• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Lulun Samak

Kénging Taufik Rahayu
Kintun kana Facebook

Ibur salelembur éar sadédésa. Di lembur Cihanjuang aya nu tilelep di walungan Cisadané. Sababaraha urang budak umur welasan taun nu keur anteng ngarojay, bet kudu aya nu cilaka. Si Salim nu katibanan ku papaitna. Manéhna jadi wadal leuwi Cisadané.

Nu ngarojay téh barudak nu keur mareujeuhna barangor. Kabéhanana salapan urang nu tos ngurek di sawah. Tengah poé éréng-éréngan tuluy tarurun ka walungan. Hayang ngojay miceun késang  jeung pangpangna mah teu kuat ku morérétna poé.

Ku kolot-kolotna barudak téh geus diomat-omatan ulah wani-wani ngojay di walungan Cisadané nu kacida sangetna. Tapi bubuhan barudak leutik teu apal dikakolotan, teu ngagugu kana panyaram kolot. Kaayaan kacida bayeungyangna, ningali di lebakeun sawah aya walungan nu ngagenyas, teu mikir panjang deui.

Barudak nu keur aranteng ngarojay teu eungeuh yén si Salim geus leungit. Heurey gerah di walungan, silih simbeuh jeung patinggorowok. Temponan balik kakara maranéhna engeuh aya nu leungit. Komo barang ningali aya baju sasetel ngalumbuk can aya nu maké mah.

Mimitina mah teu nyangka si Salim leungit, meureun keur kahampangan di hilir. Tapi barang diaprak, boh ka hilir boh ka girang, weléh teu taya laratanana. Geus ditutungguan teu kénéh balik mah, barudak langsung birat ka lembur ngabéjaan kolot-kolot.

Lurah Abo nu dibéjaan langsung méré intuksi ka RT pikeun ngumumkeun kana pangeras, sakabéh urang lembur kudu ngilu néangan si Salim nu leungit. Teu kudu ngadagoan lila, urang lembur tamplok kabéh ka leuwi Cisadané. Leuwi diteuleuman. Hilir jeung ka girang diaprak ku saréréa, tapi weléh si Sallim teu kapanggih laratanana.

“Ari barudak sok gagabah, puguh ieu leuwi téh disangetkeun, ku keukeuh wani-wani ngojayan! Kolot waé rerempodan mun pareng meuntas sasakna, ieu kalah diojayan.” Lurah Abo semu kukulutus, bari tuluy gék dina batu nyinghareupan sasak Cisadané. Dina walunganana masih kénéh katembong aya nu neuleuman leuwi pilih genti néangan si Salim.

“Barudak lalenger wungkul da éta mah. Nya si Salim deui nu sok ngaluluguan teu benerna téh. Éta ogé ceuk katerangan barudak basa ditalékan hiji-hiji, si Salim nu keukeuh ngajakan ngojay téh!” ceuk RT Seblu.

Teu lila jol Aki Ohan ti hilir, paromana siga nu kuciwa. Tuluy gék milu diuk deukeut Lurah Abo.

“Tah geuning aya Ki Ohan,” ceuk RT Seblu, “tah pa lurah, Ki Ohan nu apal kana sangetna ieu leuwi.”

“Cing-cing Ki, hayang apal nu sacéréwéléna pangna ieu leuwi disangetkeun. Nya jurig naon nu ngageugeuhna?.” Ceuk Lurah Abo bari tuluy sidakep nyinghareup ka Ki Ohan.

“Baheula mun kawénéhan, nu meuntas sasak Cisadané, sok remen ningali samak ngampar dina batu damprak itu,” kituna téh bari nuduhkeun kana batu damprak nu ayeuna diriung ku jelema nu keur nareuleuman néangan jasad si Salim. “Osok ogé témbong dina sisi leuwi nu déét ngampar samak, bubuhan caina hérang.”

Lurah jeung RT Seblu tuluy ngised diukna ngadeukeutan Ki Ohan.

“Tapi Aki mah ngalaman pisan. Aki sorangan ampir-ampiran jadi wadal di leuwi. Harita Aki keur ngarit, lantaran ngélod balik pasosoré. Pas ngaliwat sasak Cisadané dina batu damprak kaciri aya samak. Aki lir dipohokeun kana kasangetan ieu leuwi. Komo barang ningali samak ngampar dina batu damprak mah, kabita waé nu aya. Eukeur mah di imah téh samak geus ruksak. Dina pikiran téh meureun samak nu keur dipoé kabawa palid ti girang. Langsung tuturubun bari ngécagkeun karung jukut. Ngan barang antel kana samak, kaciri samak téh siga nu hirup jeung rék ngabulen leungeun. Nyaho kitu mah geus teu mikir panjang deui, langsung ngaberengbeng lumpat cul karung jukut, ngabingbrit ka lemburkeun. Nepi di lembur langsung teu inget di bumi alam.”

“Terus kumaha Aki?” ceuk Lurah Abo siga nu panasaraneun.

“Saterusna mah ieu leuwi beuki sanget. Tapi teu saeutik ogé urang lembur nu nyebutkeun majarkeun Aki gedé wadul, jijieunan. Tapi da Aki mah teu nginjeum ceuli teu nginjeum panon, éstu kaalaman ku sorangan kalawan ampir-ampiran jadi korbanna. Meureun mun Aki kaléléd mah ieu leuwi téh dingaranan Leuwi Ohan.” Kituna teh bari ditungtungan ku seuri.

“Cenah mah mun nu geus kabawa kana cai mah sarua geus teu nyawaan. Aya nu nyebutkeun dibawa kana liangna nu ngajalur ka laut. Jasad jelema nu beunang ka léléd ku lulun samah téh tuluy dibawa ka laut pikeun disebakeun ka nu ngageugeuh laut kidul.” Aki Ohan nuluykeun caritana.

“Terus kumaha Aki?” Lurah jeung RT méh bareng.

“Ayeuna mah tong waka loba ngobrol, urang kudu buru-buru néangan saha nu wani neuleuman ieu leuwi engké peuting sosoranganan?” ceuk Ki Ohan bari ngarérét Lurah jeung RT.

Nu dirérét ukur silih pelong. Tina paromanna ogé geus kateguh euweuh nu daék.

“Naha bet kudu ti peuting Aki? Jeung naha deui bet kudu neuleuman sosorangana? Kuriak nu niat rék néangan jasad téh kalah jadi wadal ogé?” RT Seblu bangun nu panasaran.

“Hus... tong sok sompral.” Ki Ohan ngagebes, “ari urusan jeung nu kitu mah kudu ditarékahanna ti peuting, mangsa alam sepi jempling. Pameulina mémang kitu ari hayang jasadna kabawa deui mah.”

Beres kitu mah tuluy waé Lurah Abo néangan pijalmaeun nu daék neuleuman leuwi engké peuting. Loba nu teu sanggup, bararaid teuing cenah kudu teuleum sosoranganan di leuwi nu geus puguh aya jurigan, aya lulun samak nu ti beurangna geus ngala wadal.

Tapi ari disaliksik ka unggal lembur mah teu burung aya nu sanggup. Jang Ahmad putra Ustad Wawan teureuh palika nu daék téh. Jang Ahmad tuluy ngajak Lurah jeung Ki Ohan sangkan nganteur, kalawan dipapadonan tong ngaguruh, malah inditna ogé kudu mopoék cenah.

Sanepina dina sasak, tuluy Jang Ahmad papadon ka Lurah Abo jeung Ki Ohan.

“Keun tong harariwang, mun salila opat puluh menit kuring teu mucunghul deui hartina kuring geus sasab di ieu leuwi ka bawa ka laut atawa alam siluman. Tong dijieun ibur, isuk-isuk téangan waé jasad kuring di ieu leuwi, mun teu kapanggih ogé tong ibur, kuring pasti balik deui.” kitu papadonna.

Rada ngagebeg ogé Lurah Abo jeung Ki Ohan ngadéngé nu papadon kitu mah. Tapi teu bisa majar kumaha, duanana ukur bisa ngaheueuhkeun ku unggeuk.

Jang Ahmad tuluy rerencepan turun tina sasak mapay batu. Nepi dina batu damprak tuluy katémbong ngajengjen salila-lila, tayohna mah keur mapatkeun doa atawa meureun jampé pamaké palika. Da sidik Akina téh baheula palika kawéntar. Geus kitu mah lep waé teuleum.

Can ogé 20 menit, Jang Ahmad geus kaciri hanjat. Tuluy muru kanu nungguan.

“Kumaha Jang?” ceuk Lurah Abo hariweusweus.

“Wayaha Aki atawa Lurah, kudu balik  ka lembur. Ménta panitih. Aya budak téh, katémbong sukuna wungkul. Geus dikenyang teu bisa. Kudu bari ditojos ku panitih hayang kabawa deui mah. Abi hilap teu mawa, padahal pun Aki téh baheula kungsi papadon tong leupas tina panitih tukang teuleum mah,” pokna.

Lurah Abo jeung Ki Ohan teu loba tatanya, tuluy uyap-ayap kana calana jeung bajuna. Gap Ki Ohan kana kancing bajuna nu kamari lésot, untung kamari téh langsung dipanitihan.

“Alah Jang, teu kudu ka lembur ka jauh-jauh. Ieu kabeneran di Aki aya panitih mah.”

Can ogé Ki Ohan jeung Lurah Abo sempet nanya keur naon-keur naonna, Jang Ahmad geus kaburu turun mantén. Tuluy lep deui cara tadi kalawan teu jajampean ayeuna mah. Teu lila, kira-kira limawelas menitan aya nu ngaburial tarik naker, selang sababaraha menit ti cai nu ngaburukbuk motah, pucunghul Jang Ahmad bari nyekelan layon si Salim.

“Ieu bantuan mawa.” Ceuk Jang Ahmad bari tuluy hanjat mayang layon. Nu digeroan turun mantuan bari dugdagdégdég, reuwas jeung kasima. “Hayu geuwat urang ninggalkeun ieu leuwi.” Pokna deui bari tuluy haranjat mawa layon. Katémbong sareretan ku Lurah jeung Ki Ohan cai leuwi ku siga nu ngamuk motah, tapi teu hayang nengetan papanjangan, nu puguh mah hayang geura balik nepi ka lembur. Sieun Lulun Samakna hanjat ka darat.

Sabada beres mulasarah layon, bérés ngurebkeun peuting harita kénéh, sawaréh karumpul di imah Lurah Abo. Sanggeus rineh mah Jang Ahmad ngobrolkeun nu kaalamanna.

Pas diteuleuman ku Jang Ahmad kaciri deukeut liang di dasar leuwi suku si Salim, dibetot ku leungeunna kalah béak tanaga jeung témbong léléd samakna siga rék malikan ka nu ngagangguna. Keur kitu tuluy Jang Ahmad inget kana papagah akina. Mun hayang leupas tina jiretan léléd samak kudu ditojos ku jarum, kakara bakal leupas. Kulantaran éta cenah palikan mah wajib mawa panitih. Salian ti keur ngungkulan nu kitu ogé, keur ngararasakeun lamun pareng keur teuleum disasabkeun ka laut ka dunya siluman, tojoskeun éta panitih kana awak sorangan. Lamun teu karasa nanaon jeung euweuh getihan, éta geus dipastikeun aya dina alam siluman. Sedeng lamun nyeri jeung kaluar getih éta tandana geus aya deui di dunya nyata.

Ti saprak kajadian éta, leuwi Cisadané robah ngaranna jadi leuwi Salim. Urang lembur percaya mun leuwih dingaranan korban, éta leuwi teu moal ménta deui wadal manusa. Salian ti éta oge pikeun pangéling-ngéling ka nu lain yén di éta tempat kungsi aya kajadian rajapati, nu taya lian ti Si Salim. Kahareupna tangtu kudu ati-ati lamun nincak ka éta tempat.*** Pamijahan, 26 Désémber 2013

*Diréka tina kajadian nyata nu dicaritakeun ku sesepuh di Pamijahan

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (5)

Kadir Fallaq

Bareto carita lulun samak mindeng di caturkeun ku para sepuh, supaya barudak teu ngoyak di lewi sindangbarang...... di lembur kuring mah lulun samak disebutna.. "lembu"...

Asep BZ

Sae pisan ieu carpon teh komo ieu mah kisah nyata, kumaha eta anu namina elmu teuleum tehnya ..? uhun kapungkur mah sok nguping ti sepuh pami dileuwi teh aya Lulunsamak janten kedah ati-ati. Htr nhn kintunanna.

enjang muslih

kapungkur mah aya rohangan pangalaman paramitra, gadung dongengkeuneun yeuh....

Agus Ruslan

Bade tumaros manawi uninga tempat kursus kacapi suling

agus ruslan

Bade tumaros manawi Mangle uninga tempat kursus kacapi suling.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: