• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Méméh Milih
Waktuna Nyidikkeun Piliheun

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Ali Anwar; Rahayat butuh pangaping jeung panyalindungan [Potrét/Ilustasi: rudi]

Pilihan législatif ukur bubulanan deui. Perelu tatapakan dina nangtukeun piliheun. Ngan, naon waé pasaratanana? Naon nu kudu nyampak dina diri pipamingpineun téh?

Pilihan umum teu weléh jadi  babak anyar dina kakawasaan pamaréntahan. Nya ti dinya mimitina nataharkeun kahirupan kanagaraan geusan nyorang mangsa saterusna. Keur  ngahontal harepan balaréa, bisa hirup jeung huripna, daék teu daék misti dimimitian tina milih para pamingpinna di legisilatif. “Ulah nepi masarakat salah milih,” ceuk Prof. Dr. H. Ali Anwar, M.Si., Guru Besar Fakultas Ilmu Sosial dan Ilmu Politik (Fisip) Universitas Pasundan (Unpas) Bandung.

Upama Prof. Ali neueulkeun harepan ka nu rek milihna, mémang lantaran di dinya huluwotanna.  Da, ahirna, kumaha nu milihna. Atuh, kitu jeung kieuna ajén wawakil rahayat, gumantung pisan kana putusan rahayat.  “Tah, di dinya pentingna nyidikkeun piliheun,” pokna.

 

Muguhkeun Ukuran

Nangtukeun pilihan dina bilik sora (TPS), bisa ukur memenitan. Tapi, prak-prakan milih téa, ceuk H. Ali Anwar mah, kudu mangrupa runtuyan tina hasil pangimeutan  anu panjang, sanggeusna dibeuweung diutahkeun.  “Milih téh kudu dipikir jeung diintip ku ati, dipapay ku rasa, disusurup ku kolbu,” pokna ngingetan.

Bisa jadi, cenah, mémang teu gampang milih. Lantaran nu patingtorojol téh warna-warni piliheun. Lobana partey jeung lobana calég, keur nu rék milih gé teu gampang nangtukeun pilihan. Ku lantaran kitu,  ceuk Prof. Ali mah,  masarakat  teh ulah haripeut ku teuteureuyeun!

Upama ukur daék milih lantaran aya ‘paméréna’, kawas kitu mah lain cara nangtukeun pilihan anu hadé.  Éta mah, mikirna gé ukur saharitaeun. “Padahal, apan milih pipamingpineun mah  keur dangka panjang, malah pangaruhna gé bisa salalawasna,” pokna.

Dina hirup, mémang remen disanghareupan ku misti  mutuskeun pilihan. Ngan, cenah, ari keur urang Sunda mah, milih ogé boga padika. Apan, kudu asak-asak ngéjo bisi tutung tambagana, ceuk  paribasa téa mah. “Milih ku ati atawa pilihan haté masing-masing kudu jadi tatapakan utama dina nangtukeun pilihan téa,” ceuk ieu Ketua LPPSI Unpas téh.

Karep masarakat  nangtukeun piliheun, ceuk ieu akademisi teureuh Garut nu ngancik di Bandung téh, kudu ngimeutan paripolah jeung lalampahan paracalon pamingpin téa. Untungna, rahayat mah teu kudu asruk-asrukan ngadatangan caleg, da puguh pihak calon legislatif nu patingtorojol ngawanohkeun diri masing-masing ka pihak nu rék milih. “Bisa ngabanding-banding mana nu panghadéna ti antara anu rék dipilih,” pokna. Carana, cenah, kari ngimeutan lalampahan jeung kamampuhanana!

Di nagara démokrasi, hak milih jeung dipilih ditangtayungan ku undang-undang. Da mémang kitu aturanana. Hartina, saha waé gé bisa jadi calon legislatif asal nyumponan pasaratan administrasi. Sanggeus cukup  pasaratan nu ditangtukeun ku Komisi Pemilihan Umum (KPU), calon téh boga hak ‘ngembarkeun’ dirina yén inyana téh calon legislatif. Geus kitu mah, éta calon gé bisa napak kana kekecapan padagang, apan cenah, ‘kersa galuh, mun teu kersa ulah geuleuh’!

Najan kitu, ditilik keur kamasalahatan balaréa, ceuk Prof. Dr. H. Ali Anwar, M.Si., pamingpin gé kudu jinek jenglenganana, lain ukur bisa nyumponan pasaratan administrasi.  Hartina, leuwih jauh deui tina éta pasaratan, pamingpin mah kudu boga adeg-adeg, kamampuhan, jeung jenglenganana nu jinek. “Apan pamingpin téh khadimul ummah, aqdamul ummah, sareng sayyidul  ummah,” ceuk ieu Ketua Bidang Agama Paguyuban Pasundan téh.

Nu kahiji, khadimul ummah,  hartina téh palayan umat, palayan masarakat. Mémang, cenah, saperti pajabat ayeuna, apan ngakuna mah palayan masarakat. Da, mémang kitu samistina mah, parapamingpin téh jadi pihak nu mantuan jeung ngurus  ngatur kahayang tur kabutuh masarakat sangkan rahayat bisa hirup jeung huripna.

Nu kadua, pamingpin téh kudu jadi tatapakan umat. Hartina, aya geusan panyalindungan rahayat dina mangsana butuh panyalindungan. Aya nu nuduhkeun dina mangsana butuh ku pituduh! Hartina, pamingpin téh, nyampak dina mangsana rahayat mikabutuh éta pamingpin.

Saterusna, nu katilu, mémang pamingpin mah ‘top leader’. Dina éta kalungguhan ‘nyiruruk’ rupa-rupa pancén nu di antarana jadi ‘leader’ jeung ‘minijer’. Atuh, sawadina éta pamingpin téh mampuh matéahkeun sagala nu nyampak, sarta mampuh ngokolakeun rupa-rupa poténsi geusan karaharjaan masarakatna.

 

Butuh Pangaping

Antara nu milih jeung nu dipilih, biasana gé aya pihak séjén. Rupa-rupa sesebutanana gé, bisa ukur bobotoh, bisa ogé ‘tim sukses’. Di antara nu jadi ‘panumbu’ catur nu bisa nyambungkeun antara dua pihak ( nu milih jeung nu dipilih), samistina aya nu jadi pangaping. Tah, saha téa? “Kaum inteléktual, inohong masarakat, sareng sajabana, tiasa janten pangaping masarakat,” pokna.

Da, mémang teu sakumna warga bakal mampuh milih kalayan bener-bener ngalarapkeun padika milih saperti tadi. Malah, bisa jadi milihna gé ukur milih, ukur lantaran paméréna, ku lantaran kabobodo ku omongan, jeung sajabana. “Tah, hadirna pangaping peryogi pisan,” ceuk ieu Ketua Bidang Latihan Dekopinwil Jawa Barat téh.

Makusd H. Ali Anwar mah, para inohong atawa kaum inteléktual téh kudu nyorakeun nu ‘bebas’ tina rupa-rupa kapentingan, iwal ti keur kamaslahatan masarakat sakumna. Ngan, naha aya kénéh nu payus dipilih jeung kapilih, aya kénéh piliheun nu khadimul ummah, aqdimul ummmah, jeung sayyidul  ummah? Naha masarakat gé mampuh milih ku cara leuwih ti heula ngintip ku atina, ngararampa ku rasa, jeung nyusurup ku kolbu? H. Ali Anwar mah tetep gedé haté. “Tangtos aya kénéh nu gaduh kamampuhan sareng patékadanana saé,”  pokna. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: