• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

H. Yusyus Kuswandana, SH.;

Metakeun Jurus
Ngahudang Kaludeung Sunda

Kénging Ensa/Unay
Kintun kana Facebook
Mangle
Ngeprak balad, sina nyaah kana Sunda [Potrét/Ilustasi: unay]

Urang Sunda kudu kuat. Carana, maké padika hirup nu geus kauji ti baheula mula. Kitu di antara jejer obrolan Manglé jeung H. Yusyus Kuswandana, Anggota DPR RI, asal Jawa Barat.***

Hiliwir angin Désémber dipirig hujan miripis isuk-isuk, matak seunggah nu lumampah. Komo  keur nu araya di pagunungan saperti padataran luhur wewengkon Jatinangor,   nu keur kasab di kebon gé leuwih milih ngiuhan di saung atawa dina handapeun runggunukna tatangkalan. Tapi, nu diparangsi jeung kaos hideung mah, hawa tiris kitu téh, bangun teu mangaruhan kana sumangetna. Eta para ‘jawara’ silat Gagak Lumayung téh, hut-hét métakeun jurus di lapang maénbal Kiara Payung Jatinangor, SumedangJawa Barat.

Taksiran, parapalatih silat mah teu nolih rasa tiris jeung capé. Da, cikénéh disundut sumangetna ku Ketua Dewan Pimpinan Daérah (DPD) Persatuan Penggemar Pencak Silat (P3S) Gagak Lumayung Propinsi Jawa Barat, H. Yusyus Kuswandana. Kang Yusyus (kitu katelahna), méméh ngabringkeun para palatih silat ka lapang maén bal téh, nepikeun wejanganana, di salah sahiji rohangan di éta wéwéngkon. Intina, nyundut sumanget jeung ngayakinkeun parapalatih silat, yén éta béla diri téh gedé guna jeung mangpatna keur balaréa.

Dina sela-sela nepikeun pamanggihna, H. Yusyus gé metakeun jurus-jurusna. Enya, apan inyana gé resep kana menca téh ti keur rumaja kénéh, lana nepi ka ayeuna. “Dina mangsa campur gaul jeung rupa-rupa bangsa katut budayana, bangsa urang kedah tetep napak kana budayana,” pokna ka Manglé di Kiara Payung Jatinangor, Sumedang Jawa Barat.

Budaya Sunda, ceuk H. Yusyus, bisa dilarapkeun dina rupa-rupa widang, kaasup dina pulitik! Ngan, tangtu cenah, larapna budaya Sunda téh, kudu dimitembeyan heula tina mikawanohna. “Kalebet kedah wanoh kana sajarah Sunda,” pokna bari nyutat kekecapan Milan Kundra, panulis Ceko nu nyebutkeun, mun hayang ngancurkeun hiji bangsa, ancurkeun wé sajarahna!

Dina mikaresep penca silat, Kang Yusyus mah, lain ukur semet diajar jeung ngéngklak nuturkeun wirahma kendang jeung tarompét, tapi deuih ngalelekan palsapahna. Da, cenah, loba kacida pasipatan hadé nu bisa dialap tina penca téh. Saperti kekecapan tékad, ucap, lampah, jeung paripolah nu kudu sawirahma, bisa dilarapkeun dina widang naon waé.  “Kalebet dina kapamingpinan,”pokna.

Mémang, cenah, dirina gé teu meungpeun carang, dina mangsa kiwari mah, para pamingpin téh loba nu nguciwakeun rahayatna. “Tapi, tetep kedah gedé haté, margi seueur kénéh pamingpin anu leres-leres ngabdikeun diri demi kapentingan masarakatna,” ceuk ieu anggota DPR RI ti daérah pilihan (Dapil) Sumedang, Majalengka, jeung Subang téh.

Napak kana Budaya

Rahayat  butuh kanyaah pamingpin. Kitu téh, lantaran rupa-rupa widang kahirupan masarakat, enas-enasna mah diurus jeung diatur ku parapamingpinna. Hartina, hirup-huripna  masarakat téh bakal gumantung kana pasipatan ogé kamampuhan pamingpinna. “Budaya tiasa ngawangun karakter pamingpin,” pokna tandes naker.

Kitu deui budaya Sunda, ceuk ieu teureuh Bandung nu lahir taun 1962 mah, kacida hadéna keur ngawangun karakter pamingpin téh. Lantaran, budaya Sunda nu mangrupa ‘acining’  pipikiran jeung pangalaman urang Sunda ti mangsa ka mangsa,nyésakeun padika hirup nu mun dipaké ku urang Sunda tangtu bakal jadi cukang lantaran kamaslahatan keur balaréa.

Dinanyorang hirup jeung kahirupan, kahadiran pamingpin perelu. Ngan, nu kumaha ari pamingpin anu hadétéh? Nurutkeun H. Yusyus Kuswandana, SH mah, nya teu béda ti pasipatan atawa karakter ‘insan utama’.  Tah, éta pasipatan téh ku ieu pingpinan DPD P3S Gagak Lumayung mah, diringkeskeun jadi tujuh karakter, daék babakti, jiwa karayatan, ngabogaan sumanget kapahlawanan,  sikep nagarawan, jembar wawasan kabangsaanana, tuladeun, jeung taat kana aturan. “Pamingpin mah kedah ngutamakeun kapentingan masarakatna,” pokna.

Pasipatan pamingpin, ceuk ieu pulitisi ti Partey Demokrat téh, kudu mampuh mekarkeun potensi nu nyampak di masarakat. Tangtu, cenah, dina nyumangetan masarakat gé, éta pamingpin téh kudu apal kana budaya masarakatna. Lantaran, nya budaya téa nu baris nguatan ajén-inajén hirup masarakat.

Kang Yusyus percaya, rupa-rupa kagiatan budaya, boga mangpaat nu lain ukur témbong dina raga badagna. Saperti, ‘baris-berbarisna’ tentara, apan lian ti némbongkeun kakuatan téh, ogé ngawangun pasiptan nu teuneung tur ludeung ogé reueus kana korpna.  Tina  ngabaris bérés téa, bakal témbong rupa-rupa karakter ti masing-masing tentara nu asalna ti rupa-rupa bangsa jeung nagara.

Nembongkeun kakuatan,  ‘ show of porce’, kacida pentingna keur masing-masing sélér bangsa ogé. Matak, teu sing anéh, upama umumna nagara-nagara maju mah, féstival-féstival téh geus jadi kabiasaan. Lantaran, ku cara kitu, masarakat téh, lain ukur mintonkeun hiburan, tapi deui ngawangun pasipatan gotong-royong nu saterusna mah némbongkeun kakuatan jeung kadigjayaan ka bangsa séjén.

Kumaha ari penca silat? Ceuk pupuhu Gagak Lumayung Jawa Barat mah, kakuatan keur ngawangun kamandirian, ogé kadigjayaan téh nyampak pisan. Lantaran, cenah, ieu seni béla diri téh, kaasup kumpilt, ngawengku olah batin, olah pikir, olah rasa, jeung olah raga!

Hirup jeung Ngahirupkeun

Kakuatan lokal, ceuk H. Yusyus mah, kudu tuluy-tuluyan dipiara tur dimekarkeun. Tangtu, cenah, butuh panalinga jeung kanyaah balaréa. Saperti nu tumali jeung budaya Sunda, sawadina jadi panalingaan para pamingpin boh nu mancén gawé di kabupaten/kota boh nu di propinsi. “Sakur pamingpin di Jawa Barat kedah gaduh kanyaah kana budaya masarakat Sunda,” pokna.

Upama téa mah, para pamingpin boga kaengeuh kana budaya masarakatna, mémang lian ti kawajibanana salaku pamingpin masarakat, tapi deui tumali jeung tugasna dina ngalaksanakeun undang-undang atawa aturan anu nyampak. Apan, padika miara budaya gé jinek naker aya réngkolna dina undang-undang.

Upaya miara jeung ngamekarkeun budaya Sunda kiwari, mémang teu gampang. Lantaran, beuki dieu pangaruh dengeun gé beuki mahabu. Teu jarang, bogana sorangan mah kaluli-luli lantaran kasilih ku budaya deungeun. Balukarna, budaya-budaya talari karuhun téh mingkin katélér-télér. “Dina kaayaan sapertos kitu, tangtos kedah aya tarékah jinek ti masing-masing pihak,” ceuk H. Yusyus.

Dina némbongkeun kanyaahna, Yusyus mah, mémang teu ngan saukur lalambé.  Karesepna kana penca silat, ditularkeun ka balaréa. Apan, ieu ‘inohong’ Gagak Lumayung Jawa Barat mah, remen ngeprak balad-baladna ngayakeun rupa-rupa kagiatan. Kituna téh, mayeng saban taun aya kagiatan rongkah nu diiluan ti saban kabupaten/kota ti Jawa Barat.

Geusan némbongkeun ajén diri, pihak Gagak Lumayung gé, boga karep ngayakeun ‘parade’ jurus nu baris ngumpulkeun anggota sapuluh rebu urang. “Urang catetkeun dina rekor MURI,” pokna.

Upaya kitu ogé, salah sahiji ngahudang kareueus urang Sunda kana budayana. Lantaran, saperti nu disebutkeun di luhur, tina ngumpul babarengan, ngayakeun kagiatan babarengan, gotong royong, bakal timbul rasa reueus nu baris karasa ku sakumna sélér bangsa.

Upama H. Yusyus Kuswandana kacida engeuhna kana budaya, mémang lantaran di dinya icikibungna. Ti bubudak gé, ngarasa budaya luluhur téh, jadi bandana nu kudu dipiara tur dimekarkeun nepi ka jaga. Patékadanana kitu, ogé lantaran luang jeung pangalamanna nu remen ngider saban daérah ogé saba mancanagara. Pancén gawéna jadi anggota DPR RI nu ogé biasa jadi nara sumber  dina Opat Pilar Kebangsaan,  Pancasila,UUD 1945, Bhineka Tunggal Ika, jeung NKRI, kanyaahna kana budaya sorangan téh beuki ngandelan. “Yakin upami masing-masing napak kana budayana, urang tiasa langkung majeng,”pokna.

Lantaran, masing-maisng sélér gé boga kapunjulna. Tah, éta kaunikan téh bisa dimekarkeun, bisa dijadikeun lahan pangupa jiwa keur nyumponan kahirupan sapopoé. Cindekna, geusan ngahontal hirup jeung huripna.

Saperti tina penca silat, ceuk Kang Yusyus bisa tumuwuh rupa-rupa karancagéan. Upama pagelaran, féstival, ogé pitonan-pintonan, ilaharna bisa diiluan ku kagiatan-kagiatan séjén. Tina seni atawa budaya, saterusna mah bisa muka lahan kasab masarakat, saperti nu tumali jeung sandang, ogé kulinér has masing-masing daérah. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: