• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Jalan Nu Panjang

Kénging Chye Retty Isnendes
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1389091603.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Teu karasa waktu nu disanghareupan kari dua taun deui. Taun 2015 kuring rék mungkas tugas, ngécagkeun pancén nu geus 38 taun dipajuan. Enya umur téh dua taun deui 60 meureun. Geus lila ning hirup di dunya téh. Lain teu karasa, karasa pisan lilana éta waktu. Tapi ku kasibukan digawé jeung nyanghareupan nu kudu diréngsékeun nya jadi nyérélék waktu téh.

Coba waé, unggal bulan nganti-nganti tanggal hiji. Lila ku lilana, gancang ku gancangna. Ujug-ujug geus nepi deui ka éta tanggal, dipajuan unggal bulan, dilakonan unggal taun. Ayeuna sakeudeung deui mungkas gawé. Hmm... aya kakeueung mah. Da éta cenah loba béja, kitu, kitu, kitu sanggeusna pangsiun téh. Enya cenah, ari keur digawé diarep-arep hayang geura pangsiun, ari geus pangsiun loba ngangluh; kakeunaan ku panyakit kajiwaan pasca pangsiun.

Tapi kuring mah geus boga sawangan. Hasil digawé duaan jeung bapana budak, aya nu nyangsang. Alhamdulillah. Cita-cita téh rék mulang ka lembur di tutugan Gunung Salak, rék muka toko jeung budak nu bungsu. Da lanceuk-lanceukna mah geus cumarita, kari eta si bungsu can katémbong pijalaneunanana. Mudah-mudahan wé aya parengna.

Lamun inget deui kana perjuangan keur digawé, asa teu butitina-butitina teuing ketak téh. Lain rék sombong deuih, neundeun jasa ka nu rék ditinggalkeun. Ieu mah sawajarna waé, tina bebeneran nu sok dicekel ku kuring.

Sakola téh ti SPG, enya pigurueun. Tapi harita teu ujug-ujug jadi guru SD. Kuring ngahonor heula di TK, di TK Sartika nu ngan hiji-hijina di Kacamatan Sukawenang. Loba muridna, jeung lain si itu-si éta deuih nu nyakolakeun budak ka éta TK téh. Para staf, pulisi, inohong kacamatan, malah Pa Camat ku anjeun mercayakeun murangkalihna di éta TK. Kuring kadua jeung Bu Otih ngagéroh TK dibarengan ku pangaresep jeung usaha dina ngaronjatkeun pangabisa. Latihan-latihan nu diayakeun ku dinas pendidikan di Kabupaten Sukabumi, taya nu teu diiluan. Cohagna mah karesep jeung pangabisa nu ngaronjat tina hasil pelatihan-pelatihan téh bener-bener diketrukkeun pikeun kamajuan sakola TK.

Préstasi murid-muridna pikareueuseun deuih. Dina tampilan seni, pasanggiri-pasanggiri pangaweruh pikeun budak TK boh tingkat kabupatén boh tingkat propinsi, teu éléh jeung nu lian. Unggal taun murid TK-na nambahan. Bantuan-bantuan lancar, nepi ka nu asalna bangunan téh wawayagon ahirna mah ngajengléng aya tenjoeunana. Ruang belajar aya dua, ruang guru jeung kapala sakola, taman bermain kumplit wé sagala rupana aya.

Tapi keur resep ngokolakeun TK teh, kuring miluan ujian nagara keur pigurueun di sakola dasar. Alhamdulillah kuring lulus jadi pagawé nagri. Enya sedih pisan ninggalkeun sakola TK tempat kuring mimiti bajuang jadi pangatik téh. Perpisahanana gé nu pikasediheun teu kudu dicatur deui. Murid jeung kolotna siswa maruntangan kuring sangkan ulah indit atawa cenah ulah ditinggalkeun sapisan. Dalah dikumaha, apan ari guru SD mah sarua baé jeung guru TK, kudu unggal poé ngajarna da jadi guru kelas.

Dibenum teh jauh di Palabuan Ratu. Balik ka lembur dua minggu sakali. Karunya ka nu cikal, budak nu kakara genep bulan, harita ditinggalkeun. Diaku harita mah teu jongjon, jeung haté gé teu ngadep kana ngajar téh da inget baé ka budak nu dipihapékeun ka indung jeung dulur-dulur di lembur. Mana bapana sarua jauh deuih, da ditugaskeun gawéna di Jakarta ku perusahaanana.

Enya sadar, kapan kahayang jadi pagawe nagri téh, tapi ning cocobana beurat kitu. Awak kuru aking ngajangjawing, capé haté cape pikiran meureun, nepi ka brekna gering. Untungna penilik sakola harita surti. Anjeunna ngawidian jeung ngarékoméndasi kuring mutasi ka lembur. Ngan dua taun di Palabuan Ratu téh, ahirna kuring balik deui ka lembur.

Pindah ka lembur ditempatkeun di SD nu tilu kilo jauhna ti imah, haté mimiti tengtrem. Unggal isuk leumpang baé da wahon (angkot ayeuna) mah teu cara ayeuna. Sagala kagiatan pendidikan, pelatihan, kesenian, dipigawé kalawan teteg jeung resep. Asa manggih deui kasuka nu baheula kungsi kapegat. SD bucit di Jelekong nu asalna katinggaleun sagala rupana téh mimiti ku kuring dimobilisasi sangkan leuwih ronjat. Taman sakola ku kuring diusulkeun ka kepala sakola sangkan dibebenah, perpustakaan nya kitu kénéh, kuring gé ngahaja ngadatangkeun pelatih kasenian jeung kaagamaan, boh awéwé boh lalaki sangkan siswana aya guam.

Alhamdulillah Pa kapala Sakola ngarojong pisan kana karep téh. Dugi ka anjeunna pangsiun, anjeunna ngarékoméndasi kuring jadi kapala sakola di éta SD. Harita, dina umur 30 taun kuring geus jadi kapala sakola!

Tapi nya kitu téa, dina kamerenahan tugas téh, aya-aya waé gogoda téh. Pikiran teu jejeg da salaki ditugaskeun di Bandung Barat, di Saguling Cirata. Jakarta-Sukabumi mah geus jadi jalan ka cai da ukur 2-3 jam nepi (ayeuna 3-4 jam sotéh da beuki loba kandaraan ngaheurinan jalan), tapi ieu di Bandung nu kaitung jolok aya kana 4-5 jamna di jalan (jalan can siga ayeuna laleucir) nyababkeun salaki ngarasa capé balik saminggu sakali.

Kuring gé gedé timburu salaki balik dua minggu atawa pleng sabulan sakali ka lembur téh. Pikiran teu jejeg deui. Kuring ngadunga unggal peuting sangkan aya jalan kaluar pikeun éta hal. Alhamdulillah sanggeus genep bulan salaki dipindahkeun gawéna di Banjaran Bandung. Enya beuki jauhna mah, tapi teu hésé jalanna, jaba dibéré perumahan di lingkungan perusahaan.

Sanggeus dipikir dibulak-balik ahirna kuring menta mutasi ka Banjaran Bandung. Alhamdulillah dikobul. Rumah tangga reugreug deui, teu loba kapusing ka kuringna. Sanajan tangtangan di SD nu harita kuring pindah ka dinya leuwih rongkah batan keur di lembur, tapi kuring geus biasa deui nyanghareupanana.

Nu kahiji, disanghareupan téh situasi masarakat urang Hegar nu pikarujiteun. Kabiasaan sosial  nu teu picontoeun ku kuring lalaunan dibebenah. Sikep masarakat nu teu pati ngadukung kana pendidikan, sikep kolot murid nu ngumawasa, égois, jeung sangeunahna jadi bagian tugas pikeun nyadarkeun maranéhna. Nu kadua, lingkungan sakola nu pikageuleuheun, runtah di ditu-di dieu, bangunan nu ukur boga opat rohang, kaséhatan barudak SD nu pikawatireun, ieu gé ku kuring dibebenah. Nu katilu, sikep para guruna nu ngan limaan bari teu rumojong jeung sinis kana program-program nu disosialisasikeun ku kuring jadi tangtangan pikeun kuring.

Kuring ngayakeun pendekatan ka sagala pihak. Murid, guru, kolot, inohong désa, inohong kacamatan, penilik, jeung urang dinas pendidikan pikeun ngabebener eta kabeh. Kuring nyieun proposal sagancangna bari ngayakinkeun pihak dinas yen SD Hegar bener-bener kudu dibantuan. Aya pamariksaan téh kuring mah bungah. Sagala rupana diantepkeun kitu baé, keun sina katempoeun ku nu di luhur. Tilu bulan ti harita gurujag sumbangan téh datang. Alhamdulillah. Sanajan ukur cukup pikeun dua ruangan kelas, ditambahan dua wangunan wésé, kabéh diajangkeun ka dinya. Kurangna gé nepi ka 20 juta. Keun baé éta mah SK kuring disakolakeun.

Salila kuring jadi kapala sakola di éta SD, geus tilu kali meunang bantuan tina ngajukeun proposal. Bantuan pasilitas nu unggal taun datang boh duitna boh barangna boh gedé boh leutik ti dinas kabéh dipakihikeun ku kuring pikeun kaperluan sakola.

Lalaunan SD Hegar kelas jeung pasilitasna beuki nambahan, lingkunganana beuki resik. Taman-tamanna ngémploh héjo, perpustakaanana bukuna pinuh, kagiatan ékstra kurikulerna beuki rempeg, lingkungan sakola pikabetaheun jeung pikaresepeun, guru-guru beuki kooperatif beuki ronjat kesejahteraanana da geus diaju-ajukeun sertifikasi ku kuring, masarakat beuki ngadukung kana program sakola. Bagjana pisan kuring, waktu sakola ngahontal akreditasi A.

Keur resep kitu, kuring meunang tugas mutasi kudu ngabebenah SD saatap di kota Banjaran. Beu, beu, beu. Pusing pisan ieu mah, hiji sakola dua manajemen administrasina, atuh ngokolakeunanana gé kudu gedé tanaga. Acan éta SD teh aya masalah jeung nu boga tanah nu ngawakapkeunana. Enyaan pusingna teh, katambah barudak keur merelukeun waragad pikeun sakolana, da geus karuliah. Kuring jeung bapana tihothat matéakeun kamampuh sorangan pikeun kawajiban di pagawéan jeung di rumah tangga.

Antukna persoalan antara sakola jeung nu boga tanah dikapangacarakeun da éta mah masalahna geus kana hukum nu kuring teu nyaho gék-gékanana. Alhamdulillah pihak sakola jeung nu boga tanah ahirna bisa daméy. Lima taun geus rapih mah ku kuring dibikeun deui ka dinas. Harita téh inget bae nyanggakeun ka nu dibendo, mangga, cekéng téh, tos bérés roés ayeuna mah. Wangsulkeun deui sim kuring ka SD Hegar.

Enya baé kuring dipulangkeun deui ka SD Hegar. Tapi naon nu disanghareupan? Lingkungan sakola nu geus bérés-roés saméméh ditinggalkeun ku kuring téh bet acak-acakan deui! Urusan administrasi teu bener, keuangan kredit, aya guru  honorer nepi ka sapuluh urangna, sedeng guru-guru nu sertifikasina beunang nguruskeun kuring ucang-ucangan baé. Karedul! Ambek harita ngagugunung.

Kuring nahan manéh, hayang nyaho kana kaayaan anyar nu salila lima taun ditinggalkeun. Sanggeus dua bulan, kuring ngayakeun rapat. Kuring ngaluarkeun kawijakan anyar, kuring ngayakeun  perampingan pengajar! Leuh raména nu protés, nu cua, nu sinis, nu ambek kuring. Malah aya nu ngancam kana jiwa sagala. Ceuk kuring harita ka nu protés!

“Mangga, sok dongkapkeun nu rék ngarogahala! Bapa, Ibu, Enéng-Encép nu teu keresa diliréntugaskeun mangga teras ngajar, tapi moal digajih sapésér ogé! Artos tos teu aya, kredit! Geuning ieu sakola téh ngahutang ka bank kanggo ngagajih nu ngahonor sapuluh urang kali lima ratus rebu. Rek ti mana Bapa, Ibu, Enéng-Encép nutupanana? Keresa nutupan hutang sakola?

Eta deui Ibu, Bapa, nu tos nampi artos intensif sertifikasi, raos-raos ucang-ucangan nyah? Bet beuki karedul? Taya kaisin pisan digajih buta? Palay dilaporkeun ku sim kuring? Sim kuring gé keresa ngahonor pami kitu mah, lima ratus rébu ucang-ucangan. Sok mangga gajih ku Bapa sareng ku Ibu!”

Tindakan kuring nu keras pikeun nyalametkeun ieu sakola aya buktina. Guru-guru nu geus nambahan jadi sapuluh (jeung kuring) téh, jadi soson-soson ngajarna. Honorér dileungitkeun da katangkes gawéna ku guru nu geus tetap. Lain teu karunya ka nu ngahonor, ké dimana keuangan geus stabil deui, rék narima deui nu ngahonor, kitu jangji téh.

Horéng tindakan kuring teh jadi sabiwir hiji. Cenah nepi ka Kabupatén. Lah, mangga teh teuing. Ku éta kajadian, di lingkungan pangatik téh kuring dipikasinis, tapi beuki dieu-beuki dieu bet ditarurutan. Pajar téh.

“Leres, Bu Hajjah Ita, abdi gé nurutan ketak Ibu. Atuda sakola seueur beban ning?” Ceuk Bu Ida kapala sakola SD Sukamanah. Kitu deui Ibu Dedeh kapala sakola SD Pasirgeulis, Bu Diah kapala sakola SD Riunggunung, cenah mah nurutan. Kuring mah mésem waé.

*

“Mah, aya tamu.” Salaki ngahudangkeun kuring tina panglamunan.

“Saha Pa?” kuring gesat-gesut dangdan, tuluy nutupkeun buku laporan.

Kadéngé récok, sigana lobaan sémah téh. Ana ditéang ka hareup...

“Ibu Hajjah ...wilujeng tepung taun!!!” réang guru-guru SD Hegar ngabagéakeun. Aya nu mawa kado, mawa kuéh, mawa buah, mawa rantang, angkaribung.

“Kaleresan tepung taun Ibu téh dinten Ahad tuda, janten abdi sadaya ngabaribinan, badé ngiring botram,” kitu ceuk Pa Ase nu beuki heureuy, hideng nerangkeun.

Kuring mésem bari hookeun kénéh sajongjonan, aya nu ngembeng dina kongkolak panon, teu katahan...***

Cigugurgirang, 10 Desember 13

 

*) Kado kanggo tepung taunna pun bibi, Rd. Etty Subaeti Asmadiredja;

guru SD tuladan nu pinuh ku dedikasi

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: