• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

GOTRA SAWALA;

Urang Sunda
Dijadikeun Obyék

Kénging Ajip Rosidi
Kintun kana Facebook

Kuring narima uleman ti Gubernur Jawa Barat, pikeun nungkulan “Gotra Sawala  West Java: Global Cultural Gathering” nu diayakeun di Bandung tangga. 6 jeung 7 Désémber, 2013.  Séminar  diayakeunana di Hotél Savoy Homann Bidakara, ari pintonan diayakeunana di Gedung Merdéka. Tapi sapoé saméméh séminar, nyaéta dina tanggal 5 Désémber,  diayakeun acara ka “Gunung Padang Archeological Site”, sarta sabada acara “keynote lecture” ku Professor. Anthony Reid langsung diayakeun “Special screening of the gigantic Gunung Padang recent archeological discovery” nu dituluykeun ku pedaran ngeunaan Gunung Padang ku Danny Hilman.  Nimbulkeun kesan yén séminar nu disebut “global culture gathering” mah  diayakeun sotéh pikeun nyimbutan diutamakeunana masalah  Gunung Padang nu keur digali ku sabab  aya nu yakin yén di dinya aya piramid. 

Kuring henteu nyumponan uleman, henteu  nungkulan Gotra Sawala. 

Ari sababna ulemanana nimbulkeun pertanyaan dina haté. Kahiji, ngan ditulis dina basa Inggris, henteu aya basa Indonésiaan, padahal kuring yakin nu diulemna mah lolobana bangsa Indonésia, utamana urang Sunda. Lamun dina Gotra Sawala  nu digunakeunana basa Inggris baé,  hartina Gotra Sawala henteu tuhu kana Undang-undang RI no. 24 taun 2009 ngeunaan Bandéra, Bahasa dan Lambang Negara serta Lagu Kebangsaan. Pasal 32 éta Undang-undang unina: “Bahasa Indonésia wajib digunakan dalam forum yang bersifat nasional atau forum yang bersifat internasonal di Indonésia”. 

Kadua, dina uleman dibéréndélkeun acara nu baris dibahas jeung dipintonkeun dina Gotra Sawala. Waktu dititénan geuning  méh kabéh nu dipénta  ngajejeran dina séminar umumna urang deungeun, jeung lolobana anu tacan kabandungan aya nulis ngeunaan kabudayaan atawa kasenian Sunda nu dipublikasikeun di urang, boh dina basa Inggris boh dina basa Indonésia atawa basa Sunda. Nu kungsi némbongkeun kaahlianana ngeunaan kasenian Sunda nu kuring  terang ngan Wim van Zanten (urang Walanda ahli tembang Cianjuran) jeung Kathy Foley (urang Amérika Serikat ahli wayang golék, sering ngadalang dina basa Inggris). Wim van Zanten ngamajukeun makalah ngeunaan “Past : Music”. Ari Kathy Foley ngeunaan “Future Dance”.  

Nu matak hémeng nu dipénta méré ceramah utama (“keynote lecture”) téh Prof. Anthony Reid ti ANU (Australian National University, Canberra). Anjeunna mémang Indonésianis sohor, tur geus loba nulis buku ngeunaan  Indonésia, tapi umumna perhatianana kana sajarah Sumatera. Asa tacan manggih tulisanana ngeunaan Jawa Barat  atawa (kabudayan) Sunda. Anjeunna baris sasauran ngeunaan “West Java: Past, Present and Future”. Naha anjeunna ngamimitian neundeun perhatian kana kabudayaan Sunda atawa sajarah Jawa Barat? Tangtu urang kudu bungah lamun enya kitu téh. Hartina Jawa Barat jeung (kabudayaan) Sunda mimiti  jadi perhatian sarjana sohor anu jembar kauningana sarta produktif. Mudah-mudahan  moal lila deui aya  buku medal karyana ngeunaan Jawa Barat atawa sajarah Tatar Sunda.

Di antara nu ngajejeran dina séminar ngeunaan “West Javanese Arts & Culture: Past, Present & Future” salian ti Wim van Zanten  jeung Kathy Foley  aya pangarang Indonésia  nu sohor nyaéta  Remy Sylado, urang Manado  anu cenah bisaeun basa Sunda tapi asa tacan kungsi maca tulisanana nu ngeunaan kasenian atawa kasusastran Sunda. Manéhna baris ngabahas “Arts & Culure”. Ari nu duaan deui, Lucky Hendrawan jeung Benny Johannes kuring mah asa kakara ngadéngé. Tina ngaranna Lucky Héndrawan bisa jadi urang Sunda,  ari Benny Johannes mah kuring teu bisa naksir urang mana-urang manana. Ngan asa tacan  kungsi maca tulisan beunang atawa ngeunaan  maranéhna patali jeung  kabudayaan atawa kasenian  Sunda. Bisa jadi nulis  disertasi ngeunaan kabudayaan atawa kasenian  Sunda di salah sahiji universitas di mancanagara. Kuring henteu nuturkeun kabéh tésis atawa disértasi ngeunaan Sunda atawa Jawa Barat  di sakabéh universitas di sakuliah dunya.    Lucky Hendrawan baris ngabahas perkara  “Semiotic  of Sunda Culture”, ari Benny Johannes baris ngabahas “Present Theater”.

Nu baris méré koméntar ngeunaan bahasan-bahasan nu diajukeun ku nu ngajejeran gé,  henteu aya urang Sunda  hiji-hiji  acan. Naha henteu aya ahli urang Sunda anu bisa diasongkeun pikeun milu kana “global cultural gathering”? Naha henteu aya urang Sunda anu pantes milu nyarita dina forum nu jiga kitu? Atawa ahli urang Sunda mah dianggap euweuh? Mangkaning ngeunaan kabudayaan jeung kesenian Sunda!

Atawa ngahaja para ahli urang Sunda mah disina ulah pipilueun dina “global culture gathering”, da dianggap leuwih hadé  ngabandungan kumaha ceuk urang deungeun baé. Sabab  urang deungeun mah dianggap leuwih jembar kauningana jeung  baris loba mujina. Henteu rugi ngadatangkeun urang deungeun ti nagarana gé, ari loba mujina mah. Da ti baheulana urang Sunda mah resep lamun dipuji ku urang deungeun. Da urang Sunda mah kakara ngajénan kasenian atawa kréasi  bangsana lamun geus dipuji ku urang deungeun. 

            Nu leuwih matak hémeng, méh kabéh pintonan anu diayakeun dina Gotra Sawala téh karya urang deungeun, ari bangsa urangna mah ngan jadi “in collaboration with” wungkul. Nu dipintonkeun ku urang Sunda baé mah ngan Beluk, Topéng Banjet jeung Topéng Losari. Jiga pisan Gotra Sawala téh diayakeun pikeun méré kasempetan ka urang deungeun anu dialajar kasenian urang mintonkeun kabisana. Dibarengan (“in collaboration with”) ku  para seniman urang, naha maksudna pikeun nuduhkeun yén maranéhna bisa ngatur para seniman urang? Da tangtu dina  éta pintonan téh nu ngaturna urang deungeun lain para seniman urangna, nu hartina  anu dipintonkeun téh lain kasenian Sunda, paling ogé kasenian ciptaan urang deungeun nurutan kasenian Sunda bari dibantuan ku seniman Sunda. Seniman Sundana mah ngan dijadikeun panambah.

Cindekna Gotra Sawala  nu diayakeun ku Gubernur Jawa Barat  téh ngan ngajadikeun urang Sunda jeung kabudayaan Sunda jadi  obyék, da henteu aya ahli urang Sunda anu dipénta ngajejeran acara nu dibahas. Naha dianggap henteu aya urang Sunda anu  ahli ngeunaan kabudayaan jeung kasenian Sunda?  Lamun aya saran-saran pikeun ngamekarkeun kasenian Sunda hasil tina ieu Gotra Sawala, naha ku Pamaréntah Jawa Barat baris dijadikeun cecekelan pikeun ngamekarkeun kasenian Sunda?  Hartina pamaréntah  Jawa Barat ngahaja ménta urang deungeun pikeun ngamekarkeun kasenian jeung kabudayaan Sunda?

Dina jaman dijajah Walanda,  urang Sunda dijadikeun obyék ku nu nyekel kakawasaan  -- urang Walanda. Nyebut alus ka nu disebut alus ku nu nyekel kakawasaan. Nyebut penting ka nu disebut  penting ku nu nyekel kakawasaan. Cindekna urang mah ngan jadi obyék. Henteu (meunang) boga kahayang jeung ajén-inajén sorangan. Sanggeus urang merdéka tina jadi obyék urang jadi subyék. Tapi hal éta téh henteu babari, sabab masarakat Sunda pageuh pisan nyekel kana féodalisme nu saenyana mah datangna  ka urang  téh  sabada urang dijajah Mataram. Geus biasa jadi obyék, tara wani ngamajukeun pamanggih sorangan  da bisi henteu luyu jeung pamanggih nu keur nyekel kakawasaan saluhureun. Sanajan  geus boga Undang-undang Otonomi Daérah, para gubernur jeung nu jareneng di Jawa Barat angger baé ngaheulakeun kahayang urang Jakarta  di pusat manan ngaheulakeun kapentingan rahayat Jawa Barat nu lolobana urang Sunda mah.

Ku diayakeunana Gotra Sawala nu jigana di tukangeunana  mah hayang nedunan kahayang pembantu presidén  anu keukeuh hayang ngagali Gunung Padang da cenah di jerona aya piramid – sanajan lain widangna jeung geus dibantah ku para ahli géologi jeung arkéologi gé.  Nu baris rugi mah Déddi  Mizwar nu anyar diangkat jadi  Wakil Gubernur. Kari-kari manéhna urang Jakarta jadi Wakil Gubernur, Pemda  Jawa Barat ngayakeun Gotra Sawala nu jelas ngajadikeun urang Sunda  jeung kabudayaan  Sunda ngan ukur  obyék bangsa deungeun tur  ahli urang Sunda mah  henteu aya nu  dipénta nyaritakeun pamanggihna   dalah ngeunaan kasenianana sorangan.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

maman s wasita

Haturan Pa Ajip, Hade gorengna hiji hal ditangtukeun ku batur, bangsa urang saukur ngaheueuhan, bari sok ngarasa reueus. Nu kitu mah teu hade. Padahal kudu bari mikir sacara kritis. Orokaya, pamanggih batur oge, bawirasa kudu dibandungan, bisi bae aya pupurieunana. apan bener teh, cek Mang Cepot oge, ceuk batur, ceuk kuring, ceuk Hukum.

uus

sae, sae .... mugia dugi kaaos ku gupernur sarta jajaranna ....

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: