• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Béja Ti Kalakay

Kénging Cucu Rahmat
Kintun kana Facebook

PALATARAN ieu pernahna rada anggang ti pilemburan, Pasir Waringin katelahna. Rada harieum, geueuman, camewek tur tiiseun. Malah, pantesna mah pikakeueungeun pibasaeunana téh. Persisna kira-kira 300 méter béh wétaneun Kampung Cisoka, asup wilayah Desa Citaman. Nyaéta lembur anu kungsi ngageunjleungkeun, nepi ka caritana gé éar ka mamana. Komo basa kabawa ku hiliwirna angin mah; jadi sabiwir hiji.

Lamun téa mah aya kereteg kapanasaran nyangkaruk dina jero haté Anjeun? Tong kerung, komo tatanya mah. Kudu ngama'lum atuh! Sabab tempat ieu, lain tempat anu ilahar sok dicicingan ku nu ngaranna manusa anu kasebutna masih kénéh ngabogaan nyawa. Ngaranna gé kuburan. Anu cenah dibaréré ngaran; Pajaratan Sirnarasa.

Bisi Anjeun panasaran kénéh, naon sababna kuring bet apal kana silsilahna ieu tempat? Atawa apal kana kaayaan beurang-peutingna ieu tempat? Jeung apal aya sabaraha urang pangeusina anu nganjrek di ieu patempatan?

Lamun taneuh kuburan ieu baseuh waé sabab tara kacaangan, nya awak kuring anu jangkung badag badis beuteung munding, buhun, jeung geus janggotan anu sok ngahieumanana. Ngahalangan kana datangna sorot panonpoé anu dék nyaangan taneuh.

Lamun tempat ieu kabalaan ku kalakay, atawa ku régang, atawa ku pangpung. Nya kuring pisan anu sok ngabalana. Kuring sok murag-muragkeun daun-daun kuring anu geus waktuna murag. Muguran, kabawa ku séorna angin.

Lamun Anjeun nanyakeun saha anu kumawasa di dieu, jawabanana angger kuring kénéh. Anjeun tong wani-wani nanyakeun ka Si Dadap, komo ka Si Waru mah. Sabab ngan kuring nu geus manjing kana umur, kasebutna pangkolotna. Nyarebutna gé aki-aki.

Saha atuh ngaran kuring téh?

Bisi hayang nyaho, kuring katelahna; Ki Loa. Kai anu tileuleutik nyakséni kana tutupna umur manusa nu dihin-pinasti jeung jangji pati. Tangkal badag anu nyaksian kana lobana raga nu ngababatang, patepung pasang-subaya jeung karmana. Anu saterusna ngabalukarkeun ayana hubungan Simbiosis Mutualisme antara kuring jeung maranéhna. Sabab maranéhna anu ngalanggengkeun, atawa anu méré hirup jeung huripna kuring sabatur-batur di dieu, anu salalawasna sok ngadalaharan––nyeuseup tina––saripati; getih, tulang, sungsum, jeung daging manusa anu béak, dihakan taneuh.

Kaharti meureun ayeuna mah ku anjeun. Naon sababna ieu patempatan––komo lamun peuting mah––karasa geueuman?

Sabab hawa kuring, awak kuring, leungeun kuring, jeung sora kuring nu kahéoskeun ku angin. Pangaruh tina kadaharan anu salila ieu diseuseup.

Sabenerna... salian ti kuring jeung babaturan kuring, aya kénéh nu cicing di ieu patempatan téh. Umah-umahna gé persis pisan handapeun kuring. Kuncén Jasman disarebut ku papadana mah. Lengkepna; Jasman Juhaya. Atawa, Juragan Jasman Juhaya, kolot tengah tuwuh anu pagawéan sapopoéna; tukang bébérés, tukang sasapu, jeung mulasara kuburan. Anu saterusna kapercaya ku masarakat; dijieun kuncén Sirnarasa.

Cicingna di dieu teu jeung sasaha. Teu sanak, teu kulawarga, teu pamili-pamili acan.

Ceuk béja ti kalakay; cenah manéhna teh urut inohong anu kawentar sawewengkon Citaman. Ngaleuya raja-kayana. Beurat-beunghar, luhur kuta gedé dunya. Bru di juru bro di panto. Kapala désa anu basa keur ngalungguhan jabatanana kungsi ngageunjleungkeun sa..., heup! Tong diteruskeun ahh.. ngomongna, di dieu mah tempatna sanget. Teu meunang saomong-omongna, palias! Bisi katuliskeun jurig...

Kuring apal kana kabiasaan manéhna sapopoé. Ti mimiti hudang subuh, solat, mirun seuneu, bébérés, nepikeun ka sasapu di palataran kuburan ieu. Malah kuring apal pisan kana kabiasaan-kabiasaan anu séjénna. Lamun kira wanci kawas kieu; pecat sawed, manéhna sok nurihkeun péso raut kana awak kuring. Raca, nyieun tapak jiga nu keur ngitung raraban, sagurat-sagurat ngajajar kawas pager. Terus, sanggeus kitu manéhna sok cicing di handapeun tangkal Samoja––béh katuhueun kuring––bari deku, nyanghareupan kana tilu tetengger anu pernahna pagigir-gigir. Da lamun geus cicing di dinya téh, manéhna mah sok terus ngampleng. Balik-balik téh geus juuh ku cimata.

Anjeun tong ngarasa anéh! Bisi hayang nyaho naon waé anu keur dipigawéna. Hayu urang déngékeun wé...

"Hampura Akang, Nyi Mas. Anu geus popohoan; ngalajur napsu ngumbar amarah. Hampura Bapa, Anaking. Ogé, hampura Abah. Kuring geus kitu peta ka Abah," Kuncén Jasman nyegruk, ceurik euih-euihan. "Meureun mana kieu gé, ieu téh dosa Akang ti saréréa. Rido-iklas narimakeunana gé. Sok sanajan sésa umur Akang dibéakeun keur gantina, nungguan aranjeun di dieu."

Sabenerna teu ngabibisani, kuring apal sajarahna anu ngabalukarkeun manéhna nepi ka kituna téh. Lamun teu salah mah, harita basa keur mangsana awak kuring; ngarangrangan murag-muragkeun daunna.

Kuncén Jasman––éééhhhh... tong maké sesebutan kuncén meureun da harita mah can ngajabat jadi kuncén. Manéhna téh lain jelema beunghar bawana tikudrat. Milik wé nu alus, bisa ngawin rangda––geulis tur beunghar––urang Cisoka. Ngaranna; Nyi Nastiah. Katurug-turug, hartana Nyi Nastiah katamplokan ku rajakaya bapana, Abah Danu. Sabab manéhna téh anak nunggal.

Demi Si Jasman, saukur modal dengkul kawinna ka Nyi Nastiah téh. Sapopoéna: tukang gelut, pamaénan, judi, palacuran jeung pada baturna. Da basa hayang jadi kapala désa gé, ungkas-ongkosna téh beunang maksa ti pamajikanana; ngajual sawah warisan.

Sanggeus kawin aya kana opat taunna, Bah Danu kabéjakeun ngababatang dina kotakan sawah, deukeut Hunyur Goong. Cenah aya nu nandasa. Nya layonna dikurebkeun di dieu.

Geus jeneng jadi kapala désa, kalakuanana teu robah. Malah beuki meuweuh, asa aing boga kadudukan. Sakali mangsa, manéhna kapincut ku parawan pangirutan, urang Citunggulkarut.

Dua minggu ti harita, Nyi Nastiah jeung Cép Romi anu keur pelesiran kabéjakeun maot. Mobil anu ditarumpakanana ngagaléong asup ka jurang. Sarua, layonna gé dikuburna di dieu. Tuh di ditu! Diréndéngkeun jeung kuburanana Bah Danu.

Ieu kanyaho kuring lain akon-akon, éstu bener-bener béja ti kalakay anu kahiberkeun ku angin...

                ***

WANCI nu sarua. Sarua jiga kamari; pecat sawed. Sarua kawas biasa; Kuncén Jasman nurihkeun péso rautna kana awak kuring. Terus, deku dina tetengger nu éta. Ngalimba deui, bari dareuda. Angger nyambat-nyambat ka nu geus taya dikieuna.

Tapi kétang... aya nu kaliwat. Lamun teu salah mah basa manéhna geus ngaguratkeun péso rautna kana awak kuring téh, rada béda. Teu! Teu sarua jeung nu kamari. Paromanna katingali semu alum, teuteupna kosong, lir nu nyawang jauh ka mana boa. Tangka kuring gé panasaran...  

"Ya Alloh, hampura sagala dosa, sareng kalepatan abdi," Kuncén Jasman ngalimba deui kawas sasari. "Pamajikan abdi, putra abdi, sareng mitoha abdi, mugi dicaangkeun dina kuburna. Ogé sing di jauhkeun tina balai; siksa kuburna."

Ké! Saha cenah nu dodongkoan dina rungkun téh? Nyurigakeun, sulungkar-salingker kawas nu embung katohyan…

Kuring nyaho aya nu dodongkoan, sabab kuring mah jangkung. Salalawasna bisa ningali kana naon baé nu aya di handapeun kuring. Jeung, dina heueuhna gé manéhna nyaho ka kuring, moal ieuh maliré. Sabab kuring mah ngan saukur tangkal Loa. Anu moal bisa kedal carita ka manusa.   

"Nyi Mas, tadi wengi Akang ngimpén." bari ngusapan tetengger pamajikanana. "Dina itungan téh; Akang pendak sareng Salira, anak urang, ogé Si Abah. Aranjeun tiluan ngaranggo acuk bodas bari gugupay, sareuri bangun galumbira. Komo anak urang mah, Cép Romi. Bari jeung nyarios kieu geura 'Bapa... Bapa... hayu wang uih' kitu tah Nyi Mas. Duh... kila-kila naon atuh nya?"

Beuki deukeut siah! Éta nu dodongkoan téh. Jeung... kawas nu bari ngalugas bedog sagala rupa ayeuna mah. Dék nanahaon cenah éta mangkeluk téh?

Gorobas! Gorobas! Jleng... éta jelema nu dodongkoan téh luncat, muru ka lebah Kuncén Jasman anu keur deku. Kuring hareugeueun, ceuleumeut banget ku paur.

"Modar siah!!!" éta nu luncat téh ngajorowok satarikna.

Untung... Kuncén Jasman rancingeus. Manéhna ngagiwar, ngagoréntél ka gigir. Bedog nyamos, ngahakan angin. Tapi éta jelema téh teu cicingeun, nyusul-tepus ngaheumbatkeun deui bedogna, dibubat-babit sakadaék.

"Manéh!" Kuncén Jasman hohoak, sanggeus ngumpulkeun deui pangacianana.

"Bener Lur! Déwék Kundi, urut babaturan sia, dék nagih pati!"

"Nagih naon?"

"Lah... tong sok mungkir!" Si Kundi ciciduh.

"Mungkir kumaha?"

"Sia harita nugaskeun déwék, pangmaéhankeun mitoha sia. Ku déwék dilaksanakeun!"

"Rumasa."

"Sia nitah ka déwék, pangnyilakakeun pamajikan jeung budak sia. Sangkan mobil anu ditumpakan ku maranéhna jiga nu kacilakaan; alatan rémna blong. Terus sanggeus maraot, hartana dipimilik ku sia!"

"Rumasa…, ngan... aya nu salah."

"Naon!"

"Anjeun kalah salingkuh jeung pamajikan kaula, Nyi Rukmina."

"Sia nu belegug! Na teu apal saha Si Éta," Si Kundi nyéréngéh, sinis. "Si Rukmina téh titahan déwék, ngahaja sangkan ngérét Sia!"

"Ké!" Kuncén Jasman kerung.

"Sanggeus harta Sia kaérét, Si Rukmina kawin jeung déwék." bari gumasép.

"Jadi..!

“Enya!”

“Ayeuna Nyi Rukmina masih kénéh jeung Anjeun?"

"Teu!” teugeug.

"Naha?" beuki kerung.

"Guratna pangérétan, angger wé pangeretan nepi ka iraha gé!" Si Kundi ngarahuh. "Basa déwék dipanjara keur gaganti sia ka pulisi, alatan judi téa. Mangkukna déwék kabur ti panjara. Manéhna salingkuh jeung Cina beunghar, ngaranna Babah Cheng Li."

"Éta wawales ti kaula, keur Anjeun!"

"Déwék mah teu kuméok kawas sia!" bari muter-muterkeun bedogna.

"Si Rukmina jeung salakina dipodaran ku déwék! Ayeuna déwék buron, malah keur diudag-udag ku pulisi."

Kuncen Jasman, ngaheruk...

Ngarti ayeuna mah siah! Naon sababna Kuncén Jasman sok nurihkeun péso rautna kana awak kuring, jigana keur ngitung: iraha kaluarna Si Kundi ti panjara. Bener lah jigana mah, moal! Moal nyalahan...

"Déwék rék kabur jauh, ka luar pulo! Butuh duit loba." bari namprak. "Mana buruh déwék urut baheula!"

"Euweuh! Duit ti mendi ari kaula." Kuncén Jasman kéképéhan.

"Sia mah lebokeun ieu, meureun!" bari ngaheumbatkeun deui bedogna.

Kuncén Jasman ngagiwar, miceun serangan. Ngan... orokaya sukuna ngait, katahan ku akar––suku––kuring.

Pamustunganana, brés! Bedog Si Kundi satengahna asup kana beuteung Kuncén Jasman. Getih seger ngaberebey, maseuhan baju. Panonna burial-buncelik, muringis nahan kanyeri. Galéong-galéong awakna gagaléongan. Teu lila... gubrag. Kerejet...! Kerejet...!

Si Kundi rurusuhan ngagusur awak Kuncén Jasman. Disarandékeun kana awak kuring, handapeun raca tapak nurihan téa. Ti dinya, Si Kundi melong heula kana awak kuring. Ngahuleng sakeudeung. Teu lila séréngéh manéhna seuri, terus nyabut bedogna tina beuteung Kuncén Jasman, laju digérésélkeun––sarua nurutan Kuncén Jasman basa nurihkeun péso raut–na––nyieun garis dina awak kuring.

"Tugas sia dibéréskeun ku déwék, Jasman! Jumlah itunganana dijangkepkeun wéh jadi dua taunneun ngarah pas..."

Ngan... guratan anu dijieun ku Si Kundi mah aya getihan, ngucur.

Sanggeus bérés, bedogna diulas-olés disusutkeun kana calana Kuncén Jasman. Telenges jelema téh! Kawas sato waé…

Tapi, ké... ké... aya naon ieu téh! Naha beungeut Si Kundi bet sepa? Jeung naha deuih panonna bet mencrong seukeut kana layon Kuncén Jasman? kawas nu cangcaya ku rarasaanana...

“Sa-salah! Jangkep dua taun, guratan péso kaula; aya dina beu-beuheung Sia!” Kuncén Jasman nyéréngéh. Pluk! Pésona murag. Terus ngulahék deui. Kerejet...! Kerejet...!

Ngarti ayeuna mah. Jigana, basa Si Kundi dongko, nyusutkeun bedogna kana calanana téh, Kuncén Jasman ngagérésélkeun péso raut kana beuheungna Si Kundi. Manéhna ngadodoho, sangkan bisa males-pati anu panungtungan.

Bedog dina leungeun Si Kundi leupas, bareng jeung ngagubragkeun awakna ninggang kana awak Kuncén Jasman, patumpang-tindih.

Nyepengan beuheungna. Getih merebey dina sela-sela ramona. Teu lila, Kerejet...! Kerejet...!

Ti ka anggangan, loba jelema disaragam muru ka dieukeun...

“Si Dadap... Si Waru... panggerokeun angin. Burukeun sina ka darieu kituh! Jajapkeun ieu Si Kalakay utusan kuring nu mawa béja, ka ditu ka Cisoka. Wawarkeun ka manusa lamun di dieu; di Pajaratan Sirnarasa. Aya dua layon anu kudu dipularasa.”

***

11 Januari 09

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: