• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ngahargaan
jeung Miara Basa Sorangan

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Kiwari, muncul gejala ngalélécé hiji basa, bari ngagul-ngagul hiji basa séjén. Sakumaha  sinyalemen UNESCO, di sakuliah dunya, unggal poé aya 7.000 (tujuh rébu) basa nu tumpur. Pangpangna “basa indung” atawa basa wewengkon, balukar geus tara dipaké jeung tara dipiara ku nu bogana nu ngarasa reueus ngagunakeun basa séjén nu dianggap leuwih nguntungkeun dina sagala widang.

Padahal, rupa-rupa basa, kitu deui rupa-rupa warna kulit manusa nu mibanda éta basa, mangrupa ciptaan Alloh SWT. Minangka salah sahiji bukti kamahakawasaanaNa :

 

 

 

Nu hartosna:  “Dan di antara tanda-tanda kakawasanaNa, nyaéta nyiptakeun langit jeung bumi, rupa-rupa basa katut rupa-rupa warna kulit aranjeun. Saéstuna dina éta hal, aya pertanda pikeun jalma nu ngarti (Q.s.Rum : 22).

Béda-béda dina ciciptaan  mahluk, warna kulit, golongan, kitu deui kabisaan, mangrupa jalan pikeun papada mikawanoh. Lain keur  sili poyok, sili hina, nyombongkeun diri. Lantaran nu pangmulyana mungguh  Alloh SWT , nyaéta nu pangtakwana (Q.s.al Hujurat : 13).

Merenahkeun hiji basa, leuwih  istiméwa ti batan hiji basa séjén, bisa disebut ngahina kana ciptaan jeung bukti kakawasaan Alloh SWT. Komo nepi ka ngamusnahkeun hiji basa katut bangsa ku cara-cara licik tur biadab. Di antarana baé, mapaharékeun hiji basa sangkan teu digunakeun dina hirup kumbuh sapopoé, nyingkirkeun tina kurikulum atawa silabus resmi ambéh taya pangajaranana di sakola. Kitu deui ku cara nyieunan plang katerangan jalan, tempat, jsb.nu katénjo ku umum, ku basa nu teu dipikawanoh ku balaréa. Nepi ka ngahudang kesan “apartheid” jeung “rasis”. Tapi diantep nerekab, taya kritik atawa dioméan sangkan luyu kana kaayaan.

Ngulik basa jeung adat istiadat bangsa séjén, geus jadi kabiasaan di nagara-nagara maju. Tujuaanana, dina raraga ngalegaan ambahan ékonomi, politik, militér, budaya, jeung sajabana. Ari di nagara-nagara karék mekar (berkembang) atawa nagara miskin, malah basa sorangan diculkeun. Terus hésé béléké diajar basa séjén,kalawan alesan pikeun ngudag kamajuan. Tangtu baé ngondang kaprihatinan. Tinimbang maju, anggur mundur. Sabab kaleungitan basa asli, komo “basa indung”, sarua jeung kaleungitan ajén-inajén kalinuhungan tradisi budaya lokal nu jadi dadasar hirup katut kahirupan ti barang gubrag ka alam lahir.

Dina Alqur’an jeung  Sunnah Rasululloh Saw, mémang réa paréntah pikeun nyukcruk élmu pangaweruh. Alloh SWT baris ngangkat darajat jalma iman nu mibanda élmu pangaweruh (Q.s. Mujadalah : 11). Rosululloh Saw nganjurkeun umatna pikeun terus diajar, ti barang dina ayunan nepi ka asup kana liang kuburan. Malah miwarang néangan élmu ka “nagri Cina”. Éta paréntah diajar néangan élmu pangaweruh, éstuning henteu dibarengan ku paréntah ngaganti atawa ngaculkeun basa nu geus maneuh sapopoé ku basa nu baris digunakeun di tempat nyukcruk élmu pangaweruhna. Malah di dinya, aya isyarah, pikeun ngawasa basa-basa anyar sakaligus mertahankeun basa-basa nu geus dipibanda.

Pikeun meruhkeun sasama mahluk, diperlukeun basa. Komo mahluk salian ti manusa, kayaning jin jeung sasatoan. Ku kituna, Nabi Sulaiman as., dipaparin mu’jizat ku Alloh SWT, ngawasa basa-basa maranéhna. Kekecapan maranéhna jadi sarana instrospeksi pikeun Sulaiman as dina nguatan kaimanan jeung katakwaan ka Alloh SWT, sarta sukuran kana sagala ni’matNa.  Kaunggel dina Q.s.an Naml : 19, Nabi Sulaiman as ngadangu hiji simeut nyarita ka balad-balana, sangkan geuwat-geuwat asup kana sayang, bisi kaidek ku pasukanNabi Sulaiman nu rék liwat ka dinya. Harita Nabi Sulaiman as, langsung sujud sukur, ngedalkeun du’a :

Nu hartosna : “Ya Alloh, paparin abdi ilham kanggé tetep sukuran kana ni’mat Anjeun, nu ku Anjeun tos dipaparinkeun ka abdi sarengindung bapa abdi, kanggé midamel amal soléh nu dipikarido ku Anjeun, sareng lebetkeun abdi kalayan rohmat Anjeun, kana golongan jalmi-jalmi ahli ibadah anu saroléh.”

Taya katerangan, Nabi Sulaiman As., ngaculkeun basa anjeunna, duméh sibuk ngagunakeun basa-basa jin katut sato héwan. Sabab Nabi Sulaiman As geus meunang anugerah  Alloh SWT, ngawasa rupa-rupa élmu pangaweruh, boh ngeunan hukum, boh élmu-élmu séjénna. (Q.s. Anbiya : 79).

Béda-béda basa teu ngahalangan lumangsungna amal soléh deuih. Zulqarnain, hiji hamba Alloh SWT , nu meunang anugerah kakawasaan wilayah ti masyrik nepi ka magrib, manggihan hiji sélér bangsa nu basana teu pikahartieun (Q.s.Al Kahfi : 93). Tapi komunikasi bisa dilalukeun ku cara séjén. Nepi ka Zulqarnain bisa mantuan éta kaum ngungkulan kasusah nu geus lila  tumiba. Nyaéta serangan mahluk jahat Ya’juj jeung Ma’juj. Nya Zulqarnain ngawangun  bénténg beusi campur tambaga, nutupan léngkob antara dua gunung tempat liliwatan Ya’juj jeung Ma’juj, sangkan teu bisa nyerang deui  (S.al Kahfi : 94-101).

Malah, beuki réa basa nu dikawasa, beuki alus. Ulah kajadian kawas kiwari, miceun basa sorangan, boh basa nasional boh basa daérah, pédah lantaran nganggap basa kosta leuwih poténsial muka harepan kamajuan pikahareupeun dina sagala widang.***  

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

yono

muhun leres pisan eta teh, tangtosna tiasa nanjeurna basa indung teh ku dianggo sadidinten sanes dina dintenan anu ditangtoskeun wungkul.....

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: