• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

G E U L I S

Kénging Onnok Rahmawati
Kintun kana Facebook

            Kamari. Kitu nya ari mamangkatan balanja téh. Niat ti imah mah rék mésér barang anu wungkul, datang ka nu dituju sok jadi méngkol kabitaan ku sagala rupa. Numatak kirang-kirangna pengkuh kana komitmen paniatan awal, bakal paburantak lebet lokét.

            “Aduh Ibu, mani awis tepang. Ka mana waé?” Nu kagungan toko. Sasalaman, capaka-cipiki. Tuluy kuring dikekenyang. “Ieu geura ka dieu heula ieuh mani saraé kieu. Kudung modél énggal. Yeuh, yeuh, komo tas-tas ieu geura hayu palih dieu, tos sasetél-sasetél sareng sapatuna, kanggo acara-acara resmi. Cocok di Ibu mah kanggo arisan atanapi ka uleman. Moal rugel, barangna berkualitas, pangaosna miring...” Bari ngagigiwing kuring ka ditu ka dieu.

            “Hatur nuhun, sanés teu hoyong, ké lah iraha deui ka payun. Ayeuna mah peryogina gé kudung kanggo sakola budak, nu bodas sareng coklat. Itu téh sakitu énggal kénéh mani tos laledeg, nganggéna geuning murangkalih mah jabrah. Kana saos lah, kana kecap. Éta pami nuju jajan panginten.”

            “Muhun gampil tiung murangkalih sakola mah seueur. Ieu heula yeuh engké mah séépeun geura. Kamari salosin ledis.” Lajeng ngabsén nu uih ngabarorong. Ibu anu, padamel anu, istri pejabat anu. “Atuh kosmetikna bilih badé nyobian? Saban ka dieu persaben baé.” Nyodorkeun produk kecantikan lengkep.

            “Lah tuda mani arawis kieu.” Nyagap barangna. Éta téh ti baheula saban balanja ka dinya hayuh ditatawarkeun ka kuring. Anjeunna gé nganggé éta cenah. Keur mah geulis bakat katambih asak rawat, janten langkung-langkung luis. Keureutan raray nu ngadaun seureuh téh ku hérang-méncrangna meureun mun aya sireum ngalangkung teh bakal tisolédat. Betaheun temen carogena pami nuju neuteup éta pameunteu.

            “Di diskon lah ka langganan. Ibu mah tos geulis alami, kulitna beresih, kantun mertahankeun wungkul. Tah seri nu ieu langkung cocok kanggo Ibu, tanpa éfék samping, halal, nutrisina ngarangsang kolagen ngajantenkeun kulit langkung cahayaan. Ibu-ibu réréncangan abdi, nu bariasa ka klinik kecantikan, sareng nu sok malésér onlén gé ngaralih mésér ieu. Carocok kana sagala rupi jenis kulit...” Jeung satuluyna promosi sagala rupa. Bongbong tukangna, katambah kakurung ku référénsi geulis bungkeuleukan anjeunna, mani pikabitaeun préséntasina-préséntasina téh.

Bosen ku nu nawaran, éléh déét, mésér wéh. Antukna mah salianti wedak téh jeung tiung téa. Nang mikir sajungkel pedes éta gé. Tadina mah, ka hiji lebar ku artosna, ka dua, ah, eunceup kitu di kuring da can perenah boga tiung modél? Tapi, apan saur ibu ajengan gé ari niatna pikeun ibadah mah, nyenangkeun soca carogé, nya teu janten pamengan. Enya bisi boseneun ongkoh salaki téh ningali nu jiga kieu tos taun-taun taya perobahan. Sahenteuna atuh tong boro di luar, atawa di tempat padamelanna sagulung-sagalang jeung nu kitu nu kieu, dalah tatangga di komplék perumahan gé ibu-ibu téh meni harérang, ngagarenclang, marodis. Asak urus hadé omé diruna-direnu ku sagala rupi. Komo nu wedel béya mah usik perawatan obah perawatan.

            Kacaturkeun barang nu tas dipésér téh langsung direkeskeun ka bapana budak. Ngan teu diébréhkeun wungkul. Tibang, “Apa, Embu kamari wangsul mésér kudung budak lajeng Embu gé mésér hiji. Wios?”

            Waleranna téh saendeng-endeng gé, mangga, wios.“Nya wios atuh pira gé kudung, sugan téh mésér pabrik kudung.”

            “Da sareng wedak deui.”

            “Muhun teu nanaon éta mah kaperyogian Embu, sing tumaninah ai aya mah kanggo mésérna.”

            Peutingna si wedak téh dipraktekkeun. Méméh mangkat saré, ngurus heula pameunteu. Ulas itu, olés ieu. Masas itu masas ieu.

 Teu karasa geu isuk deui. Poé ieu jadwal fesyen showna. Rérés pakepuk nyiapkeun sasarap, gejebur mandi. Tuluy dangdan sabot bapana siram. Kaperluan ngantorna geus dibanding-bandingkeun tiheula, tuluy kuring mah ka luar kamer. Ngantosan nu badé sasarap di rohang makan. Budak geus miheulaan candeluk.

“Subhanalloh Embu, badé ka mana?” Tuluy calawak.

“Ssst, Ayang téh, meni sakituna.”

“Hé hé, tuda Embu mani bénten, badé aya acara di kantor Apa?”

“Sanés ah, hoyong dangdos wé mani ulah.”

“Oh.” Témbal budak teu kapapanjangan.

            Gancangning carita, bapana budak tos kurunyung. Nguliwed heula kuring ka dapur. Témbong anjeunna gék calik dina korsi parantina.”Ayang tumbén tos calik. Embu ka mana?”

            “Ayang bagéan piket, Apa. Embu di dapur panginten, Bu, Mbu, saur Apa...”

            Lalaunan kuring ti dapur ka rohang makan. “Ieu ngabantun kurupuk heula.” Toplés kurupuk nang muka tutupna ditagenkeun. Tuluy mangnyiukankeun sangu goréng kana piring bapana katut nu budak. Nyéréd korsi, gék diuk.

            Aya nu neuteup seukeut. Asa langkung abot batan calawakna Ayang tadi. ”Embu badé aya acara ka mana, apan piket organisasi mah kemis, sanés?”

            “Henteu Apa, teu ka mamana, kunaon kitu?”

            “Manawi téh bade ka mana éta meni rikat kiwari tos dangdos.” Terus bismilah, am-am sangu goréng piligenti jeung kurupuk.

            “Ayaaang...” obrolan kapegat ku nu nyalukan budak. Babaturan sakolana nyalampeur.

            “Iyaaa...” Bari ngososm.

            “Ih awon, pamali.” Kojéngkang kuring ka hareup nepungan babaturanana budak. “Ayang nuju sarapan kénéh antosan sakedap nya, di dieu ngarantosanna di lebet.”

            “Muhun bu, atos cekap di dieu.”

            “Sok caralik heula atuh.” Kuring ka jero deui, barudak hempak na térlas.

            “Ayang mios Mbu, Pa.”  Bari sasalaman rusuh.

            “Sing leres heula atuh éta sarapanna énjing kénéh ieuh, ké kalikiben geura.”

            “Atos wareg, bilih kasiangan piket, Assalamualaikum.”

            “Waalaikum salaam.” Kuring jeung bapana méh bareng

            Dijajapkeun ka luar. “Ati-ati nging nakal, uihna tong sumarimpang, ulah jajan nu teu puguh.” Ka budak és-ém-pé gé da melang wé indung mah.

            “Siaaap.” Antukna raéng kabéh bari ting careuleukeuteuk.

            Ka rohang makan deui. Gék  kuring maturan nu nuju ngalimed kénéh sasarap. Nu anteng baé téh dipeleng. Ih, ni haré-haré. Apa?”

            “Muhun, kumaha, badé ka mana Embu téh ning teu nyaur-nyaur ti wengi. Biasana mah pami aya kagiatan sok nyarios ti iraha mula.”

            “Ih saha nu badé aya acara. Mani teu kénging Embu dangdos gaya enjing-enjing. Sakitu kenging susah payahna.”

            Nyéréngéh, tuluy seukeut deui melong kuring.

            “Apa téh ningalikeun waé, mani teu koméntar atuh. Kumaha dangdosan Embu, saé teu, geulis teu?”

            “Nya geulis atuh istri Apa.”

            “Tapi meni tiis kitu...iii’ih.” Piring sangu goréngna api-api dijauhkeun.

            “Hé hé, apakah harus bilang waw gituh? Tos teu usum. Yang tak terungkap itu akan lebih dari kata-kata. Punten nyungkeun cai deui.” Ngasongkeun gelasna nu kosong.

            “Apa téh, ih?” Bari nyodorkeun gelas nu geus dieusian deui.

Regot-regot dugi ka séép. Beres ngarot, kalah langsung ngadeg. “Punten pangnyandakkeun konci kakantun di kamer.” Anjeunna muru ka luar. Kuring nyokot konci.

            Méméh tepi kana lawang, geus biasa silih randeg. Sasalaman, silih dungakeun kasalametan. Ayeuna randegna diémbohan pelong. Jadi asa kareungkang. Lir disisit sakujur tangtungan. Ngarawél cangkeung, nangkeup, tuluy misaur. “Apa terang ti wengi mula gé Embu téh bénten ti sasari. Ngurus raray gé mani satengah jam. Ti énjing sulampat-salimpet waé horéng rék dangdos kieu nyah? Teu aya nu lepat, Embu geulis, langkung geulis. Samarukna Apa kabitaan kitu ku nu dangdosanana modis, rarayna ngeplak nyamian poé koléntang? Apa mah cekap ku Embu nu unggal énjing rérés siram seungit zaitun, rarayna dirawat ku produk konvensional biasa nu aya di pasar nu puguh undak-usuk komposisi bahanna. Nganggo wedak cekap ipis, katawis kénéh kulit aslina. Mun nuju capé sok semu beureum tandaning séhat, mun harééng katingal pias atanapi jale’er. Halisna asli ngajelér paéh. Langkung geulis pami Embu tos imut Monalisa, atanapi nyengir Cenin waosna témbong saalit, pami bingah pisan sok labas janten gumujeng dentis, waosna sadaya katembong baris. Manyun tutut mah Apa kirang sreg, lucu sih tapi pikalucueun peureup.”

“Awaaas!” Diciwit cangkéngna.

”Teu sawios rada ménor, nanging dianggéna pami dina acara ocassion tur digéndéngna ku Apa. Teu kedah tabarruj. Perkawis dangdosan,  mun nuju teu dikudung rambutna digelung sumput, eunceup. Anggoanana nu dipikaresep ku Apa mah nu paranjang, kudungna téh sakieu yeuh.”Bari nunjuk kana lebah bujal. Tuluy, “... mmmuuach.” Nyium embun-embunan. Kuring nangkeup tipepereket. “Apa mios, ati-ati di bumi, Ayang uih sakola ai taya kagiatan mah ulah diantep ngayap teu puguh. Assalamualaikum. “

“Wa’alaikum salaam.”

Mobilna disérangkeun tina lawang nepi ka lesna ti parapatan. Nutupkeun panto. Ngahunted bari nyanghreupan urut sarapan. Ras kana dangdanan. Maké baju gamis pulas pink kuring téh. Tiungna gé pink polét beurum, kopi susu, jeung konéng buruk. Paduan warna nu kontras tapi kalem. Dibudedkeun sanggeus jerona maké antem warna coklat. Beungeut diwedakan saulas ku wedak delicate nu ngagliter. Lipen setipna mah dop. Gaya, jiga ménak-ménak nu sok midang na sinetron televisi.

Horéng ku bapana budak mah teu kafilem kabina-bina. Baruk disangka arék ka mana. Peuting téa kuring dangdan ngarawat diri meni kanjat diitung cenah satengah jaman. Geuning lain dipuji kalah ditinggalkeun kulem tiheula. Mmh, boga salaki téh mundut geulis ukur saperti nu dibéjér-béaskeun tadi? Teu kudu tabarruj, teu kudu dangdan kaleuleuwihi. Baju paranjang, tiung paranjang, gelung sumput, wedak ipis. Sakitu? Gampil pisan atuh. Tur mudah-mudahan éta standar peunteunan keur kuring teu iser, mangtaun-taun deui, satutup umur. Amin. Mangkaning paneka dangdanan mah tinangtu baris terus robah-robah.***                                            

Ciamis, 9 September 2013.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: