• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dongéng-Dongéng Pieunteungeun (IV)

Kénging R.H. Muhamad Musa
Kintun kana Facebook

14. Barudak Lalaki jeung Bangkong

Aya barudak lalaki keur arulin, sukan-sukan di sisi situ. Ari karesepna éta barudak malédogan bangkong nu ngarambang di tengah situ. Aya di antarana pamalédog barudak téh keuna kana hulu bangkong nepi ka bangkong téh tareuleum. Barudak mah suka seuri baé barungaheun.

Aya hiji bangkong anu nyarita, “Emh, barudak, kalakuan manéh kitu téh teu dipikir. Manéh kabéh niat ulin sukan-sukan. Ari kami sabatur-batur apan ngalaman cilaka gedé.

Hartina ieu dongéng: taya kalakuan anu goréng, iwal ti jalma nganteur karesep kajeun matak teu ngeunah batur.

 

15. Monyét jeung Buah Saninten

Aya monyét anu nimu buah saninten tina jukut. Éta buah saninten téh aya kénéh kulitna. Tuluy éta buah téh digégélan, maksudna rék diarah eusina. Tapi bet hésé dipurakna, da teuas sarta cangkangna cucukan.

Aya hiji monyét deui nu keur nempokeun kalakuan baturna ti kanggangan. Éta monyét téh nyeungseurikeun baé ka nu keur ngokosan buah saninten.

Ari ceuk monyét anu manggih saninten téh, “Ulah nemen-nemen teuing manéh nyeungseurikeun kami, lantaran kami gé apal lamun ieu buah sikina pulen semu amis, siga buah gayam, sanajan cangkangna rada teuas sarta cucukan.”

 Hartina ieu dongéng: sagala kabisa jeung kanyaho téh mimitina mah matak teu resep, malah matak hésé. Tapi lamun dileukeunan dikeureuyeh, urang jadi bisa sarta hasil.

 

16. Galatik

Aya tukang mikat manuk galatik. Jontrotna teu cicing-cicing, disada baé bari nyisilan paré. Teu saeutik galatik nu aya di sakurilingna ngadéngé sorana sarta pada nyalampeurkeun pamikat. Barang datang kana pikatan, manuk anu loba téh pada nyarita, “Euleuh di dieu mah geuning loba paré, jeung éta deui aya batur anu hayoh nyalukan ngajak dahar. Manis pisan pangajakna. Hayu urang ka daritu.”

Barang asup kana kurung pamikatan, éta manuk galatik téh beunang kabéh, sarta tangtu bakal manggih pati. Ngan aya hiji galatik nu teu beunang téh, da manéhna mah tara daék ngadeukeutan pikatan.

Galatik jontrot nanya, “Nya saha euy anu mapatahan pinter ka manéh, nu matak manéh tara daék deukeut ka dieu?”

Témbalna téh, “Bapa kuring nu mapatahan. Da ceuk anjeunna, ujang, lamun manéh dibibita ku milik anu gedé, nu gampang beunangna, mangka ati-ati, sabab éta téh galagat nu matak henteu hadé.”

Hartina ieu dongéng: urang masing waspada kana pangolo. Ari pangolo tangtu manis, tapi antukna sok jadi matak kaduhung.

 

17. Mencek jeung Tangkal Awi

Aya mencek diudag-udag ku paninggaran, nyumput ngadedempés dina dapuran tangkal awi, buni teu témbong saeutik-eutik acan. Nu morona kaleungitan tapak. Sanggeus ngarasa aman, mencek kakara kaluar. Daun awi anu tadi mindingan manéhna, ku mencek dihakanan, nepi ka kadéngé kokorosakan.

Singhoréng aya kénéh saurang paninggaran anu tacan jauh ti kebon awi. Barang ngadéngé nu kokorosakan téh, sarta apal mun éta téh mencek, manéhna nyalukan babaturanana. Teu kungsi lila mencek téh katéwak.

Barang rék dipeuncit, mencek ngomong kieu, “Nyawa kami téh rék diaku jadi hukuman anu adil. Ari sabab kami geus males goréng ka nu geus méré kahadéan ka kami, nyatana daun awi.”

Hartina ieu dongéng: nu nyieun kahadéan sok dibales ku kagoréngan. Sok dianggap wajar di alam dunya mah. Tapi nu cidra tangtu engké meunang wawales ti Gusti Alloh Nu Maha Adil.

 

18. Dua Lanjam

Aya dua lanjam, sapanday, sarua wajana. Dipakéna sarua di hiji tempat. Tapi nu hiji mah tuluy disimpen di juru, aya sataunna teu dipaké-paké, nepi ka tai hiangan. Lila kalilaan, nu boga éta lanjam ingeteun kana lanjam nu ditendeun. Ganncang baé dicokot.

Lanjam nu tai hiangan téh kagéteun nénjo baturna téa, nu sok dipaké unggal isuk. Katénjo pisan awakna alus sarta hérang. Ceuk lanjam nu tai hiangan, “Héran kami mah nénjo awak manéh. Baheula rupa manéh jeung rupa kami téh sarua. Nya naon nu nyababkeun awak manéh ayeuna jadi hérang? Ari kami nu ngeunah-ngeunah nganggur, bet jadi goréng patut kieu.”

Ceuk nu ditanya, “Nya éta nu matak manéh jadi goréng téh, lantaran nganggur. Ari kami nu matak jadi hérang kieu téh lantaran digawékeun unggal poé, nepi ka bisa ngungkulan manéh.”

Hartina ieu dongéng: jelema nganggur sok nimbulkeun niat goréng. Ari pagawéan tangtu bakal nungtun urang kana kabagjaan jeung kasenangan. (hanca)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: