• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nyingraykeun Lalangsé

Kénging Nina Rahayu Nadéa
Kintun kana Facebook

Ngahaja isuk kénéh geus ngalangeu hareupeun imah. Hawa tiis dibaturan angin ngahiliwir ti landeuhkeun. Nebak awak nu tatadi ngadayagdag dina korsi. Ngararasakeun hawa nu nyelecep, nyulusup kana lulurung kalbu. Éndah kacida. Saparat panon nénjo kajauhna, ukurpakebonan  jeung  gunung leutik nu mapaésan kaéndahan alam.  Jalan blung blong kaditu kadieu. Kacida pisan simpé, euweuh sora kandaraan anu nyababkeun polusi sora jiga  di kota. Anu aya ngan sora manuk jeung sabangsaning sasatoan anu kacida matak genah tumaninah kana haté. Ngupahan anu sungkawa.

Matakna ngahaja reureuh di dieu. Bumén-bumén di tempat anu kuring sorangan can wawuh. Ngahaja. Lian ti hayang  ngahirup hawa seger. Ogé aya nu lain, hayang nyingkahkeun lalangsé. Miceun rereged anu aya dina diri. Hayang muka lambaran hirup anyar di dieu. Di tempat anyar. Satutas kajadian harita. Kajadian anu kacida matak down. Rendah diri jeung putus asa ngabaturan kuring.

                Kajadian anu langsung nangkubkeun jeung meunggaskeun sagala pangharepan anu karék mucunghul, pating parentul mapaésan haté ku karir anu neutneutan alus. Jabatan alus sakeudeung deui baris kacangking ku kuring. Jabatan anu salila ieu dipiharep ku sakabéh pagawé di perusahaan tempat kuring. Tapi ku kajadian anu tumiba. Kuring kudu nutupkeun haté, malah nepi ka resign ti perusahaan sagala. Bongan, enya bonganna atuh mamala beut nganjang na diri. Sakapeung mah aral kacida. Mendingan nemahan pati daripada nandangan lara.

                “Allohu Akbar.” kuring jumerit waktu awak ngudupruk labuh.

                Gubrag!

Panci anu dipaké naheur cai murag, meneran pisan kana leungeun katuhu anu neueul kana lanté.  “Awww....”

                Rabul tatangga anu deukeut. Pamajikan rawah riwih ningali kaayaan.  Aya anu ngabaluran leungeun ku minyak, aya ogé anu ku odol. Paciweuh. 

                Sababaraha lila jadi pasén di rumah sakit. Ngubaran leungeun anu kaléob. Tapi ning kitu, geus titis tulisna. Anu dipiharep sangkan normal, teu waluya. Leungeun katuhu jadi kompér, euweuh tanaga, sarta warnana hideung pabaur jeung bodas anu pating gareblég totol-totol. Matak geuleuh ningalina. Komo lebah curuk mah. Iy, pasti ngabirigidig. Ningali tumpukan daging anu teu mangrupa, jiih.

Kacilakaan anu nyababkeun kuring tatu saumur-umur.  Rujit. Sorangan geus ngarasa kitu, komo meureun nu lain. Kitu anu jadi momot kuring saban waktu. Sanajan pamajikan salilana nyarita tetep nyaah, tetep narima kana naon rupa anu tumiba. Ngan kuring angger teu sadar. Ti harita jadi leuwih kasigeung jeung gedé ambek. Teu kaur  aya omongan anu rada teu merenah langsung nyentak. Kitu deui mun ngadéngé anu ngalelemu, ngagedékeun haté teh lain atoh. Tapi beuki ijid kanu ngomong asa ngaléléwa, asa ngahina.

Sakapeung sadar jeung mangkarunyakeun kanu jadi pamajikan pareng  disentak. Tapi nya kitu téa atuh kuring téh sok asa geuleuh.  Matak mending nyamunikeun diri di ieu  tempat anu hara-haraeun. Méh teu panggih  jeung jelema loba. Tiis ceuli hérang panon.

                Kapaksa meureun. Pamajikan ngéléhan manéh  nuturkeun kuring pindah. Ari barudak mah angger waé di kota. Satia ka salaki, ngurusan kuring anu keur karandapan aral. Tinimbang aya kajadian anu teu dipiharep. Mimitanamah manéhna mugen sarta ngalelemu ka kuring sangkan cicing, angger di tempat anu baheula.

                “Naha tos diémutan, Kang?” cenah panonna manco ka kuring.

                “Komo!” kuring teugeug, teu nempo saeutik ogé ka pamajikan.

                “Saur pangemut abdi mah mending di dieu heula atuh. Tong getas harupateun. Anggur sing tawakal. Pan Akang gé di dieu keur diubaran. Mudah-mudahan aya jodona. Bisa cageur cara sasari.” Pamajikan ngalelemu.  Leungeunna ngocékeun gelas. Song gelas di ka kuringkeun. “Leueut heula cai téh haneut, meh janglar.”

                “Teundeun na méja.” Kuring teu miroséa.

                “Kang.” Pamajikan ngarahuh.

                “Hem.”

                “Akang téh sing sabar. Sakieu gé alhamdulillah ngan saukur panangan anu tatu.”

                “Na di dinya ngaharepkeun kabéh awak kaléob cai panas kitu?”

                “Astagfirulloh, Kang. Sanés kitu....”

                “Heup... heup gandéng. Meunggeus tong loba carita deui.” Panon kuring mencrong ka luhureun méja kerja. Map anu numpuk,  buku-buku, kantong jingjing, ngingetkeun kuring waktu digawé.

                “Hapunten.” Manéhna cengkat.

                “Nung...!”

                “Kumaha?” cenah ngarandeg, léngkahna kandeg.

                “Hampura akang,” cekéng.

                “Teu sawios. Ngartos.” Gék deui di gigireun.

                “Akang téh éra ku kaayaan. Enung gé apal kumaha akang baheula. Jadi wayahna mun Enung nyaah ka akang....” kuring neuteup panonna nu liuh carinakdak. “Akang hayang pindah. Hayang ngumpi diri. Keun waé  cicing nyorangan gé, ari Enung teu daék mah.”

                “Pami tos buleud mah, mangga. Keun abdi gé bakal nyarengan.” Sorana dareuda.

*

                Tempatna jauh kaditu kadieu. Kabeneran  aya rélasi anu ngajual vila. Alhamdulillah, teu ditawar deui langsung diduitan bakat ku atoh. Tempat anu ceuk batur hara-haraeun, pikasieuneun téh. Cek kuring mah betah kacida.  Tempat anu saeutik saeutik miceun bangbaluh, nyingraykeun lalangsé anu asa ngukuntit  diri.

                Unggal isuk ngalangeu hareupeun imah. Jalan-jalan ngarasakeun hawa anu seger tumaninah kana awak, sumarambah kana bayah.  Katunggaraan saeutik-saeutik kaubaran ku ningali kaayaan ciptaning Gusti anu éndah kacida. Sanajan angger wé sok aya kasedih datang mun inget kana kajadian.

                “Gusti, naha anjeun masihan sagala kasedih nu pohara.” Kuringnyusut cipanon ku tonggong leungeun nu datang teu kaampeuh. Panon angger nyérangkeun sakuriling, rét ka kénca rét ka katuhu.

                Karék sidik, gening rada jauh, beulah kalér aya jalan badag molongpong. Di dinya aya gapura badag warna emas. Patingborélak katojo  sumirat.  Gapura anu  jadi batas hiji wewengkon. Katangen di luhurna aya aksara badag. Ngan teu pati écés, jeung teu kaharti tulisanna, teuing batas daérah naon. Tulisanan rada teu jejeg, siga tulisan sunda buhun.

Awak asa lungsé, asa sedih pohara ningali gapura anu aya di dinya. Gapura anu dipinding tihang beton kénca katuhu. Beton mangrupa dua leungeun anu keur nadah, siga anu keur ngadoa ka mantenNa. 

                Aya nu merebey ningali éta dua leungeun anu keur ranggah.  Leungeuna anu katuhu ning euweuh ramo anu katingali. Ti pigeulang nepi ka ramo teu aya. Buntung.

                Rét kana leungeun katuhu kuring anu teu daya teu upaya. Tong boroning bisa ranggah siga kitu. Anggur beut asa ngaheurinan. Teu bisa nanaon. Jadi hahalang pikeun ngalakuken kagiatan. Ngulapés, teu daya teu upaya. Sagala ngan saukur dilakukeun ku leungeun kénca.

                Rét deui kana leungeun ranggah di luhur gapura. Katingali leungeunna bedas. Ngadoa unggal waktu. Jung nangtung lajag léjég. Aya amarah anu datang teu diondang. Ambek ngurunyung inget kana papastén anu karandapan. Kabayang waé waktu keur gandang. Sapopoé maké mobil. Datang ka kantor pada ngahormat, pada ngajénan. Ari ayeuna?

                “Na atuh manéh teh ngadon ngulapés. Euweuh guna. Euweuh gadag. Asa mendingan siga leungeun di luhur gapura. Sanajan buntung tapi geuning perkasa katingalina. Gagah.”  Kuring ngabeubeutkeun manéh kana korsi. Ngépéskeun leungeun katuhu satarikna.

                “Aduuuh.” Kuring ngajerit basa leungeun keuna pisan kana armrestkorsi.  Nyuuh kana méja sababaraha lila. Ngarasakeun nyeri dina leungeun.

                Clak...clak....  Sora nu ngeclak écés kana ubin. Ngarérét sakeudeung ka lebah sora anu deukeut  suku. Bari angger nyuuh. Gebeg. Ningali getih anu anu aya dina ubin ngabayabah. Beuki loba bareng jeung nu ngeclak ti luhur saeutik-saeutik. Tanggah, euweuh nanaon. Paneuteup balik deui kana ubin,  nuturkeun getih, ti mana asalna. Rét kana leungeun anu beuki nyanyautan.

                “Gusti!” kuring ngajerit ningali leungeun kuring nu buntung. “Nung... Enung...!” Kuring ngagero pamajikan bakat ku reuwas. Antara sadar jeung heunteu aya  nu nyoara tan katingali. “Sukur geus mikeun éta leungeun ka kuring. Dasar jalma merekedeweng. Salilana ngagugulung aral!”

                Sorana ti béh kalér....lebah gapura. Rét ka gapura. Rét ka luhur gapura. Ningali leungeun anu ranggah téa. Cacadna leungit baganti dua leungeun anu sampurna. Leng teu inget di bumi alam.***

Nina Rahayu Nadéa. Lahir di Kota Garut 28 Agustus. Nulis dina bahasa Sunda jeung bahasa Indonésia. Tulisan séjénna nu geus dimuat bisa dipaluruh di www.ninarahayunadea.blogspot.com

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: