• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Langit Beuki Angkeub

Kénging Dian Wulan
Kintun kana Facebook

Hujan ti subuh kénéh can eureun nepi wayah kieu. Sangkilang geus pukul salapan beurang. Dalah dikumaha, kapaksa hujan-hujan gé indit ka kota lantaran isukan si Enung, anak panggedéna, perlu tiung keur acara paturay tineung di SMP-na. Da tiung nu heubeul euweuh nu cocog cénah jeung bajuna. Enya gé kuring sok nyieunan tiung, da ari keur acara kieu mah moal kapaké. Soalna can diropéa, ngan ukur tiung dadasar. Lamun aya sésa bahan kakara bisa nyieun nu rada alus.

Ngajual tiung téh ka Ibu Iroh, agén nu sok biasa nampaan hasil karajinan ti pengrajin di lembur kuring. Ku manéhna dihargaan lima rébu dina sahiji. Daék teu daék kuring narima harga sakitu, da cénah geus pakemna.

Nyieunan tiung téh geus jadi pakasaban keur kuring mah. Keur nyukupan risiko sapopoé. Kuring kudu nyiar kipayah sorangan ti saprak bapana barudak nilar. Jenatna ninggalkeun anak dua, sajodo, Enung jeung Ading. Ading, sarua keur mejehna perlu biaya. Keur ngarambah SD kelas 5. Sanajan panghasilan ukur dagang tiung leuleutikan, teu burung kacumponan kénéh pangabutuh barudak téh.

Hadéna kungsi sakola ngaput di SKKP waktu matuh di Bandung kénéh. Manghanjakalkeun ayeuna mah geus euweuh sakolana, diganti ku SMP. Saprak kaluar ti SKKP, kuring teu nuluykeun ka SMA alatan waragadna teu nyukupan. Antukna buburuh ngaput ka pabrik di lembur. Di dinya panggih jeung bapana barudak. Teu lila papacangan tuluy wé ngawangun rumah tangga. Tilu taun sanggeus Si Bungsu gumelar, bapana barudak mindéng gering. Saban minggu kudu waé ka dokter. Ceuk dokter mah akibat tina kebul di pagawéanna, keuna panyakit ISPA. Kungsi dokter nitah salaki kudu diopname. Ku sabab euweuh waragna téa, teu dicumponan. Ngan saukur bisa check up nepi ka nilarna.

Indit ti imah duaan jeung Enung. Si Bungsu mah teu dibawa, da sok loba paméntana. Dipihapékeun wé ka bibina. Ngahaja néangan tiung téh ka mall di kota, da ceuk Enung ngarah loba modél jeung loba piliheun.

Hujan ngecrek kénéh. Anjog ka hiji mall, atuh rada teu pararuguh da sanajan dipayung ogé angger bagéan suku mah baraseuh. Kuring nutur-nutur Enung, sidik Enung mah geus biasa ulin ka mall. Ari kuring mah rada utag-atog da arang langka ulin ka kota, komo ka mall mah.

 Keun baé utag-atog gé, itung-itung néangan pangalaman ka kota, nempoan modél-modél pakéan nu alanyar, ceuk haté.

Asup ka hiji toko nu lumayan gedé, loba baju muslim keur awéwé jeung lalaki. Ari tiung mah ngan saeutik modélna, da puguh lolobana baju téh geus diadumaniskeun jeung tiungna. Hiji ogé euweuh nu kapaké ku Enung. Néangan deui toko nu lian, euweuh nu cocog kénéh. Kitu jeung kitu wé. Lila-lila suku karasa cangkeul. Antukna diuk dina bangku. Regot nginum cai tina botol bawa ti imah. Enung mah angger cénghar.

Geus reureuh sakeudeung, terus nuluykeun lalampahan. Sup deui ka hiji toko. Toko ieu mah husus ngajual tiung jeung peralatanana, kayaning ciput jeung sajabana. Ari baju mah henteu ngajual. Kuring nuturkeun Enung nyampeurkeun hiji étalase. Gap leungeunna kana hiji tiung. Kuring ogé nyokot tiung nu lianna, sarua modélna ngan béda pulas. Tapi naha bet asa wawuh kana éta tiung téh?

Diilik-ilik, bréh kana ciri nu sok diterapkeun ka nu jaitan tiung meunang kuring, naha bet sarua pisan? Haben tiung diilikan da bisi salah nempo.

“Bener, teu salah deui. Ieu mah tiung meunang ngaput kuring. Kaciri tandana kaputan  huruf N di juru tiung, inisial tina ngaran kuring, “Nani”. Ngan pédah ieu mah maké bordér jeung payét saeutik. Tapi naha bet aya di toko ieu? Di mall gedé deuih? Asa teu percaya.

“Ma! Saé nya nu ieu mah. Cocog pisan sareng acuk Enung,” ceuk Enung bari mikeun tiung. Ngagareuwahkeun implengan.

Matak reuwas nempo harga nu aya dina éta tiung. Asa pamohalan teuing hargana tepi ka lima puluh rébu. Bet jadi sapuluh tikeleun harga nu ditarima ku agén. Bédana tiung ieu mah geus maké payét jeung bordér saeutik. Pan modél kieu mah kuring gé bisa nyieun. Sok nyieun éta gé hiji-hijieun, sasoranganeun. Rék nyieun loba da euweuh modal.

“Entong nu ieu lah Nung, pangaosna awis pisan. Pan artosna ogé mung gaduh tilu puluh rébu,” ceuk kuring meper kahayangna.

“Tapi Ma, nu ieu pangcocogna. Pan tos titadi milarian téh tapi teu aya nu pas waé. Wios atuh rada awis sakedik mah, étang-étang pakaulan Enung kaluar SMP!” Témpasna embung éléh.

Lain ku harga-hargana teuing kuring haroréam mangmeulikeun téh, tapi asa ku pamohalan wé kuring kudu meuli tiung jieunan sorangan.

“Ayeuna mah milarian heula ka étalase nu sanés, tuh palih ditu aya deui. Sugan aya nu langkung mirah,” ceuk kuring bari haté mah ngarakacak karunya ningali budak. Sakedapan mah budak téh ngagugu, nempoan deui ka étalase séjén. Sajeroning kitu kuring ngahuleng.

“Teu aya nu langkung cocog ti batan nu tadi Ma.” Enung ngahelas bari haben ngajéjér-jéjér tiung.

Sapeupeuting hésé saré mikiran naon nu kudu dipilampah sangkan bisa ngasupkeun tiung ka éta toko. Kacipta harga nu sakitu nérékélna, tina lima rébu jadi lima puluh rébu. Untungna tangtu mundel pisan. Hirup hurip gé bakal béda lamun bisa ngajual langsung ka toko mah. Kacipta mun tina hiji tiung bisa ngaleuwihan harga dua puluh rébu, dikalikeun saratus potong, jadi dua juta. Duh gedé pisan. Népi ka adan awal panon teu bisa dipeureumkeun. Haté masih kénéh kabeungkeut ku implengan sapeupeuting. Isuk mah rék dicobaan nepungan kanu boga tokona, rék nanyakeun naha kuring bisa ngasupan barang ka toko éta.

Isuk-isuk kénéh Enung geus haget dangdan. Maké tiung nu meunang meuli ti mall téa, nu sidik tiung meunang nyieun kuring. Cocog pisan jeung baju nu dipakéna. Bérés sasarap bral barudak indit ka sakola. Kuring siap-siap rék ngajalankeun rencana sapeuting. Tiung meunang ngaput disiapkeun pikeun conto ka nu boga toko. Nu modél dasar kénéh mawa tilu siki rupa-rupa kelir, anu geus maké tambahan payét jeung bordér mawa dua, da ngan boga sakitu-kituna. Rute angkot geus dicatet. Tadi isuk kénéh ngahaja nanyakeun ka Enung da bisi sasab.

Sapanjang jalan euweuh halangan harungan, ari lain hujan nu mimiti cukclak mah. Asup ka mall téh geus teu utag-atog teuing ayeuna mah, kukurilingan heula sakeudeung. Teu lila kapanggih toko nu kamari dituju téh. Pagawéna keur marérésan barang. Teu asa-asa langsung asup. Tuluy nyampeurkeun ka salah sahiji pagawé nu katingalina rada salsé.

“Néng! Punten badé tumaros, dupi nu kagungan tokona aya kitu?” ceuk kuring ngawani-wani manéh.

“Badé aya kaperyogian naon kitu Bu?” témbalna.

“Abdi sok ngalebetan tiung ka toko-toko, manawi ka toko ieu tiasa ngalebetan ogé,” témbal kuring pinuh harepan.

“Oh mangga, ku abdi disanggemkeun. Ibu antosan heula sakedap di dieu,” jawabna bari tuluy indit. Teu lila pagawé téh datang deui nyampeurkeun kuring, terus nitah asup ka hij rohangan.

“Wilujéng Siang Pa,” ceuk kuring halon barang asup ka rohangan nu aya tulisan kantor. Haté tagiwur teu puguh rarasaan. Da atuh karék ayeuna asup ka hiji kantor nu aya di hiji mall gedé.

“Wilujéng Siang Bu,” témbalna bari nangtung tuluy ngasonkeun leungeun. “Abdi Henda, kaleresan nu nyepeng di toko ieu.”

“Mangga calik,” ceuk manéhna bari nunjuk hiji korsi nu aya di hareupeun méjana, “Aya pamaksadan naon kinten-kintenna Ibu téh?”

“Hatur nuhun pangangkeunna Pa. Nepangkeun abdi Nani. Dupi pamaksadan mah teu aya sanés kieu Pa.” Kuring rada aga-eugeu némbalan téh da puguh teu biasa ngomong jeung nu boga pangkat mah.

“Abdi téh salah sawios pengrajin nu sok ngadamelan tiung. Padamelan ieu tos dilakonan kinten-kinten lima taunan. Maksadna nepangan Bapa, badé nawiskeun barang karajinan abdi manawi tiasa ngalebetan ka toko Bapa. Kanggo conto, abdi ngabantun hasil kaputanana,” tuluy conto-conto tiung dikaluarkeun tinu tas. “Ieu contona Pa. Pami ieu mah tiung dasar jaitan teu acan dimodif, teras nu ieu mah tos dimodif, ditambihan ku payét sareng bordér sakedik,” sok mikeun conto-conto tiung.

Pa Henda ngimeutan tiung hiji-hiji. Teu katebak ku kuring naon anu keur aya dina pikiranana. Ngan haté kuring wé teu daék jémpé, norowéco teu puguh, Jajantung ratug tutunggulan.

Sanggeus dianggap cukup niténan barang, pok manéhna nanya,

“Ibu kénging wartos ti mana tiasa uninga ka toko ieu?”

“Kaleresan kamari abdi sareng pun anak balanja ka toko Bapa, teras mendakan tiung hasil jaitan abdi dipajang di salah sawios étalase di dieu,” témbal kuring.

“Hatur nuhun kana perhatosan sareng kapercantenan Ibu ka toko simkuring. Pamaksadan Ibu kahartos sareng katampi ku simkuring. Mung ieu téh kieu Bu,” manéhna ngarénghap napas panjang tuluy nuluykeun omonganna. “Hapunten pisan, sanés simkuring alim nampi kana barang nu ku Ibu diajengkeun. Mung manajemén di toko simkuring mah tos biasa nampi ti agén, tara nampi ti perorangan. Biasana nampi téh ti Agén Bu Iroh.”

Haté ngalenyap, suku asa nincak asa henteu basa ninggalkeun toko. Langit beuki angkeub. Hujan ngagedéan, taya tanda-tanda piraateun.***

Panglawungan 13

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

kala ider

sae pisan lah..

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: