• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Paraji ti Cikahuripan

Kénging Taufik Rahayu
Kintun kana Facebook

Ma Ijun ukur ngajawab ku gideug semu-semu baeud basa Eulis ngajakan ka Bandung pikeun nyaksian manéhna di wisuda téh. Eulis ogé teu bisa majar kumaha, sok sanajan dina haténa hayang pisan wisuda téh katungkulan ku ninina nu salila ieu ngaping ngajaring manéhna.

Asa ngarasa salah duméh harita henteu ngagugu kana kahayangna. Tapi da kumaha deui. Lain teu nurut lain ngalawan, Eulis mah éstu hayang ngabuktikeun bener jeung henteuna naon-naon nu ditudingkeun kana pakasaban ninina téh.

Ma Ijun téh paraji sohor di lembur Cikahuripan. Nelahna Ma Paraji atawa Ma Ijun, osok ogé di ema-ema. Ema saréréa pikeun urang lelewek Cikahuripan mah. Eulis ogé nyasatna miindung pisan ka Ma Ijun téh, dadakuna mah ti keur leutik ogé Eulis mah diurusna jeung apétna téh ka ninina. Ma Ijun ogé nya kitu deui. Sok sanajan incuna loba, tapi ka Eulis mah siga nu dispesialkeun.

Loba nu hayang guguru jadi paraji ka Ma Ijun téh. Tapi pikeun Ma Ijun mah élmu pangaweruh marajian téh teu bisa sangeunahna dibikeun kitu waé, teu bisa sangeunahna dibagi-bagi siga kurupuk. Sabab élmu paraji téh lain élmu sambarangan, tapi élmu pangaweruh nu kudu bener larap jeung makéna. Lantaran ieu mah patalina hirup jeung paéh hiji indung jeung anak.

Ma Ijun ogé bisa marajian téh lain ku dipénta, tapi datang sorangan ti ninina. Keur ngorana Ma Ijun teu ngahayang-hayang teu ngaharep-harep, malah kungsi embung sagala lamun henteu diolo jeung dilelemu mah. Lamun jalma nu boga bakat kana piparajieun mah ku Ma Ijun katémbong. Tina turunanana, Ma Ijun ningali yén ngan Eulis nu baris bisa nuluykeun tapaklacakna jadi Paraji. Sababaraha urang anakna Ma Ijun ogé aya nu keukeuh hayang jadi paraji. Ku Ma Ijun teu katoong maranéhna baris panceg jeung jejem jadi paraji.

Ti dituna mah kaharti loba nu hayang jadi paraji téh, bubuhan di lembur mah paraji téh propési nu lumayan nguntungkeun sacara ékonomi. Sabab lamun pareng aya nu ngalahirkeun téh teu cukup ku sakali pas gubragna orok waé, tapi ogé tuluy ngurus indung jeung merhatikeun tumuwuhna orok nepi ka minimal 40 poé mah.

Tapi pikeun Ma Ijun mah jadi paraji téh lain pikeun urusan matérial.  Éta mah urusan nomer ka sabaraha, da Ma Ijun mah nganggap yén manéhna jadi paraji téh mangrupa panggero tina jiwana. Atuh lamun pareng aya nu ngalahirkeun ogé teu masang tarip teu sing, malah mun dikeupeulan ogé sok kadon kéképéhan diulah-ulah. “Kadua Ema téh kuduna méré ka Nyai jeung nyecep ka orok, ieu kalah rebo dibahanan sagalarupa!” kitu basana Ma Ijun mah. Tapi lamun terus disusulkeun dianteurkeun ka imah mah, Ma Ijun ogé teu bisa majar kumaha, da éta meureun rijki keur manéhna.

Salian ti jadi paraji, Ma Ijun ogé ngawasa élmu ngurut. Ari élmu ngurutna mah kawaris ku salakina nu ayeuna mah geus mulang kakalanggengan sababaraha taun ka tukang. Atuh lamun sakalieun aya tatanggana nu misalah atawa tipalitek mah Ma Ijun ogé bisa. Mimitina mah lantaran salakina sok carangkeul mun tos mencetan téh, nya diurutna téh ku Ma Ijun, da tukang ngurut mah teu bisa ngurut sorangan. Mindeng ngurutan salaki nu tukang ngurut téh, jadi mawa bisa kana ngurut.

Teu jarang Ma Ijun ogé manggihan orok nu lahirna cacat, leungeunna kompér sabeulah, suku béngkok jeung sajabana nu aya patula-patali kana kasalahan tulang. Ma Ijun sok langsung ngabebenerkeun. Lamun aya kaanéhan diorok nu sarupa kitu mah kudu sageuwatna dioméan basana teh, mungpung orok kénéh, tulangna can teuas siga kolot.

Élmu paraji Ma Ijun téh gubragna ka Eulis. Da nu katingali ku Ma Ijun mah ngan Eulis nu bisa nuluykeun hanca garapanan. Sok sanajan jul-jol nu hayang ngalap miguru élmuna. Naon nu katempo ku panon batin Ma Ijun moal bisa dibobodo.

Ti leuleutik ogé Eulis mah geus dibawa wanter pikeun mantuan ninina ngurus nu ngalahirkeun.  Lamun ceuk basa ayeuna mah meureun “asisten”, Eulis ogé sok sanajan leutik kénéh, bubuhan boga teureuh jeung aya turunan atuh kacida gancangna ngawasa bag-bagan pangaweruh paraji téh.

Ma Ijun teu weléh ngomat-ngomat ka Eulis ulah piduit, da dunya mah engké ogé nuturkeun ku sorangan.

“Ema mah ku bisa nulungan ogé geus kalintang gumbirana, nulung kanu butuh nalang ka nu susah geus jadi rumusan hirup. Élmu nu dipiboga téh lain keur diduitkeun, tapi pikeun diamalkeun.” Ceuk Ma Ijun dina hiji waktu ka Eulis.

Lir gula panggih jeung peueutna, bujang papanggih jeung wonoja tuluy ngajodo. Eulis ogé nya kitu téa, keur mah aya teureuh jeung teurahna, katambah ku pasipatan Eulis nu resep diajar jeung hayang nyaho kana hal-hal anyar ngajadikeun lancar dina sagala rupana. Atuh élmu pangaweruh jampé pamaké Ma Ijun téh kabéh ragrag ka Eulis.

Taun ganti taun, jaman robah jaman. Kahirupan modern nu asalna aya di dayeuh geus nyaliara ka lembur-lembur singkur, ka asup ka lembur Cikahuripan. Nerekab béja pabéja-pébja –teuing ti mana mimitina—nu nyebutkeun yén kagitan paraji téh kacida ngabahayakeun ka indung jeung orok. Lantaran praktékna nu teu jeung élmu médisna. Ngan saukur ngandelkeun intuisi, élmu buhun jeung doa-doa karuhun nu geus teu mujarab. Kiwari mah nu payus dijadikeun indung beurang téh taya lian ti bidan, nu puguh jeung élmu médisna nu aya janggélékna buku jeung puguh répérénsina.

Abong béja. Téréh pisan nerekabna tur nepi ogé ka ceuli Ma Ijun. Sok sanajan kaitung wijaksana, tapi teu burung ngagidir ari dituding praktékna ngabahayakeun mah. Ma Ijun asa disapirakeun, élmu paraji nu turun-tumurun ti karuhun, nu geus ngabaju ngaraga sukma di masarakat, nu geus mantuan ngalahirkeun mangrébu-rébu jalma, ti jaman baheula mula, sasatna nyolok mata buncelik. Élmu kedokteran mah karék kamari ieu, ari élmu paraji apan geus kauji ku waktu.

“Mun enya ngabahayakeun, meureun moal aya manéh. Ari ieu buktina manéh hirup, indung manéh ogé hirup kénéh lin?” kitu ceuk Ma Ijun ka Eulis hiji waktu.

Eulis mah teu bisa ngomong nanaon, ukur unggeuk-unggeukan tanda sapuk sapamadegan jeung ninina.

“Bidan-bidan téh asa karumaki pisan, ngomong sakarep ingsun teu dipikir heula.” Ma Ijun terus waé ngomong siga nu ngabudalkeun katugeunahna. “Lamun hayang payu, tong sok ngagogoréng nu geus leuwih ti heula aya. Jeung éta maké kudu nyingsieunan masarakat.” betus sotéh kakeuheulna ka Eulis, bubuhan nya incuna, nya nu pangdeukeutna. Da ari dihareupeun batur mah biasa waé, malah bisa pisan Ma Ijun nyumputkeun semuna téh.

Di Cikahuripan ogé kiwari mah aya bidan, di kantor désana. Duka urang mana, da cenah mah nu keur prakték ti kota. Ari urang lembur, kacida pisan percayana kanu hal-hal nu aya patula-patali jeung kota téh. Éstu didédéwakeun bidan téh. Hal-hal pantrangan jeung kapamalian nu salila ieu dijadikeun cecekelan ku nu keur kakandungan ogé sawaréh dirarempak. Ma Ijun ogé teu bisa majar kumaha, da manéhna teu bisa maksa sangkan urang lembur kudu nurut ka manéhna. Ma Ijun mah ukur ngamalkeun jeung nepikeun pangaweruh ti karuhunna.

Ma Ijun sorangan sabenerna mah henteu keuheul henteu sing ka bidan désa, malah asa kabantuan da kadang sok teu kasiwer mun pareng aya nu ngalahirkeun bareng téh. Henteu ogé ngarasa kabéakeun palanggan, da nya itu téa Ma Ijun mah itunganana lain duit. Éstu clik putih clak hérang karna tutulung waé marajian téh. Ngan nya éta nu matak mawa teu ngeunahna téh ku dituding prakték ngabahayakeun. Da ari urusan pati mah geus aya nu nangtukeun.

Ma Ijun ogé teu kasoro lahan, da geuning kabuktian sok sanajan aya bidan désa. Aya ogé nu leuwih percaya ka manéhna. Malah datangna teh bari jeung nepikeun unek-unek jeung kakeuheulna.

“Horéam ah Ma, ka bidan mah sok kalah ngareureuwas. Hésé saeutik pikeu manéhna mah lain ditarékahan, tapi gampang pisan ngomongna téh, cenah kudu dibawa ka rumah sakit, kudu ngalahirkeun di rumah sakit. Leuheung onaman mun haratis, pan ieu mah sagalan éstu diduitkeun ari kudu ngalahirkeun di rumah sakit mah. Jaba apan rumah sakit téh di lembur kieu mah aya dimana, kudu ka dayeuh. Abi mah percaya kénéh ka Ema, da abi ogé baheula ngalahirkeun ku Ema cenah ceuk indung mah.”

Ma Ijun mah ukur imut waé aya nu ngomong kitu téh.

“Bararaid teuing Ma, si kasebeleun téh, pajarkeun kudu disésar ngalahirkeunana. Ema nyaho teu, disésar téh horéng beuteung ditudal siga lauk, orok wa dikaluarkeun hiy... embung ah, abi mah percaya kénéh ka Ema! Jaba éta Ma, biayana meuni mangyuta-yuta. Duit timana pantar abi geura Ma, salaki ukur ngandelkeun buburuh tani.”

Paraji jeung bidan aya di lembur Cikahuripan, duanana mekar babarengan. Sok sanajan Paraji beuki kasilih, tapi teu matak ngaleutikeun haté Ma Ijun, da niatna ogé Ma Ijun mah lain dagang lain naon. Atuh lamun aya nu ménta tulung kamanéhna ditulungan, mun henteu nya teu nanaon.

Nincak ka sawawa Eulis hayang nuluykeun sakola ka Bandung. Hayang ngulik pangaweruh kabidanan jeung dokter kandungan, sangkan ngeuyeuban pangaweuruhna. Nyaho incu kameumeutna rék ngalap élmu bidan téh, Ma Ijun rada ngagebeg. Sok sanajan henteu ngaulahkeun ogé, katempo ku Eulis paromanna Ninina henteu ngarojong kana niatna.

“Nya teu cukup sagala pangaweruh ngeunaan paraji ti Ema. Rarasaan mah sagara geus diketrukeun ka manéh téh!” ceuk Ma Ijun hiji poé basa Eulis keur beberengkes rék indit ka Bandung.

“Apan saur Ema ogé, élmu mah timana waé?” ngomong kituna téh Eulis bari nahan piceurikeun, da bisa ngaragap kaayaan haté Ninina. Manéhna nu diagul-agul bakal nuluykeun tapaklacak jadi paraji, bet belot hayang ngalap élmu kadokteran. Eulis ogé apal sorangan bidan jeung dokter pisan nu sok ngagogoréng jeung nyapirakeun Ma Ijun téh, majarkeun paraji mah prakték tradisional nu geus teu guna jeung teu relepan di jaman kiwari.

Ma Ijun teu bisa kukumaha, geus teu bisa nyarék kana kabuleudan niatna Eulis. Eulis ogé pon kitu deui, teu bisa betus ka ninina yén manéhna sakola luhur dikadokteran téh sabenerna mah hayang ngadumaniskeun antara atikan tradisional paraji nu diwaris ti karuhun-karuhunna jeung atikan kadokteran kandungan kiwari nu sarwa modern jeung canggih.

Béh dituna mah Eulis ogé hayang ngabuktikeun yén teu sakabéh élmu paraji téh salah. Nya saméméh Eulis bisa ngabantah hal éta, Eulis kudu nyaho ogé pangaweruh modern nu ku manéhna ogé dipercaya henteu sakabéhna goréng. Eulis eungeuh pisan rék paraji rék bidan rék dokter, sarua intina mah pikeun kasalametan indung jeung anak. Ngan pédah adat goréngna jalma nu sok ngomongkeun batur, béh dituna ngagogoréng saingan sangkan teu payu. Padahal mah nya teu kudu kitu, masing-masing ogé geus aya jalanna.*** Cisompét, Desember’13

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: