• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ukur Catur

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook

Uwa resep catur. Lain ukur resep maénna, taksiran mah,  tapi ngimeutanana deuih. Sok kapapanjangan  mun nyaritakeun catur téh, sok disilibkeun kana kahirupan. Atuh,  remen mun ngobrolkeun hiji hal teh, dipapandekeun kana kaulinan catur tea.

Kaulinan catur boga ciri mandiri.  Adumanis mikir jeung ngalengkah. Uleng mikir teu ngalengkah, ceuk uwa mah, teu kaasup maen catur. Ukur catur tanpa bukur! Atuh, mun lengkah teu mikir heula,  teu kaasup pamaen anu hade. Malah, ukur kitu mah, bisa salah lengkah ka dituna. 

Uwa gé mémang apaleun kana ‘rumus’ kakuatan masing-masing  bidak catur gé.  Apan, cenah, kakutan catur mah gumantung kana ajén bidak, tempt cicingna, sarta hubungan masing-masing bidak jeung bidak séjénna.

Kakuatan bidak catur, lian ti kakuatan  ‘internal’ oge kakutan ‘eksternal’. Bisa ngakan jeung bisa dihakan, gumantung kana tempatna. Lian ti eta, wani henteuna lawan ngakan gumantung kana masing-masing dékéngna.

Lengkah bidak catur, ceuk uwa mah, ulah cecelengcengan. Kudu aya nu ngawal.  Najan sakumaha kuatna gé saperti perwira,   tetep kudu milihan lengkah nu merenah, nyicingan tempat nu panghadéna, sarta puguh nu ngarojongna deuih.

Dina milih jeung nempatkeun pamingpin, ceuk uwa mah, lir kaulinan catur tea. Nu milih teh,  kudu nilik kana ajén (kakuatan internal)  si éta calon, tempatna ayeuna, ogé relasina jeung pihak séjén (kakuatan eksternal). Sual ajén diri, mun  dina  catur mah, naha ukur pion atawa perwira; nu ditempatanana,  kaasup héngkér atawa kuat; saterusna  oge kudu niténan balad-balad sabudeureun si éta calon téa.

Tumali jeung pancén gawé pamingpin,  ceuk uwa kénéh, loba nu bisa dipapandékeun  kana catur téa. Dina catur, nu misti ditangtayungan, dijaga, jeung diriksa téh raja. Eta raja, simbol kakuatan. Da, apan najan salah sahiji pihak terus-terusan ‘ngaremus’ ngakanan bidak pihak lawan, ari rajana ‘diskak mat’  mah angger wé éléh!

Saperti  nu baroga wewenang ngalaksankeun pancén, apan enas-enasna mah keur kapentingan rahayat.  Nu msiti dijaga diriksa téh kasalametan nu boga kakawasaan nyatana rahayat. Ceuk uwa, naon wae nu dipilampah ku pamingpin,  ari rahayat teu kapaliré mah, saperti nu catur teu nalingakeun raja téa .

Para wawakil rahayat, lir bidak-bidak dina catur téa. Dina nangtayungan kadaulatan, éta bidak téh nangtukeun kacida. Masing-masing kakuatan, bisa keur ngajaga tur ngarikas nu boga kadaulatan, malah mistina mah, ku lantaran pancén gawéna ngariksa kadaulatan rahayat, atuh nu boga wewenang gé sakuduna daék miara hak-hak rahayat.

Nu dipaénkeun dina papan catur, mémang diwatesanan. Aya aturan jinek keur masing-masing bidak. Léngkah-léngkahna kauger ku aturan. Dina ngaléngkah deuih, ceuk uwa mah, salilana dumasar kana kapentingan dangka panjang ogé demi kapentingan nu pangpentingna. Léngkah ayeuna téh keur kapentingan lengkah sapandeurieunana. Lantaran, mun ‘blunder’, salah lengkah, bakal nyusahkeun pihak séjén, sarta ngagejedkeun lengkah saterusna. Malah, teu mustahil, bongan lengkah ‘arinyana’ pihakna teh bakal kaasup anu éléh!

Dina catur, ceuk uwa mah, gambaran kapunjulan jeung kahéngkéran téh nembrak.  Taya nu bener-bener bisa leupas  tina mamala. Da, lain ukur  perwira nu gampang ngakanan pion, tapi  perwira gé bisa dihakan pion.***

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Itang D.S

Sae pisan, Kang Enca. Pilosofis.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: