Badan Nasional Penempatan dan Perlindungan Tenaga Kerja Indonesia (BNP2TKI), bakal nungtut pengguna jasa TKI, Law Wan Tung. Kituna teh lantaran geus nganiaya TKI Erwiana Sulistyaningsih (22 taun). Erwiana Sulistyaningsih teh warga Desa Pucangan, Kecamatan Ngrambe, Kabupaten Ngawi, Jawa Timur. Erwiana teh pagawe Penata Laksana Ruma Tangga (PLRT) di Apartemen J 38F Blok 5 Beverly Garden 1, Tong Ming Street, Tesung, O Kowloon, Hongkong, ngaliwatan PT. Graha Ayu Karsa, Tangerang, Banten tanggal 15 Mei 2013.
Keur nungkulan pasoalan bieu, BNP2TKI geus ngirimkeun pagawena, Kasi Prasarana Fasilitasi Perlindungan dan Kerjasama Antarlembaga keur nalungtik kasehatan Erwiana di RS Ama Sehat, Sragen, Jawa Tengah sarta mere dana bantuan sosial keur ngurangan bangbaluh keluargana. Kitu deui, BNP2TKI ngirimkeun surat ka Konsulat Jenderal RI di Hongkong keur nungtut hukum.
Lian ti nungtut hukum, pihak BNP2TKI oge satekah polah merjuangkeun hak-hak sejenna nu kudu katarima Erwiana, saperti Asuransi, kaasup gajihna salila di Hongkong. ***