• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Iman Dijaga,
Gogoda Dunya Kajaga

Kénging Arif Nur Hakim
Kintun kana Facebook

Alloh ngadawuh : Yaa ayyuhal ladziina aamanuu laa tattabi'u  khutuwaatisy syaitoni, wamay yattabi khutuuwatisy syaiton, fainnahu ya'muru bil fahshaa'i wal mungkar. Walao laa fadlullohi 'alaikum warohmatuhuu maa jakaa mingkummin ahadin abadaw walaakinnalloha yuzakki mayyasyaa'u wallohu sami'un 'aliim. Nu hartosna : "Yeuh jalma-jalma anu ariman! Maranéh ulah nurut kana léngkah-léngkah sétan, karana sing saha anu nurut kana léngkahna sétan, nya saenyana manéhna geus nitah batur ngalampahkeun kajahatan jeung kamungkaran, jeung lamun seug teu aya kurnia ti Alloh katut rahmat-Na ka maranéh moal aya nu beresih saurang ogé. Tapi Alloh ngabersihkeun sing saha anu dikersakeun ku Anjeunna, jeung Alloh Maha Ngadangu, Maha Uninga." (QS. An-Nur ayat 21)

Papagon Gusti Alloh sakumaha di luhur kiwari atra kasaksénna. Rupa jeung paripolah pangeusi nagara, loba pisan nu patojaiah jeung papagon agama. Nu diturut lain nu bener, tapi nu salah pangajakna sétan. Padahal, Alloh Swt. nu Maha Uninga tur Kawasa, nuduhkeun sangkan manusa ulah nurut kana léngkah-léngkah sétan.

Naon deui buktosna? Geuning kariksa pisan, seueur ogé jalma-jalma nu ngabalieurkeun ayat-ayat Alloh. Papagon agama mung sakadar simbol. Balukarna, karicuhan atawa kamudorotan, timbul dimana-mana. Beuki ngajauhan tina harepan baldatun toyyibatun warrobun gafuur.

Kapan kitu, dawuhan Alloh ogé dina surat As-Sajdah ayat 22, Waman adhlamu mimman dukkiro bi'aayaati robbihi tsumma a'rodo 'anha, innaa minal mujrimiina mingtaqimuun. "Jeung naha lain taya anu leuwih dolim batan jalma-jalma anu diwawadian ku aya-ayat Pangeranana, tuluy maranéhna ngabalieur ti dinya? Saéstuna Kami bakal ngabales jalma-jalma anu jarahat."

Dawuhan di luhur, sanés waé pikeun jalma nu iman, tapi keur jalma-jalma nu munafék tur pasék. Maranéhna pasti bakal meunang wawales alatan kajahatanana.

Sakumaha ibroh nu dilungsurkeun ka kaum Nabi Musa a.s.  Alloh Swt. geus ngancurkeun kaumna nu dolim ka Alloh jeung Rosulna. Kaunggel dina surat Al-Araf ayat 95, "Tsuma baddalnaa makaanas sayyiatil hasanah hatta 'afao waqooluu qod massa aabaa 'a nadhdhorroo'u wassarro'u faahodnahum bagtataw wahum laa yasy'uruun." Nu hartosna : Tuluy Kami ngaganti kajahatan ku kahadéan nepi ka maranéhna jadi ngarekahan. Jeung maranéhna nyarita : "Saéstuna kamudaratan jeung kasenangan téh geus tumiba ka bapa-bapa urang". Tuluy Kami nibankeun siksaan ka maranéhna kalawan dadakdumadakan, sedengkeun maranéhna henteu saladar.

Ku margi kitu, dina ngeusian kahirupan urang sapopoé ieu, hayu urang tingkatkeun deui kaimanan sareng katakwaan ka Alloh Swt. Lantaran upama henteu ngancik kaimanan jeung katakwaan mah, cocoba téh bakal ngadeukeutan. Sakumaha aya lenyepaneun urang nu kaunggel dina dawuhan Alloh Swt. Surat Al-Araf ayat 97-98, nu kieu unina: "Afaa min ahlal quuroo ayya tiyahum ba'sunaa bayaataw wahum naa'imuun. Awalam min ahlul quroo ayya tiayhum ba'sunaa dhuhaw wahum yal'abuun. Hartosna : Ku kituna naha pangeusi éta nagri téh ngarasa aman katibanan siksaan Kami ti peuting waktu maranéhna keur sararé? Atawa, naha éta pengeusi nagri téh ngarasa aman katibanan siksaan Kami isuk-isuk waktu maranéhna keur arulin? Dilajengkeun ku ayat-Na : Wama wajadnaa li aksarihim min ahdin waiwwajadnaa aksarohum lafaasiqiin. "Jeung Kami henteu manggih kalolobaan maranéhna anu nyumponan jangji, tapi saenyana Kami manggih kalolobaan maranéhna parasék.

Naudzubillahi min dzalik. Sakumaha pituduh Alloh nu Maha Uninga, yén masih kénéh loba jalma nu parasék. Kumargi kitu, kaum muslimin masing tawekal sarta mampuh ngajauhan sifat nu matak ngaleungitkeun ati jati diri tina aqidah sareng ahlak anu méngpar tina papagon agama. Kasauran Nabi SAW ogé: Takhallaqu bi akhlaqillah. Anu pihartoseunana, "Pelakeun ahlak Alloh dina diri anjeun." Gerak-gerikna éstuning leunjeuran tina usaha ngarojong kana ngajagragna kamanusaan anu mibanda ajén. 

 

Balukar Hubbud Dunya

Bangsa urang geus teu kudu dicaritakeun deui. Kiwari, bangsa urang geus katelah nagara pasar. Atuh nagara-nagara batur gé, apan sarumanget pisan daragang di nagara urang. Atuh pangeusi nagara urang gé, jiga nu saruka bungah kacida. Lantaran rék néangan naon baé aya, bari teu kudu hararésé urang nyieun jeung melakna. Kumaha balukarna? Lantaran saukur tempat nu daragang téa, nya wayahna nagara urang kiwari jadi tempat pamiceunan. Runtah patulayah, sarana pajuliwet, jalan macét, loba nu jadi babu atawa nu siap ditutah-titah jeung sabangsana.

Ieu gambaran, nu muarana mah lantaran urang teu sadar, geus hésé leungit tina panyakit hubuddunya, nu mikirna kumaha engké, lain engké kumaha. Dawuhan Rosululloh saw. nu hartosna: "Bakal datang ka umat kami hiji jaman nu dina éta jaman bakal loba manusa anu mikacinta lima perkara turta mopohokeun lima perkara séjénna...."

Naon lima perkara dipikacinta kabina-bina ku umatna jeung naon lima perkara anu dipopohokeun téh? Rosulullah dina hal ieu ngadawuh : "Mikacinta dunya tur mopohokeun ahérat, mikacinta gedong hirup tur mopohokeun maot, mikacinta gedong sigrong poho kana kubur, mikacinta harta banda tur mopohokeun hisabna sarta mikacinta mahluk manan kholikna". (HR. Bukhari Muslim).

Lamun ku urang ditaliti pisan hadits diluhur tadi sabenerna saruwa, samaksud. Meureun basa nu lian mah : Bakal datang mangsa nu ngabalukarkeun manusa katalimbeng, kaséréd ku gogoda sétan. Nya éta hiji mangsa sakabéh manusa geus muhit sikep hirup anu materialistis (hubuddunya) bari mopohokeun kana urusan ahérat. Geus leungit sikep zuhud anu diteruskeun ku istiqomah. Sabab maksud lima perkara anu dimaksud tadi téh éta-éta kénéh, leuwih mikacinta dunya manan ahérat.

Mangpirang-pirang papagon agama geus nerangkeun masalah dunya. Ditétélakeun dina surat Al-Qashash ayat 77. Dunya téh saukur keur bekel, lain keur sagalana. Wabtagi fiima atakallohu darrol akhiroh. Wala tansa nasibaka minaddunya, wahsin kama ahsana ilaika. Nu diterangkeun téh, mung ulah poho kana dunya. Lantaran hirup di dunya téh perelu bekel. Ngan, bekel nu dimaksud téh lain keur nanaon, tapi keur tugas hirup di dunya. Naon tugas téh? Wama kholaktul jinna wal insan illa liya’buduun. Lain naon-naon tugas urang téh, tapi iwal ti keur ibadah ka Mantenna. Atuh kaharti pisan, yén dunya téh saukur keur bekel ibadah, lain kudu tihothat keur nu séjenna. 

As Syeikh Hasan Al Basri kantos nyarios: Saha jalma tihothat lantaran muru dunya nepi ka poho kana urusan ahérat, mangka Alloh bakal nibankeun genep siksaan. Tilu keur di dunya tilu keur di ahérat. Naon nu tilu keur di dunya téh? Nu kahiji, dina haténa bakal tagiweur, teu puguh pangharepan. Kadua, nasfu dina dirina henteu bisa dieureunan. Cek paribasana mah tunggul dirarud catang direumpak. Katilu, sagala amal ibadahna bakal leungit kamluyaanana.

Balukar nu tilu bieu, mémang geus témbong kiwari. Saperti, pangeusi urang loba pisan nu munggah haji, malah nepi kudu ngadagoan sagala 10 taun kahareupna. Tapi kumaha ngancikna éta munggah haji keur dirina? Boa-boa ugeran di luhur tadi geus nerap ka pangeusi bangsa urang. Loba nu munggah haji téh jalma nu hubuddunya. Hajina hayang katangar hayang disebut beunghar jeung luhur darajatna. Upama téa mah kitu, pantes kadieunakeun, aribadah dina amal séjénna ku Alloh dileungitkeun barokahna, babari deui ngalakukeun kama’siatan.

Sedengkeun balukar anu tilu keur ahérat, nyaéta: kahiji, di ahérat engké bakal hésé néangan jugjugeun, bingung kabina-bina. Kadua, di alam masyar, hisabna bakal ngabeuratan dosa. Nu katilu, sedih kingkin salilana.

Margi kitu, matéahkeun dunya mémang kudu bener-bener luyu jeung papagon agama. Éta nu bakal nyalametkeun urang. Urusan dunya mémang éndah. Tapi dijelaskeun dina Al-qur’an surat al-Baqoroh, nu dudunya téh lain jalma mulya. "Kahirupan dunya keur jalma-jalma kafir dijadikeun kaéndahan, jeung maranéhna nganggap jalma-jalma iman téh hina kabina-bina. Padahal jalma-jalma nu tarakwa téh leuwih mulya tibatan maranéhna di ahérat. Jeung Alloh bakal méré rejeki ka jalma-jalma mungguh Alloh kalawan teu aya wates wangenna.”

Kitu deui dina surat Al-Hadid ayat 20,  “Sing arapal, saéstuna kahirupan dunya téh mung saukur kaulinan jeung nu ngabalukarkeun lénglé.”

Kumargi kitu hayu urang salawasa ngadu'a, mudah-mudahan dina ngeusi kahirupan sapopoé ieu, urang dijauhkeun tina fitnah, hususna fitnah agama. Kitu deui mudah-mudahan baris tetep aya dina panyalindungan Alloh SWT. Robbana dolamna anfusana wa 'ilam tagfirlana wa tarhamna minal khosiriin. Amin.***  

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: