• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

M. Ridwan Kamil;

Mémérés Bandung
Pribumi Ulah Pundung

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Ridwal Kamil; Pribumi Bandung ulah pundung [Potrét/Ilustasi: ensa]

Bandung lir pangauban. Kaseundeuhan jalma-jalma ti jauhna. Ngan, pribumi mah loba nu kaburak, lantaran  kasilih deungeun. Kumaha  ketak walikota Bandung? ***

Mahing élmu ajug! Kitu pibasaeun nu merenah dilarapkeun ka M. Ridwan Kamil, Walikota Bandug  mah.  “Ulah ukur  ngagaduhan gagasan sareng mapatahan, tapi kedah  prakna di mimitian ti diri pribadi,” ceuk Walikota Bandung, Jawa Barat.

Kahayang nu dibarung ku prakna téh, di antarana tumali jeung ngabebenah kota Bandung. Saperti nu tumali jeung pasualan patalimarga, misalna, nu ditartibkeun teh,  jalan jeung nu marakéna. Atuh, dina sual ngungkulan macétna jalan, walikota  ge ngompanyekeun maké sapédah. Lain ukur umajak, da inyana gé, jeung prakna, ngabiasakeun maké sapédah mun indit-inditan téh.

Nu jadi kacapangan, waktu kompanye, mémang patékadanana. Karepna gé mémérés kota Bandung sina nanjung. Apan, kekecapanana ge, Bandung Juara! Nu hartina, sagalana nu aya di Bandung mah kudu punjul.  “Nu diprogramkeun kedah teras ditaratas  dilakasanakeun,” pokna basa ngawangkong di kantorna, Balé Kota Bandung, Jalan Wastukancana.

Karep ngobrol jeung walikota, teu gampang. Manglé gé hayang tepung téh hésé naker. Geus paheut méré waktu gé, walikota ngabolaykeun. Kakara saminggu ti harita  dijadwalkeun deui wawancara. Atuh, waktu ngajangjikeun tepung  tabuh lima soré, kakara laksana tabuh tujuh peuting. Kitu téh, lantaran walikota,  udar-ider ka lapangan.

Tuman prak ngalaksanakeun pagawéan ku sorangan, ieu walikota nu kakara mancén gawé tilu bulan teh, teu ukur resep tukangeun méja. Najan percaya ka balad-baladna nu migawe masing-masing pancénna,  tetep inyana mah kudu nyaksian  bulé-hideungna di lapangan.  “Dina saratus dinten mancén tugas, sababaraha padamelan tos dilaksanakeun, mangga wé  uningaan,” ceuk ieu walikota pituin Bandung téh.

Pasualan padagang kaki lima (PKL), tembong hasilna, saperti nu kasaksén di Jalan Kapatihan. Ti mangsa ka mangsa,  urusan éta téh teu weléh jadi  garapan gawé walikota Bandung. Mémang,  lir siraru PKL mah, matak riweuh hésé disingkahkeun. Mun dibuburak  gé bréng deui wé. “Pamarékanana kedah jinek, paparin heula solusi, nembé ditartibkeun,” pokna.

 

Mahing nu Pundung

Guluburna dayeuh Bandung,  tembong di mana-mana. Cacandran Bandung heurin ku tangtung,  geus lila jadi kanyataan. Ngan, nya kitu, lobana nu bubuara di dayeuh Sangkuriang téh, loba mamalana. Lahan padumukan, mingkin lila mingkin heureut.

Tempat kasab masarakat sabudeureunana, salin rupa jadi gedong,  toko, jeung pabrik. Lahan pasawahan,  tempat buburuh  laleungitan.  Atawa, mun usum palega, lahan téh pangulinan ingon-ingon saperti munding, domba, embé, jeung sajabana, éta gé kari dongéngna. Heureutna lahan pakasaban, ngalantarankeun loba nu leungiteun pangharepan. Antukna, pribumi nu hirup dalit jeung alam loba nu teu kuat nandangan hirup di lembur sorangan. Milih ‘nyisi’, ingkah ka lembur nu jauh ti dayeuh Bandung.

Jlug-jlegna wawangunan sigrong di ieu kota, keur sabagian warga Bandung mah jadi mamala. Lobana nu hirup teu jeung huripna, teu boga padumukan, oge teu boga pakasaban,  butuh panalingan anu jinek ti pamarentah kotana. “Ku margi kitu, nu kedah dironjatkeun téh SDM-na,” ceuk ieu walikota nu lahir di kota Bandung téh.

Program Kota Bandung, mémang jinek, ceuk Ridwan mah. Urang Bandung kudu meunang panalinga daria ti pamarentah kota. Contona, tumali jeung PKL, nu diutamkeun teh nu boga KTP Bandung. Hartina, keur pribumi, urang Bandung lolobana mah.

Tumali jeung padumukan gé kitu. Imah-imah basajan atawa nu katelah  rumah susun sewa (Rusunawa) nu diadegkeun ku pamarentah kota, disayagikeun keur urang Bandung.  “Tangtos asal luyu sareng pasaratanana,” pokna.

Kumaha ari panalinga ka barudak sakola? Walikota gé jinek, méré béasiswa keur barudak Bandung nu sarakola! “Program sapertos kitu,  neueul kana kapentingan warga Bandung,” pokna.

Loba rarancang gawé nu keur digederkeun, saperti nu tumali jeung  lingkungan. Bandung  nu sohor tiis hawana, mingkin dieu mingkin panas. Usum halodo mah nyongkab. Kitu teh, lantaran loba  lahan nu asalna remet ku tutuwuhan, salin rupa diparaké wawangunan. Nu kawas kitu téh, saperti padataran dayeuh Bandung tatar kalér. “Ti ngawitan ayeuna, tos aya kacindekan, aya aturan husus nu tumali sareng wawangunan di kota Bandung,” ceuk Ridwan Kamil nu ahli nata kota téh.

Malah, pihakna bakal tigin kana aturan. Moal gampang méré idin keur nu ngawangun tatar Bandung pakaléran. “Malah upami nyata-nyata mengpar tina aturan, wawangunan nu tos ngadeg gé tiasa dibongkar,” pokna tandes naker.

Nu boga karep ngawangun di Bandung wewengkon tengah, kudu tigin kana aturan. Di lebah dinya mah, apan loba wawangunan nu ngandung ajén sajarah. “Ulah dugi ka wawangunan nu lebet cagar budaya reksak atawa musnah,” ceuk ieu walikota nu resep macaan buku-buku sajarah téh.

Di mana mekarkeun wawangunan? Aya  ajangna.  Nu boga karep ngawangun mah bisa kénéh di tempat séjén, saperti wewengkon dayeuh Bandung beulah kidul jeug wetan. Kitu ceuk M. Ridwan Kamil nu katelahna Kang Emil téh.

 

Ngaji Rasa

Ridwan Kamil engeuh pisan, loba kabiasaan mangsa ka tukang nu teu bisa dilakonan deui. Apan, keur jadi pagawe mah, lakar daék ingkah-ingkahan gé. Remen kalana- kulunu ka toko buku, da karesepna di antrana macaan  sajarah jeung buah pikiran para inohong tingkat dunya.

Kaweruh kana sajarah jeung budaya, karasa pisan pentingna keur pamingpin mah. Da, nu disanghareupanana oge masarakat nu miboga rupa-rupa adat, pasipatan jeung kabiasaan. Hartina, jadi pamingpin  teh kudu bisa ngararampa  angen-angen wargana.

Ngajak urang Bandung mémérés kotana, ceuk Pa Wali mah, teu susah. “Urang Bandung gampang diajak gotong-royong, babari diajak kana kahadéan,” pokna.

Ngan, cenah, memang kudu aya nu ngajakna. Da, lir nu narungguan kandaraan di sisi jalan, mun taya kandaraan nu ngaliwat mah angger wé caricing. Hartina, kudu loba nu ngajakna. Bukti cenah, waktu walikota ngajak warga nyieun sajuta sumur seserepan (biopori), apan eta pangajak teh meunang pangbagéa ti saban pihak. Warga Bandung, saban kulawarga, ubyag nyarieun sumur seserepan.  

Loba kabiasaan Kang Emil mangsa lawas, nu kari waasna. Ngan,  kabiasaan  sasapédahan mah angger keneh.  Da, loba mangpaatna,  cenah, keur dirina mah. Lir reureuh tina kariweuh, bari sapaparat jalan bisa nyalsé ngimeutan kaayaan patempatan. Sakalian olah raga, bisa pataréma leungeun jeung warga Bandung nu tepung di jalan di pasampangan. Bari ngaboséh sapédah, Kang Emil gé, bisa nyurahan kaayaan palemburan geusan ngararasakeun keteg haté masarakat. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: