• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kangjeng Rosul Muhammad SAW;

Panutan Umat nu Moal Saat

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

Saéstuna, konci suksésna Kangjeng Rosul Muhammad SAW aya dina akhlak nu sampurna, kecap tur réngkak paripolahna nu matak nyugemakeun, dibarung ku sikep nu kalintang wijaksana. Dawuhan Alloh, "Lakod kaana lakum fii rosulillahi uswatun hasanah, liman kaana yarjulloha wal yaoumal akhiro wadakarolloha katsiiro." Hartosna : Saéstuna salawasnna keur maranéh aya conto anu hadé dina diri Rosululloh, pikeun jalma-jalma anu miharep Alloh jeung poé ahir turta anu loba aringet ka Alloh.

Ayat di luhur ngajelaskeun, sangkan kaum muslimin ngajadikeun Muhammad SAW téh jadi conto, jadi suri tauladan, jadi idola dina sagala widang. Dina omongan, dina gaul papada manusa, kitu deui dina sikep jeung tingkah laku. Ku kituna, sangkan urang bisa ngamalkeun sifat-sifat Rosul SAW, teu aya deui iwal diajar kana sajarah kahirupan Rosululloh SAW.

Ibnu Katsir nyebatkeun, Rosululloh SAW panutan umat, lantaran sabab aya tilu sikep. Diantarana :  Kahiji, fii aqwaalihi (dina cariosanana). Rosululloh SAW tara nyarios dina perkara nu teu perlu. Cariosan Rosululloh SAW mah babari kaharti. Kitu deui cariosan Rosululloh mah dumasar tina qolbuna. Dawuhan Rosululloh SAW nu diriwayatkeun ku Bukhari Muslim:  "Man kaana yu'minu billahi wal yaumil akhiri falyakul khoiron ao liyasmut." (Saha jalma nu iman ka Alloh jeung poé ahir, mangka manéhna kudu nyarita nu hadé atawa jempé.)

Nu kadua, fii Af'aalihi (dina padamelanana). Maksudna, Rosululloh kedah jadi panutan dina padamelanana. Cariosan jeung padamelanana téh tara patojaiah. Teu wungkul pinter dina nyarios, tapi ogé bener-bener dilaksanakeun. Nalika Rosul nganjurkeun sangkan manusa kudu hadé ka papada manusa, Rosululloh masihan conto ti payun. Kitu deui upami Rosul nyarék kana nu dilarang, Rosul ogé méré conto ku jalan teu ngalakonan naon-naon anu dicaram.

Dina masalah ibadah solat nu diwajibkeun ogé, Rosululloh nyontoan heula.  "Sollu kamaa ro'aetu munni usolli." Hartosna: Prak geura solat, sakumaha maranéh nempo solat kawula. (HR. Bukhari Muslim).

Katilu, fii ahwaalihi (ahlak sareng tingkah lakuna). Ahlak Rasululloh kénging pujian Alloh SWT, sakumaha dina surat Al-Qalam ayat 4 :

Hartosna: “Jeung saéstuna enya-enya ahlak anjeun (Muhammad) téh agung”.

Ku kituna, urang salaku umatna, micinta ka Nabi Muhammad SAW. geus jadi kawajiban. Saha jalma nu micinta Nabi Muhammad SAW, pastina bakal meunang tempat di sawarga nu kholidan fiiha. Rosululloh ngadawuh: "Man ahya sunnati faqod ahabbani wa man ahabbani kaana ma'iya fi jannati." Hartosna : Saha jalma nu ngahirupkeun sunah kawula, mangka saéstuna manéhna micinta ka kawula, jeung saha jalma nu mikacinta ka kawula, mangka manéhna bakal babarengan engké di sawarga. (HR. As-Sijzi ti Anas).

 

Metik Hikmah

Nalika Rosululloh SAW ngawitan da'wah, nyebarkeun agama Islam, Alloh SWT ngadawuh "Yaa Ayyuhannasu", nu hartina "Yeuh, manusa." Saperti dina surat Al-Araf ayat 158 : "Qul yaa ayyuhannasu inni rosuulullohi 'ilaikum jami'an. Alladzii lahuu mulkus samaawaati wal ardi." Hartosna : "Pok  caritakeun : "Yeuh manusa! Saéstuna kaula téh Rosul Alloh ka arandika saréréa, nyaéta Alloh anu kagungan karajaan langit katut bumi."

Dina ayat séjén, Alloh ngadawuh : Wama arsalnaka illa rohmatal lil 'alamiin (Jeung Kami henteu ngutus manéh [Muhammad] anging jadi rohmat pikeun satungkebing alam).

Ku margi kitu, dina raraga miéling mauludan, umat Islam kedah panceg dina élmu, yén urang miéling mauludan téh kedah dumasar kana dawuhan Alloh sakumaha kaunggel dina surat al-Araf ayat 157:

Nu hartosna : “(Nyaéta) anu narurut ka Rosul, Nabi anu ummi anu (jenenganana) ka unggel dina Taurat jeung Injil nu nyampak di maranéhna. Anjeunna (Nabi) nitah maranéhna kana ngalampahkeun anu ma'ruf jeung nyegah maranéhna tina laku lampah munkar.”

Ku kituna, naon nu kudu dipetik tina mauludan téh :

1. Istiqomah. Kaum muslimin kedah ngagaduhan istiqomah dina pamadegan. Panceg iman ka Alloh jeung ka Rosululloh, éta nu leuwih utama.  Teu tiasa dipungkir deui, cocoba, ujian nu karasa ku umat Islam.  Rék masalah atikan, masalah fitnah terorisme jeung masalah siyasah, atawa khilafah (kapamingpinan). Masalah atikan, umat Islam kalebet kaum nu barodo. Ieu nu kudu buru-buru dirobah. Urang kudu istiqomah, umat Islam kudu jadi umat nu palinter. Kitu deui, dina panceg kayakinan ka Alloh, kiwari teu saeutik, umat Islam sorangan nu ngarasa ragu kana ajaran Islam. Lamun geus kitu, saha deui nu wani nanjeurkeun Islam di kalangan umat Islam sorangan. Teu aya sanés, iwal urang nyalira. Tingkatkeun élmu Islam, tingkatkeun ibadah, sareng riyadoh nu bener-bener. Rosululloh tos ngabuktikeun salaku  rohmatal lil 'alamin, jadi rohamt pikeun sadaya alam. Kitu deui, dina milih pamingpin, umat Islam kedah panceg kana pamingpin nu nyaketan kana sifat Rosululloh SAW.

2. Ukhuwah Islamiyah. Kaum muslimin nu sarua ngagaduhan kayakinan ka Alloh jeung ka Rosul Alloh, teu aya deui alesan, lamun kaum muslimin paburencay, siling jongklokeun, silih goréngkeun komo saling fitnah mah. Geus jadi conto dina sajarah Islam, kumaha akibat tina saling fitnah kaum muslimin, ahirna ancur saréréa. Ku kituna, tokoh Islam atanapi para Ulama kedah leres-leres salaku warasatul anbiyya. Nya éta pewaris nabi. Ulah sabalikna, disebut ulama Islam tapi dina prakna patojaiah sareng sifat-sifat Rosululloh SAW.  Di dieu, ukhuwah Islamiyah perlu naker pikeun umat Islam. Sanajan béda warna, béda gambar atawa béda pendidikan, ukhuwah Islamiyah kudu jadi nomer hiji.

3. Ta'awun. Perkara ta'awun pikeun kaum muslimin sakumaha dicontoan Rosululloh SAW, tacan maksimal ieuh. Buktosna di urang kaum muslimin loba kénéh nu masakat, nu fakir. Padahal kasauran Rosul, "kadal fakru ayakuna kufro" (jalma fakir mah bakal deukeut kana kufur). Na'udzubillahimindalik. Mudah-mudahan, kaum muslimin teu kagolongkeun kana jamma nu fakir jeung kufur. Ku kituna, silih tulungan papada kaum muslimin sakumaha Rosululloh SAW geus jadi kawajiban urang sadaya. Ayana zakat, masing jadi dasar kawajiban pikeun kaum muslimin dina ngalaksanakeun ta'awun. Ta'awun ogé sanés wungkul dina masalah harta, tapi dina masalah pamikiran. Seueur partéy Islam atawa organisasi Islam nu tacan maksimal. Insya Alloh ngalaksanakeun ta'awun lain karasa manusa, tapi karana Alloh Swt.

4. Tawekal. Sanajan masih loba panyakit umat Islam nu ngabalieurkeun ajaranana, tapi pikeun umat Islam nu bener-bener nyekel agamana, ahirna kedah tawekal sakumaha dicontoan ku Rosululloh SAW. Rosul upami tos usaha nu maksimal tapi teras-terasan kénging ujian, ahirna diserahkeun deui ka Alloh. Ieu pisan, umat Islam di urang kirang tawekal. Lamun umat Islam di uji, kalolobanana mah sanés tawekal ieu, tapi sok kalah nyalahkeun kana ajaran Islam sorangan.

Ku kituna, mauludan ieu, hayu urang sing papinter-pinter dina ngamalkeun ajaran Alloh jeung Rosululloh. Mudah-mudahan urang kalebet kana golongan nu bakal disalametkeun dina syafaat Rosululloh engké di yaomul qiyamah sarta mudah-mudahan urang salamina masing dipaparin kani'matan sareng hidayah Alloh SWT. Amien. ***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: