• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sunda di Papua
Mageuhan Tali Duduluran

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
pangurus Paguyuban Pasundan Papua [Potrét/Ilustasi: rudi]

Dumuk di lembur  batur, tumamu mimitina mah. Haté gé teu weléh tibelat ka lembur. Tah, nu kawas kitu, karandapan ku urang Sunda nu dumuk di Papua. ***

Enya, ngimpi jeung lamunan mah teu weléh ngalanglang lembur sorangan. Teu sing kahalangan ku anggang, dina lelembutan mah, asa keur ngancik di padumukan sorangan. Nu remen kagambar gé sawahna, gunungna, jeung tempat-tempat pangulinan waktu keur di lembur. Kitu deui kedalna ucap dina waktu ngumbar lamunan, tetep ku basa Indung, basa Sunda. “Teu weléh sono ka lembur mah,” ceuk  Kol. (Purn) H. E. Sontani, Pupuhu Paguyuban Pasundan Papua, basa ngobrol jeung Manglé di Jayapura, dijejeran pangurus séjénna H. Ahmad Muharam jeung Entar Sutisman.

Tepung jeung pangurus téh, waktu wartawan Manglé nyaba ka Jayapura Papua dina  ‘launcing’ buku biografi jeung tapak lacak pamikiran Brigjen Pol. Drs. Paulus Waterpauw, Wakapolda Papua, karya Prof. Asep Kartiwa (Guru Besar Fisip), Ensa Wiarna jeung Rudi H (rédaktur Manglé). Tepung jeung pangurus paguyuban Sunda di Papua téh pabeubeurang, ping 1 Januari 2013, di alamat sekretariatna, Jl. Samratulangi No. 2 A dok. V Jayapura, teu jauh ti Kodim 1701.

Loba, cenah urang Sunda di Papua ogé. Jumlah nu kacatet, moal kurang ti dua rébu urang  sumebar di Provinsi Papua. “Urang Sunda nu aya di Papua, mémang ngaraos peryogi aya dina hiji beungkeutan. Nya ngadeg wéh Paguyuban Pasundan Sunda Papua,” ceuk H. E. Sontani, pangsiunan TNI, nu kungsi  meunang panghargaan ti Presiden Soeharto, tumali jeung perjuanganana waktu ngabebaskeun Irian Barat ti ranggeuman Walanda.

Dina waktu dumuk di pangumbaraan, ceuk ieu teureuh Garut, mémang remen ngararasakeun butuhna dulur nu salembur.  Nu karasa, najan geus jadi warga Papua jeung loba kawawuhan ti sélér séjén, tetep ngarasa butuh ku nu sabaraya sabudaya. “Rupina batur gé sami kitu, matak geuning di Papua gé seueur nu ngadegkeun beungkeutan kawargian, sapertos aya paguyuban urang Jawa, Madura jeung sajabana,” pokna.

Saméméh ngadeg paguyuban Pasundan Sunda, sok biasa tepung ngariung jeung baraya-baraya nu asalna ti lembur Sunda, saperti aya nu ti Garut, Tasikmalaya, Purwakarta, Bogor jeung ti lembur séjénna ti Jawa Barat jeung Banten. Sanajan enya, upama di Nusantara, Papua téh jauh pisan, tapi angger urang Sunda mah loba. Ku kituna, dina ruang-riung jeung batur, sok ngarasa leuwih cocog upama ubral-obrol jeung batur salembur mah. “Ngawitan tina wangkongan dina olahraga sapertos poli, jorojoy aya kapalay ngadegkeun beungkeutan urang Sunda nu aya di Papua,” pokna.

Karep kitu ogé kasundut ku sélér séjén nu leuwih ti heula baroga pakumpulan. Ébréhna, dina rupa-rupa kagiatan, saperti olah raga, kasenian, kaagamaan, sosial, jeung sajabana. Pakumpulan séké-sélér ti luar Papua ogé, mémang dihaminan ogé pihak kaamanan satempat, saperti ku Brigjen Pol. Paulus Waterpauw, Wakapolda Papua. Nu darumuk di Papua ti sékésélér daérah di Nusantara, cek Paulus mémang angger kudu diajénan, kaasup urang Sunda di Papua. 

 

Mageuhan Duduluran

Urang Sunda nu dumuk di Papua, arapaleun kénéh kana kekecapan silihasah, silihasih, silihasuh. Atuh, saterusna éta padika hirup kumbuh téh teu sing ukur dina lalambé, tapi dilarapkeun dina kahirupan sapopoé. “Angger pasipatan wargi Sunda di Papua teu ical. Soméah hadé ka sémah, silihasah silihasih silihasuh tetep dilarapkeun dina sadidintenna,” cek H. Ahmad Muharam, salahsaurang pangurus Paguyuban Pasundan Papua.

Ku cara maheutkeun duduluran kawas kitu, keur hirup di lembur Papua mah mémang kacida karasana. Sapertina waé, waktu salasaurang aya nu gering parna, heug aya nu nulungan, tangtu kacida matak bungahna. Ku lantaran kitu, nu karasa ku masing-masing pribadi warga Sunda di Papua, saterusna dilarapkeun geusan silihtulungan. “Upama aya nu teu damang atanapi nu pupus, heug kanyahoan ku paguyuban, tangtos wé sakaduga mah teras dibantos,” ceuk H. E. Sontani deui.  Cara silihtulungan ka dituna mah geusan maheutkeun duduluran. Sok sanajan, cek ieu puhuhu, teu bisa dileuleungit, éta ogé aya kénéh sabagéan anggota nu masih sibuk ngurus diri soranganana.

 

Ngajaga Diri, Ngahontal Udagan

Galibna nu miang, mawa harepan. Geusan ngahontal angen-angen, réla ninggalkeun banjar karang pamidangan, najan kudu lunta jauh. Di tempat anyar atawa di pangumbaraan aya harepan  nyorang  kabagjaan. Kituna téh sangkan  bisa hirup jeung huripna.

Ka mana waé ngaléngkah jeung di mana waé dumuk, ka sékésélér sorangan mah teu weléh reueus. Kareueus kitu, saperti nu karasa ku Teh Nunung, nu kiwari mancén wartawan di koran Harian Papua Pos. Cenah, beungkeutan urang Sunda jadi pamatri ati geusan leuwih nguatan jati diri. Atuda, geuning geus di lembur batur mah sagala daya jeung pangabisa téh kacida pentingna.

Karancagéan masing-masing pribadi, lain wungkul gedé mangpaatna keur pribadi  tapi deuih keur pihak séjén. Nya kitu pisan nu kaalaman ku urang Sunda di Papua gé, da nu kasab téh rupa-rupa naker. Loba nu arusaha dina widang masing-masing, saperti aya nu jadi wartawan, tukang kiridit, nu dagang sapatu, papakéan, katuangan batagor, roti bakar, ogé nu kana tani. “Alhamdulillah seueur urang Sunda nu arusaha sangkan raharja,” cek Entar Sutisman, sekretaris Paguyuban Pasundan Sunda Papua tandes.

 

Nu Nyaah jeung Butuh Kanyaah

Sanajan jauh ti lembur, tapi ari rasa nyaah mah angger deukeut. Ku kituna, ieu paguyuban urang Sunda di Papua ogé, tetep bakal ningkatkeun beungkeutan kawargian ku rupa-rupa program jeung harepan. Ngaraketkeun duduluran jeung mikanyaah baraya sarasa, ieu paguyuban urang Sunda di Papua boga karep hayang nyieun Padepokan Sunda di Papua.

Tujuanana? jinek, sangkan urang Sunda teu leungiteun jati dirina tur bisa leuwih motékar dina rupa-rupa kagiatan kasundaan di Papua.

Ieu paguyuban mimiti diadegkeun taun 1973. Di antara panaratasna Bapa Karwafi (alm) jeung H. E. Sontani. Ieu paguyuban, sacara organisasi mah, mémang masih kagolongkeun gering nangtung ngalanglayung kénéh. Lantaran, sanajan kagiatanana jinek tur umurna geus heubeul, tapi nepi ka ayeuna tacan boga sekretariat nu jinek. “Sapertos biasa, sekretariat mah masih ngiring ka alamat bumi ketua. Ku kituna, ka payun, kacida miharepna, sangkan pamaréntah Jawa Barat tiasa merhatikeun tur nyaah ka urang Sunda di Papua ku cara ngawangun padépokan Sunda di Papua. Mudah-mudahan padepokan Sunda di Papua, nu dicita-citakeun ku urang Sunda di Papua énggal ngawujud,” cek H. E. Sontani mungkas obrolan. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: