• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ayi Sopandi;

Abong Budak

Kintun kana Facebook

Ngaranna gé budak leutik geus kitu adatna bangor ngoprek sagala ditanyakeun, kurang-kurangna kolotna sabar mah sok matak rungsing, komo deui budak kuring nu bungsu nu umurna kakara lima taun nyakitu sarua mun aya kahayang teh kudu gancang ditedunan teu bisa diengke engke kajeun dibebenjokeun tetep ngaeh menta kahayang manehna.

Mun kuring keur migawe nanaon si Kasep mah biasa mantuan bapana cakah cikih sagala di cekel sagala di tanyakeun kabeh dioprek, sakapeung mah bosen ngajawabna, tapi da nya kitu mun can ka jawab teh terus wae nananyakeun teu kaur gawe. Sakapeung mah sok aya keselna mun pakakas rek dipake ku si Kasep ulaheun, kajeun di olo kumaha wae ge tetep ulah ari dipaksa kalah ka ceurik bari jeung gogoleran sagala.

Meneran keur pere gawe geus lila niatna mah rek ngarombak bupet leutik jadi rak buku, ngarah susunan buku alus katempona jeung rapih mun neangan buku nu penting teh gampang kapanggih tinggal nempo kana susunan alphabetna. Ari ahli mah henteu juan-jieun bupet atawa lomari tina kai ngan lahlahan we ieu mah susuganan jadi da ukur ngarombak ieuh jeungna deui pakakas tukang kayu rada kumplit, ti mimiti sugu, ragaji, kampak jeung palu ngahaja meuli da sawaktu-waktu mah perelu. Kabeh pakakas tukang kayu geus sayagi di dinya ngarah gampang ngarongkongna maksud teh.

Basa kuring keur anteng nyugu ngarah papanna rata, biasa si Kasep ngarewong nginjeum sugu nu keur di pake meni maksa pisan padahal mah kakara bieu pisan nyonyoo palu jeung ragaji, atuh patulayah pakakas teh.

“Pa nambut suguna sakedap weh, Kasep bade nyugu papan nu itu!” pamentana bari curukna tutunjuk. Kulantaran keur kagok teu di denge ieuh jongjon we neruskeun maksud teh hayang gancang anggeus da ti tatadi ngarewong terus nginjeum itu ngajewang ieu teu kaur pisan rek dek di gawe

“Sugu Pa ...’’ ngomong kituna teh bari merenyeng pedah teu di denge.

“Ke sakedap nya Sep, Bapa keur kapameng!’’ jawab teh rada nyentak. Sakedapan budak murungkut sieuneun meureun anu saterusna undur-unduran bari ngajewang ragaji terus nyalingker ka tukangeun, sihoreng papan nu geus rata meunang nyugu jadi raca di ragajian ku si Kasep.

“Beu ..., na ari maneh kacida teuing bangor teh!” ceng teh bari mireungeuh kana papan nu geus raca

Budak teh tuluy ngajengkat bari ngabeubeutkeun ragaji. Ku kuring di polototan bakating ku keuheul, kumaha mun eta ragaji keuna ka kuring.

Rada salse di gawe teh pedah si Kasep teu ngaganggu, teuing diajak kamana ku indungna sigana mah di bebenjokeun meuli cocooan. Rak buku geus jadi ngan kari malitur, pedah nyieun paliturna mah geus ti kamari sirlakna di keueum ku sepirtus di na keler urut wadah rangginang. Sanggeus di dempul tuluy dihampelas ngarah lemes mun dipalitur teh hasilna jadi herang. Palitur nu dina keler geus nyampak di dinya ngahaja diangkut ngarah babari ngarongkongna nyakitu deui koasna ge weuteuh keneh anyar meuli basa sakalian meuli palitur.

Sabot kuring mindahkeun rak buku ka nu rada panas sangkan katojo ku panon poe ngarah hasil palituranana alus, kurunyung wae si Kasep datang bari lumpat nyampeurkeun ka kuring, dina leungeunna ranggem ku cocooan momobilan laleutik aya ka na opatna, moal salah deui indungna nu mangmeulikeun. Basa kuring ngalieuk, katempo si Kasep keur ngocekan keler nu dieusi ku palitur, cocooanana kabeh aya na jero keler. Kuring reuwas pedah dampal leungeunna lamokot ku palitur sedengkeun ngumbahna ge kudu ku sepirtus.             Sanggeus mireungeuh kitu mah gancang di deukeutan, teuing pedah kuring keur ambek jeung handeueul ningali ka na kaayaan kitu, si Kasep kageteun, na atuh ari juralit teh keler nu dieusi palitur tiguling kadupak leungeunna replek pisan atuh eusina kabeh tamplok ka na taneuh. Kuring ukur bisa ngahuleng, ret ka si Kasep dipelong salila-lila kalaka rempah rempih merenyeng nu saterusna hing wae ceurik bari kokosehan. Ngadenge budak nu ngadengek ceurik lol pamajikan kaluar ti panto dapur, gurung gusuh nyampeurkeun si Kasep.

“Alah Bapana ..., kunaon ieu si Kasep meni lamokot ku palitur kieu?!” ngomong kituna teh bari ngarawu si Kasep anu saterusna dipangku dibawa ka jero.

Pamajikan nanya kitu, kuring teu ngajawab ukur mirengkeun ka na urut palitur anu bahe. Puguh ari keselna mah kesel ngan rek di kumahakeun atuh, ukur bisa ngurut dada.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: