• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Jurig Erbe

Kénging Andang S. Argayuda
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1389091422.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Sanagara geunjleung kunu naréangan RB (érbé), mun aya cenah rék dibeuli ku harga anu matak hélok, ratusan milyar. Rabeng anu ngalér, anu ngidul, anu ngétan, anu ngulon, lembur singkur pada ngajugjug, aki-aki didaratangan, dukun-dukun pinuh ku jalma-jalma lalieur.

Loba jalma nu ngadadak anéh kalakuannana, nu tadina getol ka sawah, jadi ngacacang mapay lebak, atawa kukurusukan mapay-mapay rungkun, néangan anu anéh-anéh, manggih batu dicokot disangka anti cukur, manggih bugang hileud di cokot disangka érbé, padahal maranéhna téh teu aya anu apaleun kumaha rupa jeung bentuk érbé. Nu leuwih anéh ku urang kota, jiga anu enya, kaditu-kadieu mawa mobil meunang nyéwa, nénéangan jalma anu bogaeun érbé, gedé haté ku béja anu can karuhan.

            Lila jadi pamikiran, bakuna éta ku anu bener kitu aya jalma anu daékeun meuli nu kitu ratusan milyar. Sabab lain ayeuna baé perkara érbé, anti cukur, mérah delima, jeung samurai téh. Malah geus puluhan taun, tapi nihil can pernah aya anu kajadian. Lolobana mah bohong.

            Sababaraha poé ti harita, gurutak aya nu nganjang, ti tempat anu rada deukeut, ti désa Kiara Payung. Singhoreng murid kuring, si Adun.

            “Aya naon ieu téh asa rareuwas?” ceuk kuring.

            “Geus nguping béja anu araranéh, Kang?”

            “Béja naon?”

            “Éta, masalah ranté babi, atawa anu sok disarebut érbé téa.” pokna hariweuseus.

            “Ih, enya puguh jul-jol anu naréangan érbé jeung anti cukur, cenah mun aya rék dibeuli ratusan milyar. Asa beuki ngaco jalma téh, naha jang naon atuh maké daék meuli anu kitu ku harga ratusan milyar!”

            “Cenah mah lantaran érbé tiasa dianggo narik harta karun, tiasa dianggo narik artos anu kacida seueurna, jaba aya anti cukurna”

            “Akang ogé apal ari tiasa dianggo narik artos mah, tapi pan ari lain ku ahlina mah sing aya ogé barangna, nya moal bisa.”

            “Kang, pan Akang téh asa gaduh érbé, aya kénéh?”

            “Nya aya meureun, da Akang mah tara ngagugulung anu kitu, emang aya naon maké nanyakeun anu Akang?”

            “Kumaha pami urang paké narik artos Kang”.

            “Astagfirrulloh hall adziim, jang naon duit tinu kitu, ongkohan jurig mah teu bogaeun duit, jadi lamun aya duit anu katarik ku jin érbé, éta téh duit manusa, lamun ti bank, ke pamingpinna di hukum disangka korupsi, da duitna ngadadak leungit, manéhna korupsi dua milyar, ari anu leungit dua welas milyar, tetep baé éta pamingpin bank téh disangka korupsi dua welas milyar”

            “Muhun nya, tapi pan hoyong duit, anggo narik baé atuh Kang, panasaran kumaha kajadiannana.”

            “Ah, moal, sieun!”

            “Nyobian baé atuh Kang, hoyong terang kajadiannana, ke pami tos aya artosna, uihkeun deui”.

            “Teuing euy, Akang ogé asa hayang ari nyobaan mah!”

            “Siap, iraha waktosna Kang?”

            “Isukan dibéjaan, ari geus puguh arék moalna.” Éléh déét, ongkoh hayang ngabuktikeun, nya dasar manusa teu weléh panasaran ku hal-hal anéh, aya ti dituna meureun.

            Malem Jumaah di bulan Juli katompérnakeun, kira-kira jam sapuluh, sanggeus siap sagalana, meuleum apel jin sajewol, seungitna kasakuliah ruangan. Prak duaan ngamalkeun élmu, dzikir ngada’wamkeun kalimah anu tangtu. Sanggeus aya sajamna, bet ujug-ujug aya angin anu nyéor tarik naker, eureun angin, panto sada aya anu nénggor ku batu, ngabeledog mata kagét. Gejlig-gejlig, sada aya anu leumpang gegejlig, imah eundeur, bumi alam ngariyeg kawas aya lini.

            “Ha... ha... ha..., aya naon manusa, bet ngahudangkeun kula anu keur saré tibra!” Aya anu nyakakak tarik pisan, bari terus tumanya ku sora matak sieun.

            “Tong kaget baraya, kula keur ngamalkeun élmu, maksudna seja manggil khodam kula anu dina érbé, ari anjeun saha?” ceuk kuring.

            “Kula jin érbé, aya naon atuh anjeun maké manggil?”     

            “Lain, cenah ceuk béja, anjeun bisa méré duit anu loba, bener éta téh?”

            “Ah, boga dunungan téh kawas anu lieur, kula mah teu ngarti, da di alam kula mah teu aya anu disebut duit, ménta anu séjén baé atuh”.

            “Ih ari manéh, abong bangsa jin bedegong, maenya ka dunungan ngomong balakacanur, padu baé.”

            “Ha... ha... ha..., kula mah adatna kieu, kasar garihal, tapi naon maksudna anjeun ménta duit sagala, cenah anjeun téh jalma soléh, jalma mukmin, ning hayang duit tinu kitu?” Jin érbé, ngaharelung jangkung hideung, rambut ngawiwig gimbal, ngomong songong garihal, babarakatakan bari tetenjrag.

            “Lain rék dipaké sarakah, ngan hayang nyaho baé, naha anjeun téh boga pangawasa atawa henteu, sabab keur naon diingu ari euweuh kabisa mah.”

            “Ampun dunungan, heug kula bakal nurut, kula percaya ka anjeun, sok atuh amalkeun kalimah anu sok di da’wamkeun ku anjeun, kula rék digawé.”

            Selang sababaraha menit, riyeg, séor, beledug, burusut sada kenteng marurag, geblug, aya sora hareupeun sada anu ragrag. Jempling deui, tapi dihareupeun jiga aya karung, pinuh ku eusi jigana mah.

            “Kang, aya karung!”

            “Enya euy, cik tingali naon eusina?”

            “Ditalian Kang”

            “Buka atuh, moal nanaon ieuh”

            “Kang, artos, bareureum ratusan wungkul, kumahakeun ieu téh?”

            “Awas sing inget kana jangji, ulah rek coba-coba nyokot najan salambar”

            “Hadeuh, sagepok baé atuh Kang, lumayan jang meuli motor”

            “Ulah, talian deui baé éta karung, keun tungguan, mun nepi ka isuk karung aya kénéh, kop rék nyokot mah.”

            “Leres éta téh?”

            “Enya, Akang tunduh asa kasirep, rék saré heula!”

            Tibra saré téh, lilir sotéh pédah aya anu ngaguyah-guyah kana suku, horéng dihudangkeun ku murid.

            “Aya naon?”

            “Tos adzan subuh Kang”.

            “Aduh, naha tibra-tibra teuing sare téh, sok atuh urang sholat subuh heula”. Bareng berjamaah sholat subuh, bari sasalaman, murid ngaharéwos.

            “Kang, karung kumaha ?”.

            “Karung naon? nananyakeun karung wayah kieu, jang naon manéh teh?”

            “Ih ari Akang, éta karung anu wengi, pangirim jin érbé tea.”

            “Euleuh, enya nya, Akang poho deui, tingali atuh ka kamar.”

            “Kang, cilaka”.

            “Cilaka ku naon manéh téh, ngareureuwas?”

            “Karung leungit, Kang”.

            “Nya meureun lain milik mana kitu ogé, keun baé atuh ajengan, kapan tadina ogé ukur hayang nyobaan, hayang ngabuktikeun, lain rék ménta duit jang pakéeun urang.”

            “Haduh, muhun ari lumpat ka dinyana mah, ngan sugan téh éta jin érbé, pék ninggalan sagepok mah atuh jang kuring.” Murid téh murukusunu, ka jin érbé.

            “Ha... ha... ha..., hayang duit mah usaha nu bener atuh!” Bet aya sora tarik naker, ngeundeurkeun jantung, nyeungseurikan murid, duaan rungah ringeuh. Antukna saréréa seuri, nyeungseurikeun diri masing-masing.***                                                                                               

Patakaharja-Rancah, Ciamis

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: