” Kepala Desa mencrong ka Amil, “Kaleresan aya Pa Bupati ka dieu…”

“Pa Bupati?” Amil malik mencrong. Kasempetan. Saha nu nyaho bupati katajieun, heug baé ngarékoméndasikeun jadi ketua MUI tingkat kacamatan atawa kabupatén. “Kẻ, asana aya kaol salat istisqo teu puasa heula. KẻMamang muka heula kitab atuh. Urang putuskeun sonten….”

“Nyanggakeun. Pokona urang istisqo pas aya bupati ka dieu,” Kadés katémbong bungah. Mun pareng, engké bupati apaleun kaayaan gararing, tapi ihtiar teu eureun-eureun. Dalah ku cara nu luyu jeung paréntah agama. Salat istisqo. Sugan wé taun hareup, alokasi anggaran dana désa, PNPM, katut subsidi-subsidi séjénna, nambahan ceuyah. Lumayan aya bekel keur nyalon deui. Kajeun teu kapilih deui ogé. Tapi sugan wé kabiruyungan kénéh.

Datang ka imah, Amil gancang mukaan sababaraha kitab nu aya patula-patalina jeung salat. Goréhél dina kitab “Zadul Ma’ad” susunan Ibnul Qoyyim al Jauziyah, riwayat istisqo jaman Kangjeng Nabi Saw. Harita Madinah katibanan halodo panjang. Kangjeng Nabi maréntahkeun para sohabat ka mushola dina hiji poé nu ku anjeunna geus ditangtoskeun.

“Teu disebut maréntahkeun puasa heula,” Amil kerung mikiran kalimah ‘dina poé nu geus ditangtukeun’. Boa saméméhna Kangjeng Nabi maréntahkeun heula puasa. Terus dina poé nu ditangtukeun pikeun istisqo sabada puasa tilu poé, maréntah ka mushola. ”Tapi da teu tandes. Henteu qoth’I. Jadi aya kamungkinan teu puasa heula.”

Teu muka kitab-kitab séjénna deui, sabab di dinya mah réréana nyebutkeun rék istisqo kudu puasa heula. Jadi lamun rék istisqo pagéto, meneran aya bupati, kudu geus puasa ti ayeuna kénéh.

“Ahhhh, urang cekel wé kaol Ibnu Qoyyim,” Amil mancegkeun pamanggih.

Pagétona, geus kumpul di tegalan. Teu jauh ti kantor kacamatan. Acan prak salat sabab ngadagoan heula bupati datang. Karék pupujian wé. Maca du’a Nabi Enuh. Dipingpin ku guru madrasah urang Désa Karanghonjé. Sorana rada rébék. Écés pisan tina sonsistem nu terus diomé-omé ku patugas Satpol PP. Miceun gangguan sora kékérésékan jeung ngahiung. Ambéh engké kitu dina waktuna dipaké pidato ku bupati, ngoncrang.

“Istaghfiru Robbakum,” Jang Guru ngaleu, dituturkeun ku ‘huuunng’ sonsistem krodit. “Innahu kana ghoffaro……..kkkkrrkkkkkrkk…kkrrrkkkkk……yursilis sama-a….huuuunggg…….alaikum midroro……”

Kitu jeung kitu wé, nepi ka salat dimimitian. Diimaman ku Amil Désa Cikerung. Bupati jeung aparat kabupatén milu ngamum. Ampir wé dina rokaat kadua, keur maca surat “Hal ataka haditsul ghosiyah”, imam kapohoan saayat. Ma’lum saumur hirup ngimaman salat, karék aya  ma’mum pangkat bupati. Hadéna kasilep ku hiung jeung karasak-kérésék sonsimtem. Mun henteu téh, lapur. Katohyan malaweung.

“Mugi-mugi Alloh ngaijabah du’a urang sadaya dina istisqo ieu. Ngalungsurkeun hujan nu nyandak barokah, nyuburkeun tatanén, nebihkeun kamalaratan sareng kasusah urang sadayana, mahlukNa nu hina dina…” Amil narjamahkeun du’a ménta hujan nu dicontokeun ku Kangjeng Nabi Saw “Allohumma asqina ghoysan mughisan…”

Tilu poé kaliwat karék aya ceudeum-ceudeum. Kepala Désa jeung Amil bungah. Asa diijabah najan kabuktian acan cur ogé.

Sabalikna Gumara, nu kabéjakeun rék nyalon Kadés Cikerung. Gégéjrét keuheul. Saminggu deui rék hajat badag. Ngarayakeun akad nikah anakna nu cikal. Sakalian rék dipaké pinton tagog. Kampanye yén manéhna rék tandang makalangan marebutkeun kapamingpinan désa.

“Mun breg hujan dina waktuna, lapur, lapur…” Gumara jalang-jéléng di tengah imah.

Pamajikanana nu keur kaprak-keprek di dapur nyampeurkeun. Pok ngomong, “Bapana, pihak  katering teu beunang ditawar. Keur dua rébu tatamu, keukeuh opat puluh juta. Tah ieu menuna,” song keretas sakebét. Ku Gumara ukur dirérét.

“Urus wé. Nu penting suksés. Ramé. Gebyar!”

“Hiburan mah teu acan kalebet,” cék pamajikanana deui.

“Enya sok utang-itung sing imeut. Soal dana apan geus disiapkeun dua ratus juta!” Gumara rada nyengor.

Torojol Bahur, usung-ésang kadeuheus.

“Aya info naon, Hur?” Gumara meubeutkeun awak kana sofa. Nyokot udud sabatang. Bahur ngecrékkeun zipo kameumeut. Paméré Gumara dua taun ka tukang. Ngahaja dibabawa. Sina katémbongeun yén manéhna tumarima pisan. Gur hurung, dipaké nyeungeut udud  dununganana.

“Mangkukna salat istisqo di kacamatan,” Bahur laporan. “Aya bupati nanaon…”

“Heueuh urang gé nyaho!” Gumara  nyenghor, “Nu matak carareudeum kieu. Paur keur urang hajat, hujan ngayer. Atawa saméméhna ogé, sarua cilaka, jareblog. Geus bérés hajat onaman kumadinya rék dicicikeun ti langit gé sabodo!”

“Urang akalan ka Abah Lahiam,” Bahur lir ngingetan. Nyebut ngaran dukun tukang nyarang hujan. Dukun lepus nu ahli ngungkulan jeung nedunan sakur nu ménta pitulung ka manéhna.

“Aéh heueuh!” Gumara giak. Nepak sirah, “Nuhun Hur diingetan. Wayahna indit ayeuna ka ditu. Hiras ti poé ieu keur ngakalan ulah hujan nepi ka hajat lekasan.”

“Siap, Bos,“ Bahur nyakakak. Panonna mélétét kana leungeun Gumara nu keur ngodok saku. Nyokot duit tilu lambar saratus rébuan. Song ka Bahur.

“Béré sakitu heula. Mun hasil, dijejegan sajuta kituh. Yeuh, bisi motor eweuh béngsinan,” Gumara ngasongkeun deui lima puluh rébu. “Mahikeun nepi ka minggu hareup.”

Bahur gancang indit. Duit nu tilu ratus, dua ratus dibebeskeun kana lokétna nu geus sababaraha poé lépét pisan. Nu saratus diajangkeun keur Abah Lahiam. Duit lima puluh gé nuturkeun kana lokét. Keur béngsin mah nganjuk heula ka kios dua tak Odang. Bayareun engké ari meunang deui pérélék ti dunungan. Duit sulupat-selepét ieu mah rék dipaké masang nomer peuting isuk. Sugan wé keuna. Sakalian rék ménta pangnoongkeun ka AbahLahiam, sabaraha nomer nu rék kaluar engké.

Teu hésé muntangan. Geus nampa duit saratus rébu ti Bahur, poé éta kénéh Abah Lahiam tatahar nyarang hujan. Ayakan butut sahiji digantungkeun dina palipid juru imah. Hiji deui, dikebulan menyan pasangkeuneun di juru imah Gumara engké dina waktuna ngamimitian hajat.

Nu ngarep-ngarep hujan turun, beuki marudah. Kadés murang-maring. Lain pédah hujan teu turun atawa istisqo gagal. Nu jadi masalah, kalungguhanana beuki ngarasa kaancam. Tunggakan béas raskin can kabayar. Alokasi dana désa moal ningkat da pajeg mandeg. Atuh wibawana bakal kagusur balukar kaayaan juwet kieu. Kagaringan. Gagal panén. Panyéléwéngan raskin jeung sajabana, nu bisa dipaké parabot kampanye ku calon-calon séjén, pikeun nyerang dirina. Pangpangna ku Gumara, nu keur meujeuhna lubak-libuk réa duit, jeung ngayakeun hajat badag méstakeun kawinan anakna. Nu rék digunakeun keur kasempetan hadé pikeun mikat perhatian jeung kapercayaan balaréa.

Amil ogé ngan huleng-jentul. Rumasa salah maca kaol Ibnul Qoyyim. Rumasa maksakeun istisqo méngpar tina aturan syara. Tapi mun teu kitu, meureun moal pareng ngimaman bupati nu jadi ma’mum.

“Lain teu diijabah, acan wé. Geuning ceudeum-ceudeumna mah geus aya. Tangtu éta hasil istisqo,” Amil ngupahan sorangan. Pangupah-ngapéh éta nu ditepikeun ka Kepala Désa. Itung-itung meper kageumpeurna. Ditambahan ku paparah, “Urang mah sakadar ihtiar, nu nangtukeun anging Gusti Murbéng Alam. Istisqo atos, soal curna hujan urang sanggakeun ka Nu Maha Kawasa.”

Tapi di piluaran sahéng. Sili tanya, mana nu ijabah, du’a salat istisqo nu dihadiran ku bupati, atawa jangjawokan nyarang hujan Abah Lahiam nu ngalantarankeun pésta di imah Gumara, ramé kabina-bina? Dangdut, jaipongan, jeung sajabana. Mulus banglus teu kaganggu ku hujan. Nambahan angar katiga entak-entakan.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: