• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Soca ti Heula

Kénging Adit M. Santika
Kintun kana Facebook

Waktu kajadian musibah Gunung Galunggung bitu, kuring ti unit SAR peutingna sanggeus kajadian, ngahaja arindit ka Tasikmalaya seja milu mantuan nyalametkeun masarakat anu kakeunaan ku musibah.

Harita indit téh aya kana tujuhanana, kaasup Si Asbo. Sapanjang jalan antara Bandung-Tasik teu aya deui nu jadi bukur catur manéhna mah ngan sual awéwé. Manéhan boga harepan sugan jeung sugan engké di mana nepi ka Tasik bisa wawanohan jeung mojang Tasik.

Datang ka Tasik kira-kira wanci janari. Anu pangheulana didatangan nya éta Kantor Pemda Tasikmalaya, utamana mah salian ti rék masrahekun sarupaning babawaan kayaning béas jeung super mie, ogé kuring seja bakti tanaga pikeun milu mantuan nyalametkeun para pangungsi. Ku kituna kuring saréréa merlukeun rupa-rupa katerangan kaayaan di tempat kajadian.

Sanggeus ngareureuhkeun kacapé, isukan poé Salasa kuring saréréa milu ngagabungkeun diri jeung satgas Korban Benca Alam. Arindit ka lokasi tempat kajadian pikeun ngakutan nu ngungsi anu masih katingaleun. Sajeroning ngangkutan ti Desa Linggajati ka kota Tasik anu anggangna aya kana tujuh belas kilometer. Alhamdulillah aya dina kalancaran, katembong pisan barudak téh gariat pisan dina baranggawena sok sanajan bari kurang saré.

Paubeurang sabada ngakutan para pangungsi, kuring saparakanca merlukeun ngalongok ka tempat panampungan para korban benca alam nu aya di Gedung Serbaguna di jalan Dadaha. Maksud téh taya lian pikeun ngayakeun pangobatan darurat. Di jero wawangunan sabot Si Nano keur ngudulkeun ubar-ubaran, celenun Si Asbo nyokot sababaraha ples obat tetes panon kumplit jeung kapasna. Leos manehna indit ka tengah-tengah gundukan para pangungsi. Kalawan teu make papariksa deui ngan creet... creeet bae panon para pangungsi téh dipeureuhan, basana téh bisi kaasupan lebu Galunggung cenah. Atuh harita keneh oge ngan bring bae para pangungsi téh nyalampeurkeun ka Si Asbo.

“Den... abdi heula den! Pa abdi teu acan Pa...!”

Para pangungsi recok menta diubaran paheula-heula. Atuh puguh we Si Asbo jadi kawalahan ari diserbu kitu mah.

“Mangga...! Mangga...! Sadayana oge bakal kabagean, malah supados teu heurin teuing, saena mah caralik di tempatna masing-masing engke oge ku abdi didongkapan.

Atuda ari ku kitu tea mah asa nu teu rek percaya ka manehna téh, da nyarangkana téh ka Si Asbo lamun manehna lain dokter sakurang-kurangna oge mantri ti salah sahiji rumah sakit, kitu sotéh lamun ningali kana papakeanana anu sing sarwa bodas. Ngan edas ditingali-tingali téh ngubaranana bet siga anu pipilih. Simanahoreng manehna mah ngan hayang nyabakan lemes jeung limitna pipi Nyi Mojang Desa. Da ari aya aki-aki  mah atawa nini-nini anu koromod pipina, diliwat we ku manehna mah sanajan digeroan oge.

Aya awewe rada tegep rupana nyampeurkeun ka manehna, pok nyarita: “Den, abdi mah nyeri padaharan nyuhunkeun pel Ciba we upami aya mah.”

“Euh mangga... mangga engke dikintun nya! Ayeuna mah nu penting soca heula!”

Bari ngomong kitu téh ngan dangheuak sirah si awewe téh ditanggahkeun. Creeet... creeet panon si awewe téh dipeureuhan.

Kuring jeung Si Nano, nempo paripolah Si Asbo ngan ukur bisa seuri. Basa digeunggeureuhkeun waktu kuring sarerea geus aya dina jero mobil, basana téh... “nu penting panon heula!” cenah.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

cv kawisa

mangle tetep jaya

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: