• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Surat Penting

Kénging Naneng Daningsih
Kintun kana Facebook

Kuring téh hirup pasisian, di kota leutik. Dilahirkeun di dinya. Meunang jodo di dinya, batur sakampung. Bédana, ari salaki mah kungsi kuliah di Bandung, kuring mah henteu. Satamatna SMA terus diajak kawin. Komo ua mah, méméh kuring tamat gé ua geus ngagugujeg baé nitah ngaresmikeun hubungan kuring jeung putrana nu geus pakait pikir ti keur kelas hiji kénéh. Tapi kuring mugen. Da hayang ngadagoan Kang Ahmad lulus jadi sarjana. Atuh sanggeus lulus aya kénéh tanjakan téh, ngadagoan heula Kang Ahmad meunang gawé.

Ayeuna kuring geus boga anak dua. Kang Ahmad geus jadi dosén. Tapi kuring tetep ngabantuan ua di pabrik konveksi kagunganana nu mroduksi baju muslim jeung mukena bordel. Lain pabrik gedé. Tapi produksina geus tepi ka mancanagara.

Kuring dipercaya ngurus administrasina. Kalan-kalan kudu iang ka Tanah Abang nguruskeun pemasaranana. Enya, ari ku mindeng gaul jeung dunya bisnis mah teu burung bisa ngigelanana. Pagawéan kuring kaanggo, boh ku ua istri boh ku ua pameget. Tepi ka tamplok kapercayaan ka kuring.

Kuring dibéré wewenang nyieun kawijaksanaan keur kamajuan ‘perusahaan ua’.

"Ih ari taeun téh ulah kitu. Ari pabrik ieu engké keur saha? Da apan ua mah teu boga deui turunan salian ti Ahmad. Hanjakal Ahmad teu daék ngokolakeunana. Kalah resep digawé di batur. Naha sabaraha ari gajih dosén? Jadi wayahna Nunung kudu soson-soson ngurusna da engké ogé moal keur saha."

Enya ari soal panghasilan jadi dosén mah henteu bisa dibandingkeun jeung panghasilan ti pabrik. Ua henteu uningaeun, Kang Ahmad mah ngarasaeun bagja bisa népakeun pangaweruh ka mahasiswa. Bawaning resep Kang Ahmad daria naker dina ngajalankeun tugasna.

Saban peuting Kang Ahmad ngadekul hareupeun komputer. Aya waktu luang dipaké maca. Alhamdulillah, aya barokahna. Karir di kampus nérékél, tina dosén jadi wakil dékan. Malah diajang-ajang bakal ngaganti dékan anu sakedap deui pangsiun. Tapi kasempetan éta téh henteu kungsi dimangpaatkeun, lantaran kaburu meunang sponsor keur neruskeun pandidikan di luar negri.

Meunang dua taun tolabul ilmi di nagri deungeun. Kungsi dua kali balik. Majarkeun rék ngahangkeutkeun supaya buru-buru lulus. Geus lulus mah balik deui ka almamaterna, neruskeun hanca jadi dosén.

Kamari balik ti kampus Kang Ahmad ngajak kuring ngadeuheus ka ua. Padahal kuring téh keur riweuh di pabrik. Penting! Pokna. Payuneun ua Kang Ahmad nyarios yén anjeunna ditarik kedah ngalih tugas ka Jakarta. Sanajan pangkat naék, ua henteu panujueun. Kang Ahmad ngahuleng. Haténa sabil, ka ditu kumaha ka dieu kumaha.

"Bah, posisi ieu téh ku nu sanés mah dipikahoyong malih diparebutkeun. Aya nu wantuneun mayar sagala. Sareng deui apan ieu téh mangrupi kahormatan sareng penghargaan ti pamarentah kanggo urang," cenah mani anca. Kuring ogé bingung meunang béja kitu téh.

"Naha atuh mani dadak-dadakan kieu, Kang?" ceuk kuring. Ceuk Kang Ahmad berita ieu téh sabenerna mah geus lila malah geus dua kali ditolak, tapi kamari datang surat deui. Lain surat permintaan, tapi surat paréntah langsung ka rektor, anu tangtu moal bisa ditolak.

Ua tetep teu panujueun. Komo basa uningaeun kuring jeung barudak kudu milu mah. Malah ua istri mah merebey cisocaan. Kuring noél Kang Ahmad ngajak asup ka kamar. Keun ua sina rada tenang ulah diterag teuing.

Unggal aya kasempetan panggih jeung ua, pangpangna mah ua istri sok humandeuar baé. Kituna téh lamun Kang Ahmad geus ka kampus, ari ua pameget mah bisa nyumputkeun semu. Kuring sok ngaleler ua bari méré bongbolongan.

Basa ngariung deui sikep ua rada leuleuy. Malah geus ngidinan Kang Ahmad indit ka Jakarta, tapi henteu jeung kuring atawa barudak. Kuring ngiceupan Kang Ahmad supaya nurut. Tapi dina emprona mah geuning henteu bisa kitu. Da kuring ogé salaku istri pimpinan, kudu ngabina anggota Dharma Wanita, anu kudu dipertanggung jawabkeun langsung ka Ibu Mentri salaku ketua. Kapaksa kuring ngalelemu deui ua. Ari anu jadi bangbaluh ua téh kumaha pabrik lamun ditinggalkeun ku kuring. Ceuk Kang Ahmad, kuring mah tetep bisa ngurus pabrik tapi salaku agen di Jakarta. Malah ayeuna mah leuwih praktis teu kudu pulang anting Tasik - Jakarta. Geus babadamian panjang lebar, ahirna Ua satujueun kuring milu ka Jakarta tapi barudak mah henteu dibikeun. Jeung deui apan barudakna keur sakola kakagokna, rék ujian.

Geus di Jakarta mah ua jadi sering sumping bari ngintun barang. Bareng jeung Mang Apud sok ngéndong aya kana dua wengina. Mun sumping téh ua mah bari ngaroris kaayaan rumah tangga kuring, tetelepék sagala ditaroskeun, sagala dicawad. Tapi da kuring geus apal kana sipat jeung adat ua. Dienyakeun baé bari seuri. Da ua mah ulah dibantah. Sepuh téa hambur congcot murah bacot. Dina soal duit pabrik ogé administrasina nu ku kuring dicekel kudu bérés kudu tartib. Aya géséh saeutik ogé sok ditaroskeun.

"Butuh duit mah pék paké tapi kudu puguh laporanana. Enung salaku ketua Dharma Wanita ulah nepi ka ngérakeun salaki, kudu bisa mawa diri. Ulah kaciri kampungan. Ulah kaciri rudin," saur ua.

Da saenyana kuring dibéré kabébasan maké duit pabrik henteu diwatesanan. Tapi apan kaperluan kuring geus ditangkes tina hasil gawé Kang Ahmad nu leuwih ti cukup keur hirup duaan mah. Imah gedé, inventaris kantor lengkep jeung mebeulerna. Aya dua pilihan basa dibéré imah inventaris téh nu di Kreo atawa nu di Jatinegara. Kuring milih nu di Jatinegara, sanajan aya di lingkungan kampung tapi deukeut ka kantor tibatan nu di Kreo anu sakitu jauhna pasti unggal poé kudu papuket jeung macét.

Tapi basa ua pameget sumping, anjeunna henteu panujueun kuring cicing di cinya téh.

"Piraku pangkat direktur cicing di daerah kumuh siga kieu? Asa kurang hadé ceuk Abah mah. Ahmad téh kudu ngajaga wibawa. Kumaha lamun Bapa Dirjen kadieu atawa aya tamu urang asing, piraku kudu susulutukan ka pasar jangkrik?"

Teu lila kuring pindah ka daerah perumahan nu alus, kénging ngagaleuh ua. lmah nu heubeul dipaké gudang barang jeung panampungan lamun aya dulur ti Tasik. Di imah anyar ogé kamar kosong mah aya sababaraha hiji. Tapi apan kuringna tara aya di imah.

Di Dharma Wanita Kementrian, kuring kapapancénan jadi wakil ketua seksi ékonomi. Disérénan pancén ngokolakeun kantin, nu ngahimpun nu daragang. Basa gedung Kementrian geus réngsé jadi gedong luhur ngalanglaung jadi 15 lanté, séksi ékonomi dibéré salanté di basement deukeut tempat parkir, keur kantin. Salian makihikeun nu daragang séksi ekonomi ogé kudu ngabina nu daragang soal kabersihan jeung jenis dagangan anu dijualna. Salian ti dahareun teu meunang dagang di dinya jeung hargana ogé dikontrol. Ulah tepi ka ngabeuratkeun nu meuli, tapi oge ulah ngarugikeun nu dagang. Tah ieu tugas kuring di seksi ekonomi téh.

Jadi kuring ogé jeung sasama pangurus seksi ekonomi kudu indit unggal poé nalingakeun kantin. Nu dagang aya waé nu bedegong mah nu ngarempak palaturan jeung nu hésé mayar iuran. Nu daragang di dinya téh lain hiji dua, tapi aya kana limapuluhna.

Kuring tara aya di imah. Ua ogé tara lami mun ngéndong. Kitu deui basa ku ua dikintun lanjang keur ngabantuan kuring jeung supir katut mobilna, teu lana da teu baretaheun. Ukur dititah nungguan imah kosong. Supir gawéna ngelapan mobil wé sanajan mobil teu kotor, apan kuring mah unggal poé ogé milu jeung Kang Ahmad nu geus aya supir kantor.

Basa supir kintunan ua ti lembur balik henteu poho dibahanan oléh-oléh paméré staf di kantor. Sanggeus di Jakarta loba nu ngirim oléh-oléh ti daérah ogé ti staf kantor Kang Ahmad nu balik ngontrol proyék pembangunan di unggal propinsi. Oléh-oléhna ogé rupa-rupa mun henteu karajinan daérah, nya dahareun. Nu mindeng ngirim mah Pa Darmaji, éta mah méh unggal minggu ka daerah téh da anjeuna sabagé pimpro.

Mobil mah ditinggalkeun di garasi, sanajan kitu kuring teu wani maké da can apal jalan, sieun kalangsu. Tungtungna mah mobl téh dipulangkeun deui ka Tasik.

Duka kumaha nyaritana Kang Ahmad téh, da teu lila ua pameget sumping. Sakalian ngintun barang nyaosan pesenan ti Brunai. Tara-tara anjeunna keresa angkat ku anjeun ka dieu, henteu sareng ua istri.

"Tabuh sabaraha Ahmad datangna?" pokna ka kuring barang sumping téh.

"Wengi rupina, da badé aya peresmian festival heula sareng Pa Mentri, badé aya naon Wa?"

Dijawab kitu téh ua nitah supir supaya nurunkeun barang di garasi. Terus ngajak kuring indit. Ari ua dek ka mana? Ceuk kuring dina haté. Da tara atuh ua mah maké jalan-jalan di Jakarta model kieu. Kapan biasana ogé gurung gusuh atawa cul léos, saurna téh teu betah di dieu mah hareudang.

Mobil eureun di daerah Pecenongan. Di hareupeun showroom mobil. Kuring dititah milih hayang warna nu kumaha da ari jenis jeung mérekna mah anjeunna nu nangtukeun.

"Kanggo saha Wa? Da abdi mah teu peryogi mobil."

"Keur Nunung. Bisi hayang mobil weuteuh ngarah henteu ngaganggu Ahmad nu keur dines,"

Enya kuring téh sok ngadagoan Kang Ahmad di kantor lamun geus bérés ngurus kantin. Mun Kang Ahmad loba tugas nepi ka peuting nya kuring ogé balik teh peuting. Balik gagancangan ogé kateuteuari. Di imah euweuh sasaha. Teu, kuring mah teu perlu mobil. Tapi atuh na saha nu bisa ngahulag ua? Kuring boga pikiran meureun ieu téh mangrupa beungkeut kadeudeuh simpay kanyaah ua ka kuring, asa pamohalan ari kudu di tolak téh.

Geus apal jalan mah ka kantor téh kuring indit sorangan tara bareng jeung Kang Ahmad. Salsé baé da kantin kakara buka tabuh sapuluh. Kitu deui balikna bisa beurang kénéh lamun di kantin euweuh masalah mah atawa bisa badami jeung pangurus séjén silih genténan. Geus aya di imah, bisa bébérés jeung masak. Kitu deui lamun kudu ka Tanah Abang, biasana langsung ti kantor da deukeut.

Jadi mindeng ayeuna mah ka Tanah Abang. Ngontrol barang jeung ngadon silaturahmi jeung agén. Nyatet kakurangan jeung saran-saran sangkan barang nu diproduksi ku ua beuki alus, luyu jeung seléra pasar.

Kitu deui lamun Kang Ahmad ditugaskeun ka luar negri, kuring sok milu bari sakalian silaturahmi jeung agén nu aya di dinya. Atawa néangan pasar nu anyar. Alhamdulilah ku jalan kitu pemasaran barang-barang ua beuki dieu beuki lancar. Tapi hal ieu téh ku kuring disidem, urang kantor mah henteu aya nu nyahoeun kagiatan kuring di Tanah Abang. Keun baé aranjeunna mah nyahoeunana téh kuring ibu rumah tangga biasa. Éta sababna kuring tara nginjeum supir Kang Ahmad mun ka Tanah Abang.

Tapi hal kitu teh geuning aya mamalana. Dina hiji poé, kuring ka kantor Kang Ahmad di lantai salapan. Dina lift aya nu asup opatan di antarana aya saurang bawahan Kang Ahmad anu henteu sadareun kuring aya tukangeunana. Maranéhna ngobrol bangun pogot, siga nyaritakeun hal nu penting. Teu pati jelas naon jejer caritana. Ngan di antarana kadéngeé nu saurang ngomong ka anak buah Kang Ahmad.

"Ah gedebul siah, sok suci. Bapakmu can aya sataun pindah ka dieu, hirupna geus menteréng kawas kitu. Rumah baru di daerah anu mentéréng. Mobilnya grés mani kinclong. Sikapnya saja kayak urang désa. Méntalnya mah podo waé, amburadul. Apa perlu dinas keluar negri bawa-bawa istri segala, kayak mau piknik aja."

Lift eureun di lantai lima. Nu tiluan téh kalaluar. Sigana mah maranéhna téh pagawé di kantor dirjén. Ari nu saurang deui eureun di lantai salapan siga kuring.

Barang sup ka dinya pagawé tingrariung sababaraha bubuhan. Euweuh nu baranggawé; paromana taya nu marahmay. Kabéh bangkenu bangun nu nyidem amarah. Ningali kuring datang ogé ukur unggeuk tamba henteu nanya bae. Rét kana jandéla kaca jeung panto di unggal ruangan pinuh ku keretas nu ditarulisan. Aya ogé gambar karikatur. Boh tulisan boh gambar kabéh ngahujat ka Pingpinan. Aya naon atuh? Geus aya deui baé nu siga kieu téh.

Basa kantor heubeul ditinggalkeun, barang-barang kantor heubeul téh, bari henteu aya idin pingpinan harideng pada nyarokot ku pagawé-pagawé. Pangrasana barang inventaris kantor téh anu manehna. Atuh peuting saacan pindah, buruan kantor téh pinuh ku mobil nu ngakutan barang-barang téa. Aya nu mawa lomari, méja tulis,pompa air jeung naon ku hanteu. Tah harita aya démo téh ti pagawé-pagawé anu henteu kabagéan nanaon. Padahal aya nu mawa barang-barang leuwih ti misti.

Ayeuna aya deui démo,kuring asa-asa rék asup ka rohangan Kang Ahmad téh. Sieun keur rapat. Tapi basa panggih jeung Bu Suji, salah saurang sekretaris Kang Ahmad kakara kuring nyaho kana persoalanana. Kang Ahmad téh disangka korupsi. Malah pasoalan ieu teh geus tepi ka Bapa Dirjen jeung geus dilaporkeun ka pulisi.

Sakedapan mah kuring ngahuleng. Asa aya nu nonjok kana dada. Peurih. Euh karunya teuing Kang Ahmad, digawé soson-soson téh bet kieu tungtungna.

Nu disangka kuring bakal manggihan Kang Ahmad kusut murusunu atawa rungsing pusing, da pantesna teh kitu, tapi ih geuning henteu. Barang rét ka kuring kalah nitah diuk dina korsi hareupeun méjana.

"Kumaha di kantin?" pokna bangun teu aya naon-naon.

Naha ari Kang Ahmad ku tenang-tenang teuing. Sakitu kuring mah asa teu pararuguh kieu.

"Ah tenang baé Nung. Ieu mah pasoalan biasa teu kedah ngiring ngemutan. Anggur geura uih bilih badé ngasakan guramé ti Mang Udin téa di pesmol nya," pokna.

Sapanjang mulang kuring teu weléh gegebegan. Kumaha mun Kang Ahmad téh enya korupsi? Tapi dikamanakeun duitna? Da kuring mah asa teu nyaho. Salila ieu duit nu dibikeun ka kuring asa wajar-wajar bae. Jeung deuih lamun enya butuh duit apan kuring ogé nyekel duit pabrik. Kari pupulih ka ua, moal burung teu dibikeun.

Maké boga pikiran goréng. Boa boa Kang Ahmad téh.. Ah piraku da salila ieu asa euweuh codéka nanaon.

Kumaha mun Kang Ahmad geus aya nu ngalaporkeun ka KPK? Emh mun nepika kitu teh tada teuing wirangna tada teuing erana,kumaha kudu nerangkeun ka ua di lembur? Ké ah moal wara nelepon ka ua saméméh nyaho kaayaan anu sabenerna.

Basa Kang Ahmad datang téh geus peuting pisan. Ditawisan tuang henteu keresa, teu kaburu ditanya da blus baé ka kamar kerjana. Duka nepi ka tabuh sabaraha? Subuh-subuh basa kuring hudang téh geus aya gigireun.

"Sigana mah rada daria ieu persoalan téh. Aya géséh duit proyék gedé naker. Ayeuna Akang kudu rapat deui jeung staf heula samemeh ngariung deui jeung Pa Dirjen. Mamah tos ti kantin mah langsung baé mulang. Da sigana Akang bakal riweuh," pokna basa rék indit ka kantor.

Di kantin kuring teu puguh cabak. Démo geus nerekab ka mana-mana. Rarasaan téh mun aya nu pateuteup jeung kuring asa ngécé karasana. Asa sinis. Kuring pupulih rék balik. Mending cicing di imah, ngarah henteu pateuteup jeung jelema. Komo basa mobil kaluar ti tempat parkir kadéngé aya nu ngomong, “Pantes atuh mobilna alus, imahna mentéréng.”

Datang ka imah langsung nelepon ka ua. Barabat dicaritakeun naon anu kajadian di dieu. Soréna méméh Kang Ahmad datang, ua geus aya di imah. Hariweusweus tatanya teu puguh alang ujurna ari ua istri mah biasa juuh cimata.

"Ua ngadidik budak teh asa bener. Piraku bet melengkung bekas nyalahan? Naha sabaraha atuh butuh duitna mun enya nepi ka kitu téh? Mun perlu mah aset-asét ua pék jual da apan banda téh tatalang raga. Geus kieu mah susah sararéa," bari ngageuri.

“Aya duit sabaraha dina rekening Nunung?" pokna deui ka kuring.

"Wa teu kedah hariwang, da teu acan tangtos Kang Ahmad lepat. Urang antosan baé wartos anu saleresna," ceuk kuring nenangkeun.

Tapi teu burung ari rekening bank mah ditingali. Terus dijumlahkeun jeung duit nu aya dina rekening Ua, jumlahna lumayan loba. Tadina mah éta duit téh sawaréh geus diancokeun keur mayar pagawé jeung meuli bahan baku da ari pajeg mah geus dibayar bulan kamari.

"Cik tingali duit nu aya di luar sabaraha? Jeung tagiheun mana baé anu téréh jatuh témpo?" saurna, ”Kumpulkeun asét anu gampang dijualna da ari tanah jeung pabrik mah moal bisa dijual gancang-gancang. Mun perlu wayahna mobil Enung gé dijual."

Kuring ukur unggeuk.

Basa Kang Ahmad datang, héraneun aya ua téh.

"Abah damang? Iraha sumping?" pokna bari nyolongkrong sasalaman.

"Mamah nya nu ngawartosan Abah? Padahal teu acan peryogi da masalahna ogé teu acan jelas. Hawatos abah jadi ngiring répot," pokna bari ngarérét ka kuring.

"Lain kitu Jang. Ari boga karerepet ulah disidem ku sorangan. leu masalah téh lain perkara énténg-énténg. Ieu téh wiwirang di kolong catang, lain antepeun," saur Ua.

Lantaran masalah di kantor Kang Ahmad can karuhan pamustunganana, meunang tilu dinten Ua di Jakarta téh. Méméh mulih dokumen pabrik ditinggalkeun ka kuring. Kaasup kabéh sertifikat kagungan Ua, lengkep jeung pembukuan, “Pék paké keur ngajait Ahmad. Tong lebar beak ogé teu panasaran keur ngabélaan anak mah. Mun perlu séwa pengacara nu pinter."

Béja nu panganyarna, sanggeus aya pemeriksaan jeung geus diaudit, enya duit kantor téh géséhna aya puluhna milyar. Kapanggihna tina pembangunan gedung-gedung jeung sarana keur kantor nu aya di unggal propinsi. Harga proyék téh diundakkeun dua atawa tilu kali lipet. Pantes karugian nagara sakitu gedéna ogé. Dina hal ieu aya kacurigaan Kang Ahmad kalibet salian staf kantor nu nyekel proyék.

Mun enya Kang Ahmad nepi ka kitu, naha dikamanakeun duitna?

Isukna datang patugas KPK nu ngagaradah imah kuring. Sababaraha beundeul file diringkid kaasup file nu dikantunkeun ku ua.

Dina pamariksaan Kang Ahmad ogé dibéré sababaraha pertanyaan ngeunaan kantor anu dipingpinna. Soal imah jeung mobil. Untung dokumen nu ditinggalkeun ku Ua bisa méré jawaban. Malah pembukuan pabrika nu dicekel ku kuring, jéntre sacerewelena, aya rengkolna. Ayeuna tinggal neangan dimana jurig bungkeuleukanana.

Sanajan kitu Kang Ahmad can waka meunang balik. Aya hiji dokumen nu aya dikantor KPK, nu nétélakeun sagala hal ngeunaan proyék nu geus ditéken ku Kang Ahmad. Kaasup kwitansi anu jumlahna gedé pisan.

Kuring tetep dines di kantin sanajan aya pakewuh saperti kieu lantaran ieu téh salah sahiji kawajiban nu jadi tanggung jawab kuring. Nya kitu di kantin ogé teu puguh cabak. Ka laci-laci dibukaan. Dina locker kapanggih aya amplop gedé warna coklat. Pirajeunan dibuka. Gebeg, kuring kakara inget ieu téh amplop nu dipihapekeun ku Pa Darmaji keur Kang Ahmad, supaya ditéken. Aya salambar cék nu jumlahna matak muriding bulu punduk.

Basa néang Kang Ahmad kuring dibaturan ku ua. Kuring teu bisa nyanghareupan masalah ieu sorangan. Ari aya ua mah kuring reugreug. Ua geus siap-siap nyandak jumlah artos kagunganana keur jaga-jaga bisi aya perluna.

Surat jeung cék ku kuring dibikeun bari ménta dihampura rada telat mikeunna, kapopohokeun di kantin.

"Alhamdulilah. Mamah ieu bukti anu penting pisan. Du’akeun Bah mugi-mugi ieu téh jalan kanggo kasalametan abdi," ceuk Kang Ahmad bari sujud kana pangkonan ua. Surat langsung dipasrahkeun ka KPK.

Kabuktian surat nu persis sarupa kitu aya dina salah sahiji file nu dibawa ku KPK ti ruangan Pa Darmaji. Tapi surat nu ieu mah geus lengkep aya cap jeung tanda tangan Kang Ahmad. Ku Kang Ahmad tangtu baé disanggah bari nyodorkeun bukti surat nu aya di kantin tea. Sarta Kang Ahmad ménta supaya tanda tangan nu aya dina éta surat ditaliti kaabsahanana, lantaran henteu rumasa nanda.

Saminggu kaluar hasil penelitian. Hasilna, tanda tangan nu aya dina surat téh lain tanda tangan Kang Ahmad.

Alhamdulilah. Gusti masih kénéh nangtayungan. Kang Ahmad dibébaskeun tanpa sarat. Ngan tetep lamun sidang mah kudu datang sabagé saksi keur jalma-jalma nu kalibet dina masalah ieu.***

Bandung Desember 2013

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (4)

sukanda

reugreug lamun aya pajabat anu siga kang ahmad.Kitu deui garwana mani sae sakitu tumarimana jeung ngadukung pisan kana profesi salaki.Nagara teh meureun moal mahabu siga ayeuna nya. Suganmah moal dina impenan teuing iraha iraha oge bakal ngawujud amin

udin

ni asa teu rame

komara

Naha nya pan Kang Ahmad mah angen-angen jadi dosen teh lantaran hayang nularkeun elmu ka mahasiswa. Ari ieu di tarik ka pusat bari teu jadi dosen deui make daek? Ieu mah kawas kalolobaan bangsa urang nu agul ku kalungguhan, ngudag pangkat jeung jabatan. Leuwih hade dicaritakeun nolak atah-atah da teu sapagodos jeung cita-cita. Tuluy mitembeyan nyieun paguron sorangan. Ngarojong para nonoman nu pinter tapi kurang mampu sangkan punjul pinuh ku elmu loba pangabisa pikeun ngawangun nagara. Ewe salaki sukses dina widang masing-masing bari teu kudu jadi pagawe nagri.

ajat sudrajat

Eusi carpon "Surat Penting" kacida munelnya sareng inspiratif ! Teh Naneng saenamah dikembangkeun janten novel, insya Allah seueur pulunganeunana. Diantawisna : kawirausahaan, kajujuran, kerja keras, pemberantasan korupsi sareng sajabina. Hal-hal eta ayeuna nuju janten bukur catur ampir di unggal media. Hatur nuhun.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: