• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Indung Tunggul Rahayu

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Pangandika Alloh SWT dina Al Quran nu hartosna: "Kami geus ngawasiatan ka manusa (ngeunaan) indung bapana. Indungna nu geus ngandung kalayan lemah anu lineuwih jeung nyapih tina nyusuan sajero dua taun, (nyaéta) prak muji syukur ka Kami jeung ka indung-bapa manéh. Ka Kami maranéh mulang." (Surat Luqman ayat 14)

Miéling Hari Ibu, Poé Indung, keur urang salaku muslim tangtosna kacida pentingna. Lain ukur sérémonial, tapi aya nu langkung peryogi nyaéta ngémutan deui pancén ibadah ti Alloh ngeunaan peryogina urang mulang tarima atanapi tasyakur kana nimat anu teu kinten ageungna nyaéta gumelar ka dunya nu hakékatna kersaning Gusti tur saréatna ku jasa kolot, utamina nu jadi indung. 

Geura hayu urang lenyepan deui pidawuh Alloh di luhur ngeunaan pangorbanan indung urang dina nampi amanat ti Gusti mangrupa buah cinta sareng carogéna, bapa urang. Salami kakandungan, bubureuyeungan, nyanyandak urang dina kandunganana éstu sobar teu aral subaha. Éstu titih rintih ngajaga si utun inji bisi kumaonam, bélaan ngorbankeun kaperyogian dirina sorangan. Sok asal titipan Gusti téa katalingakeun enya-enya.
Ana geus gubrag, miarana leuwih-leuwih. Disusuan mangbulan-bulan anu lain padamelan édél-édél, nandonkeun nyawa carék babasaanana. Bélaan teu reup saré da sieun jimat awaking ngarenghik nangis lapar hoyong cienén. 

Cindekna mah jasa indung ka urang kacida gedéna. Ku kituna, Alloh ngawasiatan ka sakumna manusa sangkan salawasna nginget-nginget jasa kolot, indung-bapa, pangpangna indung ku cara syukur nimat, ngalaksanakeun paréntah Alloh sareng RosulNa. Lian ti éta, kedah nebihan sagala rupa cegahanana.
Sabada urang ibadah ka Alloh, nya kedah babakti ka nu janten sepuh, indung jeung bapa. Sabab, kolot urang téh minangka cukang lantaran gumelarna urang ka dunya nya kitu deui tinemu jeung kabagjaan éta téh teu leupas tina jasa indung jeung bapa.
Sikep ahlak anu hadé minangka modal utama babakti ka nu jadi kolot, nyatana ulah nepi ka ngaraheutan haténa. Malah dina hadis apan diterangkeun: "Aljannatu tahta aqdaamil ummahaati. Sawarga téh aya dina dampal sampéan indung." (HR Ahmad)
Naon hartina éta hadis? Urang moal bisa manjing sawarga lamun teu bisa némbongkeun ahlak pinuji ka nu jadi indung. Najan leket ibadah ka Alloh, hadé ahlak ka sasama, tapi goréng lampah ka nu jadi indung, sok nganyerikeun haténa, panto sawarga bakal ngonci rapet. Sabalikna panto naraka muka ublug-ablag.
Demi karidoan sareng bebendon Alloh téh gumantung kana karidoan sareng bebendon kolot, indung jeung bapa. Jéntré pisan pentingna urang jadi anak soléh lamun hirup hayang salamet dunya rawuh ahérat. Saur ki juru pantun:
"Tumpak sado ka Sayati, mawa lutung aya lima. Rido sareng bendu Gusti, gumantung ka ibu rama."
Naha panto sawarga teu muka najan urang getol ibadah? Atuh komo lamun tara ibadah? Nyaéta ku gedéna jasa nu jadi indung ka urang anu moal bisa kabales ku naon baé pangorbanan urang ka anjeunna. Ngeunaan hal éta diterangkeun dina hadis nu hartosna:
"Aya saurang sohabat ngadep ka Rosululloh teras sasauran, 'Ya Rosululloh, sim kuring gaduh indung anu tos sepuh. Unggal dinten sim kuring ngajaga sareng merhatoskeun sagala rupi kaperyogianana. Unggal anjeunna angkat-angkatan, sim kuring anu ngagandongna. Teu kantos lesot tina panalingaan simkuring. Teu pernah haseum budi simkuring ka anjeunna. Sadaya hasil kasab simkuring disanggakeun ka anjeunna. Naha simkuring tos tiasa disebat mulang tarima kana kasaéan pun biang?' Rosululloh ngawaler, 'Encan! Saeutik ogé teu nyukupan!' Éta sohabat naros deui, 'Naon margina ya Rosululloh?' Dawuhan Rosululloh, 'Indung anjeun miara anjeun kalayan pangharepan sangkan anjeun panjang umur, sedengkeun anjeun mah miara indung anjeun kalayan pangharepan sangkan indung anjeun gancang maot'." (HR Abu Hassan Al Mawardi)
Kitu pidawuh Rosululloh nu nerangkeun yén jasa indung moal bisa kabales ku gedé-gedéna anu éta téh dibarengan ku haté beresih, clik putih clak hérang taya pangharepan itu ieu. Jasa anu mindeng dipopoholeun ku umumna anak. Padahal anak moal bisa hirup nanjung, moal bisa hirup jugala lamun teu dicukangan ku jasa kolot.
Jadi, mun urang hayang ngajugjug sawarga kalayan pantona muka ngablak, taya kajabi anging kudu boga koncina, nyaéta karidoan nu jadi indung. Da puguh tong boro jaga di aherat, dalah di dunya rereged dosa ka nu jadi indung sok jadi mamala kana bagjana hirup. Geuning kantos aya riwayat anu tos padauninga yén kumaha répotna sohabat Alqomah nu leket ibadah, tapi nalika sakarat mani hésé béléké alatan nu jadi indungna meunang katugenah haté ti nu jadi anak.
Teu pira, harita téh Alqomah mulang ti panyabaan. Angkaribung ku oléh-oléh. Éta oléh-oléh téh katingalieun ku indungna, tapi Alqomah noyod, taya kaingetan, bro bae oléh-oléh téh dikapamajikananakeun. Nyeletit peurih haté indung Alqomah.
Brek Alqomah gering parna nepi ka badé ngantunkeun. Tapi nalika sakaratul maut saolah nyawana nyangked na elak-elakan. Para sohabat ngadeuheus ka Rosululloh. Saur Rosululloh SAW cig tepungan indungna bisi aya ganjelan dosa. Tétéla enya, indungna meunang kanyeri ti nu jadi anak. Ku Rosululloh piwarang dihampura. Sabada dilubarkeun mah, Alqomah lungsur-langsar maotna.
Kitu hiji conto ganjelan dosa anak ka nu jadi indung anu tangtuna bakal ngahalangan mukana panto sawarga. Mangrupa pépéling ka urang sadayana sangkan leres-leres babakti ka nu jadi sepuh sakumaha piwarang Alloh SWT.
"Wa'budullooha walaa tusyrikuu bihii syaian wabilwaalidaeni ihsaanaan....prak sembah Alloh jeung poma maranéh nyarekatkeun Anjeunna jeung naon baé. Jeung prak migawé kahadéan ka indung bapa...." (QS An Nisa, ayat 36)
Tina ieu ayat kauninga raketna hubungan babakti urang ka Gusti Alloh sareng migawé kahadéan ka indung jeung bapa. Tegesna, sabada urang panceg bakti ka Alloh anu saleres-leresna, beresih tina pagawéan syirik, hal éta kedah disampurnakeun ku babakti ka nu jadi kolot, indung - bapa. Angot lamun indung bapa urang téh geus rérémpo nya tangtu anu kudu tanggung jawab téh urang nu jadi anakna. Hal éta ogé diparéntah ku Alloh dina Al Quran nu hartosna:
"Jeung Pangéran anjeun geus maréntahkeun sangkan maranéh ulah nyembah salian ti ka Anjeunna jeung pigawé kahadéan ka indung-bapa. Mun téa mah salasaurang ti duanana atawa duanana geus rerempo aya dina panalingaan maranéh, maka pacuan nyarita ka duanana ku caritaan 'ah' jeung poma ulah sesentak ka duanana sarta nyarita ka duanana ku caritaan anu mulya." (Surat Al Israa: 23)
Kitu pidawuh Alloh ngeunaan cara mulang tarima ka kolot, nyatana ku ahlak nu pinuji, ulah tepi ka ngaraheutan haténa, sakumaha aranjeunna ngurus jeung ngagedékeun urang kebek ku pangorbanan jeung kanyaah nu tan wates.
Ku gedé-gedéna jasa indung, kolot urang sok nyebat yén indung téh tunggul rahayu. Pantes lamun indung meunang panghormatan anu linuhung. Anak lalaki sakuduna babakti ka nu jadi indung, lain ka pamajikan. Pamajikan babakti ka nu jadi salaki. Jadi, mun téa mah aya pilihan kudu turut tumut. Mana nu kudu diheulakeun antara indung jeung pamajikan, salaki mah kudu ngaheulakeun indungna. Awéwé salaku pamajikan, mana nu kudu diturut pangheulana naha indungna naha salakina? Awéwé mah kudu ngaheulakeun salakina.
Ngan sing inget, indung di dieu ngandung harti jembar, lain wungkul keur ka indung nu ngalahirkeun tapi ogé kaasup indung téré, indung kukut, indung pamajikan atawa mitoha. Kasimpulanana, paheuyeuk-heuyeuk leungeun geusan miara nu jadi kolot sakabéhna, boh kolot biologis boh kolot sampeuran.
Ku kituna kaasup dosa gedé doraka ka kolot téh sakumaha pidawuh Rosululloh saw. dina hadis nu hartosna:
"Naha hayang kula méré nyaho dosa-dosa anu pangrosana? Para sohabat nyarios, 'Kantenan ya Rosululloh'. Maka ngadawuh Rosululloh: 'Nyarékatkeun Alloh, doraka ka indung bapa'. Rosululloh nuju nyarandé lajeng nguniang (ngalajengkeun cariosanana), 'Sumpah jeung saksi palsu....." (HR Muttafaq 'alaihi)
Mingkin jéntré naon sababna panto sawarga ngonci, nyatana alatan anak doraka ka nu jadi kolot. Tangtu urang miharep sangkan dijauhkeun tina kaayaan kitu. Na'udzubillaahi mindzalik!
Saur ki juru pantun:
"Mawa iwung jeung kalapa, nguyup citeh pan dahaga. Doraka ti indung bapa, hirup téh moal jamuga."
Leuwihna ti kitu, doraka ti indung jeung bapa mah sok kontan ditibankeun di dunya kénéh. "Dua lampah goréng anu kontan ditibanan hukuman ku Alloh jeung ditingalikeun di dunya, jinah jeung jolédar ka kolot."
Indung salaku tunggul rahayu, sakuduna dijaga diriksa ku urang, tegesna ku milampah kahadéan. Da geuningan ku Rosululloh saw ogé indung téh kudu dipayunkeun sakumaha nu dijéntrékeun dina hadis nu hartosna:
"Aya lalaki samping seja tumaros ka Rosululloh saw. Saha jalma anu langkung hak ku simkuring dipihormat? Anjeunna ngadawuh,  'Indung anjeun!' Sohabat tumaros deui. 'Lajeng saha?' Anjeunna ngadawuh: 'Indung anjeun!' Sohabat tumaros deui, 'lajeng saha?' Anjeunna ngadawuh, 'Indung anjeun!' Sohabat tumaros deui, 'Lajeng saha?' Anjeunna ngadawuh: 'Bapa anjeun'." (HR Bukhori sareng Muslim)
Tah kitu kawajiban urang ka nu janten sepuh, hususna ibu. Atuh sangkan barudak urang teu doraka ka nu jadi kolotna, urang ogé salaku kolot wajib ngatik barudak ku kasoléhan. Da geuning jéntré pisan, bakti urang ka Alloh aya tumalina sareng bakti urang ka nu janten sepuh.
Angot dina kondisi jaman kiwari, réa pisan pangrobéda kanggo ngatik barudak sangkan soléh téh. Ku kituna dina miéling Hari Ibu kiwari hayu urang laksanakeun hak sareng kawajiban urang ka nu janten sepuh nya kitu deui teu lali ngalaksanakeun hak sareng kawajiban urang ka nu janten putra. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: