• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Langit Téh Teuing Ku Lénglang

Kénging Aam Amilia
Kintun kana Facebook

AYA nu nyandet kana angen, basa nénjo Alia, pamajikan kuring ti jauhna kawas keur sasapu. Arfan, Si Cikal nu can rék adian waé, teu katénjo mapagkeun deuih. Sasarina mani jojorowokan nyebut Papap datang téh. Sabot ngonci mobil di garasi, kadéngé manéhna muka panto hareup. Enyaan, aya serebét nyangsang dina taktakna jeung sapu dina leungeun kéncana. Hanas ngahaja balik beurang kénéh, rék nganggeuskeun pagawéan di imah. Hartina pembantu téh geus mulang deui waé, mun kostum pamajikan kawas kitu mah. Hartina soré ieu kudu nyébor pepelakan, hartina isukan kudu mantuan nalingakeun budak, hartina moal bisa nganggeuskeun pagawéan di imah téh.

“Geuning siang kénéh?” pokna, bari terus ngaléos.

Kahayang mah langsung nanya, na tos mulih deui réncang nu énggal téh? Tapi pamohalan. Dina kaayaan pamajikan ngaheungheum kakeuheul, teu sanggup kudu loba tatanya. Bakal aya sora kawas kacang ninggang kajang, lamun kapana saran téh dibudalkeun dina kaayaan kitu. Leuwih hadé cucul- cucul disalin. Sup ka kamar, biasa rapih. Kop kana calana pondok jeung kaos paranti di imah, anu geus disadiakeun ku manéhna dina luhureun méja leutik. Karérét eunteung  antik, anu di juruna aya aksara leutik, ‘keep silent’ . Kecap nitah jempé téh tina stiker bawa pamajikan ti rumah sakit basa ngalayad alona, iseng wé ditapelkeun. Sakapeung ari pamajikan papanjangan nyarita, sok ditunjuk éta stiker téh.  

Sajongjongan diuk dina biwir ranjang. Maké pirajeunan hayang ngitung sagala, pembantu nu panungtung téh nu kasabaraha? Aya nu masih inget, pedah kasusna rada nenggang. Konah, pembantu pangirim mitoha. Ngan saminggu cicingna di imah téh.

“Ku naon dipiwarang uih?” Kitu harita nanya téh.

“Atuda bodo. Mani cangkeul miwarangna. Mun dipiwarang téh teu cekap ku sakali. Enjingna téh tos kitu deui waé,” témbalna.

Kahayang mah harita téh némbalan, nyasat, atuh, geulis. Mun pinter mah moal teuing hoyongeun janten pembantu. Tapi pamohalan. Da tangtu bakal papanja ngan ngajak ngadu argumentasi. Kapok!  Sakali mangsa kungsi dilisankeun, yén ulah nyaruakeun pikiran urang jeung batur, sok komo ka pembantu. Atuh borolo waé lisan jawaban, méh taya koma jeung peun. Eta da dipirucaan muka kasempetan jadi pembantu di luar negri, jadi wéh hese milari pembantu nu sae teh. Akibat nu leuwih ngarugikeun, ditonggongan di enggon, samutut sapopoé. Nu matak mun Alia nyawad pembantu kukumaha ogé, tara koméntar.  

“Ka, rék emam ayeuna?” pokna rada ngagorowok ti dapur. Can gé ditémbalan geus gorowok deui nanya.

“Badé sareng udang, badé sareng lauk emas?”

Tah éta nu matak nineung téh. Usum dahar asa di réstoran, dikaulaan kahayang. Usum di enggon, asa pangantenan waé. Mesra jeung ogo. Usum nyaba, matak reueus ngagéndéngna. Sanajan sakumaha keuheulna, mun geus tepung jeung panonna nu cureuleuk, biwirna nu amucuy semu kayas, pipina nu konéng beresih. Ah, teu daya teu upaya. Kabéh kakeuheul kabawa palid, nu nyangkaruk ukur kadeudeuh.

“Mun badé udang sareng tumis buncis, mun lauk emas tumisna kangkung.”

“Udang wé, tapi tumisna kangkung, “ cék kuring.

Teu kadéngé némbalan, ngan teu lila aya nu ngadupak kana irung. Seungit udang nu matak ngahudang lapar. Tangtu ngagoréngna maké mantéga.  Sup ka ruang tamu, kop kana koran. Panon molotot kana aksara, tapi pikiran ngacacang, teu jauh, ka nu keur masak di dapur.

Kungsi aya pembantu nu rada lila, dua bulan. Ciwéh ngaranna téh. Eta mah henteu dicawad. Ngan hanjakal boga kasakit mengi. Mun geus jadi téh, kalah matak watir waé. Dijurungkeun balik wé, malah dianteur tepi ka lemburna. Kahayang mah nyarék. Mending urang coba ubaran heula, ajak ka dokter. Lantaran kuring lebar, Ciwéh memenuhi sarat pisan. Gawéna singer, cingceung sagala bisa. Nyeuseuh, ngalicin, ngepél, bébérés, masak, cum laude wéh.  Jeung pangpang na mah kulitna hideung, jeung rapang tapak cacar dina pipina. Perfect.

Da nu koneng pipina pipina mah, umur digawéna ukur saminggu. Sanajan pagawéanana kapaké ogé, Inah teu lana aya di imah. Kasalahanana nu fatal, sok maké calana pondok ari keur di dapur. Unggal soré sok mandi, terus dangdan. Gék hareupeun tv, lalajo bareng, di tengah imah. Basa panceg poé katujuh, Inah teu papanggih deui. Teu wani nanya, da kaburu kateuteup panon Alia nu cureuleuk, biwirna nu amucuy, jeung pipina nu enay konéng. Lebar, inggis ngabaeudan, sok asa poék bumi alam, ari dipangsamututkeun ku pamajikan téh.

 Kanyahoan sotéh alesan Inah balik, basa Alia tisolédat di cai. Cék kuring harita, naha atuh Inah bet sina uih, apan capé sagala dipidamel nyalira, bari nyangkéh manéhna kana korsi, di dapur.

“Atuda,” pokna aga- eugeu, bari mencétan sukuna.

“Atuda naon?” cék kuring bari diuk gigireunana.

“Gumujeng moal?” pokna bari gék diuk dina lahunan. Leungeun kéncana meulit kana beuheung. Irung kuring dipencét. Sababaraha kali deui nanya, kuring seuri basa dititah jangji moal nyeungseurikeun, mun ngadéngé jawaban manéhna. Da eungap atuh dipengék irung mah, gancang  dijawab, moal, moal seuri.

“Atuda nyebatkeun Kaka kasép cenah, asa ningali bintang pilem.”

Kuduna mah ambek, nepika ditimburukeun ka pembantu, tapi da teu bisa. Malah   saukur ngélingan sangkan manéhna percaya diri gé, lapur, teu wasa. Kahayang mah nyarita, yén rasa mah kagungan Gusti. Ulah ngabéda- bédakeun manusa. Hak manusa pikeun mikanyaah, da di payuneun Allah SWT mah urang téh sami, satata. Tapi pamohalan bisa nyarita kitu. Bet hayang nyarita kieu gé teu betus.  Maenya boga pamajikan sakieu geulisna, nepi ka kudu heroy ka awéwé séjén.  Angger kemba. Sieun disebut gombal.

“Ka bade sareng sambel?” sorana angger ti dapur.

“Iya dong, so pasti,” témbal kuring.         

“Sambel tarasi, sambel goang?”

“Goang wé.”

Kuring ngaringkang, ti ruang tamu, sanggeus nilepan koran. Di patengahan papanggih jeung porét keur papangantén nu ngajeblag dina témbok. Beungeut pinuh kabungah, laksana ngaréndéng jeung mojang nu dipicileuk ti mangsa kuliah kénéh.  Alia, béntang Fakultas Sastra Inggris, nu jadi pujaan mahasiswa Fakultas Teknik. Ari kuliah sakampus, beda jurusan. Samemenna bisa ngintip.

Hese babandinganana kabungah, basa nyaho Alia narima cinta. Kuring teu nogéncang. Laksana ka balé nyungcung, mayang henteu kalangkangan, sababaraha taun ti harita. Bungahna papangantén weuteuhna mah ngan sabulan. Alia mimiti marudah, hayang misah. Ari Bapa sareng Ibu ngémutna praktis tur ekonomis. Imah lega, anak ngan sasiki, nanaonan maké kudu misah, kalebar- lebar duit dipake ngontrak. Eta alesan geus diasongkeun, Alia milih pindah ka imah indungna. Kuring nu horéam tangtuna gé. Tanah sacangkewok kagungan Ibu warisan ti Embu, nu méré solusi téh. Urunan, nyieun imah camperenik nu ayeuna dicicingan.

“Ka, da teu aya lalab anyar, nu kamari wé nya, tina kulkas, urang leob heula,” cék pamajikan. Teu lila ngurunyung ka tengah imah. Gék diuk dina lahunan, saperti biasa mun datang ogona.

“Bagian Kaka kukumbah, nya,” pokna. Tuh da enya, ada maunya. Léos manéhna asup ka kamar. Teu lila kadéngé rada ngagorowok.

“Alia badé lohor heula, bisi kabujeng séép,” pokna.

Kutan geus salat deui? Geus beberesih meureunan. Boro tadina mah rék nékad, sakali ieu mah diomonganan. Kari kumaha engké. Tapi ari geus beberesih mah, lebar mun dipaséaan téh. Lain kuring owel ku kudu nyeuseuh kukumbah, ngan karunya ka Ibu. Kungsi nepi ka ampir kajadian  perang Baratayuda leuleutikan. Harita teuing pembantu nu kasabaraha. Parmi, kasebutna istimewa, lantaran kénging nyandak Ibu ti lembur Embu, nini kuring. Karunya saur Ibu, da mayunan bulan puasa, kudu saur, mun teu boga pembantu téh. Kasalahan Parmi fatal, taya pangampura ti Alia. Sanajan cek kuring mah angger kabéh gé teu pira.

Parmi kaperego keur ngajaran baju Alia. Harita Alia kakara balik ti kantor, kasampak Parmi di tempat ngalicin. Manéhna keur jongjon wé lunggak- linggek hareupeun kaca satangtung, mamaké baju Alia. Marabat antayan kasalahan Parmi, culangung, campelak, teu sopan. Teu nolih yén harita téh bulan puasa. Waktuna kudu loba ngahampura, waktuna kudu nahan amarah, pikeun nguyang ganjaran ti Anjeunna, Nu Maha Welas tur Maha Asih. Ibu nangis. Karunya ka Parmi. Cenah manéhna téh anak jelema sangsara, atoheun pisan dibawa ka kota, milu lebaran di dieu. Meureunan dina wangwanganana manéhna téh keur jadi mojang kota, maké baju nu aralus. Hayangeun meureunan, peupeuriheun boga pimanaeun, atuh ngajaran- ngajaran. Teu bisa disalahkeun. Naluri awéwé. Tapi alesan naon waé, teu bisa ngareureuhkeun ambekna Alia. Malah tadina mah baju nu diajaran ku Parmi téh rék dipiceun. Tapi basa ditanyakeun ka Parmi, horéng ampir kabéh geus diajaran. Teu tulus dipiceunna, lebareun, da loba teuing.

Ibu bendu, ampir paséa sareng Bapa. Teu rido saurna anak meunang hayang, ditiup-tiup ti lelembut, dititahan nyeuseuh kukumbah ku pamajikanana. Ku Ibu mah diogo, diraja- raja, ari ieu dititah ngepél. Saur Bapa keun baé da ridoeun atuh mantuan pamajikan ieuh. Eta mah biasana, kangaranan rumahtangga.

“Ibu nu teu rido! Rangga mah raja, pupundén Ibu. Ku naon atuh mani cedihan pisan, da manusa mah taya nu sampurna kituh, béjakeun tah ka minantu téh,” saur Ibu ka Bapa. Bapa harita henteu nyarios. Kuring gé kitu. Ngan perang saudara teu kungsi kajadian. Kuring nyuuh dina launan Ibu, ménta pangampura. Sasadu, teu bisa ngawarah Alia. Ibu kalah nangis. Bapa nu jajap. Di lawang panto  ka luar, Bapa ngupahan bari ngusapan tonggong.  

“Wayahna Jang. Ngaranna gé awéwé. Sanajan wanita karir gé angger aya masalah nu cék urang mah cécék bocék, cék maranéhna mah penting.  Ieu téh kakara  leuleutikan. Ujian ka urang, kaum Adam. Nu bisa ngaruntuhkeun iman téh babakuna mah ti anak jeung pamajikan,” saur Bapa.

Teu cukup ku kitu, peutingna kuring nelepon, Bapa nu nampi. Hariwang sieun Ibu kateterasan. Tapi Bapa téh ngawalerna hégar naker. Soantenna ngoncrang.

“Henteu nanon Ibu mah, Jang. Ku Bapa diolo, cokot hikmahna wé, cék Bapa téh. Mun teu awét boga pembantu mah, pan urang jadi mindeng kapihapéan Si Kasep, incu kadeudeuh. Lah dasar awéwé, angger wé cara mikirna téh, sok loba nu teu pikahartieun. Pilakadar nu kitu, mani matak sahéng, ” saur Bapa bari gumujeng ngabarakatak. Rada anéh, naha Bapa mani tenang kitu ngritik Ibu.

“Ari Ibu aya?” cék kuring.

“Keur arisan di tatangga. Maenya bébas atuh Bapa cacarita, “ saurna. Kuring ayeuna mah nu kagiliran seuri ngabarakatak.

“Raos, ka sambelna?”sora Alia asa ngareureuwas. Keur anteng ngalamun tuda, néangan pijalaneun hayang nanyakeun ku naon Si Nyai balik.

“Raos pisan, “ cék kuring. Jempé sabot dahar téh, boh kuring boh manéhna. Teuing naon nu aya dina pikiran Alia. Boa sarua ngeunaan Si Nyai balik. Ngan manéhna mah meureunan keur néangan pijawabeun, bisi ditanya.

Réngsé dahar, kuring asup ka kamar. Nu mérésan piring urut dahar kadéngé trong trang. Di kamar geus nyampak aya cijeruk sagelas luhur méja, deukeut Laptop. Teu lila manéhna ngurunyung. Cacak taya tapak make-up, geulisna angger teu ngurangan. Panonna nu cureuleuk, biwirna, irungna, méh taya cawadeunana. Unggal rék ambek sok terus teu walakaya, nénjo kaéndahan nu aya dina dirina. Saur Bapa mah Alia téh siga Ibu keur anom. Cek babaturan nu  jadi psikolog, pantes cenah da kuring mah anak tunggal sok katerap panyakit Oidipus kompleks. Siga Guruminda ka Sunan Ambu, siga Sangkuriang ka Dayang Sumbi. Duka teuing enya henteuna mah.

“Ka saé henteu? “ cek Alia ujug-ujug aya di kamar. Manéhna ngébréhkeun daster anyar pulas kasumba saules. Nya nyebut saé wé, da teu ngarti lebah mana alus atawa teu alusna, daster mah asa kitu-kitu kénéh. Nyebut saé sotéh, pédah daék ganti wé. Da sasarina mah maké daster lalayu sekar, nu kancing luhurna geus coplok. Pajar téh genah tiis cenah, lamun dititah ganti téh.

“Laaah capé. Ka wayahna kukumbah, nya. Alia nyeri panangan, kuku potong,” cek manehna, bari goledag ngagolér. Lakadalah cék haté, aya jalan yeuh.

“Ku naon atuh Si Nyai téh bet uih? ” cék kuring tatag, bari rot kana cijeruk.     

“Atuda, olo-olo.”

“Olo-olo ku naon?” cek, kuring. Tah geus mimiti nyawad pembantu téh.

“Olo-olo.  Mani alim disebat Nyai. Cenah mani ngambek, abdi mah da di bumi ge tara disebat Nyai, kampungan.” Kuring répéh wé, bari rot deui kana cijeruk.

“Mending manéhna téh mun urang mana. Sakitu sidik ti kampung!” pokna.

Leres Pa, ari istri ku sok teu pikahartieun, cék haté. Naa Alia, Geulis, asa teu level atuh sarjana paséa jeung pembantu. Sabaraha héséna tanya, hayang disebut naon? Leres Pa, nu cek urang cecek bocek, cek manehna mah penting.

“Naha saha kitu jenenganana Si Nyai téh?’ cék kuring. Rot deui nginum cijeruk.

Manéhna némbalan, tapi semu ngagerendeng, teu pati kadéngé ku kuring.

“Saha?” cék kuring.

“Alia!” cenah semu nyentak.

Méh baé kabesékan, basa neleg cijeruk nu panungtung. Sok gelas ditunda. Jung nangtung, bray mukakeun fitrase jandéla, hayang nyumputkeun semu, teu kuat hayang seuri. Di luar, langit téh teuing ku lénglang. ***

 

Cijaura Indah 2013.

Keur nu ulangtaun 18 November.                     

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

august

he he he ...

Asep Saebat

mani ngabarakatak....ha...ha...ha.....!

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: