• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kangjeng Rosul Muhammad SAW,

Bukti Kaagungan Islam

Kintun kana Facebook

Sanaos ayeuna tos lebet kana tungtung bulan Robi’ul Awwal (mulud), tapi ari héabna mah angger karasa. Seueur kaum muslimin nu masih miéling muludan di sababaraha tempat. Seratan di handap ieu, mudah-mudahan janten bekel keur ngandelan kana intirasi miéling dibabarkeunana jungjunan urang Kangjeng Nabi Muhammad SAW.

Islam téh linuhung, Islam téh agung, Islam téh mulya. Dawuhan Alloh Swt. “Alloh Dzat nu geus ngutus Rasul-Na bari nyandak pituduh jeung Agama nu bener pikeun kaunggulan ka sakumna agama-agama nu aya, sanajan jalma-jalma musyrik teu saruka.” (QS. Ash Shaff: 9).

Kitu deui Islam nu unggul, Islam nu mulya téh lain keur sasaha, tapi keur bekel hirup jalma di dunya. Ngan hanjakal, jalma-jalma dina buktina mah, loba kénéh nu teu kabita ku mulyana Islam. Boh tukang macul di kampung, tukang dagang di pasar, para pajabat di pamaréntahan, para doktor di fakultas, apan loba kénéh wargi-wargi urang nu teu kabita ku agungna agama Islam. Upama loba umat geus nu teu kabita ku agama Islam, mangka bakal sakeudeung deui maranéhna curiga ku agama Islam. Lamun geus curiga ku agama Islam, mangka sakeudeung deui bakal ngéwa kana agama Islam.

Tah, kaayaan kiwari bisa disebutkeun kitu. Lantaran, nu hoyong disebut umat Islam sorangan, apan loba kénéh nu lampahna patojaiyah jeung ajaran Islam. Islam ngajarkeun solat sangkan mulya, tapi dirina teu kabita ku solat. Islam ngajarkeun zakat, buktina mah loba kénéh nu teu kabita ku zakat. Islam ngajarkeun jujur, tapi geuning loba kénéh nu teu kabita ku jujur. Éta sadayana, lantaran umat Islam sorangan teu kabitaeun kana agamana sorangan. Naudzubillahimin dzalik.

Ayeuna kantun patarosanana. Pangajian dimana-mana, dina tipi, dina radio, di saban tempat, tapi naha jiga nu teu aya tapakna? Naha loba kénéh umat nu tisolédat? Naha umat loba kénéh nu teu kabita kana ajaran agama Islam? Enya, teu bisa disumputkeun, da mémang kitu buktina. Bukti apanan, boro-boro urang babari ngajak umat deungeun sina asup kana agama Islam, dalah ngajak kana bener ka umat Islam sorangan ogé apan kiwari mah hararésé. Boro-boro ngajak ka batur, apan ka putra urang sorangan ogé sakitu hararéséna. Kitu deui boro-boro ngajak kana urusan nu patali jeung agama, apan ngajak kana widang sosial ogé geus hararésé.

Tah, pasualan-pasualan kitu, tangtu urang uihkeun deui kana diri pribadi séwang-séwangan. Naha urang bet hararésé ngajak jeung hararése nyarek, sedengkeun ari jungjungan urang Rosul Muhammad SAW, bet gampang ngajak jeung babari nyarék?

Kanggo waleranana, hayu urang talaah kana surat Al-Ahzab ayat 45-46 nu unina kieu hartosna: Hé... Nabi, saéstuna Kami geus ngutus anjeun téh jadi saksi, méré béja nu ngagumbirakeun jeung méré panyarék. Jeung nu ngagero kana agama Alloh kalawan ijin-Na sarta keur jadi cahya nu kacida béngrasna.

Sakumaha dawuhan di luhur, mangga urang talaah, urang talungtik. Saur Alloh, hé... Nabi, anjeun di utus téh lain keur naon-naon. Lain keur bagadang, lain keur purah-purah, lain dunya keur ulin, lain keur léha-léha, tapi anjeun di utus téh teu aya deui iwal jadi ‘saahidan’, jadi saksi.

Saksi tina naon? Nyaéta saksi tina agungna agama Islam. Lantaran loba umat nu can apal kana agungna agama Islam. Naon ari saksi téh? Saksi téh nyaéta bukti. Hakim teu bisa méré hukumana ka hiji jalma upama teu aya saksi. Lantaran saksi téh bukti oténtik nu kacida pantingna. Tah, Kangjeng Rosul téh bukti. Naha bet saksi? Keur naon ari saksi téh? Nyaéta keur ngabuktikeun perkara nu teu katempo. Contona waé, upama aya hiji bangsat katéwak ku hansip, terus diadili ku pa RW, tangtu nu pangheulana ditanyakeun téh, mana buktina. Salila teu aya buktina, Pa RW bakal hésé ngahukuman éta bangsa nu dicuriga. Keur bingung kitu, jol wé aya ronda datang ti imah nu kabangsatan, bari mawa KTP bogana nu dicuriga éta bangsat. Terus ngobrol ka Pa RW. Pa RW éta téh bangsat. Ieu buktina. Sidik kapanggih aya KTP bogana éta jalma. Tah, éta ronda téh bisa disebut ‘sahidan’ saksi téa. Tah, Kangjeng Rosul ogé diutus téh jadi saksi, jadi bukti ka nu teu apal agungna agama Islam.

Ayeuna aya patarosan deui, naha ku naon Rosul méré saksi méré bukti kana kamulyaan Islam? Jawabanana ogé aya dua. Nu dua téh lain ku basa Inggris jeung Arab, lain ku basa Francis jeung basa Sunda. Tapi nu dua téh, nyaéta témbongkeun saksi anjeun ku dua basa, nyaéta ku basa pagawéan jeung ku basa lisan. Ku basa pagawéan disebutna conto jeung ku basa lisan disebutna pidato.

Margi kitu, sakumaha patarosan tadi di luhur; naon sababna Kangjeng Rosul salila 23 taun mémérés umat téh bisa bérés roés, gampang nitah babari nyarék? Jawabanana témbrés, lantaran Rosul mah ngalarapkeunana ku conto jeung ku pidato. Kumaha ari urang? Sidik, urang mah apan hésé méré conto. Sedengkeun da’wah conto téh apan nu panghadéna. Tapi lain hartina nu pidato teu hadé, tapi ku méré conto leuwih hadé tinimbang ku pidato.

 

Kangjeng Rosul Nyontoan Heula

Saréngséna surat Al-Ahzab lungsur, Kangjeng Rosul ngumpulkeun para sohabat. ‘Ana awwalu wajibu ’ala ma amarotukum bihi’. Upama dibasakeun mah, hé para sohabat, ulah mangmang ulah ringrang, ulah ngarasa leutik haté. Naon nu diparéntahkeun ku Gusti Alloh, éstuning teu matak beurat, lantaran kawula bakal ti heula keur ngalaksanakeunana. Méméh anjeun ngalaksanakeun prak-prakan ibadah, tangtu kawula nu bakal pangheulana méré nyontoan ngalaksanakeunana.

Tah kitu, Kangjeng Rosul mah. Pamingpin téh lain wani saukur nitah, lain wani saukur pidato, tapi méméh batur ngalaksanakeun, dirina sorangan nu kudu biasa ngalaksanakeun. Contona waé, waktos Kangjeng  Rosul maréntahkeun kana sunahna solat Tahajud, apan méméh nitah ka para sobahat téh, kangjeng Rosul mah tos ti heula pisan.

Palebah dieu, singhoréng bisa kaharti, yén Kangjeng Rosul téh saksi. Saksi keur nganteurkeun, keur némbongkeun  mulyana agama Islam. Seueur deui hikayat Rosul nu sawadina méré conto ti heula, boh dina urusan ibadah, boh dina urusan akhwalussyahsiah- rumah tangga.

Sanggeus Kangjeng Rosul masihan conto, saterasna ku pidato. Ari pidato kangjeng Rosul apan sakitu mulyana. Bujeng-bujeng manusa, dalah sasatoan kayaning oray jeung manuk-manuk ogé ngadadak cicing, lantaran agungna hikmah nu didugikeun ku Kangjeng Rosul.

Patarosan salajengna. Naha ari Rosul babari pisan méré conto, ari urang hararésé méré conto? Jawabana ogé aya dua. Lantaran, anu kahiji kaimanan jeung kaislaman dina diri urang tara digemuk jeung tara dipager. Maksud digemuk téh nyaéta ku rupa-rupa ibadah jeung amal soléh. Saperti pepelakan, upama teu digemuk, apan dina jadina ogé moal matak nyugemakeun. Tah, urang gé sarua. Upama kaimanan jeung kaislaman urang teu digemuk, mangka nu aya bakal hésé jadi conto. Islam nganjurkeun sangkan diri téh kudu digemuk ku sodakoh, tapi geuning urang mah kalah sieun. Sieun masakat sieun malarat. Diri sangkan digemuk ku solat, apan urang mah kalah horéam. Sieun ngaganggu pagawéan. Diri sangkan hadé ka sasama, apan urang mah, haroréam. Kitu polah diri urang nu kurang gemuk téh.

Ari nu kadua, lantaran kaislaman jeung kaimanan urang tara dipageran. Dipageran ku naon? Nyaéta ku élmu. Tah élmu téh pager. Pager keur ngajaga kaayaan urang. Contona wae, upama tatangkalan geus digemuk, tapi teu dipager, mangka tatangkalan ogé bakal kaancam ku sato galak jeung sajabana. Kitu deui dina kaislaman jeung kaimanan urang, salawasna kudu dipager, sangkan teu kaganggu ku panyakit atawa ku pangaruh nu matak nyasarkeun.

Margi kitu, bisa kaharti, naon pangna kaislaman urang uduh pisan. Singhoréng, urang mah hésé ngalakukeun atawa méré conto. Komo deui, haté urang mah tara digemuk jeung teu boga pager anu kuat. Pangna kitu, teu aya deui cara, hayu urang baralik deui kana papagon Islam sakumaha nu dicontokeun ku Kangjeng Rosul Muhammad SAW.

 

Béja Gumbira

Tugas anu kadua, nyaéta mubasiron, tegesna méré béja gumbira. Alloh ngutus Rosul sangkan méré béja pikeun jalma-jalma anu pengkuh kana agama. Di dunya bakal bagja di hérat bakal salamet.

 

Sakumaha dawuhan Alloh di luhur, tiasa dijelaskeun, yén saha jalma nu iman jeung takwa, mangka Alloh bakal méré kabagjaan nu teu kapalang, nyaéta mangrupa barokah nu diturunkeun ti langit jeung ti bumi. Tah, ieu pangbubungah téh keur jalma-jalma anu ariman jeung anu tarakwa. Lantaran bakal béda, jalma nu kagolongkeun hamba iman jeung hamba syaetan. Hamba nu iman, wawalesna sawarga. Sabalikna hamba syaetan, wawalesna naraka. Margi kitu, béda lampah jeung kaimanan di dunya, pasti bakal balitunganan di alam jaga.

Katilu, méré panyarék. Jalma di alam ruh téh sarua, baroga poténsi fitrah anu hadé tur iman. Alastu birobbikum? cek kabéh ruh, ‘Bala sahidna’.  Kitu, kaasup sabejad Fir’aun jeung Abu Jahal, nu sarua baroga fitrah iman. Tapi barang borojol ka alam dunya mah béda-béda. Tah, Rosul téh keur nyarék sangkan ulah nurut kana léngkah syaetan. Lantaran polah nu kitu téh bakal rugi. Kaopat, ngagero kana agama Alloh Swt. Ieu kacida beuratna. Seueur kajadian nu tumiba ka Rosul nalika dakwah.  Jalma-jalma kafir geus biasa sok malédogan Kangjeng Rosul ku kokotor onta. Tapi, ku ahlak Rosul anu mulya, nu tadina ngahina, ahirna seueur nu asup Islam. Lantaran Kangjeng Rosul geus méré bukti kana mulyana agama Islam.

Nu kalima, cahya anu kacida béngrasna. Kacutat ahlak nabi; siddik, fatonah, amanah jeung tablég. Éta sadayana cahya nu teu aya babandinganana. Sanajan Kangjeng Nabi Muhammad SAW mah Rosululloh, tapi angger risalahna mah henteu keur Rosul wungkul. Ku kituna, salaku umat Islam urang wajib apal tur ngalampahkeun agungna Islam, sakumaha al-Qur’an sareng hadits keur pituduh umatna nepi ka ahir jaman. Mudah-mudahan urang sadayana kalebet jalmi-jalmi nu kiat kanggo masihan conto mulyana agama Islam. Amin.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: