• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dr. H. Endang Juhari, SH., MH.;

Ngubaran Bangsa
Mukakeun Haté Sina Beunta

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Dr. Endang; ngabebenah kaayaan, mimitina kudu tina haté [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Aturan mah teu kurang-kurang. Nyampak di mana-mana. Tapi, teu babari ngalarapkeunana. Kitu téh balukar ‘lolong’ haté. Tah, kumaha atuh ngubaranana? ***

Patalimarga macét, trotoar hésé dililiwatan, mobil-mobil parkir di jalan, naon anéhna? Horéng, keur nu leukeun tur imeut mah, nu kararitu téh lain pasualan basajan. Da, gambaran ruwetna kahirupan balukar biasa teuing ngalanggar aturan. “Upama tos biasa ngalanggar aturan, antukna mah moal ngarasa salah deui,” ceuk Dr. H. Endang Juhari, SH., MH., Doktor Ilmu Administrasi Publik lulusan Universitas Parahyangan (Unpar), Bandung.

Ngobrol jeung nu icikibung dina widang hukum, obrolan gé neueul tur pakuat-pakait jeung widang hukum.  Da, mémang kitu kanyataanana, kahirupan sapopoé gé, teu weléh dipageran ku rupa-rupa aturan.

Upama loba kénéh nu ngalanggar aturan, naon sababna? “Urang téh beunta, tapi lolong,” pokna tandes naker. Nu lolong, lain panon, da sidik nu éta mah awas naker. Ngan, ceuk H. Endang mah, nu teu awas téh haté. “Balukar haténa lolong, nya rupa-rupa aturan gé, angger wé dilanggar,” pokna deui nambahkeun.

 

Salah Saréréa

Upama loba nu ngalanggar aturan, saha nu salah? Ceuk  H. Endang mah, teu bisa diteumbleuhkeun ka salah saurang atawa ka salasahiji kelompok. Geura wé, cenah, mun nu dagang dina trotoar, heug dibeulian, nu meuli gé kaasup salah. Lantaran, apan trotoar mah, lain keur nu dagang, tapi keur nu ngaliwat. Kitu deui, mun loba mobil nu parkir di jalan, lain salah nu boga mobil wungkul, tapi bisa ogé salah patugasna ngantep nu markir mobil di jalan.

Pasualan-pasualan nu kasaksén di jalan, ceuk H. Endang mah, teu sing basajan. Lantaran, ngamuarana mah ka pamaréntahan. Apan, rupa-rupa aturan téh enas-enasna mah keur karaharjaan balaréa. Ngan, tangtu wé, jinek jeung larapna aturan téa, nu kudu dibebenah téh sagalana kaasup pamaréntahanana sangkan ninggang ka nu keur jadi kacapangan ‘good governance’, atawa pamaréntahan anu hadé!

Najan disebutna pamaréntahan hadé, lain ukur aparat pamaréntahan wungkul nu kudu dibebenah téh. Da, di dinya mah, nu kaasup pamaréntahan hadé téh ngawengku tilu bagian, pamaréntah, masarakat, jeung dunya usaha. “Nu tilu bagian téh kedah adumanis, tur tumuwuh kasadaran,” ceuk Dr. Endang témbrés.

Nyaritakeun pamaréntahan anu hadé ogé enas-enasna mah, neueul kana aturan. Masing-masing pihak, dina ngalaksanakeun ‘pancénna’ téh kauger ku aturan anu tangtu. Sagala rupa paripolah jeung garapan gawé pamarentah dipapayungan ku undang-undang atawa aturan. Kitu deui pangusaha dina ngalaksanakeun usahana dipageran ku rupa-rupa aturan anu jinek. Kumaha ari masarakat? Tangtu wé, teu weléh ditalingakeun ku aturan.

Paripolah nu ngalaksanakeun pancén-pancén pamaréntahan, kudu napak kana aturan anu jinek. “Padikana jinek pamaréntah téh kudu transparan sareng akuntabel,” ceuk ieu Widyaiswara nu jadi pangajar di Diklat Propinsi Jawa Barat téh.

Sual ‘transparan’ atawa nembrak, kacida dipiharepna ku sakumna pihak. Lantaran ku cara kitu kawijakan atawa putusan téh bakal kauji ku balaréa. Hartina, rék alusna rék goréngna bakal babari kasaksén ku saha waé. Ku cara kitu, ceuk H. Endang, mun téa mah aya hal-hal nu dianggap méngpar tina aturan, gampang kanyahoanana sarta gancang dibebenahna. Ari nu tumali jeung akuntabel mah, pihak-pihak nu ngalaksanakeun éta kawajiban téh, puguh tanggung jawabna.

Dina nembrak jeung puguh tanggung jawab téa, kagambar dua pasipatan nu mamistina nyangkaruk dina masing-masing pihak nu ngalaksanakeun éta tugas.  Mémang, cenah, nembrak wungkul teu cukup, da éta mah bisa waé ukur tartib administrasi, tapi mun ‘bisa dipertanggungjawabkan’ mah, hartina nyumponan unsur-unsur kajujuran nu mémang ‘sakuduna kitu’.

 

Ngubaran Haté

Dina ngajén pihak séjén, H. Endang teu meungpeun carang. Najan inyana téh Pagawé Negeri Sipil (PNS), da puguh icikibung dina dunya atikan, tangtu wé, remen boga pamanggih nu béda jeung ilaharana pihak-pihak nu boga wewenang. “Upami gaduh tékad ngabebenah kaayaan, intina mah, kedah ngubaran haté masing-masing, sangkan teu lolong!” pokna.

Lir ibarat nu teu ningali, moal awas kana tincakkeun. Atuh, teu mustahil sagala dirumpak. Malah, ahirna bisa waé lolong haté. Malah ka dituna mah, lir ninggang kana kekecapan kolot, tunggul dirarud catang dirumpak! Balukarna, tinimbanganana ogé ngan ukur keur kapentingan diri atawa kelompokna masing-masing.

Sakadar conto, ceuk ieu Konsultan Hukum nu dumuk di Bandung téh, masih kénéh kasaksén, nu ngokolakeun pausahaan daérah gé lain dumasar kana kapentingan kamajuan éta pausahaan, tapi sakadar ‘méré’ tempat ka nu dipapancénan nyekel kalungguhan di éta pausahaan. Balukarna, éta pausahaan téh lain untung, tapi sabalikna.

Dina ngabebenah kaayaan, ieu teureuh Garut mah percaya, mimitna tina haté. Lantaran, cenah, haté mah moal bisa dibobodo jeung tara ngabobodo. Saterusna, dina prakna ngalarapkeun rarancang gawé, samistina ngimeutan heula nu pangpereluna jeung pangpentingna dilaksanakeun. “Ulah ngan saukur resep ngawangunna tapi teu bisa miara jeung ngamangpaatkeunana,” pokna.

Contona, cenah, dina danget ieu, nu pangpentingna téh lain hantem ngawangun jalan anyar, tapi miara jeung ngamangpaatkeun éta jalan. “Ngalarapkeun sagala aturan di tempatna,” pokna. Saperti nu tumali jeung jalan téa, apan masing-masing gé geus puguh bagianana. Jalan téh keur patalimarga, trotoar keur nu laleumpang. “Ulah pacorok, nepi ka salah pungsi,” pokna bari mésem.

Upama ngalaksanakeun pancén gawé apal kana pasualan, sarta nété tarajé nincak hambalan, teu sing susah. Saperti  ngungkulan runtah, ceuk H. Endang mah moal hésé, asal ngalarapkeun aturan anu jinek. Geura wé, barang-barang saperti sayur-sayuran nu asup ka mol atawa supermarket teu ieuh nyésakeun runtah. Kituna téh, lantaran asupna sayuran ka mol gé geus beresih. Nu kawas kitu, cenah, sabenerna mah bisa dilarapkeun di pasar-pasar umumna.

Apal kana urusan pamaréntahan, H. Endang tigin kana pancénna. Tékadna gé ngabaktikeun diri di dunya atikan. Najan, kasang tukangna hukum, ahirna mah leuwih tumaninah jadi ‘guru’. “Dina ngajar nu sok dicarita-caritakeun téh bebeneran, lain  néangan ‘pembenaran’,” pokna.

 

Carita Indung

Upama ayeuna nanjung di Bandung, H. Endang gé teu poho ka bali geusan ngajadi. Sok reueus mun nyebutkeun dirina urang kampung téh, da mémang kaayaan pakampungan deuih nu ngalantarankeun dirina boga sumanget daék diajar jeung boga kaludeung gé. 

H. Endang, keur budak mah teu kungsi ngimpi bakal jadi pagawé di puseur dayeuh tatar Sunda. Da puguh, sapopoéna gé harita mah, saperti umumna barudak lembur, purah ngarit jeung ngangon ingon-ingon, saperti domba atawa munding. Atuh, indit ka sakola gé, teu weléh mamawa tolombong jeung arit, lantaran balikna kudu ngala jukut.

Tamat SD di Rancamaya, Torogong, Garut, neruskeun ka SMP.  Jauh ka sakola SMP téh, lantaran kudu ka Torogong kota. Anggangna ti lembur téh kurang leuwih tujuh kilo. Ari, harita kapaksa wé nikreuh da taya kandaraan umum. “Sakola téh capé di jalan,” pokna ngumbar panineungan.

Upama ahirna milih sakola di jurusan hukum, mémang aya alatanana. Waktu keur budak, kungsi ngabandungan aki boga urusan jeung hukum. Pasalna mah, pasualan tanah warisan. Ahirna, papaduan nepi ka pangadilan. Ari dulur aki téh urang kota, nu dina pasualan hukum mah leuwih ngarti batan aki. Pamustunganana, pihak aki nu ngarasa dirugikeun téh!

Pajuriwetna masalah hukum, nodél mamaras rasa Endang Juhari harita. Matak, najan teu dikedalkeun ka kolot, haténa mah gilig hayang ngarti hukum. Atuh, satutas tamat SMA biur wéh sakola ka Bandung, daptar ka Fakultas Hukum. Daptarna ka Unpad, tapi teu kabiruyungan. Nya miluan deui tésting di Unpar jeung di Unisba (Bandung). Najan  ditarima di dua paguron luhur, nu dicokot mah Unisba. Kituna téh, lana manjangkeun carita. Ti ieu paguron luhur, Endang meunang gelar Sarjana Hukum.

Taksiran, ku lantaran keur mahasiswa gé kaasup nu ‘aktip’ dina rupa-rupa kagiatan, sanggeus lulus téh disambat jadi asisten dosen, mantuan Prof. Bagir Manan (nu kungsi jadi Ketua MA). Ngan, waktu aya panarimaan calon hakim nu téstingna di Jakarta, Endang Juhari gé milu tés. Lulus!

Mungguhing lalakon, horéng teu weléh aya pakuat-pakaitna jeung mangsa ka tukang. Horéng, lalakon papaduan akina téa, bét nodél mamaras rasa ibuna Endang.  Cenah, pagawéan kitu mah, leuwih hadé dijauhan! Hartina, Endang teu diidinan jadi hakim. Dina séjén waktu, Endang milu tés pagawé nagri di Pemda Jawa Barat. Lulus deui waé. Nya ahirna mah ti harita tetep jadi pagawé nagri.

Ayeuna, Dr. Endang Juhari, SH., MH., téh matuh di Bandung. Tapi, teu poho ka bali geusan ngajadi. Da, aya papatah kolot nu teu weléh nongtoréng. Cenah, kudu nyaah ka nu leutik. “Mun aya nu ngiuhan pék sambat, ulah nepi ka kahujanan di panyawéran,” ceuk Dr. Endang nineung papatah ramana. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: