• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dongéng-Dongéng Pieunteungeun (V)

Kénging R.H. Muhamad Musa
Kintun kana Facebook

19. Buaya, Maung, jeung Jalma nu Ngaliwat

Aya jalma leumpang nyorang jalan anu heureut. Katuhu jalan gunung nu luhur, ari kéncaeunana walungan Logangga nu caina ngagulidag. Keur kitu manéhna nénjo aya maung nu turun ti gunung, nyampeurkeun rék ngamangsa manéhna. Bawaning ku kaselempek, manéhna lahlahan rék ngagejeburkeun manéh ka walungan. Teu ku hanteu di cai aya buaya keur  ngambang. Puguh jadi susah haténa.

Pokna, “Cilaka kaya kieu mah. Diheumpik ku bahaya nu bisa ngalantarankeun aing paéh!”

Bawaning ku geus peunggas harepan, golédag baé manéhna ngagolérkeun awakna dina taneuh. Maung gancang ngarontok manéhna. Tapi, maung téh luncatna kalepasan, sarta gejebur ka walungan. Di handap buaya geus nampanan. Éta maung dibawa teuleum. Ari jalma téa, salamet teu sakara-kara, sarta tuluykeun lalampahanana.

Hartina ieu dongéng: najan manéh kadatangaan ku bahaya anu gedé, ulah pegat-pegat neneda sangkan salamet. Ari pibahayaueun téa éta téh can tangtu jadi salamet awak urang. Sabalikna, aya nu matak picilakaeun tapi jadi lantaran urang salamet.

 

20. Manuk Heulang jeung Kuya

Aya kuya nu boga kahayang hayang bisa hiber. Manéhna remen ngomong ka manuk heulang, ménta dipapatahan. Unggal-unggal ngomong ku heulang sok dijawab, “Ari manéh sok nyarita teu patut jeung teu pantes jeung kapatutan!”

Bawaning keukeuh nu hayang, jeung keukeuh nu nyarék, tungtungna éta kuya dianteur karepna, lantaran heulang asa rudet ngalayananana.

Éta kuya tuluy diranggeum ku heulang sarta kebat dibawa hiber. Barang geus luhur, diragragkeun. Nyata pisan omongan heulang téh, barang ragrag kana taneuh awak kuya téh remuk.

Hartina ieu dongéng: Ulah sok mikahayang nu moal bisa kabadanan ku urang. Kahayang kitu téh sok bijil tina haté nu takabur, nu ahirna nungtun kana karuksakan.

 

21. Singa jeung Embé

Aya singa nempo embé cicing dina gawir nu luhur. Karepna singa téh rék ngamangsa éta embé. Tapi barang rék ditaékan manéhna teu bisaeun. Pok baé singa téh ngolo.

“Keur naon manéh di dinya? Anggur turun ka dieu, réa jukut jeung rungkun jaradi nu sok biasa didaharan ku manéh.”

Embé nyarita bari seuri, “Omongan manéh téh alus pisan, lantaran éta tempat manéh. Tapi keur déwék mah matak cilaka. Ngomong kitu téh manéh mah ngarah seubeuh beuteung sorangan baé, ngarah déwék aya di tempat manéh. Di ieu gawir mah apan ku manéh moal bisa ditaékan.”

Hartina ieu dongéng: Ulah sok percaya kana pangolo jalma durjana. Lantaran pangolona ngan keur awakna sorangan baé, ka nu séjén mah tara pisan ngagéhan.

 

22. Budak lalaki jeung Kalua Cangkaléng

Aya nu nyieun kalua cangkaléng, diwadahan kana goci nu liangna rada leutik. Anakna nu leutik kacida hayangna ngadahar éta kalua. Éta budak ku bapana sina ngodok goci, tapi kudu saeutik. Budak lalaki téh tuluy ngodok goci, nyokot sakeupeul. Ngan baé leungeunna teu bisa dikaluarkeun, ditarik gé pageuh, da puguh gedé keupeulanana. ungtungna budak téh ceurik.

Ari ceuk bapana, “Éta téh hasil tina kalakuan manéh, lantaran sok hayang réa barangcokot. Coba mun nyokotna saeutik-saeutik mah, bari sering.  Kitu tah ari nu teu boga kira-kira téh, nincak kana paribasa gedé teuing canggeum. Nu alus mah nyaéta nu leukeun bari ngeureuyeuh, maju halon tapi teu nepi ka ngarandeg.”

 

23. Hayam Jago jeung Nu Bogana

Aya hayam jago, nyarita dibedaskeun, muji manéh mun manéhna gedé kawani, rupa geus puguh alus, sarta ku bikang-bikangna dipikasieun jeung dikawulaan. Nu bogana anu teu jauh ti dinya nangtung, bari seuseurian hayam jago nu muji mmanéh. Katampana ku hayam jago mah nu bogana téh ngaléléwé manéhna.

Tuluy hayam jago téh nanya, “Juragan, nya naon sababna nyeungseurikeun kuring. Naha kuring téh bohong?”

Nu bogana ngajawab, “Lain kitu. Bisi wé aya nu teu percayaeun ka manéh. Da lumrahna anu hadé mah dipujina téh ku batur. Lamun dipuji ku sorangan mah kurang antebna. Ceuk paribasa ogé, goong nabeuh manéh anu kitu téh.

 

24. Peucang jeung Bangkong

            Aya peucang keur ngariung, réa pisan baturna. Éta peucang téh keur ngobrolna kahariwangna, lantaran teu petot-petot manggih kasusah lantaran dibuburak ku anjing. Nu saurang pok ngomong.

“Batur-batur, kumaha atuh urang téh, teu petot-petot manggih kasusah, dibuburak ku musuh urang nu taya ras-rasan. Urang geus dianggap teuteundeunanana baé, wenang dihakan sakarep manéhna. Ceuk déwék mah urang mending paéh bareng baé, manan hirup susah saumur-umur. Hayu urang nguncunglkeun manéh ka situ babarengan, di dinya minangka kuburan urang.”

Baturna kabéh nyatujuan. Haténa geus pada ihlas, rék nueluemkeun manéh ka situ nu deukeut ti dinya. Tuluy pada lalumpatan muru ka situ, tangka ngagurung patingkorosak, matak kagét bangkong nu aya di dinya. Bari giras bangkong téh laluncatan tingaracleng kana cai.

Barang ngadéngé sora patingkecemplung dina cai, salah sahiji peucang nyarita, “Héh batur-batur, nya sora naon éta patingkecemplung, kawas aya sato nu sarieuneun ku urang?”

Baturna ngajawab, “Bangkong laluncatan, siga siieuneun ku urang. Ari urang pan teu boga maksud nyingsieunan nya. Boa-boa urang gé barorangan siga bangkong, mastikeun anu tacan tangtu, nepi ka boga niat maraéhan manéh lantaran sieun dipaéhan ku batur. Jadi alusna mah urang sabar baé bari ati-ati, sangkan ulah nepi ka kabongohan ku musuh.”

Hartina ieu dongéng: Salilana hirup téh kudu ati-ati, ulah nepi ka nyorang prihatin. Tapi lamun geus manggih nu mataak prihatin, atawa meunang kasusah sakumaha gedéna ogé, ulah pegat neneda ka Nu Kawasa. Jeung masing inget, tangtu aya nu leuwih prihatin ti batan urang.*** (hanca)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: