• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Akal Ki Ajag

Kénging Heni Wijayanti
Kintun kana Facebook

Anak cangehgar kokorelengan bari ceurik ciciakan ngageroan indungna. Tayohna kaburitan sieuneun balik sorangan ka panyumputanana. Bongan kamalinaan teuing nganteur karesep kokoreh neangan cacing kabeukina. Kaduhungeun nepi ka papisah jauh jeung indung katut adi-adina.

Kadengeeun ku Ajag anu kakara kaluar ti panyumputanana rek nyiar hakaneun. Gancang nyalingker nyumput handapeun tangkal kiara. Ngintip-ngintip susuganan panggih jeung indung cangehgar neangan anakna. Tapi salila-lila nungguan indung cangehgar henteu datang bae.

"Hanjakal panggih jeung anakna. Moal seubeuh keur sasarap-sasarap acan. Mending urang akalan. Urang anteurkeun balik sugan nyaho di mana sayang panyumputanana...” gerentes hate Ki Ajag.

Beuki peuting anak cangehgar beuki tarik ceurikna. Tiris, keueung, lapar jeung sieun cuang-cieung sorangan dina tempat hara haraeun.

”Ku naon ceurik. Jalu?” tanya Ki Ajag bari nyampeurkeun.

Puguh bae anak cangehgar teh reuwaseun. Teu nyaho ti tadina nyampak hareupeun. Ki Ajag. Beuki murengked meped kana akar sanggeus teges saha anu nyampeurkeun manehna. Ingeteun keneh caritaan indung bapana, bangsa ajag mah kabeukina ngahakan bangsa manehna.

"Ulah sieun-sieun. Jalu ...! Aki mah geus kolot tara ngahakan cangehgar!” cek Ki Ajag surtieun kasieun anak cangehgar. Pokna deui. "Sieun balik ka imah ...? Yu, urang anteur ari keueung mah!”

“Embung siah! ... tulung ... tulung anak ca­ngehgar teterejelan hayang leupas tina tangkeupan Ki Ajag.

"Ih. ari Si Jalu ... teu beunang dipikanyaah! Tem­po, kapan teu ngakan!” cek Ki Ajag bari ngusapan sirahna.

Mimiti ceurikna eureun nyaho Ki Ajag henteu mergasa manehna. Malah sabalikna. ngahenen dina keukeupan Ki Ajag. Ki Ajag seuri leutik bisa ngolo anak cangehgar.

”Yu. urang balik ...,! lndung maneh bisi arep-arepeun. Tuduhkeun jalan ka imah ... Aki teu nyaho jalan jeung lebah-lebahna.”

Anak cangehgar unggeuk. Turun tina aisan Ki Ajag. Leumpang euweuh kasieun deui sabab dituturkeun tukangeun ku Ki Ajag. Balik ka imah indung-bapana jero rungkun eurih.

"Ma, Ma ... Ujang balik, buka panto!” cek anak cangehgar bari ngetrokan pantona.

“Jeung saha balik ...?” Indungna nembal ti jero rungkun. Tacan wani mangmukakeun panto kasieunan bisi aya nu ngadodoho sato leuweung musuhna.

"Sareng Aki A ...” cek anak cangehgar teu kebat nyaritana kaburu dibekem Ki Ajag.

“Tong dibuka, Ma! Bahaya ... dianteurkeun ku Ajag!" cek salakina pinuh kareuwas. Buru buru kabur make panto rasiah.

Buru-buru indung Bapa cangehgar katut anak-anakna kalabur make panto rasiah nyalametkeun maneh sieun dihakan ajag.

Ki Ajag beuki napsu sanggeus ngadobrak panto imah cangehgar, nyampak geus euweuh sasaha deui. Kaburu kalabur manten. Meupeus keuyang ka anak cangehgar. dihakan henteu disesakeun bulu-buluna acan. Goreng nasib anak cangehgar teh, bongan mawa karep sorang.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Yus Sudrajat

matak ari ulin olah sokkamlinaan

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: