• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Embé Kuring Ditambahan Jurig

Kénging Ki Umbara
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1391505336.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus mulyana]

Usaha kuring balantik embé. (Di kuring mah domba ogé disebutna embé baé). Geus taya nu bireuk, Ki Pernata tukang embé urang Bendungan. Lain baé kajojo ku batur salembur, tapi ku urang lembur séjén ogé. Méméh ka nu  lian, boh nu rék ngajual boh nu rék meuli, daratangna téh tangtu ka kuring heula. Da éta cenah Ki Pernata mah gedé tinimbanganana, tara ngamumurah pédah nyaho nu rék ngajualna butuh pisan ku duit, tara ngamahalkeun pédah  nyaho nu rék meulina perlu pisan maké. Éta kapercayaan nu réa kitu, ku kuring dijaga pisan. Ma’lum réa saingan, da réa deui tukang embé téh, komo di Langséh jeung di Cinagara mah, galituk.

Ari pasar embé anu baku, tempat pajemuhan tukang embé ti mana-mana, jeung tempat karumpulna anu rék meuli, nyaéta di pasar Kuningan, unggal poé Senen isuk-isuk, biasana nepi ka jam sawelas. Méh unggal poé Senén, kuring ogé kudu baé masar ka Kuningan téh. Jauhna ka Kuningan ti lembur kuring aya salapan kilométerna, lalakon tilu jam leumpang bari ngagiringkeun embé mah. Lantaran kudu muru isuk-isuk geus aya di pasar Kuningan, atuh indit ti lembur téh unggal-unggal ogé sok janari baé, pukul tilu pukul opat. Malah ari réa embéna, da sok kendor, sakapeung pukul dua peuting ogé geus miang. Biasana tara sorangan ari indit téh, sok babarengan jeung babaturan, pada-pada tukang embé batur salembur, Ki Jaya jeung Ki Karta. Mun maranéhna kabeneran teu mariang, kuring sok ngahaja mawa Si Armad, anak tatangga, pikeun batur keueung di jalan jeung babakuna pisan mah pikeun mantuan ngagiringkeun embé-embé, kajeun olok ngupahan jeung ngajajanan.

Sakali mangsa batur kuring duaanana teu mariang, turug-turug Si Armad gering deuih. Ari teu miang, asa lebar, da maréma rék Lebaran Haji. Usum kurban, usum ku nu perlu embé pikeun kurban. Mangkaning kuring geus ngumpulkeun embé jalu kabéh, mani raranggah, aya kana sapuluhna. Sabataé pimucekileun. Keueung-keueung ogé, ah rék miang baé. Ingetan téh batur keueung mah engké ogé di jalan papanggih jeung Ki Wira, tukang embé urang Ciawigebang anu biasana unggal-unggal ogé sok paamprok di Olécéd.

Piisukeun rék indit, hujan terus-terusan ti isuk mula, malah ka sorénakeun mah pohara gedéna. Raat-raat téh kira-kira pukul sawelas peuting. Cisandé caah mani unggar-unggaran.

Pukul dua peuting kuring miang téh. Embé nu sapuluh téa henteu dibawa kabéh, ukur dibawa lima. Ingetan téh bisi ripuh teuing di jalanna. Éta embé-embé anu lima, ku kuring dikantétkeun malar henteu bisa paburencay.

Nepi ka Olécéd, Ki Wira tacan kasampak, didagoan saiheung-iheung teu jol baé. Kapaksa indit deui sorangan. Keueung mah nataku, mangkaning ngaliwatan kuburan.

Rada ripuh leumpang téh, da kudu jigjrig baé, lantaran lain kuring nu nungtun embé, tapi malah kuring nu ditungtun ku embé jalu salima-lima. Ripuhna pisan, éta mun Si Jalu nu lima téh dipareng béda kahayang. Nu sawaréh hayang terus nu sawaréh deui hayang balik atawa hayang nyatuan heula. Atuh pagunyeng-gunyeng.

Rék ngaliwatan kuburan pisan, awak geus ruy-rey. Inget kana béja. Cenah baheula Ki Sukandi bangsat gerot anu kakunang-kunang, aya nu maéhan. Mayitna gugulayunan di gantung di éta kuburan. Kacipta matana buncelik, létahna elél-elélan. Mangkaning harita téh poék bulan, caang ukur reyem-reyem. Rey muringkak sabulu-bulu.

Naha atuh keur sakitu keueungna téh, ana léok téh Si Jalu kabéh sauyunan méngkol ka lawang kuburan, bus abus saréréa. Pangacian kuring geus ka mana boa, tapi inget ari digugur mah, da tambang téh dibeulitkeun kana beuteung. Teuing rék naraon Si Jalu maké arasup ka kuburan téh. Dina tangkal caringin, katingal remeng-remeng patinggulayun mayit Ki Sukandil aya puluhan. Panonna patingpolotot, létahna patingarabay, handapeun jelema harideung patingalajrag igel-igelan. Jerit kuring ngajerit ... les teu inget.

Inget-inget téh geus aya deui di jalan gedé, geus di birit Desa Pagundan. Éta ogé bané aya nu celuk-celuk ngageroan di tukang.

“Pernataaa! Pernataaaa! Dagoaaan!”

Ingetan téh moal salah Ki Wira. Bari ngararasakeun kanyeri urut digugusur jeung tidadalagor, sakuat-kuat kuring nahan Si Jalu. Teu lila nu didagoan téh geus puncengis. Ku lantaran poék teu katingal beungeutna, teu katingal saha-sahana. Pok ku kuring ditanya.

“Ki Wira tatéh?”

Nu ngabelegedeg teu ngajawab pananya kuring, kalah ka pokna téh.

“Ieu embé andika tinggaleun hiji!”

“Embé kaula?” ceuk kuring bari nyarasan tambang milang embé. Tetela aya kabéh limaanana ogé.

“Ah, lain embé kula tamah, da nu kula mah aya kabéh lima.”

Bari teu némbal sakemek, Si Anyar pinanggih téh ngaleos ka nu poék, les ngiles. Éta mah da mun teu kagusur ku Si Jalu, kawasna kuring ngayekyek di dinya nepi ka beurang.

Ti kajauhan katingal kelap-kelip cahya lantéra anu digantungkeun sisi jalan hareupeun alun-alun désa Pagundan. Kuring hayang buru-buru muru ka dinya, angkanan téh rék ngadagoan beurang baé di alun-alun, kajeun kabeurangan datang ka pasar Kuningan. Sukur-sukur gé mun Ki Wira kaburu datang.

Tapi ... orokaya, teu bisa hayang buru-buru nepi ka nu caang téh, da Si Jalu bet jadi ribut, silih teunggar pada baturna, kawas aya nu diparebutkeun. Awak asa remek kabuntang-banting, da tambangna dibeulitkeun kana beuteung téa. Ari rék dilésotkeun sieun kabur, mangkaning poék. Pikiran teu weléh héran, ku naon jadi kitu, jadi teu akur, padahal tadi mah bangun lalayeut naker. Jeung tingharohoh deuih, kawas nu ngarambeu bikang.

Barang nepi ka nu caang, paingan ... da geuning embé anu anyar téh danten démplon pisan. Horéng nya sato ogé teu bina jeung manusa ...!

Maksud rék ngadagoan beurang di alun-alun téh henteu kalakon, da ... ku lantaran Si Danten téh pada marebutkeun baé, pada ngudag pada ngajagangan, keuekeuh nu maraksa keukeuh nu embung, ngan belenyeng baé Si Danten téh lumpat miheulaan. Beretek, beretek .. Si Jalu rampak ngarudag. Nu ripuh kuring deui baé kagusur. Alun-alun geus jauh kaliwatan. Nepi ka hulu dayeuh, ka lebah pengkolan ka Garawangwani, kuring geus béakeun tanaga, bru rubuh, tapi kagusur terus, teu meunang ampun. Les teu inget ...

Inget-inget deui  téh geus beurang, geus ampir nepi ka pasar. Tapi lain pasar Kuningan atawa pasar Ancaran, teuing pasar di mana. Éta baé boh tukang embé boh jelema-jelema nu ngagimbung rék mareuli ... saurang gé teu apa nu wawuh. Kakara kuring manggih pasar anu sakitu raména ku nu balanja jeung ku nu daragang; kawas di pasar malem baé. Éta meureun duméh maréma nyanghareupan Lebaran Haji.

Sanajan awak pareurih lantaran daradas urut kagusur, teu dirasa ieuh, da kaupahan ku mucekilna kauntungan. Kumaha teu rék mucekil, da nu mareuli téh teu nalawar deui sapanawaran kuring ... bro-bro baé dibalayar. Paosong-osong bangun nu sarieun teu kabagéan, da meureun pada perlu pikeun kurban téa. Si Danten ogé payu ....

***

Ngandek tilu poé ti harita, sanggeus kuring éling bener, ngadéngé ti pamajikan, yén harita téh poé Senén isuk-isuk, kuring kapanggih ku nu ngaliwat nyelap dina dapuran awi sisi cai. Tambang anu meulit kana beuteung kari sapotong, tayohna, awak kuring nyelap dina dapuran awi, ari Si Jalu harayang terus ngudag ... bret baé tambang téh pegat.

“Karunya,” ceuk pamajikan téh. “Si Jalu limaanana, ka panggih bangkéna ngarambang di leuwi hilireun jambatan kalereun Oleced. Tapi sakitu ogé untung kénéh, coba lamun si jurig awéwé téh ngarupakeun jelema ... moal andika anu ngambang bungkiang di leuwi téh!”

Ngadéngé pamajikan banyol téh boro-boro hayang seuri, baluas baé nu aya.*** 

(Dimuat deui tina Mangle No. 257)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: