• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Teu Tulus Nyorang Wiwirang

Kénging Agus B. Irawan
Kintun kana Facebook

“Gus, kira-kirana bisa teu mun Aa rék ménta tulung jeung bantuan ka Agus?” ceuk Si A Dadang lanceuk kuring nu pangais bungsu.

“Nya naon kitu, A?” kuring malik nanya.

“Kieu puguhan, kusabab di dieu Aa keur rariweuh, Aa téh arék ménta bantuan ka Agus, rék ménta tulung pangmeulikeun mukena jeung sajadah, keur nambahan mas kawin!” pokna.

“Haaar... ari barangbeuli nu kitu mah kudu ku awéwé atuh A, da teu arapal abi mah. Kuriak waé salah engke téh!” tembal téh.

“Nya keun baé, ngajakan kabogoh Agus wé atuh, sina mangmilihkeun!” A Dadang nyéréngéh, da geus nyahoeun kuring boga kabogoh urang Tenjolaya. “pokona mah anu sakirana cocog turata kapilih ku Agus, pasti bakal cocog pikeun Aa ogé! Tah ieu duitna, sakalian jeung keur ongkosna.” Si A Dadang satengah maksa, kituna téh bari ngasongkeun duit 100 rébuan tilu lambar ditambahan ku nu 10 rébuan opat lambar.

“Tapi ketang, mun aya kénéh sésana mah sakalian wé pangmeulikeun Kurudung jeung Tasbéhna hiji!” pokna deui.

“Nya ari kitu onaman heg waé atuh. Isukan arék ka Cikajang, ngarah meunang nu alus!” ceuk kuring bari nampanan duit, diasupkeun kana dompet, tuluy diteundeun handapeun tutumpakan pakean di jero lomari. Ari nu keur ongkos mah diteundeun dina saku jeket levis anu rék dipaké isukan, ngarah babari nyokot maksud téh.

A Dadang, lanceuk kuring nu pangais bungsu, samingguan deui arék kawin. Puguh baé kiwari téh keur meumeujeuhna sibuk nyiapkeun sagala rupa kaperluan. Di imah ogé meuni hareurin ku barang-barang jeung bawaeun sésérahan. Da kitu ilaharna di lembur mah, geus tradisi, ari kawin téh kudu baé sésérahan! Untungna meunangkeun pipamajikaneun batur salembur kénéh, ukur béda RW. Jadi teu pati jauh teuing! Ari pikeun mahar atawa mas kawinna salian ti ku perhiasan téh ogé hayang diémbohan ku peralatan solat cenah. Itung-itung ngélingan basana téh, ngarah leket ibadah cenah. Ma’lum atuda Ki Lanceuk téh nu ieu mah rada nyantri jelemana!

Umur Si A Dadang jeung kuring téh pakokolot supa. Nu matak kuring jeung Si A Dadang ampir sapantar. Dina rupa ogé sarimbag deuih. Keur nu teu apaleun mah disangka kuring jeung A Dadang téh kembar!

“Dé, kersa teu upami enjing nganteur Aa ka Cikajang?” ceuk kuring nanya ka Dede, kabogoh kuring tea, basa pasosoré kaparengan panggih di masigit. Ari arana aslina mah Suhartini, ngan nénéhan osok di Dede-dede baé! Jeung da duka kumaha, kuringna ogé asa genah deuih nyebut Dede téh. Ari manéhna ka kuring osok nyebut Aa!

“Nya badé naon kitu, A?” Dede malik nanya bari kerung.

“Éta puguhan, Aa téh dipiwarang mangmeserkeun mukena sareng sajadah ku A Dadang, kanggo mas kawin cenah! Tapina Aa téh teu pati arapal ari meuli nu kararitu mah, bilih lepat, sieun teu cocog! Badé nyuhunkeun dianteur maksad téh, kumaha kersa?”

“Ih, arisin teuing atuh A, kedah mios paduduan mah. Kuriak waé pada nyarioskeun engké téh!” Dede siga nu nolak. Tapi ari nempo paromanna mah kaciri bungah diajakan téh.

“Gampil atuh ari kitu mah! Kieu wé, énjing angkat ti dieu ulah sareng, ngarah teu terang batur! Dede angkat tipayun, antosan waé di tonggoh, di Neglasari. Taah... engke nembe Aa nyusul ti pengker!” kuring nembrakeun siasat, mere j alan bari ngolo sangkan daekeun. Dede ngahuleng sakedapan siga nu keur mikir. Teu lila pok ngajawab.

“Nya wios atuh ari kitu mah, da kaleresan ketang abdo oge aya peryogi, gaduh pesereun!” pokna pikabungaheun.

Satuluyna kuring jeung Dede jangjian. Rencana isukan téh Dede sina indit ti heula kira-kira jam 7-an. Kuring nyusul jam 8-an. Tuluy tepung di Neglasari di tempat pamegatan mobil, tidinya indit babarengan ka Cikajang.

Isukna, kira jam satengah dalapan kuring geus rengse mandi, maksakeun tiris-tiris oge. Keur jongjon dangdan, HP kuring disada. Aya SMS ti Dede: “Abdi tos di Neglasari.” Cenah. Gancang dibalesan: “Antosan, nuju dangdos.” Cekeng téh.

Rék sajungna pisan indit, kadéngé Ema gegeroan ti lebah dapur. Gancang disampeurkeun, bisi aya penting.

“Cing Gus, saméméh indit, pangoméankeun heula kandang hayang, bodol meureun pipindingna! Itu, hayamna nu keur orokan ngadon ngencar. Mangkaning osok cacakar, ngaruksak kana pepelakan!” saur Ema bari meresan wadah nu tas dikumbahan kana pago.

Kuring nu geus saged dangdan, kapaksa ucul-ucul deui, diganti ku papakean paranti baranggawé sapopoé. Koréléng ka pipir, ka kandang hayam, teu poho mawa palu, ragaji jeung jongket. Enya baé kandang hayam téh geus barodol pipindingna. Tayohna baé papan papan pipindingna geus barobo. Ku rinyuh deuih ongkoh! Langsung harita kénéh ogé dioméan. Pipindingna diganti. Untungna téh Bapa kuring mah rajin, mun aya bahbir atawa sesebitan urut ngaragaji téh osok diampihan, dikumpulkeun. Jadi ari sakalieun perelu téh teu harésé néangan.

Nu kangaranan tas uma-ome di kandang hayam, najan saeutik oge teu wudu matak kaluar kesang sarta marerang kana awak, lantaran loba kekebul. Ongkoh deui loba sieur, kapaksa wae mandi deui.

Rek kana jam. Euleuh geuning geus rek jam 9! Karunya teuing Dede, meureun ngadekul nungguan ti tatadi, tada teuing keseleunana.

Gesat-gesut kuring dangdan rurusuhan. HP disada. Aya SMS ti Dede: “Cios angkat moal?” cenah. Kukuring dibales rada ngabohong: “Nuju di jalan!” cekeng téh. Rap make jaket. Geus kitu gap kana dompet nu ngagoler luhureun bupet. Teu dialak-ilik, tuluy bae dibebeskeun kana saku calana tukang. Sanggeus pamitan, gura-giru kuring indit. Ema nitah nyarap heula oge teu ieuh digugu. Keun we cekeng téh arek jajan di jalan. Datang ka Neglasari kasampak Dede keur ngalelengkur nungguan.

“Ari sugan téh moal cios angkat?!” pokna rada baeud.

“Aduh, punten pisan De! Tadi téh pas bade mios pisan, dipiwarang ngomekeun heula kandang hayam ku Ema! Janten we telat!” kuring sasadu bari nyusutan kesang dina beungeut ku saputangan. Lumayan jauh jarak ti lembur kuring ka Neglasari téh, aya kana 2 kilona.

Teu lila jol mini beus jurusan Pameungpeuk-Bandung ngaliwat, “Ka mana, A?” keneh rikat nanyakeun tujuan kuring.

“Ka Cikajang!” tembal téh bari mikeun duit 10rebu dua lambar keur ongkos kuring duaan.

Sanggeus kurang leuwih aya dua jam di jalan, anjog oge ka Cikajang. Sabenerna mah teu jauh teuing Cikajang téh, jarakna kira-kira 35 kilometeran. Ngan kusabab jalanna pungkal-pengkol pisan, katurug-turug nanjak deuih, jadi elat. Jeung pangpangna mah eureun-eureunan, nu panglilana di Cihideung aya kana satengahjamna, ngadon dahar heula.

Turun tina mobil, sanggeus reureuh sakeudeung, kuring jeung Dede muru ka salah sahiji toko pakean anu ngajual busana-busana Muslim jeung alat solat kumplit. Di jero toko kuring jeung Dede milih-milih barang nu rek dibeuli. Nyalse bae, da teu  pati loba nu barangbeuli. Dede oge harita téh milihan kerudung jang pakeeun manehna. Sanggeus aya nu cocog turta kapilih, tuluy bae adu tawar harega jeung nu boga toko. Tungtungna mah jadi we, mukena, sajadah, kerudung katut tasbeh téh kabehanana 278 rebueun!

Kuring ngaluarkeun dompet tina pesak calana tukang, maksud téh arek babayar. Tapi barang bray dibuka... kuring kacida ngajenghokna, kaget lain dikieuna. Ari sabab dina jero dompet téh euweuh duit salambar-lambar acan. Kudak-kodok kana saku jeket, nu aya téh ukur duit sesa ongkos 20 rebu, keur ongkos balikkeun. Kuring jadi bingung, hulang-huleng rampang-reumpeung.  Kakarek eungeuh, sihoreng salah mawa dompet. Da ari duit keur balanja mah diteundeun dina dompet hiji deui, anu diteudeun handapeun tumpukan pakean dina jero lomari. Kuring jadi bingung pipetaeun! Rek balik deui ka lembur asa piraku, da sakitu jauhna. Ari rek dibedokeun moal enya deuih, bisi pajar ngalejokeun.

Ningali kuring siga nu keur bingung, Dede nyampeurkeun bari tumanya: “Kumaha, atos A?” pokna.

Gancang ku kuring dibawa nyalingker ka nu rada sepi. Derekdek we dicaritakeun naon rupa nu karandapan ku kuring najan bari era-era oge.

“Euleuh, kumaha atuh nya? Mangkaning abdi oge ukur ngabantun artos sakedik, ukur 100 rebu ieu téh, moal matak picekapeun!” Dede oge sarua milu bingung sigana téh. Tapi teu lila manehna siga anu boga akal!”

“Kieu we atuh A! Aa antosan heula di dieu, abdi bade ngical heula kangkalung! Manawi cekap kanggo mayar balanjaan!” kalayan teu ngadagoan jawaban ti kuring. Dede tuluy ngaleos ka toko Emas anu teu jauh ti dinya. Teu lila geus balik deui. Creng we balanjaan téh dipangmayarkeun ku Dede. Berekah, ku pitulung ti Dede sareatna mah, kuring kajait tina wiwirang.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: